Lompat ke isi

Ahmad Khatib al-Minangkabawi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Ahmad Khatib Al-Minangkabawi (26 Juni 1860 – 9 Oktober 1915) mangrupikeun ulama anu kasohor asal Minangkabau, Indonesia. Anjeunna dipikawanoh minangka Imam Agung Masjidilharam sarta guru para tokoh reformis Islam di Indonesia, saperti Ahmad Dahlan (pangadeg Muhammadiyah), Hasyim Asy’ari (pangadeg Nahdlatul Ulama), sareng Sulaiman Ar-Rasuli (pangadeg PERTI).

Kahirupan awal

[édit | édit sumber]

Ngaran lengkepna nyaéta Ahmad Khatib bin Abdul Latif bin Abdullah bin Abdul Aziz al-Minangkabawi al-Jawi al-Makki asy-Syafi'i al-Asy'ari. Anjeunna dilahirkeun di Koto Tuo, Sumatera Barat, dina poe Senén, 6 Dzulhijjah 1276 H (26 Juni 1860 M). Abdullah, akina atanapi numutkeun sawatara sumber buyutna Ahmad Khatib, mangrupakeun saurang ulama anu kasohor di éta wewengkon. Warga Koto Tuo ngangkat Abdullah janten imam ogé khatib.

Pangatikan

[édit | édit sumber]

Waktu masih cicing di lembur tempat kalahiranana, Ahmad leutik sempet ngalaman pendidikan formal, nya éta sakola dasar teras neruskeun ka Sakola Guru atawa Kweekschool, nu ditamatkeun taun 1871 M. Salian ti diajar di Kweekschool, Ahmad leutik ogé ngapalkeun dasar-dasar élmu ageman (mabadi’) ti bapana, Abdul Lathif, kaasup diajar maca jeung ngapalkeun Al-Qur'an.

Dina taun 1287 H, Abdul Lathif ngajak Ahmad leutik ka Makkah pikeun ngalaksanakeun ibadah haji. Sanggeus rangkéan ibadah haji réngsé, Abdul Lathif balik deui ka Sumatera Barat, sedengkeun Ahmad tetep di Makkah pikeun neruskeun ngapalkeun Al-Qur'an jeung ngulik élmu ageman ti para ulama anu ngajarkeun di Masjidilharam.

Salila di Makkah, Ahmad leutik diajar ka sababaraha ulama kawentar, sapertos Umar bin Muhammad bin Mahmud Syatha al-Makki asy-Syafi’i, Utsman bin Muhammad Syatha al-Makki asy-Syafi’i, jeung Bakri bin Muhammad Zainul ‘Abidin Syatha Ad Dimyathi Al Makki Asy Syafi’i. Salian ti éta, Ensiklopedi Ulama Nusantara jeung Cahaya dan Perajut Persatuan ogé nyebutkeun yén anjeunna berguru ka:

  1. Ahmad bin Zaini Dahlan, mufti Syafi’i di Makkah,
  2. Yahya Al Qalyubi, jeung
  3. Muhammad Shalih al-Kurdi.

Salian ngulik élmu ageman, Ahmad Khatib ogé diajar rupa-rupa élmu séjénna, sapertos matematika, fisika, jeung basa Inggris salila cicing di Makkah.

Nalika kawin

[édit | édit sumber]

Di Makkah, Ahmad Khatib sering nganjang ka toko buku milik hiji lalaki nu ngaranna Shalih al-Kurdi. Shalih karasa katarik ka anjeunna, teras ngajodohkeun ka putrina nu ngaranna Khadijah, nurutkeun Hamka dina Tafsir Al-Azhar. Tina pernikahan eta, Ahmad Khatib boga hiji putra nu ngaranna Abdul Karim (1300-1357 H). Nanging, pernikahan maranéhna teu lila sabab Khadijah maot teu lami sanggeusna.

