Rékayasa sipil

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Dina watesan modern, téhnik sipil ngalegaan jadi rékayasa nu kabagi jadi sababaraha bagian nyaeta "perencanaan", konstruksi jeung perawatan struktur nu aya hubunganna jeung bumi, cai atawa peradaban jeung prosesna. Ayeuna téhnik sipil oge nyakup jalan, struktur, sumber cai, cai kotor, kontrol banjir atawa lalu lintas.

Rekayasa diwangun tina hasil panalungtikan pakaitna sistem alami jeung jieunan-manusa sarta diwangun oge tina persamaaan empiris keur kaperluan desain. Rekayasa sipil ngarupakeun rekayasa nu ilahar dipake dina widang rekayasa. Kanyataana, ngan aya dua rekayasa utama nyaeta sipil jeung militer. Sakabeh rekayasa husus mangrupa turunan tina rekayasa sipil. Rekayasa sipil ngarupakeun payung keur rekayasa-rekayasa husus sejenna.

Widang dina Téhnik Sipil[édit | sunting sumber]

Téhnik Sipil Umum[édit | sunting sumber]

Teknik sipil umum museurkeun kana sakabeh hal nu pakait jeung proyek sacara umum. Dina migawe hiji proyek, teknik sipil umum pakait jeung ahli survey sarta ahli sipil husus sejenna keur nyieun sarta nangtukeun tempat, komunitas sarta kaayaan nu hade, drainase (kontrol banjir), sistem ngalirkeun cai, runtah, listrik sarta kaperluan komunikasi jeung lahan. Teknik sipil umum loba meakeun waktu keur datang ka lokasi, ngawangun komunitas atawa hubungan ka tatangga sarta nyiapkeun rencana pangwangunan.

Rekayasa Struktur[édit | sunting sumber]

Rekayasa struktur museurkeun kana widang desain jembatan, wangunan, wangunan lepas pantai, waduk jst. Desain struktur sarta analisa struktur ngarupakeun bagean tina widang rekayasa struktur sarta ngarupakeun konci utama dina proses desain struktur. Kaasup oge itungan tekanan jeung beban nu mangaruhan kana struktur. Salian ti eta ahli struktur oge pakait jeung widang sejen saperti desain kapal udara, pesawat ruang angkasa sarta alat-alat kasehatan.

Rekayasa Geoteknik[édit | sunting sumber]

Widang nu ngadukung rekayasa struktur nyaeta rékayasa géotéhnik. Pentingna widang rekayasa geoteknik kusabab wangunan geus pasti pakait raket jeung taneuh. Rékayasa géotéhnik museurkeun kana panalungtikan sifat taneuh, mekanika taneuh, pondasi, pakaitna taneuh jeung struktur sarta dinamika taneuh.

Rekayasa Lalulintas[édit | sunting sumber]

Rekayasa lalulintas museurkeun kana teori antrian sarta perencanaan lalulintas, desain geometri jalan sarta pola paripolah supir. Simulasi operasi lalulintas dijieun ku make turunan "perjalanan", algoritma lalulintas nu bisa dipake keur masalah komputasi nu kaitung ruwet.

Téhnik Lingkungan[édit | sunting sumber]

Tehnik lingkungan pakait jeung pengolahan kimia, biologi atawa jeung limbah pasan, penjernihan cai jeung udara sarta jeung remediasi di tempat numana bakal dipake keur tempat pamiceunan. Widang nu pakait jeung teknik lingkungan diantarana water purification, sewage treatment, sarta manajemen hazardous waste. Teknik lingkungan oge pakait jeung hydrology, geohydrology sarta meteorology utamana pangaweruh cai jeung ngalirna diperlukeun keur ngarti kana "pollutant transport". Ahli teknik lingkungan oge nalungtik ngeunaan "pengurangan polusi", green engineering sarta industrial ecology.

Tehnik lingkungan oge ngarupakeun watersan anyar keur Sanitary engineering. Sababaraha watesan oge digunakeun saperti public health engineering jeung environmental health engineering.

Rekayasa Hidrolika[édit | sunting sumber]

Rekayasa hidrolika museurkeun kana aliran sarta ngalirna aliran, utamana aliran cai. Widang rekayasa ieu pakait raket keur jembatan, waduk, saluran cai, kanal, sarta tanggul oge pakait jeung rekayasa lingkungan jeung sanitary.

Manajemen Konstruksi[édit | sunting sumber]

Manajemen konstruksi kaasup rencana jeung mutuskeun desain keur ahli transportasi, planologi, hidrolika, lingkungan, struktur jeung geoteknik.

Elmu Material[édit | sunting sumber]

Rekayasa sipil ngawengku oge elmu material. Ahli material kasaaup beton, baja, polimer jeung keramik nu pakait jeung pamakena dina widang rekayasa.

Karir[édit | sunting sumber]

Kasalahan konsep nu ilahar nyaeta yen rekayasa sipil teu merlukeun kamampu nu cukup dina widang matematika jeung elmu komputer. Dina kanyataanna, ayeuna loba make elmu komputer keur migawe rekayasa sipil, numana struktur jeung analisa masalah merlukeun komputasi jeung ngawangun algortima tingkat luhur.

Ahli sipil nu digawe dina widang rekayasa kasalametan, make metoda probalilitas keur desain struktur, analisa kaamanan sarta ngitung karugian akibat bencana alam jeung jieunan manusa.

Tempo oge[édit | sunting sumber]