Lini gedé Kanto 1923
Lini Gede Kanto 1923 (関東大震災 Kantō daishinsai?) ngaratakeun Kanto di pulo utama Jepang, Honshu dina 11:58 isuk-isuk 1 September 1 1923. Gedena magnitude lini antara 7.9 nepi 8.4 skala Richter, numana episentrumna di Sagami Bay, lilana antara 4 nepi ka 10 menit. Gempa ieu ngarusakkeun Tokyo, palabuan Yokohama, perfektur sakuliringna nyaeta Chiba, Kanagawa, jeung Shizuoka, sarta nyababkeun karusakan nu pohara di wewengkon Kanto.
Dumasar kana sumber nu bisa dipercaya, ampir 105,385 urang maot jeung leuwih 37,000 urang leungit.
Karusakan [édit]
Kajadian lini dina waktu dahar beurang, loba masarakat nu ngagunakeun seuneu keur masak, nyababkeun karusakan jeung lobana nu tatu di sababaraha ku sabab seuneu ieu. Seuneu ngahuru gancang kacida kusabab ayana angin topan di basisir Noto Peninsula Jepang beh kaler sarta nyababkeun kahuruan di sababaraha kota nu kaliwatan nu ieu angin topan. Korban panglobana, ampir 30.000 urang di Rikugun Honjo Hifukusho kota Tokyo disababkeun ku kahuruan ieu. Lini nyababkeun rusakna saluran cai, keur mareuman seuneu perlu waktu dua poe nepi ka tanggal 3 Séptémber isuk-isuk. Seuneu jadi sabab lobana nu palastra.
Tumbu kaluar [édit]
- Great Kanto Earthquake 1923 Online photo gallery by A. Kengelbacher
- The Great Kanto Earthquake of 1923: Materials from the Dana and Vera Reynolds Collection A Brown University Library Digital Collection
- USGS Earthquake Lists
- A Study by Kajima Construction Company
- The 1923 Kanto Massacre of Koreans in Japan: A Japanese Professor Reveals the Truth Article from Korean newspaper
- Additional information about the Great Kanto Earthquake
- UC Berkeley Earthquake Engineering Online Archive
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |