Lémbér bodas
| Lémbér bodas | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Fungi |
| Division: | Basidiomycota |
| Subdivision: | Hymenomycotina |
| Class: | Heterobasidiomycetes |
| Order: | Tremellales |
| Family: | Tremellaceae |
| Genus: | Tremella |
| Species: | T. fuciformis |
| Ngaran binomial | |
| Tremella fuciformis Berkeley |
|
Lémbér bodas (Tremella fuciformis) nyaéta salah sahiji spésiés ti kelas supa geunyal atawa Heterobasidiomycetes (jelly fungi) kalayan awak buah wangunna rurumbayan henteu, boga warna bodas sarta pohara hérang kawas ager.
Dina basa Tionghoa, lémbér bodas dipikawanoh minangka 银耳 (pinyin: yin er, "ceuli pérak") atawa 白木耳 (pinyin: bai mu er, "ceuli tangkal bodas").
Awak buahna tumuwuh di pabeungeutan kai anu geus lapuk tina tangkal anu daunna rubak. Supa anu geus digaringkeun jadi pohara murengked sarta kudu dikeueum dina jero cai saméméh didahar.
Supa ieu leuwih loba dijual dina wangun garing sarta mindeng dipaké pikeun nyieun idangan. Lémbér bodas henteu ngabogaan rasa sarta didahar alatan téksturna anu geunyal kawas ager sarta cenah boga mangpaat pikeun kaséhatan.
Tempo ogé [édit]
- Lémbér hideung (Auricularia polytricha)
- Lémbér beureum (Auricularia auricula-judae)