Sanggeus eta, Shalih, bapa mertua Ahmad Khatib, nyuhunkeun supaya anjeunna nikah jeung putrina nu séjén, Fathimah, anu téh adi kandung Khadijah. Tina pernikahan jeung Fathimah, Ahmad Khatib boga sababaraha anak, di antarana:

  • ‘Abdul Malik, anu engké jadi ketua redaksi koran Al-Qiblah jeung mibanda jabatan luhur di al-Hasyimiyyah (Yordania).
  • ‘Abdul Hamid, saurang ulama ahli adab jeung penyair kawentar anu kungsi ngajar di Masjid Al-Haram jeung jadi duta besar Saudi keur Pakistan. Anjeunna ogé panulis Tafsir Al-Khatib Al-Makki jeung Sirah Sayyid Walad Adam shallallahu ‘alaihi wa sallam, sarta al-Imam al-Adil.

Ahmad Khatib dipikawanoh minangka saurang bapa anu hadé jeung religius. Anjeunna ngajar pendidikan Al-Qur'an jeung elmu-ilmu ka-Islaman ka putra-putranya, sarta mewariskeun elmu pengetahuanana ka maranéhna.

Jadi imam besar Masjidilharam

[édit | édit sumber]

Aya dua versi anu béda ngeunaan alesan pangangkatan Ahmad Khatib jadi Imam jeung khatib utama di Masjidilharam. Numutkeun Umar ‘Abdul Jabbar, jabatan éta dipasihkeun ka Syaikhul Ahmad Khatib Rahimahullah kusabab pamundut Shalih al-Kurdi, mertua na, ka Syarif Aunur Rafiq supaya ngangkat Ahmad Khatib jadi imam sakaligus khatib. Versi séjén, anu dicatet ku Hamka dina Ayahku, Riwayat Hidup Dr. Abdul Karim Amrullah jeung Perjuangan Kaum Agama di Sumatra, nyaritakeun yén hiji waktu Ahmad Khatib nuturkeun salat berjamaah anu dipimpin ku Syarif Aunur Rafiq. Waktu salat keur lumangsung, aya kasalahan dina bacaan Rafiq anu terus dibenerkeun ku Ahmad Khatib. Sanggeus salat réngsé, Rafiq naros saha anu ngabenerkeun bacaan éta, lajeng anjeunna dibéjaan yén anu ngabenerkeun éta téh Ahmad Khatib, menantu tina sahabatna, Shalih. Ahirna, Syarif Aunur Rafiq ngangkat Ahmad Khatib jadi Imam Besar di Masjidilharam.

Pamikiran

[édit | édit sumber]

Meskipun Ahmad Khatib merupakan seorang Muslim Sunni ortodoks, ia berusaha untuk menyatukan sistem matrilineal di Minangkabau dengan hukum waris yang diajarkan dalam Al-Qur'an. Melalui para murid Minangkabau yang belajar di Makkah dan yang ia ajar di Indonesia, ia mendorong perubahan dalam budaya Minangkabau dengan mengacu pada Al-Qur'an dan Sunnah.

Murid-muridna

[édit | édit sumber]

Murid-murid Khatib umumna diajarkeun fiqih Syafi'i. Seuseueurna ti maranehna engké jadi ulama-ulama gedé di Indonesia, saperti Abdul Karim Amrullah (Haji Rasul), bapa ti Hamka; Syaikh Muhammad Jamil Jambek ti Bukittinggi; Syaikh Sulaiman Ar-Rasuli, Muhammad Jamil Jaho, Syaikh Abbas Qadhi, Syaikh Abbas Abdullah, Syaikh Khatib Ali, Syaikh Ibrahim Musa, Musthafa Husein al-Mandili, jeung Syaikh Hasan Maksum. Dua muridna anu paling kasohor téh Hasyim Asy'ari jeung Ahmad Dahlan, anu masing-masing ngadegkeun organisasi Islam panggedéna di Indonesia, Nahdlatul Ulama (NU) jeung Muhammadiyah.

