Hiragana

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Hiragana
Tipeu: Syllabary
Basa: Basa Jepang
Mangsa: ~800 A.D. to the present
Sistim Tulis indung: Kana
Sistim tulis sawargi: Katakana, Hentaigana
Japanese Hiragana kyokashotai NE.png

Hiragana (平仮名?) nyaeta suku kata dina Basa Jepang, salah sahiji tina opat sistim nulis Basa Jepang, nyaeta katakana, kanji jeung rōmaji (atawa huruf Latin). Boh hiragana jeung katakana duanana make sistim kana, numana unggal syumbol ngagambarkeun hiji mora. Unggal kana hurup hirup (saperti a あ); konsonan dituturkeun ku hurup hirup (saperti ka か); atawa n ん, nasal sonorant nu gumantung kana konteksna saperti m, n, atawa ng dina basa Inggris (IPA ŋ), atawa saperti nasal vowel dina Basa Perancis.

Hiragana dipake keur kecap nu euweuh huruf kanji-na, kaasup partikel saperti kara から "ti," jeung ahiran saperti ~san さん "Bapa, Ibu, Akang, Teteh" Hiragana oge dipake keur kecap nu kanji-na teu dipikanyaho kunu nulis, oge kunu maca, atawa bentuk formal keur kaperluan tulisan. Infleksi kecap pagawean jeung kecap sipat, upama dina conto tabemashita (食べました ate?), BE MA SHI TA ditulis dina hiragana. Dina sababaraha kasus, bagean akar ieu oge ditulis dina hiragana. Hiragana oge dipke keur kaperluan cara maca kanji disebutna furigana. Artikel sistim nulis Basa Jepang ngajelaskeun leuwih jentre kumaha sistim nulis ieu dipake.

Aya dua sistim utama keur susunan hiragana, susunan heubeul iroha, sarta susunan nu leuwih anyar gojūon.

Sistim nulis hiragana[édit | sunting sumber]

Hiragana ngabogaan susunan karakter dasar, gojūon , nu bisa dirobah ku sababaraha cara. Ku cara nambahkeun dakuten tandana (゛), keur konsonan saperti k atawa t robah jadi g atawa d: kg, td, sz, jeung hb. Hiragana nu dimimitina ku h oge bisa ditambahan handakuten tandana (゜), h robah jadi p. Bagean nu saeutik dina hiragana keur ya, yu atawa yo (urutanna ゃ, ゅ atawa ょ ) bisa ditambahan ditungtungna ku i. Robahna i ieu, sora vokalna jadi palatalization. Tambahan kana y leutik disebutna yōon. Tambahan tsu leutik っ disebutna sokuon nunjukkeun geminate konsonan (rangkep). Kalurna "desah" sarta stop kadangkala dipake dina ahir kalimat. Ieu ditulikeun ku konsonan rangkep dina rōmaji.

Dina tulisan teu resmi, lima vokal kana kadangkala dipake keur manjangkeun sora saperti haa, nee (はぁ, ねぇ).

Aya hiragana nu jarang dipake nyaeta Wi ゐ jeung we ゑ. V ゔ nyaeta tambahan modern keur ngagambarkeun sora "v" dina basa asing saperti Basa Inggris, sabab Basa Jepang teu ngabogaan sora hurup v, diganti ku b. Ieu oge jarang dipake sabab kecap injeuman jeung tarjamahan ilaharna ditulis make katakana.

Tabel hiragana-rōmaji[édit | sunting sumber]

Tabel dihandap ieu nunjukeun hiragana jeung tulisan romajina. Anu warna beureum kana nu jarang dipake. Kabehanna aya 104 kasus.

vowels yōon
a i u e o (ya) (yu) (yo)
ka ki ku ke ko きゃ kya きゅ kyu きょ kyo
sa shi su se so しゃ sha しゅ shu しょ sho
ta chi tsu te to ちゃ cha ちゅ chu ちょ cho
na ni nu ne no にゃ nya にゅ nyu にょ nyo
ha hi fu he ho ひゃ hya ひゅ hyu ひょ hyo
ma mi mu me mo みゃ mya みゅ myu みょ myo
ya yu yo
ra ri ru re ro りゃ rya りゅ ryu りょ ryo
 wa  wi  we  o/wo
n
ga gi gu ge go ぎゃ gya ぎゅ gyu ぎょ gyo
za ji zu ze zo じゃ ja じゅ ju じょ jo
da (ji) (zu) de do ぢゃ (ja) ぢゅ (ju) ぢょ (jo)
ba bi bu be bo びゃ bya びゅ byu びょ byo
pa pi pu pe po ぴゃ pya ぴゅ pyu ぴょ pyo


Sora ti dieja てぃ, tapi bagean sora ieu ngan kapanggih dina kecap injeuman, mangka ilaharna ditulis make katakana.

