Kanji

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Kanji (Basa Jepang: 漢字 ) nyaéta tulisan Cina nu dipaké dina sistim tulisan Basa Jepang modérn salian ti hiragana (平仮名), katakana (片仮名), jeung angka Arab.

Sajarah[édit | édit sumber]

Karakter keur Kanji, lit. "karakter Han".

Dina Basa Jepang watesan kanji (漢字) hartina "karakter Han". Masih kénéh jadi "perdebatan" kumaha sajarahna tulisan CIna datang ka Jepang, tapi nu ilahar ditarima yén monk Buddha ti Karajaan Baekje di Korea nu mawa tulisan dina Basa Cina ka Jepang di abad kalima. Tulisan ieu dina Basa Cina jeung remen dibaca unggal waktu. Ti harita, sistim ieu disebut kanbun (漢文), hal nu penting dina tulisan Cina nyaéta diacritical mark nu ngidinan pamake Basa Jepang keur maca tulisan dumasa kana aturan grammar Basa Jepang.

Mangsa harita, Basa Jepang teu boga bentuk tulisan sorangan. Sistim nulisna disebut man'yōgana (dipaké dina tulisan antologi sajak Man'yōshū) nu ngamekarkeun karakter Cina keur kaperluan sora tinimbang harti anu ditulisna.

Man'yōgana ditulis dina gaya "cursive" jadi hiragana, hiji sistim nulis nu ilahar dipaké ku awewe (nu teu bisa sakola luhur). Loba tulisan dina era Heian nu dipigawe ku awewe ditulis dina. Katakana muncul dina cara nu ampir sarua: mahasiswa sakola biara nyederhanakeun man'yōgana jadi unsur tunggal. Sanajan aya dua sistim tulisan, hiragana jeung katakana, duanana ngarujuk ka kumpulan kana, nu asalna tina kanji.

Dina Basa Jepang modérn, kanji dipaké keur nulis bagéan tina basa saperti kecap barang, bagean kecap sipat jeung bagean kecap gawe , sedengkeun hiragana digunakeun keur nulis infleksi tungtung kecap gawe jeung sifat (okurigana), partikel, jeung kecap di mana kanji nu hésé dibaca atawa diinget. Katakana dipaké keur ngawakilan onomatopoeia jeung kecap injeuman nu lain tina-Basa Jepang. Pamakéan katakana keur nulis kecap injeuman mangrupa hal nu anyar sanggeus Perang Dunya Kadua. saméméhna, kecap injeuman ditulis maké kanji, sanajan dipaké keur artina (煙草 atawa 莨 tabako = "roko") atawa dieja sacara fonetik(天婦羅 atawa 天麩羅 tempura). Pamakéan kanji ku cara ieu disebutna ateji.

Kamekaran lokal[édit | édit sumber]

Sabalikna tina kanji pentingna hanzi Basa Cina keur dipaké nulis Basa Jepang, ayeuna aya dua béda nu jelas antara kanji jeung hanzi, kaasup karakter nu dijieun di Jepang, karakter ieu mibanda harti nu béda dina basa Jepang, sarta ngirim WWII keur nyederhanakeun kanji.

Kokuji[édit | édit sumber]

Kokuji (国字; hartina "karakter nasional") nyaéta karakter anéh di Jepang. Kokuji ogé disebut wasei kanji (和製漢字; lit. "karakter Cina buatan Japan"). Aya ratusan kokuji (tempo sci.basa.jepang NDL: kokuji list). Lolobana jarang geus langka dipaké, tapi aya sababaraha nu penting dina tambahan nulis Basa Jepang. Saperti:

  • tōge (norobos gunung)
  • sakaki (tangkal sakaki, genus Camellia)
  • hatake (jenis supa)
  • tsuji (meuntas jalan)
  • , hatara(ku) (digawe)

Kokkun[édit | édit sumber]

Salian ti kokuji, aya kanji nu geus aya hartina dina Basa Jepaang tur béda harti jeung Basa Cina. Kanji ieu henteu kaasup kana kokuji tapi disebutna kokkun (国訓) kaasup:

  • oki (lepas pantai; Basa Cina chōng rinse)
  • mori (leuweung; Basa Cina sēn agung, tumuwuh kalayan gancang)
  • 椿 tsubaki (Camellia japonica; Basa Cina chūn Ailantus)

Karakter heubeul jeung karakter anyar[édit | édit sumber]

Kanji nu sarua kadangkala ditulis ku dua cara nu béda, 旧字体 (Kyūjitai; "gaya karakter heubeul") (舊字體 dina Kyūjitai) jeung 新字体 (Shinjitai; "gaya karakter anyar"). Di handap sababaraha conto Kyūjitai nu dituturkeun ku Shinjitai:

