Lompat ke isi

Amarah

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ilustrasi éksprési luar jalma nu nuju amarah.

Amarah, asalna tina kecap ambek (basa Inggris: wrath, anger; basa Latin: Ira), mangrupa émosi fisik nu nyebabkeun di antarana, ngaronjatna keteg/denyut jantung, tekenan getih, sarta tingkat adrénalin jeung noradrénalin.[1] Rasa ambek jadi hiji parasaan nu ngawasa sacara kalakuan, kognitif, atawa fisiologi nalika hiji jalma nyieun pilihan sadar pikeun nyokot tindakan anu tujuanna pikeun ngeureunkeun sacara langsung ancaman ti pihak luar.[2]

Aspék Psikologi

[édit | édit sumber]

Éksprési luar tina amarah bisa kapanggih dina raut wajah, basa awak, réspon psikologi, sarta sakapeung agrési umum.[3] Manusa jeung sato lianna contona bisa ngaluarkeun sora tarik, usaha sangkan kasampak fisikna leuwih badag, nembongkeun sihung, atawa molotot.[4] Ambek nyaéta pola kabiasaan nu geus dirancang pikeun ngingetkeun nu ngaganggu sangkan eureun tina kabiasaan ngancam maranéhna. Kontak fisik langka kajadian tanpa ayana éksprési kaambek ti salah sahiji pamilon.[4] Sanajan lolobana palaku ngajelaskeun yén rasa ambek aya sabab "naon nu geus kajadian ka maranéhna", ahli psikologi nembongkeun yén jalma nu ngambek bisa waé salah, sabab amarah ngabalukarkeun kaleungitan kamampuh pangawasan diri jeung pangajén obyéktif.[5]

Para ahli psikologi modern neuteup amarah siga hiji émosi primér, alami, sarta asak nu dialaman ku sakabéh manusa dina hiji waktu, jeung mangrupa hiji hal nu ngabogaan ajén fungsional pikeun kalangsungan hirup. Amarah bisa ngeprak kamampuh psikologis pikeun tindakan koréktif. Tapi amarah nu teu kakandali bisa mangaruhan négatif kana kualitas hirup pribadi jeung sosial.[5][6]

Filsapat

[édit | édit sumber]

Sanajan loba filsuf jeung nu nulis nu geus ngingetkeun ngeunaan amarah nu spontan jeung teu kakandali, aya kateumupakatan ngeunaan ajén intrinsik tina amarah.[7] Nungkulan kaambek geus jadi bahan tulisan ti mimiti para filsuf awal nepi ka ayeuna. Ahli psikologi modérn, kontras jeung para nu nulis awal, ogé geus nembongkeun dampak buruk akibat neken rasa ambek. Pintonan amarah ogé geus digunakeun salaku hiji stratégis manipulasi pikeun pangaruh sosial.[8][9]

  • "Amarah téh mangrupikeun kahayang pikeun males kanyeri, tapi saenyana mah éta téh panyakit jiwa anu matak ngaruksak jalma anu ngarasakeunana." (Seneca, De Ira)
  • "Saha waé bisa ambek, éta mah gampang. Tapi ambek ka jalma anu bener, dina tingkat anu bener, dina waktu anu bener, pikeun tujuan anu bener, sarta ku cara anu bener, éta henteu gampang." (Aristoteles, Nicomachean Ethics)
  • "Nahan amarah téh ibarat nyekel ruhak panas kalayan niat rék malédogkeunana ka batur; manéh sorangan anu bakal kaduruk." (Dhammapada, paribasa nu sering dikaitkeun jeung ajaran Buddha)

Aspék Agama

[édit | édit sumber]
  • "Sareng jalma-jalma anu nahan amarahna sarta ngahampura (kasalahan) jalma séjén. Gusti Allah mikacinta ka jalma-jalma anu midamel kasaéan." (QS. Ali Imran: 134)
  • "Lain disebut jalma kuat ku sabab jago gelut, tapi jalma kuat nyaéta jalma anu sanggup nahan dirina nalika keur amarah." (HR. Bukhari & Muslim)
  • "Saenyana amarah téh asalna ti sétan, sarta sétan dijieun tina seuneu. Seuneu ngan bisa dipareuman ku cai. Ku kituna, lamun salah saurang di antara maraneh ngarasa ambek, gera wudu." (HR. Abu Daud)

Aspék Kaséhatan

[édit | édit sumber]

Nalika hiji jalma ngarasa ambek, sistem saraf simpatik bakal ngaktipkeun réspon fight-or-flight, anu ngabalukarkeun naékna kadar hormon strés adrénalin jeung kortisol [10].

Salian ti éta, amarah anu teu kakandali ogé gaduh hubungan anu rapet jeung naékna tekanan darah atawa hiperténsi [11]. Tina sisi neurologis, amarah anu sering teuing bisa ngaganggu fungsi prefrontal cortex dina otak [12].

Dina jangka panjang, jalma anu miboga sipat agrésif boga résiko leuwih luhur kakeunaan gangguan méntal sarta nurunkeun sistem kakebalan awak [13].

Referensi

[édit | édit sumber]
  1. "Definition of Anger". MedicineNet (Dina basa Inggris). Diaksés tanggal 2019-02-16. Archived 2014-01-23 di Wayback Machine
  2. Raymond DiGiuseppe, Raymond Chip Tafrate, Understanding Anger Disorders, Oxford University Press, 2006, pp.133-159.
  3. Michael Kent, Anger, The Oxford Dictionary of Sports Science & Medicine, Oxford University Press, ISBN 0-19-262845-3
  4. 1 2 Primate Ethology, 1967, Desmond Morris (Ed.). Weidenfeld & Nicolson Publishers: London, p.55
  5. 1 2 Raymond W. Novaco, Anger, Encyclopedia of Psychology, Oxford University Press, 2000
  6. John W. Fiero, Anger, Ethics, Revised Edition, Vol 1
  7. Simon Kemp, K.T. Strongman, Anger theory and management: A historical analysis, The American Journal of Psychology, Vol. 108, No. 3. (Autumn, 1995), pp. 397-417
  8. Sutton, R. I. Maintaining norms about expressed emotions: The case of bill collectors, Administrative Science Quarterly, 1991, 36:245-268
  9. Hochschild, AR, The managed heart: Commercialization of human feeling, University of California Press, 1983
  10. Mayo Clinic. (2025). "Anger management: 10 tips to tame your temper". Mayo Foundation for Medical Education and Research.
  11. Harvard Health Publishing. (2024). "Anger and your heart: How to lower the risk". Harvard Medical School.
  12. American Psychological Association (APA). (2023). "Strategies for controlling your anger: Keeping anger from harming your health". APA Journal of Health Psychology.
  13. Ghiasvand, F., dkk. (2022). "The relationship between anger management and general health in adults". Journal of Medicine and Life.

    Rujukan

    [édit | édit sumber]