Lalaki Kolot jeung Laut

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
The Old Man and the Sea  
Panulis Ernest Hemingway
Nagara Amérika Sarikat
Basa Inggris
Rupa Novella
Nu medalkeun Charles Scribner's Sons
Kaping dimedalkeun 1952
Wangun média Sampul teuas
Kaca 93
ISBN 978-0-684-80122-3

The Old Man and the Sea (basa Sunda: Aki-aki Jeung Laut) nyaeta hiji novella (novel pendek) nu ditulis ku jurnalis Amerika Serikat Ernest Hemingway, ditulis di Kuba tahun 1951 jeung diterbitkeun tahun 1952. Karya ieu minangka karya fiksi terakhir panghadena nu ditulis jeung diterbitkeun dina tenggang waktu hirupna. Buku ieu minangka salah sahiji karyana nu sohor. Buku ieu nyaritakeun hiji pamayang kolot nu ngarana Santiago. Karakter utama buku ieu, Santiago nyaeta pamayang nu geus aki-aki, dicaritakeun dina buku ieu, Santiago keur usaha naklukeun hiji lauk raksasa marlin di tengah arus laut di wilayah Teluk Meksiko.[1] Ieu karya mangrupakeun karya nu mintonkeun kumaha maherna Hemingway dina dunya nulis. Karya ieu ge jadi salah sahiji faktor nu diitungkeun dina penghargaan Nobel Sastra keur Hemingway dina tahun 1954. [2]

Kasang Tukang jeung publikasi[édit | sunting sumber]

Ieu novel pendek mimitina dimuat dina Majalah Life edisi 1 September 1952. 5,3 juta kopi terbitan eta majalah beak dina waktu dua poe. Eta tulisan loba nu mere kritik positif diantara saeutik kritik nu kurang sapagodos jeung eusi eta tulisan.

Ringkasan cerita[édit | sunting sumber]

Lalaki Kolot jeung laut nyaritakeun kapahlawanan hiji pamayang kolot nu geus legok tapak genteng kadek dina naklukeun hiji lauk Marlin raksasa. Ieu lauk marlin bisa disebutkeun lauk nu panggedena nu kungsi katewak ku manehna. Dongeng ieu dimimitian ku carita yen hiji pamayang nu ngarana Santiago geus salila 84 poe (dina carita kanyahoan saenyana 87 poe) teu hasil newak lauk hiji-hiji acan. Katingalina Santiago geus beak untungna tepi keun ka muridna nu ngarana Manolin ku kolotna dilarang lalayaran deui jeung manehna sarta ditiah guguru ka pamayang sejen nu leuwih hade. Tapi Manolin tetep babakti kanu jadi guru. Mun poe geus peuting, Manolin sok datang ka saung Santiago, ngangkatan alat-alat newak laukna, ngirim kadaharan jeung ngobrol ngeunaan bisbol Amerika jeung eta aki-aki. Santiago nyaritakeun ka Manolin yen dina poe isukna, manehna erek balayar jauh ka tengah teluk supaya meunang lauk. Maehna yakin yen nasib gorengna bakal tereh sirna.

Dina poe ka-85, Santiago balayar sorangan make parahu leutik jauh ka tengah teluk Meksiko. Sanggeus tepi ka tempat nu di tuju di tengah teluk, manehna tuluy masang useup. Teu lila useupna disangut ku hiji lauk raksasa nu disangka lauk marlin tea. Santiago geus pasti teu bisa narik eta lauk ku sabab raksasa tea, malahan parahuna kalahkah kabawa ku eta lauk. Dua poe dua peuting manehna dibabawa ku eta lauk. Salila eta, manehna tetep nyekel tali useupna kalayan hese beleke. Sangkilang Santiago ngarasa nyeri pisan jeung tatu kusabab perjuangana ngelehkeun eta lauk, Santiago lalaunan ngarasa nyaah, jeung ngahargaan ka lawanna nyaeta lauk marlin tea. Ku sabab eta, Santiago sok nyebut eta lauk dulurna. Manehna mutuskeun ku sabab martabat eta lauk gede, teu aya saurang oge nu pantes ngakan eta lauk.

Dina poe katilu, si lauk mimiti ngurilingan parahu Santiago. Hal ieu nyirikeun yen eta lauk geus ngarasa cape. Tapi Santiago ge teu jauh beda. Manehna geus mimiti beakeun tanaga, gundam keur sare, jeung ampir-ampiran jadi gelo. Tapi akhirna manehna ngaluarkeun tanaga sesa narik jeung numbak eta lauk tuluy ditalian dina sisi parahuna.