  • 國 国 kuni, koku (nagara)
  • 號 号 (nomer)
  • 變 変 hen, ka(waru) (robah)

Kyūjitai geus dipaké saméméh Perang Dunya Kadua, jeung loba nu teu lengkep, sarua jeung karaktertradisional Cina. Sanggeus perang pamaréntah ngawanohkeun Shinjitai nu disederhankaeun dina "Dapta bentuk karakter Kanji Tōyō Kanji" (Tōyō Kanji Jitai Hyō, 当用漢字字体表). Sababaraha nu anyar ampir sarua jeung karakter nu disederhanakeun nu dipaké di Cina. Saperti dina prosés nyederhanakeun di Cina, sababaraha shinjitai mibanda bentuk singgetan (略字, Ryakuji) maké tulisan leungeun, tapi jelas jeung "daksa" karakter nu teu disederhanakeun (正字 seiji) nu ngan bisa ditarima dina konteks sapopoé. Kaca ieu némbongkeun conto tulisan leungeun singgeta, sarua jeung bentuk Shinjitai modérn, tina éra PD II. Ieu ogé tulisan leungeun sederhana nu saruan sederhana tinimbang bentuk standarna (boh nu teu kacekel atawa katarima ngan bentuk sederhana minor sanggeus perang), contona bisa ditempo di [1], tapi teu loba nu maké tur teu popular, saperti saméméh perang nu teu ditarima sacara sosial tur ngan ukur dipaké dina tulisan leungeun.

Loba tulisan Cina nu teu dipaké dina Basa Jepang. Sacara téori, aya karakter Cina nu jadi karakter Jepang, Daikanwa Jiten, salah sahiji kamus kanji nu ilahar dipakér, aya kira-kira 50,000 asupan, sanajan loba asupan nu teu dipaké dina Basa Jepang.

Cara maca[édit | édit sumber]

Sabab aya sababaraha cara ngasupkeun kanji kana Basa Jepang, hiji kanji bisa dipaké jeung nuliskeun sakecap atawa sababaraha kecap (atawa, di hal nu ilahar, morphemes). Tina pamikiran nu maca, kanji disebut boga hiji atawa leuwih cara "maca". Nangtukeun cara maca bakal gumantung kana konteks, arti, dipaké keur naon jeung iraha diana kalimah. Sababaraha kanji nu ilahar mibanda sapuluh atawa leuwih cara maca. Cara maca ieu sacara normal dipisahkeun salaku on'yomi (atawa on) atawa kun'yomi (atawa kun) [1].

On'yomi (cara maca Basa Cina)[édit | édit sumber]

On'yomi (音読み), cara maca Sino-Basa Jepang, Basa Jepang ngadeukeutan cara ngucapkeun karakter Basa Cina dina waktu mimiti diwanohkeun. Sababaraha kanji diwanohkeun sababaraha kali tina bagéan karakter Cina dina waktu nu béda, maka mibanda sababaraha on'yomi, tur sababaraha harti oge. Kanji nu dijieun di Jepang sacara normal teu mibanda on'yomi, tapi aya sabaraha iwal saperti karakter keur 働 'digawe', nu mibanda kun'yomi hataraku jeung on'yomi , sarta 腺 'kelenjar', nu ngan mibanda on'yomi sen.

Ilaharna, on'yomi diklasifikasikeun kana opat tipe:

  • Cara maca Go-on (呉音; harti literatur sora Wu) réadings, tina cara ngucapkeun di wewengkon Wu (deukeut daerah Shanghai), salila abad kalima jeung abad kagenep.
  • Cara maca Kan-on (漢音; harti literatur sora Han sound), tina cara ngucapkeun salila Dinasti Tang mimiti abad katujuh nepi ka abad kasalapan, utamana paguneman standar di ibukota, Chang'an.
  • Cara maca Tō-on (唐音;harti literatur sora Tang), tinca cara ngucapkeun dina dinasti panungtung, saperti Song jeung Ming, ngawengku sakabéh cara ngucapkeun nu diasupkeun mimiti era Heian nepi ka periode Edo
  • Cara maca Kan'yō-on (慣用音), nyaéta cara maca nu salah atawa robah tina kanji tur ditarima dina basa Jepang.

Conto (cara maca nu jarang dipaké dina tanda kurung)

Kanji Harti Go-on Kan-on Tō-on Kan'yō-on
caang myō mei (min) -
indit gyō (an) -
ekstrim goku kyoku - -
mutiara shu shu ju (zu)
tingkat do (to) - -
mindahkeun (shu) (shu) - yu

Nu ilahar dipaké dina cara maca nyaéta kan-on. Cara maca go-on hususna dipaké dina watesan Budha saperti gokuraku 極楽 "sorga". Cara maca tō-on aya dina sababarah kecap saperti isu "korsi" atawa futon.

Dina Basa Cina, lolobana karakter pakait jeung suku kata Basa Cina tunggal. Sanajan kitu, sababaraha homographs disebut 多音字 (duo1yin1zi4) saperti 行 (Basa Cina: hang2, xing2) (Basa Jepang: , gyō) mibanda leuwih ti hiji cara maca dina Basa Cina nembongkeun harti nu béda, nu dipaké ogé dina Basa Jepang. Tina sisi "tonality", lolobana suku kata dina Basa Cina (utamana di Cina Tengah nu mana ahir dina konsonan eureunleuwih ilahar dipaké tinimbang dina dialek modérn) teu saru persis jeung (consonant-vowel) phonotactics gedé dina Basa Jepang klasik. Lolobana on'yomi disusun ku dua mora (sukubata atawa gentakan), nu kadua mibanda vowel leuwih panjang dina mora mimiti (dina i dina kasus e jeung u dina kasus o, dumasar kana linguistic drift dina sababaraha abad), atawa dina suku kata ku, ki, tsu, chi, atawa suku kata n, dipilih keur ngadeukeutan konsonal ahir di Cina Tengah. Kanyataanna, konsonan samemeh vowel tinimbang i, saperti dina suku kata n, nu ditambahkeun kana Basa Jepang leuwih hadé tinimbang nurutan dina Basa Cina; taya hiji ogé kajadian dina kecap Basa Jepang asli.

On'yomi loba kajadian dina multi-kanji susunan kecap (熟語 jukugo), loba nu hasilna diadopsi (sapanjang kanjina sorangan) kecap Basa Cina keur konsép nu euweuh dina Basa Jepang atawa teu bisa diucapkeun sacara alus maké kecap asli Jepang. prosés injeuman ieu salawasna dibandingkeun keur Basa Inggris nu nginjeum tina Basa Latin jeung Norman-Peranci, saprak watesan injeuman Cina leuwih husus, atawa dianggap keur sora nu leuwih resmi tinimbang nu aslina. Kaiwalan dina aturan ieu keur ngaran kulawarga, nu ku kun'yomi asli dibaca saperti nu ilahar dipaké (tempo di handap).

Kun'yomi (cara maca Basa Jepang)[édit | édit sumber]

Kun'yomi (訓読み), cara maca Basa Jepang, atawa bacaan asli, nyaéta cara maca nu didasarkeun kana cara ngucapkeun kecap Basa Jepang asli atawa yamatokotoba, nu ampir padeukeut jeung harti dina karakter Basa Cina mangsa munggaran diwanohkeun. Saperi dina on'yomi, aya sabararaha cara maca kun keur kanji nu sarua, sarta sababaraha kanji teu mibanda kun'yomi.

Contona, kanji wetan, 東, mibanda on dibaca . Sanajan kitu, dina Basa Jepang geus aya dua harti keur kecap "wétan", nyaéta : higashi jeung azuma. Mangka karakter kaji 東 mibanda cara ngucapkeun nu ditambahkeun salaku kun'yomi. Kanji 寸, ngalambangkeun karakter Cina keur ukuran (ampir deukeut kana inci)), euweuh basa Jepang asli nu sarua, mangka ngan mibanda on'yomi, panonpoé.

Jumlah sakabeh karakter kanji[édit | édit sumber]

Jumlah karakter kanji teu dipikanyaho sacara pasti. Dina "Daikanwa Jiten" aya kurang leuwih 50,000 karakter, mangrupa hasil pamikiran nu lengkep, tapi kaayeunakeun dina kamus di daratan Cina aya leuwih ti 80,000 karakter kanji, tur loba karakter nu teu dipikawanoh. Karakter éta loloba teu dipaké boh di Jepang atawa di Cina.

Reformasi Ortografi jeung daptar kanji[édit | édit sumber]

Dina 1946, sanggeus Perang Dunya II, pamaréntah Jepang sacara resmi ngareformasi runtuyan orthografi. Sababaraha karakter disederhanakeun jadi glyph, disebut 新字体 (shinjitai). Jumlah karakter dina aturan dikurangan, runtuyan karakter formal keur diajar dina unggal tingkatan sakola ditangtukeun. Loba bentuk variasi jeung alternatif tina karakter kanji nu ilahar dikurangan. Ieu dimaksudkeun keur usaha ngajarkeun kanji ka barudak dina buku tur terus-terusan. Hal ieu mangrupa petunjuk nu sederhana, mangka loba karakter di luar standar ieu dipikanyaho tur ilahar dipaké.

Kyōiku kanji[édit | édit sumber]

Artikel utama: Kyōiku kanji.

Kanji Kyōiku 教育漢字 ("kanji pendidikan") nyaéta 1006 karakater kanji nu diajarkeun di sakola dasar di Jepang. Jumlah ieu jadi 881 saprak taun 1981. Tingkatan ieu diturunkeun dina palajaran kanji tur disebut Gakunen-betsu kanji haitōhyō 学年別漢字配当表), atawa kanji gakushū .

Jōyō kanji[édit | édit sumber]

 Artikel utama: Jōyō kanji.

Kanji Jōyō 常用漢字 nyaéta 1,945 karakter kanji nu aya dina kanji kyōiku, ditambah 939 kanji tur diajarkeun di SMP jeung SMA. Dina buku citak, karakter di luar kategori ieu ditulis maké furigana. Kanji Jōyō mimiti dipaké dina taun 1981, keur ngagantikeun runtuyan saméméhna nyaéta 1850 karakter nu disebut Kanji nu ilahar dipaké (tōyō kanji 当用漢字) nu mimiti dipaké dina taun 1946.

Jinmeiyō kanji[édit | édit sumber]

 Artikel utama: Jinmeiyō kanji.

Kanji Jinmeiyō 人名用漢字 nyaéta 2,928 karakter nu aya dina kaji Jōyō, ditambah 983 nu kapanggih dina ngaran masarakat Jepang. Dina sababaraha taun ieu, Kamentrian Kehakiman nambahan kana ieu runtuyan. Kadangkala istilah Kanji Jinmeiyō nujul kana sakabéh 2928 karakter, kadangkala ogé ngan 983 karakter nu dipaké keur ngaran jalma.

Standar Industri Jepang keur kanji[édit | édit sumber]

Standar Industri Jepang keur kanji jeung kana ngahartikeun karakter titik-kode keur unggal kanji jeung kana, saperti bentuk séjén dina nulis saperti angka Hindu-Arab, keur dipaké dina prosés informasi. Geus sababaraha kali dioméan, standar ayeuna nyaéta:

  • JIS X 0208:1997 Archived 2005-05-22 di Wayback Machine, versi panungtung standar utama, mibanda 6,355 kanji.
  • JIS X 0212:1990 Archived 2005-05-22 di Wayback Machine, tambahan standar ngandung 5,801 kanji. Standar ieu jarang dipaké, utamana sabab sistim kode Shift JIS teu bisa dipaké. This standard is effectively obsolete;
  • JIS X 0213:2000 Archived 2005-05-22 di Wayback Machine, a further revision which extended the JIS X 0208 set with 3,625 additional kanji, of which 2,741 were in JIS X 0212. The standard is in part designed to be compatible with Shift JIS encoding;
  • JIS X 0221:1995, the Japanese version of the ISO 10646/Unicode standard.

2000 Kanji Basa Jepang[édit | édit sumber]

Citakan:Cleanup-date Citakan:Expandsect

Runtuyan di handap bakal terus dianyarkeun ku fonétikna, saperti hari jeung kanji tambahan:

一二三人日四五六七八九十月曜火水木金土本山目見行来方東西上下中大小刀分切手口入出川外言貝寺時売買主持夫田力車読者林明士自子女男年先学生竹筆書文立事物仕化工天白心史百千万代交左右母父校毎古今

Rujukan[édit | édit sumber]

  • DeFrancis, John (1990). The Chinese Language: Fact and Fantasy. Honolulu: University of Hawaii Press. ISBN 0824810686.
  • Hannas, William. C. (1997). Asia's Orthographic Dilemma. Honolulu: University of Hawaii Press. ISBN 082481892X (paperback); ISBN 0824818423 (hardcover).
  • Kaiser, Stephen (1991). Introduction to the Japanese Writing System. In Kodansha's Compact Kanji Guide. Tokyo: Kondansha International. ISBN 4-7700-1553-4.
  • Mitamura, Joyce Yumi and Mitamura, Yasuko Kosaka (1997). Let's Learn Kanji. Tokyo: Kondansha International. ISBN 4-7700-2068-6.
  • Unger, J. Marshall (1996). Literacy and Script Reform in Occupation Japan: Reading Between the Lines. ISBN 0195101669
  1. Hary gunarto, Building Kanji Dictionary as Basic Tool for Machine Translation in Natural Language Processing Applications, Journal of Ritsumeikan Studies in Language and Culture, April 2004, 15/ 3, 177-185.

Tempo oge[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]