Lompat ke isi

Anémia

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Anemia)
Tanda-tanda anémia

Anémia mindeng disebut minangka panyakit kurang getih.[1] Anémia nyaéta kaayaan di mana jumlah sél getih beureum atawa jumlah hémoglobin (protéin nu mawa oksigen) dina sél getih beureum aya di handapeun normal.[2] Atawa bisa disebut ogé kurangna jumlah éritrosit dina getih.[3] Panyababna bisa rupa-rupa, saperti kakurangan hemoglobin dina éritrosit, kakurangan eritrosit dina getih, sarta kakurangan volume getih dina volume normal.[1] Kakurangan getih ieu bisa nyababkeun kamampuan getih nalian oksigén jadi handap.[1]

Anémia jeung Malaria

[édit | édit sumber]

Salah sahiji panyakit anu umum dikaitkeun jeung anémia nyaéta panyakit éndémik malaria. Inféksi Plasmodium falciparum anu umumna kajadian di daérah éndémik Malaria, lobana ngajangkit barudak yuswa sakola.[4]

Tanda-tanda

[édit | édit sumber]

Tanda-tanda anu disababkeun ku kiriman oksigén anu henteu nyumponan kaperluan ieu téh rupa-rupa pisan.[2] Anémia bisa ngabalukarkeun kacapéan, jadi leuleus, kurang tanaga sarta sirah ngarasa ngalayang.[2] Lamun anémia beuki beurat mangka bisa ngabalukarkeun stroke sarta panarajang jantung.[2]

Panyabab

[édit | édit sumber]

Panyabab utama panyakit anémia, di antarana défisiénsi nutrisi, panyakit sél darah beureum turunan, inféksi (saperti malaria, skistosomiasis, jeung cacing tambang) jeung inflamasi, jeung kondisi sajabana nu ngabalukarkeun produksi éritrosit anu teu nyukupan, pangrusakan sél getih beureum anu ngaronjat, atawa kakurangan getih.[5]

Cara Nyegah

[édit | édit sumber]

Usaha nyegah panyakit anu dianjurkeun ku WHO[5], di antarana:

Suplementasi

[édit | édit sumber]

Istilah ieu ngarujuk kana usaha méré suplemen zat beusi ti saprak orok dina jero kandungan saméméh 37 minggu, sarta utamana orok anu beurat lahirna kurang. Suplementasi ieu dituluykeun jang umur genep bulan nepi ka 12 taun. Sanajan kitu, anjuran ieu ditujukeun pikeun ningkatkeun konséntrasi hémoglobin jeung zat beusi, lain jang nyegah anémia ku sabab can aya panalungtikan anu nunjukkeun yén suplementasi zat beusi téh méré dampak anu signifikan jang pencegahan anémia di kelompok umur ieu.[5]

Salian ti orok jeung barudak, suplementasi ogé dianjurkeun jang wanoja nu keur reuneuh jeung rumaja awéwé. Suplementasi ieu ogé difokuskeun di wilayah éndemik malaria, nu mana leuwih rawan kasus inféksi Plasmodium falciparum. [5]

Fortifikasi Kadaharan Poko

[édit | édit sumber]
Tipung Gandum
[édit | édit sumber]

WHO nganjurkeun usaha fortifikasi tipung gandum, nyaéta panambahan vitamin atawa mineral nu séjén, pikeun salah sahiji strategi jang ningkatkeun konséntrasi hémoglobin jeung zat beusi sangkan nyegah anémia jeung kakurangan zat beusi. Hasil panalungtikan nunjukeun yén fortifikasi tipung gandum bisa nurunkeun résiko anémia nepi ka 27% antara kalangan populasi umum di luhur umur 2 taun.[5]

Tipung Jagong atawa Maizéna
[édit | édit sumber]

WHO méré katerangan yén aya pangaruh positif anu ditimbulkeun tina ngamangpaatkeun kadaharan poko anu difortifikasi jang status nutrisi sacara umum. Tipung jagong kaasup salah sahiji bahan kadaharan poko anu bisa difortifikasi sangkan jadi solusi pencegahan kakurangan zat beusi. [5]

Fortifikasi béas ngagunakeun zat beusi jeung vitamin A bisa ningkatkeun kandungan zat beusi di kalangan masarakat anu kadaharan pokona béas. Sanajan kitu, bukti yén aya pangaruh langsung tina konsumsi béas jang hémoglobin jeung anémia masih kurang kénéh. Tapi ku kituna, béas anu difortifikasi jeung zat beusi wungkul waé bisa ngurangan résiko anémia nepi ka 28%.

Cara Ngubaran

[édit | édit sumber]
  1. Anémia kakurangan zat beusi.[2] Rupa anémia ieu bisa diubaran jeung suplemén zat beusi.[2] Anu meureun jalama nu ngalaman anémia ieu kudu nginum salila sababaraha bulan atawa leuwih. Lamun panyababna lantaran kakurangan zat beusi sarta kaleungitan getih-iwal ti héd- atawa pendarahan kudu dipikanyaho sarta dieureunkeun.[2] Hal ieu meureun bisa ngalibatkeun operasi.
  2. Anémia kakurangan vitamin. Anémia pernisiosa diubaran kalayan suntikan-remen ogé suntikan saumur hirup- Vitamin B-12.[2] Anémia alatan kakurangan asam folat diubaran jeung suplemén asam folat.[2]
  3. Anemia panyakit kronis.[2] Euweuh cara ngubaran husus pikeun anemia jenis ieu.[2] Dokter fokusna dina cara ngubaran nu jadi dasarna.[2] Suplemén zat beusi sarta vitamin umumna henteu mantuan jenis anemia ieu.[2] Tapi, lamun gejala jadi parna, transfusi getih atawa suntikan eritropotein sintetis, hormon anu biasana dihasilkeun ku ginjal, bisa mantuan ngarangsang produksi sél getih beureum sarta ngurangan kacapéan.

Tutumbu Luar

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c (id) Syamsuri, Istamar. Biologi Jilid II Untuk SMA Kelas XI Semester 1. Jakarta: Erlangga. Kaca 146
  2. a b c d e f g h i j k l m (id)[1] Archived 2011-11-16 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 21 Oktober 2011)
  3. (id) Jati, Wijaya. 2007. Aktif Biologi. Jakarta: Ganeca exact. Kaca 100
  4. Halliday, Katherine E.; Karanja, Peris; Turner, Elizabeth L.; Okello, George; Njagi, Kiambo; Dubeck, Margaret M.; Allen, Elizabeth; Jukes, Matthew C.H. et al. (2012-05). "Plasmodium falciparum , anaemia and cognitive and educational performance among school children in an area of moderate malaria transmission: baseline results of a cluster randomized trial on the coast of Kenya" (dalam bahasa en). Tropical Medicine & International Health 17 (5): 532–549. doi:10.1111/j.1365-3156.2012.02971.x. ISSN 1360-2276. PMC PMC3506732. PMID 22950512. https://onlinelibrary.wiley.com/doi/10.1111/j.1365-3156.2012.02971.x. 
  5. a b c d e f Lopez de Romaña, Daniel; Mildon, Alison; Golan, Jenna; Jefferds, Maria Elena D.; Rogers, Lisa M.; Arabi, Mandana (2023-11). "Review of intervention products for use in the prevention and control of anemia" (dalam bahasa en). Annals of the New York Academy of Sciences 1529 (1): 42–60. doi:10.1111/nyas.15062. ISSN 0077-8923. PMC PMC10876383. PMID 37688369. https://nyaspubs.onlinelibrary.wiley.com/doi/10.1111/nyas.15062.