Asem Jawa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Tamarindus indica

Asem Jawa nyaéta sarupa buah anu rasana haseum, biasana digunakeun pikeun campuran bungbu dina lolobana masakan Indonesia, pikeun nambahan rasa haseum dina masakan, contona sayur asem atawa kuah empé-empé.[1] Asem ogé dgunakeun pikeun campuran jamu tradisional anu dijual ku tukang jamu kuriling, biasana ibu-ibu anu jamuna sok digandong (jamu gandong).[1]

Sayur Asem Ampera

Sacara étimologis, ngaran asem Jawa dipaké ku urang Malayu sabab dipaké masakan di Jawa.[2] Tutuwuhan ieu sering didatangkeun ti India, ngaranna Tamarindus jeung Tamarind diturunkeun tina basa Arab تمرهندي tamr Hindi, hartina kurang leuwih: korma India.[2]

Klasifikasi[édit | édit sumber]

Ngaran ilmiah asem Jawa nyaéta tamarindus indica.[3] Klasifikasi asem Jawa nyaéta:

Kingdom : Plantae

Sub Kingdom : Viridiplantae

Ifra Kingdom : Streptophyta

Super Divisi : Embryyophyta

Kelas : Magnoliopsida

Super Ordo : Rosanae

Ordo : Fabales

Family : Fabacaeae

Genus : Tamarindus

Spesies : Tamarindus Indica L[4]

Morfologi Asem Jawa[édit | édit sumber]

Abitus mangrup tangkal anu jangkungna ±25 m, kaina teuas jeung warna coklat ngora, cabangna simpodial, kulitna loba lintesilna.[5] Daun majemuk tunggal pahareup-hareup, bentukna lonjong sarta panjangna 1-2,5 cm. Lébarna 0,5–1 cm, nepi sisi daunna rata, tungtungna tumpul jeung puhuna semu buleud.[5] Tulangna nyirip, lembut, warna héjo, panjang gagang daunna ±0,2 cm, warnana héjo.[5]

Kembang majemuk runtuyan, ayana dina kéléjk daun, panjang gagangna ±0,6 cm, warnana konéng, kalokop kembangna siga tabung, warnana héjo semu coklat, benang sari polong panjangna ±10 cm dan lebar ±2 cm, warnana héjo semu coklat.[5] Wangun sikina pasagi ipis, warna coklat, akar tunggal, warna coklat kotor.[5]

Tangkal asem bentukna gedé, daunna héjo waé sarta bakal ngarangrangan dina mangsa usum kembangan.[5] Kulit tangkalna coklat semu abu-abu, kasar jeung bareulah, garis-garis manjang, iuh jeung semu nguyupuk.[6]


Daun majemuk, panjangna 5–13 cm, anak daun lalonjong, 8–16 cm, ukuran 0,5-1 x 3,5 cm, sisina rata jeung puhuna nyangigir, tungtungna semu buleud.[5]

Daging buah nu ngora (mesokarp) bbodas semu héjo, buah nu asak jadi beureum semu coklat nepi semu hideung, rasana haseum amis jeung liket. Sikina warna coklat semu hideung, teuas jeung rada pasagi.[5]

Ngaran Asem dina Basa Daérah[édit | édit sumber]

Ngaran asem di sababaraha daérah : Bak mee (Aceh); Acam lagi (Gayo); Asam jawa (Melayu); Cumalagi (Minangkabau); Tangkal asem (Sunda); Witasem (Jawa); Acem (Madura); Celagi (Bali); Bage (Sasak); Mangga (Bima); Kanefo kiu (Timor); Tobi (Solar); Asam jawa (Dayak); Asang jawi (Gorontalo); Tamalagi (Buol); Saamba lagi (Barros); Comba (Makasar); Sablaki (Tanimbar); Asam jawa ka (Buru); Asam jawa (Ternate); Tabelaka (Seram).[5]

Mangpaat Asem Jawa[édit | édit sumber]

Buah asem jawa kaasup kana buah anu bisa digunakeun pikeun pencuci mulut.[7] Tapi sajaba ti éta asem Jawa ogé ngabogaan sababaraha hasiat, di antarana:

  • Betakaroten
  • Vitamin A
  • Vitamin B1
  • Vitamin B2
  • Vitamin C
  • Niasin Kalsium
  • Fosfor
  • Zat besi
  • Natrium
  • Serat[7]

Mangpaat Cai Asem Jawa jeung Gula Beureum[édit | édit sumber]

