Vincent van Gogh
Vincent Willem van Gogh (30 Maret 1853 – 29 Juli 1890) nya éta pelukis pasca-impresionis Belanda.[1] Lukisan-lukisan jeung gambar-gambarna kaasup karya seni anu pang alusna, paling terkenal, jeung paling awis di dunia.[1] Van Gogh dianggap sabagé salah saurang palukis terkenal dina sajarah seni Eropa.[1]
Biografi [édit]
Vincent van Gogh gumelar 30 Maret 1853, di Zundert, Belanda.[2] Anjeunna mimiti ngawitan ngagambar serius dina taun 1880.[2] Gayana ngagambarna ngaronjat robah salila karir singket artistikna, jeung anjeunna miboga panyawat mental.[2] Anjeunna maot miskin bunuh diri kaping 29 Juli 1890 di Perancis, tapi ayeuna Van Gogh dianggap sabagé salah sahiji palukis Belanda anu kasohor.[2]
Vincent Van gogh difonis miboga panyawat epilepsi anu cukup parah. Van Gogh ogé pernah ngeureut ceulina sorangan.[2]
Dina ahir hirupna, anjeunna ngarasa yén manéhna jadi gélo anu ahirna méakkeun sésa hirup di R.S. Jiwa Saint Paul-de-Mausole di Saint-Rémy-de-Provence, Perancis.[2] Di R.S. Jiwa Saint Paul-de-Mausole, anjeunna tetep ngalukis.[2]
De aardappeleters, The Potato Eaters, atawa Pemakan Kentang nya éta salah sahiji lukisan karya Vincent van Gogh anu terkenal. Lukisan ieu dilukis bulan April 1885 di Nuenen, Belanda anu ayeuna ieu lukisan disimpen di Van Gogh Museum di Amsterdam.
Lukisan [édit]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |