Sapédah

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sapédah balap jaman kiwari dijieun tina solobong alumunium nu hampang jeung sadel/jok sarta garpuh serat karbon. Setangna tungkul sarta banna dirancang ipis sangkan éfisién jeung aérodinamis.

Sapédah téh tutumpakan manusa nu diboséh nu gilindingna aya dua, hiji di hareup jeung hiji di tukang. Sapédah mimiti dipikawanoh di Éropah, dina abad ka-19. Kiwari aya kira samilyar sapédah, dipaké pikeun alat angkutan, olahraga, jeung pelesir/hiburan. Bentuk jeung konfigurasi dasar sapédah kiwari aya robahna ti bentuk munggaran nu dijieun kira taun 1885[1]. Sapédah kiwari mah unak-anikna leuwih loba, utamana ku beuki mekarna bahan modéren jeung rancangan anu dibantu komputer.

Rujukan [édit]

  1. Herlihy, David V.. Bicycle: the history, 200-250, Yale University Press. ISBN 0-300-10418-9.

Tumbu kaluar [édit]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca



Nulis.jpg