Sisir
Sisir nya èta alat jang ngarapihkeun atawa ngatur buuk, dijieunna tina tanduk, palastik atawa logam anu miboga gerigi ipis jeung rapet[1].
Daptar eusi |
Rupa-Rupa Sisir [édit]
Teu sakabèh jelema nyaho yèn bisa milih sisir dumasar kana modèl buuk, panjang pondokna buuk, atawa efek tatanan anu dipikahayang[2].dihandap ieu aya sababaraha rupa sisir, diantarana[2]:
Tooth Comb [édit]
Sisir jenis ieu paling loba dipakè, wangunna lempeng ipis ditambah gerigi anu ngabalukarkeun leuwih praktis jang dibabawa[2]. Dumasar kana karapetan gerigina, sisir ieu dibagi deui jadi sisir bergerigi rapet jeung sisir bergerigi jarang[2]. Leuwih rapet sisirna mangka lamun buukna rontok leuwih katingali komo lamun buukna kusut tapi hasilna bakal leuwih rapih[2]. Kusabab kitu pilih sisir anu bergerigi jarang jang buuk anu keriting atawa masih baseuh kusabab buuk baseuh biasana leuwih babari rontok[2]. Pilih sisir anu bergerigi rapet jang buuk anu lempeng jeung pondok[2]. Èfekna buuk bakal katingali leuwih mekar[2].
Tail Comb [édit]
Fungsina jang menyasak buuk[2]. Kusabab kitu, sisir ieu sering disebut sisir sasak[2]. Miboga gerigi anu rapet di satengahna, sedengkeun satengahna deui teu bergerigi jiga buntut sisir[2]. Buntut sisir ieu miboga fungsi jang misahkeun bagèan buuk atawa nyieun beulahan buuk jang diuntun, digalingkeun, atawa modèl sèjènna[2]. Jarak antara gerigi anu rapet ngababarikeun nyasak buuk samèmèh disanggul[2].
The Pick [édit]
Dipikawanoh ogè salaku sisir garpuh kusabab wangunna jiga garpuh dahar[2]. Wangunna anu ngababarikeun jang dicekelan jeung unik loba nu mikaresep[2]. Sisir ieu cocok dipakè jang anu buukna galing kusabab bisa misahkeun buuk ikal jeung galing anu hèsè dipisahkeun[2]. Lian ti èta sisir ieu ogè bisa negeskeun gelombang buuk.
Paddle Hair Brush [édit]
Sikat rambut ieu disebut ogè sisir dayung[2]. Sisir ieu miboga dasar anu mangrupa bantalan karèt anu lega jeung rata[2]. Cocok dipakè jang buuk anu lempeng kusabab nyieun buuk jadi katingali leuwih lurus jeung rapih[2].
Round Hair Brush [édit]
Sisir buleud atawa sikat buleud ieu bisa nyieun buuk jadi leuwih katingali gomplok ikal jeung bergelombang[2]. Lamun diameter buleudanana leutik jeung miboga gerigi anu panjang , hasil keritinganana leuwih laleutik pas jang anu buukna pondok jeung hayang ngabentuk efek galing supaya katingali leuwih rapih[2]. Lamun makè anu diameterna gedè, hasil buukna bergelombang[2]. Cocok dipakè jang anu boga buuk panjang jeung hayang galing muntang[2].
Vent Hair Brush [édit]
Sisir ieu miboga liang di bagèan tengahna[2]. Liang ieu miboga fungsi jang sirkulasi hawa jeung ngagancangkeun prosès pikeun ngagaringkeun buuk[2].Sikat ieu biasa dipakè nalika prosès ngagaringkeun buuk makè hair dryer[2]. Umumna wangunna buleud nepi ka sikat ieu miboga fungsi tambahan jang nambahan volume buuk[2].
Referensi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |