Actans

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Actans ( actum, Latin) nyaéta hal anu dilaksanakeun atawa galaksanakeun hiji hal, dina harti anu leuwih lega aya nu nyebut ogé aktor jeung palaku. Dina tiori kontemporer duanana dibédakeun kieu, actans jadi leuwih aktif jeung kajadian poé éta keneh ( actual ), nepi ka ngabogaan kasajajaran jeung agent. Umumna dimupakatan yén konsep actans, jeung mere makna anyar, dina hubungan ieu ngadumaniskeun model paradigmatik Levi- Strauss jeung sintagmatik Prov. Ieu tiori digunakeun keur ngajéntrékeun struktur naratologi, nyaéta studi ngenaan kumaha pangarang nyiptakeun carita bari jeung kasulitan tokoh atawa panokohanana, boh dongéng boh mitos atawa novel jeung sagala rupa wangung fiksi séjénna. Dina hubungan ieu actans raket patalina jeung aksi sakumahana nu dimaksudkeun ku Aristoteles terus ogé digunakeun dina alam tiori kontemporer.

Luxemburg dkk. ( 1984: 154 ) ngajéntrékeun actans mangrupa salaku peran-peran abstrak dilakukeun ku para tokohna. Ku kituna, actans salian ti mangrupa tokoh jalma dina rupa fisik, ogé nonfisik, nonhuman. Ku kituna, Actans teu sarua jeung palaku, hiji pakarang, saurang budak léutik bisa nganbantuan saurang pajuang dinan medan perang, Greimas nepikeun genep unsur actans , sahingga ngabnetuk tilu pasangan anu patukang tonggong jeung ani di sebut 'tata bahasa' naratif nyaéta: sujet ( subjek, pajuang ) dan objet ( objek, tujuan ), destinateur ( dibere kakuasaan, anugrah ) jeung destinataire ( jalma anu dibere anugrah ), adjuvant (pembantu ), jeung apposant ( pengalang ). Nurutkeun Culler ( ibid.), hiji kalimat tunggal jeung hiji plot ngandung genep unsur anu disebutkeun tadi di luhur .[1] ( Baca ogé Agent ; aksi;karakterologi;panokohan;tokoh)

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. dr. nyoman kutha ratna, S.U, Prof ( Em ) (2018). Ensiklopedia 2000 Entri istilah biografi, Kanya , Metode dan Teori sastra. Yogyakarta: Pustaka pelajar. ISBN 978-602-229-743-7.