Santiago sanggeus nalian laukna dina sisi parahu, tuluy weh balik ka darat. Di tengah jalan, manehna ngalamun sakumaha gede untung nu bakal ditarima ku manehna. Jeung sakumaha jalma nu bisa ngarasakeun kumaha nimatna daging lauk marlin. Kusabab eta lauk tadina ditumbak make harpun jadina eta lauk ngaluarkeun getih nu narik datangna hiu. Hiu nu mimiti datang nyaeta hiu mako nu ku Santiago dipaehan ku harpuna. Hal ieu ngakibatkeun harpuna leungit ka dasar laut. Saterusna manehna nyieun harpun tina peso jeung dayung nu ku manehna digunakeun keur ngusir hiu-hiu nu sejen. Lima hiu hasil dipaehan ku manehna, jeung hiu nu sejen kabur. Tapi dina waktu peuting hiu-hiu datang deui jeung ngakan bangke marlin nyesakeun rorongkongna wungkul kaasup tangkurak marlin nu masih keneh aya harpunan nu nyeceb. Santiago kacida sedihna. Manehna ngarasa geus ngorbankeun eta marlin. Akhirna manehna nepi di basisir. Hese beleke manehna ngangkat tihang layar tuluy balik ka saungna. Manehna tuluy sare di ranjangna.

Isukna, sakelompok pamayang ngarumpul dina hiji parahu nu aya rorongkong lauk marlin. Hiji pamayang ngukur panjangna ti mimiti moncong tepi ka buntut nyaeta aya 18 kaki (5,4 meter). Ku sabab badagna, salah sahiji turis nu keur nyaneut di kafe nu aya di dinya nyangka eta teh lauk hiu. Manolin nu terus-terusan ngarasa hariwang buru-buru ka saung Santiago. Barang ninggali Santiago keur sare, manehna ceurik balilihan ku sabab sedihna. Tuluy Manolin mawa koran jeung kopi keur Santiago. Barang Santiago hudang, Manolin janji yen manehna bakal balayar deui ngala lauk jeung Santiago. Pas Santiago sare deui, manehna ngimpi ngeunaan singa di basisir Afrika.

Simbulisme karakter[édit | sunting sumber]

Lalaki Kolot jeung Lautbebas diinterpretasi. Hemingway nekenkeun yen:

"No good book has ever been written that has in it symbols arrived at beforehand and stuck in. ... I tried to make a real old man, a real boy, a real sea and a real fish and real sharks. But if I made them good and true enough they would mean many things".[3]

Terjemahan: "Euweuh buku alus nu pernah ditulis nu make simbul-simbul nu geus aya samemehna dina pikiran... Kuring nyoba nyaritakeun aki-aki saenyana, budak lalaki saenyana, lauk saenyana jeung hiu saenyana. Tapi mun kuring dianggap alus ngagambarkeunana, sakabeh eta bisa diartikeun naon wae.".

Penghargaan jeung nominasi[édit | sunting sumber]

Lalaki kolot jeung Laut loba pisan dipuji. Gara-gara ieu novella Hemingway meunangkeun Pulitzer dina tahun 1953 kategori fiksi. Manehna oge meunang Award of Merit Medal keur tulisan ieu ti American Academy of Letters dina taun eta keneh. Penghargaan nu pangluhurna nyaeta Nobel Sastra dina tahun 1954. Catetan dina hadiah nobelna nyaeta "keur kamaheran dina seni narasi nu diantarana ditunjukeun dina Lalaki Kolot jeung LutLelaki Tua dan Laut, sarta keur pangaruh penting nu dikontribusikeun dina gaya nulis dina waktu eta."[2]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. Hemingway, Ernest (1952). The Old Man and the Sea, New York: Charles Scribner's Sons. hardcover: ISBN 0-684-83049-3, paperback: ISBN 0-684-80122-1
  2. a b "The Nobel Prize in Literature 1954". The Nobel Foundation. Diakses pada 31 Januari 2014. 
  3. "An American Storyteller", Time, July 7, 1999

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Young, Philip (1952). Ernest Hemingway, New York: Holt, Rinehart, & Winston.
  • Jobes, Katharine T., ed (1968). Twentieth Century Interpretations of The Old Man and the Sea, Englewood Cliffs, New Jersey: Prentice Hall.
  • "Michael Palin's Hemingway Adventure: Cuba". PBS. Diakses pada 21 Januari 2014. 
  • Ivan Kashkin (1959). Commentary (in Ernest Hemingway - Selected works in two volumes), Moscow: State publisher for literature.

Sawala luar[édit | sunting sumber]