Dina basa Arab:

  • Hasyiyah An Nafahat ‘ala Syarhil Waraqat lil Mahalli
  • Al-Jawahirun Naqiyyah fil A’malil Jaibiyyah
  • Ad Da’il Masmu’ ‘ala Man Yuwarritsul Ikhwah wa Auladil Akhwan Ma’a Wujudil Ushul wal Furu’
  • Raudhatul Hussab
  • Mu’inul Jaiz fi Tahqiq Ma’nal Jaiz
  • As Suyuf wal Khanajir ‘ala Riqab Man Yad’u lil Kafir
  • Al Qaulul Mufid ‘ala Mathla’is Sa’id
  • An Natijah Al Mardhiyyah fi Tahqiqis Sanah Asy Syamsiyyah wal Qamariyyah
  • Ad Durratul Bahiyyah fi Kaifiyah Zakati Azd Dzurratil Habasyiyyah
  • Fathul Khabir fi Basmalatit Tafsir
  • Al ‘Umad fi Man’il Qashr fi Masafah Jiddah
  • Kasyfur Ran fi Hukmi Wadh’il Yad Ma’a Tathawuliz Zaman
  • Hallul ‘Uqdah fi Tashhihil ‘Umdah
  • Izhhar Zaghalil Kadzibin fi Tasyabbuhihim bish Shadiqin
  • Kasyful ‘Ain fi Istiqlal Kulli Man Qawal Jabhah wal ‘Ain
  • As Saifu Al Battar fi Mahq Kalimati Ba’dhil Aghrar
  • Al Mawa’izh Al Hasanah Liman Yarghab minal ‘Amal Ahsanah
  • Raf’ul Ilbas ‘an Hukmil Anwat Al Muta’amil Biha Bainan Nas
  • Iqna’un Nufus bi Ilhaqil Anwat bi ‘Amalatil Fulus
  • Tanbihul Ghafil bi Suluk Thariqatil Awail fima Yata’allaq bi Thariqah An Naqsyabandiyyah
  • Al Qaulul Mushaddaq bi Ilhaqil Walad bil Muthlaq
  • Tanbihul Anam fir Radd ‘ala Risalah Kaffil ‘Awwam,
  • Hasyiyah Fathul Jawwad
  • Fatawa Al Khathib ‘ala Ma Warada ‘Alaih minal Asilah
  • Al Qaulul Hashif fi Tarjamah Ahmad Khathib bin ‘Abdil Lathif

Dina basa Indonésia:

  • Mu’allimul Hussab fi ‘Ilmil Hisab
  • Ar Riyadh Al Wardiyyah fi Ushulit Tauhid wa Al Fiqh Asy Syafi’i
  • Al Manhajul Masyru’ fil Mawarits
  • Dhaus Siraj Pada Menyatakan Cerita Isra’ dan Mi’raj
  • Shulhul Jama’attain fi Jawaz Ta’addudil Jumu’attain
  • Al Jawahir Al Faridah fil Ajwibah Al Mufidah
  • Fathul Mubin Liman Salaka Thariqil Washilin
  • Al Aqwal Al Wadhihat fi Hukm Man ‘Alaih Qadhaish Shalawat
  • Husnud Difa’ fin Nahy ‘anil Ibtida’
  • Ash Sharim Al Mufri li Wasawis Kulli Kadzib Muftari
  • Maslakur Raghibin fi Thariqah Sayyidil Mursalin
  • Izhhar Zughalil Kadzibin
  • Al Ayat Al Bayyinat fi Raf’il Khurafat
  • Al Jawi fin Nahw
  • Sulamun Nahw
  • Al Khuthathul Mardhiyyah fi Hukm Talaffuzh bin Niyyah
  • Asy Syumus Al Lami’ah fir Rad ‘ala Ahlil Maratib As Sab’ah
  • Sallul Hussam li Qath’i Thuruf Tanbihil Anam
  • Al Bahjah fil A’malil Jaibiyyah
  • Irsyadul Hayara fi Izalah Syubahin Nashara
  • Fatawa Al Khathib