Sistim tulis Jepang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Artikel ieu ngajelaskeun sistem nulis dina Basa Jepang kiwari jeung sajarahna. Artikel ngeunaan basa Jepang bisa ditempo leuwih jelas di Basa Jepang.

Basa Jepang kiwari ngagunakeun tilu skrip utama nyaeta:

Basa Jepang bisa oge ditulis make tulisan Latin nu dina Basa Jepang disebutna rōmaji. Basa Jepang jarang ngagunakeun tulisan lain, iwal ti singgetan (ilahar dina istilah tehnik) nu jadi istilah umum (saperti CD jeung DVD).

Di handap ieu headline surat kabar nu ngagunakeun sakabeh skrip (tina Asahi Shimbun 19 April 2004) (kanji beureum, hiragana biru, katakana hejo, rōmaji jeung angka Arab hideung):

ラドクリフマラソン五輪代表出場にも
RADOKURIFU, MARASON gorin daihyō ni ichi-man mētoru shutsujō ni mo fukumi
"Radcliffe, Olympic marathon contestant, will also appear in the 10,000 m"

Di handap sababaraha conto kecap nu ditulis dina Basa Jepang:

Kanji Hiragana Katakana Rōmaji Sunda
わたし ワタシ watashi kuring
金魚 きんぎょ キンギョ kingyo lauk emas
煙草 たばこ タバコ tabako rokok

Gabungan (susunan kecap) dina Basa Jepang leuwih dumasar kana kana tinimbang kanji, nu nunjukeun cara maca eta kecap. Kana disusun make dua cara susunan nyaeta, susunan anyar gojūon (lima puluh - sora), atawa susunan-heubeul iroha. Kamus karakter Basa Cina oge dipake keur gabungan sistim radikal.

Cara make skrip[édit | sunting sumber]

Lolobana teks Basa Jepang ditulis dina kanji atawa hiragana, sababaraha make katakana.

Kanji (漢字) dipake keur nuliskeun,

Tempo artikel kanji keur leuwih jelasna.

Hiragana (平仮名) dipake keur nuliskeun,

Tempo artikel hiragana keur leuwih jelasna.

Tulisan langsung[édit | sunting sumber]

Sacara tradisional, Basa Jepang ditulis dina format nu disebut tategaki. Dina format ieu, karakter ditulis di katuhu ke kenca. Sanggeus nepi ka panghandapna dina unggal kolom, nu maca neruskeun deui ka luhur beulah kencana. Sistim kolom ieu nuturkeun sistim dina Basa Cina.

Basa Jepang modern oge migunakeun sistem nulis sejenna nu disebut yokogaki. Sistim nulis ieu saperti dina nulis Basa Eropa upamana Basa Inggrism nu karakterna disusun unggal baris, dibaca ti kenca ka katuhu, tur diteruskeun ka baris saterusna ka arah handap.

Sistim nulis kiwari[édit | sunting sumber]

Sistim tulisan Basa Jepang kiwari bisa dituturkeun balik ka abad ka-4 AD, mangsa tulisan Basa Jepang mimiti dipake di Jepang. Taya bukti nu pasti yen sistim tulisan Jepang asli leuwih tiheula tinimbang pangwanoh kana Basa Cina.

Sanajan aya sababaraha bukti ngeunaan tulisan samemehna nu disebut jindai moji (oge kamiyo moji, 神代文字, hartina "tulisan umur tuhan") kapanggih dina tulisan modern, sababaraha pictographic, sababaraha runic, sarta sabababaraha deukeut kana Basa Korea Hangul, ieu dianggap salaku promosi "hoax" nasionalisme Jepang dina taun 1930-an. Contona bisa kapanggih di here.

Mimitina, karakter Basa Cina teu dipake keur nulis Basa Jepang; sacara literatur hartina kamampu keu maca jeung nulis Basa Cina Klasik. Sistim ieu disebutna kanbun (漢文) nu geus dimekarkeun, nu make boh karakter Cina (kanji) jeung kadang-kadang nu ampir sarua jeung grammar Basa Cina, tapi remen tanda diacritik diteundeun deukeut teks Basa Cina keur mere tanda nu sarua dina Basa Jepang. Sajarah tulisan mimiti Jepang, Kojiki (古事記), dipercaya geus dipake samemeh 712, saperti tulisan dina kanbun. Ayeuna sakabeh SMA di Jepang jeung sababaraha SMP ngajarkeun kanbun salaku bagean tina kurikulum Basa Jepang.

Taya sistim tulisan nu dipake dina Basa Jepang nepi ka mimiti diwangunna man'yōgana (万葉仮名), nu make karakter Cina keur sora fonetikna (diturunkeun keu maca Basa Cina) tinimbang semantikna. Man'yōgana mimiti dipake keur nulis sajak, saperti dina Man'yōshū (万葉集), nu mimiti dipake samameh taun 759, sarta ti dinya diturunkeun sistim tulisan nu aya ayeuna. Hiragana jeung katakana duanana tumuwuh tina man'yōgana.

Sabab loba kecap jeung konsep nu asup ka Jepang ti Cina teu sarua jeung pamake aslina, loba kecap nu asup kana Basa Jepang sacara langsung nu cara ngucapkeunna sarua jeung Basa Cina asli. Cara maca Basa Cina ieu disebutna on-yomi (音読み), sarta kosa kata sakabehna dumasar kana Sino-Japanese. Dina waktu nu sarua, pamake Basa Jepang asli ngabogaan kecap ku pakait jeung kanji injeuman. Pangaran loba make kanji jeung ngagambarkeun ieu kecap. Cara maca Basa ieu disebutna kun-yomi (訓読み). Hiji kanji bisa teu mibanda, hiji atawa sababaraha on-yomi jeung kun-yomi. Okurigana cara nulis sanggeus kanji mimiti keur kecap gawe jeung sipat tur keur ngabantu sangkan teu bingung dina maca sababaraha kanji. Karakter nu sarua bisa dibacara ku sababaraha cara gumunatung kana kecapna. Contona, karakter keur 行 dibaca i keur suku kata mimiti iku (行く) 'indit', okona keur mimiti tilu suku kata okonau (行う, "nyokot"), gyō dina susunan kecap gyōretsu (行列, "garis" atawa "prosesi"), dina kecap ginkō (銀行, "bank"), jeung an dina kecap andon (行灯, "lentera").

Ahli basa kadangkala ngabandingkan kecap injeuman Basa Jepang jeung adaptasi tina Basa Cina kana Basa Jepang saperti pangaruhna Norman conquest England kana Basa Inggris. Saperti dina Basa Inggris, sinonim Basa Jepang beda ti aslina, keur kecap boh tina Basa Cina atawa Basa Jepang Asli. Kasaruaan sejenna, kecap asli Basa Cina ilahar dipake leuwih resmi atawa intelek dina kontek ku pamake Basa Jepang, saperti pamake Basa Inggris leuwih sering make kecap latin keur nandakeun leuwih luhur kamampuna.

Reformasi basa tulisan[édit | sunting sumber]

Periode Meiji[édit | sunting sumber]

Parobahan nu nyata dina abad ka-19 Meiji era teu nyababkan akibat langusng kana sistim tulis Jepang, sanajan basa sorangan robah kusabab lobana literatur tina reformasi pendidikan, lobana asupan kecap anyar; boh kecap injeuman tina basa sejen atawa jieunan anyar sarta hasilna gerakan saperti pangaruh 言文一致 (genbun'itchi) nu dihasilkeun dina Basa Jepang dina tulisan "colloquial" keur ngagantikeun gaya tulisan klasik nu dipake samemehna. Hesena nulis Basa Jepang jadi topik nu loba didiskusikeun, sababaraha usulan sanggeus taun 1800-an sangka jumlah kanji nu dipake diwatesan. Usulan sejenna, keur ngaganti sakabeh tulisan nu lain Basa Jepang (usulan ieu kurang hasil) dina kana atawa romaji. Periode ieu nembongkeun tanda baca gaya tulis kulon mimiti dipikawanoh dina tulisan Jepang (Twine, 1991).

Dina taun 1900, Kementrian Pendidikan mimiti ngawanohkeun tilu reformasi keur naekeun pendidikan dina Basa Jepang:

  • standarisasi hiragana skrip, ngurangan hentaigana (変体仮名);
  • nangtukeun jumlah kanji nu diajarkuen di sakola dasar kita-kira 1,200;
  • reformasi bentuk kana teu teratur, dijelaskeun dina Sino-Japanese cara maca kanji sangkan leuwih pas dina cara ngucapkeunna.

Dua mimti ilahar ditarima, tapi nu katilu masih keneh aya ganjelan, sarta loba nu nolak dina taun (Seeley, 1991).


Samemeh PDII[édit | sunting sumber]

Sabagean kagagalan reformasi taun 1900 ditambah ku naekna rasa nasionalisme di Jepang sacara efektif nahan reformasi dina sistim tulisan. Periode samemeh Perang Dunya II nembongkeun usulan keur teges kana pamakean sajumlah kanji, sarta sababaraha koran sacara sukarela teges kana pamakean kanji tur leuwih loba make furigana, tapi taya dukungan resmi tur loba tangtangan oge.

