Macrovision
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
| Macrovision Corporation | |
|---|---|
| Tipe | Publik (NASDAQ: MVSN) |
| Ngadeg | 1983 |
| Kantor puseur | |
| Inohong konci | Fred Amoroso, Presiden jeung Chief Executive Officer |
| Nu boga | Universal Studios |
| Karyawan | 800+ (2007) |
| Slogan | Protect, Enhance, and Distribute Your Digital Goods |
| Ramatloka | Macrovision.com |
Macrovision nyaéta hiji pausahaan nu nyieun rancana panghalang pangrékaman éléktronis, diwangun dina 1983. Ngaran ieu oge digunakeun pikeun sagala rupa rancana panghalang pangrékaman anu dijieun ku pausahaan ieu.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
‘’Macrovision Corporation’’ diwangun dina taun 1983. Film 1984 "The Cotton Club" mangrupakeun kasét vidio munggaran anu disandikeun maké téhnologi Macrovision nalika dikaluarkeun dina taun 1985. Nepi ka ahir 1980-an, kalolobaan studio gedé di Hollywood ngagunakeun téhnologi Macrovision. Tvhnologi ieu dikembangkeun kana pamuter DVD nalika munggaran dikaluarkeun dina taun 1997.
[édit] Macrovision keur vidéo
Kasét vidéo VHS atawa DVD (taya pamuter laserdisc atawa video CD nu nerapkeun ieu) atawa kotak kabel/satelit digital narima stream data nu di-énkode ku Macrovision bakal nyababkeun sét VCR nu ngarékamna gagal (kajaba modél nu kacida heubeulna, VCR nu geus dirombak, atawa parabot kasebut nu geus disatujuan pikeun "kagunaan profésional"). Biasana katempo minangka gambar nu diacak saperti lamun seug tracking-na teu bener, atawa gambarna reup bray tina caang ka poék.
Hal ieu bisa kalaksanakeun ku cara ngasupkeun sinyal salila jangkah layar pareum (vertical blanking interval) tina sinyal video—boh ku jalan direkam langsung sacara fisik kana kaset (kawas dina VHS) atawa dijieun nalika diputer make chip dina pamuterna (kawas dina DVD) atawa kotak kabel/satelit digital (kawas sakabeh program HDTV nu dirobah kana definisi standar).
NTSC jeung format video lianna neundeun sinyal video minangka “baris-baris.” Porsi baris-baris eta dipake keur ngawangun gambar nu katempo ku jalan ngarobahna kana layar, tapi aya kurang leuwih 20 tepi ka 40 baris saluareun jangkah nu katempo nu dipake keur hal nu beda-beda di nagara nu beda-beda, kawas closed captioning.
| Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun. |
[édit] Rujukan
- Fil's FAQ-Link-In Corner: MacroVision FAQ
- MPAA | DVD Frequently Asked Questions
- Columbia ISA: Macrovision Details
[édit] Tempo oge
- CSS jeung DeCSS
- Copy prevention
- DRM
- DTCP
- eMeta eRights - Macrovision's access control and commerce solution for digital media
- FLEXlm - Macrovision's computer software license manager
- SafeDisc — Macrovision's CD copy protection scheme
- SafeCast - Macrovision's software copy protection scheme (derived from FLEXlm)
[édit] Tumbu luar
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |

