S. K. Trimurti

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
S. K. Trimurti
Menteri Perburuhan Indonésia ka-1
Masa jabatan
3 Juli 1947 – 29 Januari 1948
Présidén Soekarno
Perdana Mentri Amir Sjarifuddin
Katerangan lian
Gumelar 11 Mei 1912
Boyolali, Jawa Tengah
Pupus 20 Méi 2008 (yuswa 96)
Jakarta, DKI Jakarta
Pameget/istri Sayuti Melik
Murangkalih Moesafir Karma Boediman

Heru Baskoro

Soerastri Karma Trimoerti atawa leuwih dipikawanoh kalayan ngaran S. K. Trimurti (gumelar 11 Méi 1912 - pupus 20 Méi 2008) nyaéta penulis, wartawati, jeung guru anu ogé aktivis wanoja jaman pergerakan Indonésia ngalawan penjajahan Walanda nepi ka sanggeus kamerdékaan. Anjeunna tuluy jadi Menteri Perburuhan Indonésia nu ka-1 periode Perdana Menteri Amir Sjarifuddin.[1]

Kahirupan Awal[édit | édit sumber]

Trimurti gumelar di Désa Sawahan, Boyolali, Karésidénan Surakarta, Jawa Tengah, ti pasangan R. A. Saparinten jeung R. Ng. Salim Banjaransari Mangunkusumo anu boga pangkat salaku asistén wedana. Anjeunna masih kénéh boga hubungan jeung Karaton Kasunanan Surakarta. [1]

Kahirupan awal Trimurti kawilang berkecukupan ku sabab anjeunna hirup di lingkungan ménak. Anjeunna bisa ngalaman pendidikan di sakola Ongko Loro atawa Tweede Indlandsche School (TIS) anu satara jeung pendidikan dasar (SD). Dimimitian ku sakola di tingkat pendidikan dasar éta, Trimurti disadarkeun yén aya diskriminasi pendidikan di jaman éta.[2]

Sanggeus lulus ti TIS, Trimurti nurut ka kahayang bapana asup ka sakola guru putri atawa Meisjes Normaal School (MNS) salila opat taun. Sakola éta téh anu bakal ngahasilkeun calon-calon guru. Salulus ti TIS, anjeunna boga idin jang ngajar di Sekolah Latihan anu ditujukeun jang lulusan MNS anu anyar lulus jang magang jeung ngajar di dinya.[2]

Perjuangan Politik[édit | édit sumber]

Nalika asup ka yuswa rumaja, Trimurti kungsi singgah ka Banyumas. Singgahna Trimurti ka Banyumas éta nu jadi pamuka jalan jang anjeunna wanoh ka dunia organisasi jeung perjuangan. Di jaman éta, wanoja anu aub dina kagiatan politik jeung aktivisme téh masih kénéh kawilang tabu.[1]

Awal perjuangan nyata Trimurti di dunya politik téh dimimitian di taun 1933 basa anjeunna mutuskeun gabung jadi anggota Partindo, anu nyababkeun anjeunna kudu eureun ti pagawéannana salaku guru. Trimurti yakin yén liwat politik anjeunna bisa meunangkeun cara sangkan ngabébaskeun rakyat Indonesia ti penjajahan.[3]

Sajalan jeung éta, Partindo salaku partai anu boga tujuan jang ngawujudkeun kamerdékaan Indonésia, ngajadikeun surat kabar jang ngalegakeun pangaruhna, nyaéta surat kabar Fikiran Rakyat jeung Suluh Indonesia Muda. Dua surat kabar éta anu jadi fase mimiti Soekarno ngarojong Trimurti sangkan ngamimitian nulis di surat kabar harian Fikiran Rakyat anu sacara umum eusi tulisannana miboga haluan radikal, nasionalis, anti-kolonialismé, jeung anti-imperialisme.[3]

Tulisan-tulisan anu dijieun ku Trimurti di surat kabar Fikiran Rakyat nimbulkeun rasa kareueus anu tuluy nganteurkeun Trimurti jang neruskeun tulisan-tulisanna ka penerbit-penerbit nu séjén, sapertos Berjuang Surabaya, Majalah Bedug, jeung Terompét Sala.[3]

Salian ti Partindo, Trimurti ogé aktif dina organisasi jieunan Jepang nyaéta Jawa Hokokai jeung Fujinkai.

Perjuangan Hak Kaum Buruh Wanoja[édit | édit sumber]

Kaayaan buruh wanoja anu pikawatireun salila jaman penjajahan asing malah nepi ka sanggeus Indonésia merdeka jadi salah sahiji perhatian Trimurti. Anjeunna getol merjuangkeun hak-hak anu geus kuduna ditarima ku buruh wanoja. Tahun 1945, dijieun organisasi buruh wanoja nyaéta Barisan Buruh Wanita (BBW) nu mana Trimurti boga peran salaku ketuana. Trimurti ngayakeun latihan kader BBW sangkan ngabina buruh-buruh wanoja di jaman éta.[2]

Menteri Perburuhan Républik Indonésia[édit | édit sumber]

Nalika Perdana Menteri Amir Sjarifuddin ngabentuk kabinétna, Trimurti dipilih jadi Menteri Perburuhan anu pang mimitina ku sabab anjeunna miboga kompeténsi nu mumpuni jang ngurus masalah-masalah perburuhan di Indonésia. Masa jabatan menteri éta téh bener-bener dipaké jang ngupayakeun kasejahteraan kaum buruh. Salah sahiji produk hukum anu dihasilkeun tina periode jabatan menteri Trimurti nyaéta Undang-Undang Kerja No.12 anu disahkeun taun 1948, anu eusina ngatur sagala pamohalan ngeunaan buruh jeung utamana buruh wanoja.[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c "Mengenang SK Trimurti, Wanita Pejuang Kemerdekaan Pers". Artikel. 2017-02-09. https://kumparan.com/kumparannews/mengenang-sk-trimurti-wanita-pejuang-kemerdekaan-pers/full 
  2. a b c d Indraswari, Giana; Yulifar, Leli (2018). "Surastri Karma Trimurti: Menggugat Hak-Hak Kaum Buruh Perempuan Indonesia tahun 1945-1954". FACTUM: Jurnal Sejarah dan Pendidikan Sejarah. https://ejournal.upi.edu/index.php/factum/article/view/11928/7183.  Archived 2023-03-25 di Wayback Machine
  3. a b c Nursadeli, Intri; Purnomo, Budi; Indrayani, Nelly (2022). "Pemikiran S. K. Trimurti 1933-1957 sebagai Sumber Belajar Sejarah". Jurnal Pendidikan Sejarah & Sejarah FKIP Universitas Jambi. https://online-journal.unja.ac.id/krinok/article/download/19319/13751.