Program Evaluation and Review Technique
Program (atawa Project) Evaluation and Review Technique, ilaharna disingget PERT, nyaeta hiji model manajemen proyek di dirarancang keur nganalisis tur nunjukkeun tugas nu kalibet pikeun ngarengsekeun hiji proyek.
Daptar eusi |
Sawangan [édit]
PERT nyaeta hiji cara keur nganalisis tugas-tugas dina raraga ngarengsekeun hiji proyek, hususna wanci nu dibutuhkeun keur ngarengsekeun eta tugas, sarta ngidentifikasikeun wanci pangsaeutikna pikeun ngarengsekun sakabe proyek.
PERT dimekarkeun utamana keur ngabasajankeun rarancang jeung jadwal tina hiji proyek kompleks nu gede. PERT bisa ngahijikeun kahenteupastian ku jalan ngamungkinkeun ngajadwal hiji proyek sok sanajan henteu nyaho sagemblengna detil jeung lilana sakabeh aktivitas. PERT leuwih mangrupakeun hiji tehnik nu orientasi kana event tinimbang orientasi kana mitembeyan jeung rengsena, tur dipake dina hiji proyek nalika wanci mangrupakeun faktor utama tinimbang beaya. Diterapkeun kana infrastruktur nu kacida gedena, saharitaeun, kompleks, jeung henteu rutin sarta proyek-proyek Panalitian jeung Pangembangan.
Model proyek ieu harita mangrupakeun model munggaran dina golonganana, binangkitna deui manajemen saintifik, nu kapanggih ku Frederick Taylor "Taylorisme" jeung dihadean ku Henry Ford "Fordisme". Critical path method Pausahaan DuPont kapanggih dina wanci nu ampir sarua jeung PERT.
Tempo oge [édit]
- Activity diagram
- Beta distribution
- Critical Path Method
- Float (project management)
- Gantt chart
- Project network
- Project management
- Project planning
- Triangular distribution
- PRINCE2
Rujukan [édit]
| Artikel ieu teu miboga rujukan sumber nu bisa dipercaya jadina eusina teu bisa divérifikasi. Pitulung ngabenerkeun artikel ieu kalawan nambihkeun rujukan nu bener. Artikel nu teu bisa divérifikasikeun bisa dihupus ku Kuncén. Tanda ieu dibéré dina September 2008 |
Bacaan salajengna [édit]
- Project Management Institute (2003). A Guide To The Project Management Body Of Knowledge, 3rd ed., Project Management Institute.
- Klastorin, Ted (2003). Project Management: Tools and Trade-offs, 3rd ed., Wiley.
- Kerzner, Harold (2003). Project Management: A Systems Approach to Planning, Scheduling, and Controlling, 8th Ed., Wiley.
- Milosevic, Dragan Z. (2003). Project Management ToolBox: Tools and Techniques for the Practicing Project Manager, Wiley.
- Lev Virine & Michael Trumper (2007). Project Decisions: The Art and Science, Management Concepts.
