Animisme

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search

Animisme (anima/animus, Latén) nyaéta hawa, napas, roh.[1] Dihartikeun minangka hiji kayakinan yén unggal barang anu aya di dunya ieu ngabogaan nyawa.[1] Dikaitkeun jeung kapercayaan, hususna masarakat primitif.[1] Animisme dianggap salah sahiji kapercayaan anu ngamulyakeun, nyembah kana barang-barang anu aya di dunya.[1] Dina hubungan ieu Tylor (Durkheim, 2011:81-85) mére kamandang nyéta agama dina dasarna mekar ngaliwatan animisme.[1] Dina istilah sején nyaéta dinamisme anu nyebutkeun yén kakuatan roh téh bisa mangaruhan kana kahirupan manusa, boh mangrupa hasil atawa kagagalan.[1] Salaku rékaman kahirupan dina mangsa baheula, boh sacara tersirat boh sacara tersurat dina karya nu dasarna ngandung unsur-unsur animisme.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia (2000 Istilah, Biografi, Karya, Metode dan Teori Sastra). Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 9786022297437.