Lompat ke isi

Éléktroforésis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas


Éléktroforésis nyaéta gerak barang nu boga muatan listrik alatan pangaruh médan listrik. Sacara téoritis gerak ieu téh balukar ayana gaya Lorentz nu patali jeung paripatan listrik dasar nu dipimilik ku barang nu keur diulik jeung kaayaan listrik ambien nu luyu jeung rumus di handap.

.

Di mana F = gaya Lorentz, q muatan nu dikandung ku barangna, jeung E médan listrik[1]:

Éléktroforésis gél agarosa mangrupa salah sahiji téhnik biologi molekular baku pikeun misahkeun asam nukléat jeung protéin dumasar ukuranana. Sampel DNA, RNA atawa protéin diasupkeun kana gél husus nu dikeueum dina médan listrik. Fragmén asam nukléat atawa protéin nu muatanana négatif kabetot ku éléktroda positif sedengkeun nu muatanana positif kabetot ku éléktroda négatif. Fragmén-fragmén molekul nu ukuranana paling leutik atawa muatanana paling "badag" pindah panggancangna/pangjauhna. Pita-pita (biasana diwarnaan ku étidium bromida atawa métilén bulao) nu marisah nunjukkeun ukuran fragmén nu béda ukuran/muatanana[2].

Dina widang élmu koloid, éléktroforésis téh dipaké pikeun ngukur muatan listrik partikel nu aya dina hiji cairan suspénsi. Ku ngasupkeun médan listrik nu tangtu, partikel bakal usik kalawan laju nu tangtu (), mobilitas éléktroforétikna bakal bisa diitung:

.

Mobilitas ieu gumantung kana pasipatan partikel (misalna dénsitas muatan permukaan jeung ukuran) katut leyuranana (misalna kakuatan ionik, permitivitas listrik, jeung pH). Pikeun nu kakuatan ionikna luhur, ékprésina bisa dideukeutan ku kasaruaan Smoluchowski,

,

di mana mangrupa konstanta diéléktrik cairanana, permitivitas ruang bébas, viskositas cairanana, jeung salaku tegangan zeta (tegangan permukaan) partikelna.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. John R. Taylor, Chris D. Zafiratos, and Michael A. Dubson, "Modern Physics for Scientists and Engineers," Prentice Hall, Upper Saddle River, 2004.
  2. http://gslc.genetics.utah.edu/units/activities/electrophoresis/ Archived 2005-10-30 di Wayback Machine
  3. W.B. Russel, D.A. Saville, and W.R. Schowalter, "Colloidal Dispersions," Cambridge University Press, Cambridge UK, 1989.