Kombinasi にゃ, にゅ, jeung にょ ulah pahili jeung sekuen んや, んゆ, sarta んよ. Kombinasi に make y leutik ngagambarkeun hiji mora, sabalikan sekuen ん dituturkeun ku y gede nunjukeun dua sora nu misah. Beda ieu bisa digambarkeun ku minimal dua pasangan かにゅう ka-nyu-u, "ngahiji", かんゆう ka-n-yu-u, "ngarayu", nu gampang dibedakeun dina ngucapkeun, sanajan sababaraha gaya nulis romawi duanana dituliskanyu. Dina cara nulis romawi, duanana dibedakeun ku nambahkeun apostrophe: kanyū and kan'yū.

Cara ngeja[édit | sunting sumber]

Iwal ti partikel kecap は, を, jeung へ (wa, o, jeung e), sarta sababaraha aturan teu pasti, Basa Jepang diucapkeun saperti nu ditulis. Hal ieu teu salawasna bener: dina sistim ngeja samemehna, bisa ditempo dina sajarah cara maca kana loba aturan cara ngeja: iwal ti dina cara make ayeuna. Aturan cara ngeja nu sabenerna dumasar kana kanazukai (仮名遣い?), "make kana".

Aya dua hiragana nu cara macana ji (じ and ぢ) jeung dua hiragana nu dibacana zu (ず and づ). Dua pasangan ieu teu bisa saling ngaganti. Ilaharna, ji dituliskeun じ jeung zu ditulis ず tur aya sababaraha hal nu istimewa. Lamun dua suku kata mimiti dina kecap aya dua suku kata teu make dakuten jeung suku kata sarua make dakuten, nu dipake nyaeta hiragana nu sarua. Conto, chijimeru (‘niiskeun’ atawa ‘nyurutkeun’) dieja ちぢめる. Conto keur kecap nu nembongkeun dakuten sora rendaku, dipake hiragana nu asli. Contona, chi (血 "getih") diucapkeun ち (chi). Lamu 鼻 hana (“irung”) jeung 血 dihijikeun, jadina hanaji 鼻血 "mimisan"), sora 血 robah tina chi jadi ji. Mangka hanaji dieja はなぢ dumasar kana ち: hiragana dasar dipake keur nuliskeun 血. Ku cara nu sarua, Tsukau (使う; "make") dieja つかう dina hiragana, jadi kanazukai (かな使い; "make kana" .. atawa .. "ortografi kana ") dieja かなづかい dina hiragana.

Tapi, aturan di luhur teu bisa dipake keur kecap nu teu pakait langsung jeung harti asalna. Kecap basa Jepang‘lightning’, contona, inazuma (稲妻). Bagean ‘稲’ hartina ’sawah’, ditulisna いな dina hiragana tur dibaca: ina. Bagean 妻 hartina ’pamajikan’ tur dibacana tsuma (つま) lamun ditulina dipisahkeun atawa leuwih sering ditulis zuma (ずま) lamun ayana sanggeus suku kata sejen. Taya hiji oge dina kompenen itu nu ‘lightning’, tapi duanana mun ngahiji nyieun kecap ‘lightning’. Dina kasus ieu, ejaan hiragana nu ilahar dipake nyaeta いなずま tinimbang いなづま.

Hiragana ilaharna dipake ngeja long vowel nu ditambahkeun kana kana vowel kadua. Kecap chōon (tanda vowel panjang) (ー) leuwih ilahar ditulis dina katakana tinimbang make hiragana, contona kecap word らーめん, ramen (mie), tapi pamakean ieu dianggap teu biasa.

Kecap teu biasa dimimitian ku kana ん (n). Ieu ngarupakeun kecap dasar shiritori. Sanajan kitu, n is kadangkala langsung dituturkeun ku vowel. Contona, ren'ai 恋愛 ("cinta romantis, emosi") ditulis dina hiragana れんあい tinimbang れない renai (kecap nu teu angger).

Sajarah[édit | sunting sumber]

Bentuk karakter Hiragana nu asalna tina (sōsho) Basa Cina. Conto ieu dijieun ku Sun Guoting, ca. 650 CE. dina Dinasti Tang

Hiragana diwangun tina man'yōgana, karakter Basa Cina nu dipake keur ngucapkeun dina kalimah Basa Jepang sarta mimiti dipake dina abad kalima. Bentuk hiragana asalna tina sōsho nyaeta kaligrafi Cina. Gambar dihandap nembongkeun asal hiragana tina manyōgana ngaliwatan sōsho. Bagian luhur nyaeta karakter hurup dina bentuk kaisho, karakter tengah nu warna beureum nembongkeun bentuk karakter sōsho, sarta panghandapna nyaeta hiragana.

Hiragana origin.jpg

Munggaran hiragana dijieun, teu bisa ditarima ku sakabeh kalangan. Loba nu ngarasa yen Basa Cina leuwih nunjukeun jalma nu boga pendidikan. Dina sajarah Jepang, bentuk kaisho nyaeta karaktek nu ilahar dipake ku lalaki, mangka disebutna onode (男手?), "tulisan lalaki", sedengkeun bentuk sōsho kanji nu biasa dipake ku awewe. Saterusna hiragana mimiti ilahar dipake di kalangan awewe, nu teu diijinan keur sakola nu luhur saperti lalaki. Bentuk tulisan ieu ilahar dipake tur disebutna onnade (女手?) "tulisan awewe". Contona, The Tale of Genji jeung novel awal-awal nu ditulis ku awewe lolobana ngagunakeun hiragana.

Pangarang lalaki mimiti nulis litelatur make hiragana. Hiragana, make gaya tulisan nu saayana, geus dipake dina surat-surat teu resmi saperti surat pribadi, sedengkeun katakana jeung kanji dipake keur dokumen resmi. Kabehdieunakeun, hiragana jadi remen dipake tinimbang katakana, hususna keur keca-kecap injeuman ti basa sejen (contona, ti mimiti abad ka-19), dina ngaran transliteration, sasatoan, telegram, sarta hal-hal nu dianggap perlu.

Aslina, sakabeh soran leuwih ti hiji hiragana. Dina taun 1900, sistimna disederhanakeun numana unggal sora ngan hiji hiragana. Hiragana sejenna disebut hentaigana (変体仮名?)

Sajak atawa lagu Iroha ("lagu/sajak warna-warni"), dina abad ka-10, ngagunakeun sakali hiragana (iwal ti n ん). Di handap nembongkeun romanisasi hiragana; dibaca dina cara maca Basa Jepang modern.

Catetan dina baris panungtung dimimitian ku kana nu jarang dipake nyaeta (we ゑ).

いろはにほへと I ro ha ni ho he to (Iro wa nioedo) Lamun warna saseungit parfum
ちりぬるを chi ri nu ru wo (chirinuru wo) lalaunan bakal leungit
わかよたれそ wa ka yo ta re so (waga yo tare zo) Naon nu aya di dunya
つねならむ tsu ne na ra mu (tsune naran) bakal langgeng?
うゐのおくやま u wi no o ku ya ma (ui no okuyama) Gunung nu pinuh ku kasombongan
けふこえて ke fu ko e te (kyō koete) Kuring rek norobos poe ieu
あさきゆめみし a sa ki yu me mi shi (asaki yume mishi) ninggalkeun impian nu teu lana
ゑひもせす we hi mo se su (yoi mo sezu) teu taluk kana kaayaan nu susah

Hiragana dina Unicode[édit | sunting sumber]

Dina Unicode, Hiragana make titik kode U+3040 nepi ka U+309F:

Hiragana
Unicode.org chart (PDF)
0 1 2 3 4 5 6 7 8 9 A B C D E F
U+304x
U+305x
U+306x
U+307x
U+308x
U+309x

Dina Unicode blok hiragana kasusun ku sakabeh karakter hiragana dina runtuyan modern, kaasup vowels leutik jeung kana yōon kana keur unggal suku kata, kaasup wi jeung we nu kuno tur vu nu jarang dipake. Sakabeh kombinasi hiragana boh dakuten jeung handakuten nu dipake dina Basa Jepang modern kawengku, sarta bisa dipake ku make hiragana dasar dituturkeun ku karakter dakuten jeung handakuten (U+3099 jeung U+309A). Metoda ieu dipake ku nambahkeun diacritics kana kana nu teu ilahar dipake, contona make dakuten keur vowel murni atawa handakuten kana kana nu teu kaasup grup-h.

Karakter U+3095 jeung U+3096 nyaeta か (ka) leutik jeung け (ke) leutik. U+309F nyaeta digraph より (yori) biasana dipake dina teks nu nangtung. U+309B jeung U+309C nyaeta spase(taya kombinasi) sarua jeung karakter dakuten jeung handakuten.

Taya karakter dina kode U+3040, U+3097, atawa U+3098.

Tempo oge[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap