Ardy Wiranata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Ardy Bernardus Wiranata, katelah ku ngaran Ardi B.W. lahir di Jakarta ping 10 Pébruari 1970.[1] Manéhna téh pamaén badminton Indonésia dina taun 1990-an.[1] Jawara Indonésia Terbuka anu lobana 6 kali jeung nu meunangkeun Medali Perak Olimpiade Barcelona taun 1992.[1] Ardy kaasup salah sahiji pamaén badminton panghadéna nu dipimilik ku Indonésia.[1]

Karir jeung Préstasi[édit | édit sumber]

Budak bungsu ti opat sadudulur pasangan Leo Wiranata jeung Paula Maria Suryani ieu mimiti resep kana badminton waktu manéhna nongton pertandingan 17 Agustusan bareng jeung kolot sarta dulur-dulurna.[1] Bapana tuluy ngirim Ardy ka tempat palatihan badminton di Hall C Senayan.[1] Salian ti éta, Ardy ogé asup ka kleub binaan bapana nyaéta PG 16.[1] Waktu Ardy geus mimiti jago, manéhna pindah ka kleub PB Djarum.[1]

Ardy ngamimitian rékor taun 1990 di Samarinda ngéléhkeun Eddy Kurniawan di final kalawan skor 15-10, 15-5.[2] Sabenerna, Ardy geus mimiti katingali di dunya badminton ti taun 1988 waktu ngéléhkeun pamaén-pamaén élit mangsa harita di Preston Inggris dina Carlsberg Classic.[2] Manéhna tuluy éléh di final ti Morten Frost Hansen.[2] Tapi taun 1989, manéhna masih can meunang di Indonesia Terbuka.[2] Dina babak 16 besar, Ardy éléh ku Bambang Supriyanto, pamaén asal Solo anu préstasina naék turun.[2] Taun 1990 éta, Ardy ngamimitian ku jadi finalis Taiwan Masters, éléh ti Eddy Kurniawan.[2] Di Jepang Terbuka ogé manéhna éléh deui.[2]

Waktu di Samarinda, Andi hudang deui.[2] Taun 1991 peta kakuatan tunggal mimiti robah.[2] Indonésia nambahan kuat ku makin asakna para pamaén anu ngarora kénéh sedengkeun China beuki ngurangan.[2] Komo deui sanggeus pamaén maranéhna, Yang Yang jeung Xiong Guobao léngsér.[2] Ardy jadi jawara Jepang Terbuka anu diulang deui di taun 1992 jeung 1994 kalawan ngéléhkeun Wu Wenkai.[2] Ti dinya Ardy tuluy naék réngkingna jadi réngking kadua, sarua jeung posisi Susy Susanti.[2]

Ardy jeung Susy ogé jadi jawara di Swedia Terbuka jeung All England.[2] Tapi hanjakalna maranéhna henteu meunang di kajuaraan dunya di Copenhagen.[2] Ardy éléh ti Zhao Jianhua di semifinal, kitu ogé Susy.[2] Anu asup final nyaéta Alan Budikusuma jeung Sarwendah Kusumawardhani.[2] Tapi duanana ogé gagal di final.[2]

Ardy ngéléhkeun Joko Suprianto sedengkeun Susy ngéléhkeun Lee Heung-soon ti Koréa.[2] Jawara piala dunya dibawa ku Ardy.[2] Gelar jawara Indonésia Terbuka dimeunangkeun ku manéhna dina taun 1992 anu mangrupa taun katilu Ardy jadi jawara.[2] Dua bulan saméméhna, Ardy gagal meunang medali emas di Olimpiade Barcelona, éléh ku Alan Budikusuma.[2] Pertandingan di semifinal ngalawan Thomas Steue Lauridsen ti Denmark méakeun tanaga Ardy tepi ka Ardy teu walakaya waktu ngalawan Alan.[2]

Sababaraha préstasi anu kungsi dihontal ku Ardy nyaéta rékor jawara Tunggal Putra turnamén Indonésia Open anu lobana genep kali tutuluyan, jawara dunya Tunggal Junior Bimantara 1987, jawara China Open 1993, medali pérak Olimpiade Barcelona 1992 (sanggeus éléh ti Alan Budikusuma di final), jawara Japan Open 1991, 1992, jeung 1994.[1] Tuluy jadi jawara All-England 1991, jawara Piala Dunya 1991, anggota tim Piala Thomas 1988, 1990, 1992, jeung 1994, jawara Korea Open, jawara Taiwan, runner-up All England, runner up World Championship 1989, jawara China Open, semifinalis World Championship, jeung semifinalis All England.[1]

Ayeuna, bapa ti Shawn Wiranata ieu jadi pupuhu palatih badminton nasional di Kanada.[1] Hal ieu dumasar warta ti situs resmi Badminton Federation World (BWF).[1] Ieu situs méré héadline anu kawilang fantastis nyaéta "Badminton Legend Now Canadian Coach" anu hartina Legenda Badminton nu Ayeuna Jadi Palatih Urang Kanada.[1]

Setelah berhenti sebagai pemain bulu tangkis, Ardy memfokuskan diri menjadi pelatih bulu tangkis.

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m "Profil - Ardy Bernardus Wiranata - merdeka.com" (dalam bahasa en). merdeka.com. https://www.merdeka.com/ardy-bernardus-wiranata/profil/. Diakses pada 2018-04-19 
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w Marsis, Sumohardi (2010). 100 Atlet Legendaris Indonesia. Tangerang: PT Intimedia Cipta Nusantara. pp. 67–68. ISBN 978-979-056-038-3.