Sanggeus PDII[édit | sunting sumber]

Periode sanggeus Perang Dunya II nembongkeun parobahan nu gancang tur nyata dina reformasi sistim tulisan. Hal ieu sabagean tina pangaruh kawijakan pamarentah, tapi sacara nyata ngaleungitkeun konservatif tina kontrol sistim pendidikan, nu hartina ngomean nu geus aya samemehna. Reformasi utama nyaeta:

  • kawijakan make sakabeh kana nu cara ngucap modern (現代仮名遣い gendaikanazukai), ngagantikeun pamakean kana heubeul (1946);
  • mimiti migunakeun tōyō kanji (当用漢字), nu jumlah kanji diwatesan dipake di sakola, teksbook jeung sajabana, tina 1,850 (1946), jeung nyederhanakeun bentuk kanji (tempo Shinjitai);
  • mimiti migunakeun kanji nu susunan kanji disatujuan keur dipake di sakola (1949);
  • mimiti nambahkeun jinmeiyō kanji (人名用漢字) nu ngarupakeun kombinasi jeung tōyō kanji keur dipake dina ngaran (1951).

(Salah sahiji usulan ti administrasi pamarentahan nyaeta keur ngarobah sistim tulisan kana rōmaji, tapi teu didukung ku para ahli tur teu diteruskeun.) (Unger, 1996)

Sejenna, sistim nulis sistim tulisan datar ti katuhu ka kenca ilaharna diganti ku sistim tulis di kenca ka katuhu. Susunan katuhu ka kenca dipake keur kasus husus tulisan nangtung, nu mana kolom karakter ti luhur, diteruskeun sistim datar per se; ieu dipake keur sistim tulis sagaris dina tanad, jst. (contona tanda stasion di Tokyo dibaca 駅京東). Tulisan ieu masih dipake dina sisi katuhu (atawa papan iklan) sababaraha kandaraan, kapal, jst, nu mana dipake keur runtuyan teks ti hareup ka tukang dina kandaraan dina dua sisina.

Reformasi sanggeus perang masih keneh nyesakeun sababaraha hal, sanajan sababaraha kategesan geus dikurangan. Ngagantikeun tōyō kanji dina 1981 ku 1,945 jōyō kanji (常用漢字) geus dihijikeun ku ngarobah tina "kategesan" ka "rekomendasi", sarta dina kapimilikan pangajaran jadi kurang aktif keur neruskeun reformasi sistim tulisan (Gottlieb, 1996).

Dina taun 2004, loba tambahan dijieun dina sajumlah kanji jinmeiyō kanji. Daftarna ngarujuk ka Kementrian Kehakiman.

Nuansa sistim nulis[édit | sunting sumber]

Sistim tulis Basa Jepang ngidinan keur nepikeun informasi dina komunaksi jeung basa sejen migunakeun kecap nu beda atawa ku nambahkeun katerangan ngeunaan eta kecap. Contona, kanji watashi atawa watakushi 私 "kuring" ilahar dipake dina tulisan formal boh ku lalaki atawa awewe. Hiragana watashi わたし leuwih ilahar dipake ku awewe dina tulisan informal saperti catetan harian atau surat ka bababaturan. Katakana watashi ワタシ jarang dipake. Rōmaji watashi teu pernah dipake, iwal ti dina kontek sakabeh-rōmaji.

Susunan Kanji oge mere kateupastian dina cara maca keur kaperluan gaya. Contona dia Natsume Soseki carita pondok The Fifth Night, pangarang make 接続って keur tsunagatte, gerundive bentuk -te tina kecap tsunagaru ('ngahubungkeun'), nu ilahar ditulis nyaeta 繋がって atawa つながって. Tempo oge furigana keur leuwih jelasna.

Romanisasi[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Romaji.

Aya sababaraha cara pikeun alih aksara Jepang ka Romawi. Métode Hepburn nu ditujukeun pikeun pamaké basa Inggris sacara de facto baku dipaké, boh di luar atawa di Jepang sorangan (ogé dipaké di Wikipédia basa Inggris). Sistim Kunrei-shiki leuwih hadé dipaké pikeun kana, sahingga leuwih ngagampangkeun pikeun urang Jepang; disahkeun ku Kamentrian Atikan Jepang, tapi jarang dipaké di luar. Sistim lianna di antarana Nihon-shiki, JSL, jeung Wāpuro.

Tempo oge[édit | sunting sumber]

Gaya tulisan[édit | sunting sumber]

Variasi sistim tulisan[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Gottlieb, Nanette (1996). Kanji Politics - Language Policy and Japanese Script, Kegan Paul. ISBN 0-7103-0512-5.
  • Twine, Nanette (1991). Language and the Modern State - The Reform of Written Japanese, Routledge. ISBN 0-4150-0990-1.
  • Seeley, Christopher (1984). "The Japanese Script since 1900". Visible Language XVIII 3: 267-302.
  • Seeley, Christopher (1991). A History of Writing in Japan, University of Hawai'i Press. ISBN 0-8248-2217-X.
  • Habein, Yaeko Sato (1984). The History of the Japanese Written Language, University of Tokyo Press. ISBN 0-86008-347-0.
  • Unger, J. Marshall (1996). Literacy and Script Reform in Occupation Japan: Reading Between the Lines, OUP. ISBN 0-1951-0166-9.
  • wikipedia basa Inggris, Agustus 2006.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]