  • Ubar Diséntri
  • Ubar Difteri
  • Demam Nifas
  • Eksim
  • Darah Rendah
  • Ambeien
  • Demam Orok
  • Kolesterol
  • Nyeri Datang Bulan
  • Batuk garing
  • Bisul
  • sariawan
  • Nyeri Beuteung[7]

Kandungan Bétakarotin, Vitamin C, Vitamin B jeung antioksidan dina asem Jawa bisa nyageurkeun sababaraha panyakit, di antarana:

  • Nurunkeun kiloan awak
  • Menerkeun sistem pencernaan
  • Ngubaran tatu peujit
  • Jantung
  • Ngalawan kangker
  • Ngubaran tatu
  • Flu batuk
  • Asma
  • Lever
  • Diabetes[8]
  • Darah rendah

Sajaba ti éta bisa ogé pikeun ngalemeskeun jeung ngaberesihkeun kulit, carana dilemeskeun jeung cikur sacukupna, tuluy dioléskeun kana awak salaku lulur.[9]

Penyebaran & Tempat Asalna (Habitat)[édit | édit sumber]

Asem Jawa kaasup tutuwuhan tropis, asal-usulna diperkirakeun ti savana Aprika Timur, anu mana jenis-jenis séjénna ogé kapanggih, salah sahijina Sundan.[10] Sanggeus rébuan taun, tutuwuhan ieu geus sumebar ka Asia Tropis, tuluy ka Karibia jeung Amérika Latin.[10] Di sababaraha tempat nyaluyukeun, kaasup di Indonésia nepi ka sarua jeung di leuweung nu daunna sok muguran jeung di savana.[10] Tangka asem bisa jadi kalawan hadé nepi ka luhur taneuh 1.000 m (sakapeung nepi ka 1.500 m) dpl, dina taneuh nu ngandung keusik.[10]

Budidaya Asem Jawa[édit | édit sumber]

Cara pikeun budidaya asem salah sahijina ku cara cangkok jeung sistem témpél, tujuanna pikeun ngahasilkeun hiji bibit anu alus pikeun dipelak ku cara vegetatif.[11] Métodena aya témpél pesisai (shiel budding) témpélan tambaklan (atch budding) jeung sambungan (cleft grafting) mangrupa métode anu hadé pikeun ngalobaan bibit, métode ieu bisa dilaksanakeun dina bulan Novémber - Janwari sabab dina mangsa ieu keur meujeuhna usum hujan. Jarak melak asem bisa 8–10 m.[11]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b (dalam bahasa id) Asam jawa. 2016-06-29. https://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Asam_jawa&oldid=11703621. 
  2. a b "ASAM JAWA | Pusat Ensiklopedi Dunia". www.perkebunan.web.id. Diakses tanggal 2018-02-15. 
  3. "KLASIFIKASI DAN MORFOLOGI TANAMAN ASAM JAWA" (dalam bahasa en-US). Materi Pertanian. 2015-12-04. http://www.materipertanian.com/klasifikasi-dan-morfologi-tanaman-asam-jawa/. Diakses pada 2018-02-14 
  4. "Klasifikasi Asam Jawa". www.plantamor.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2018-02-14. 
  5. a b c d e f g h i "Serial Tanaman Obat: Asam Jawa, Klasifikasi, Deskripsi dan Manfaatnya Bagi Kesehatan". www.pintarbiologi.com. Diakses tanggal 2018-02-14. 
  6. Hari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN 9786028693226. 
  7. a b c "Manfaat Air Asam Jawa dan Gula Merah untuk Kesehatan | Aneka Manfaat Hasil Alam" (dalam bahasa en-US). Aneka Manfaat Hasil Alam. 2017-03-18. https://manfaatutama.com/2017/03/manfaat-air-asam-jawa-dan-gula-merah-untuk-kesehatan/. Diakses pada 2018-02-14 
  8. Kusumaningrum, Febrianti Diah. "10 Manfaat makan asam jawa untuk kesehatan tubuhmu, sudah tahu? | merdeka.com" (dalam bahasa en). merdeka.com. https://www.merdeka.com/sehat/10-manfaat-makan-asam-jawa-untuk-kesehatan-tubuhmu-sudah-tahu.html. Diakses pada 2018-02-15 
  9. "Manfaat Buah Asam Jawa untuk Diet dan Kulit Tubuh". manfaat-buah.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2018-02-15. 
  10. a b c d "ASAM JAWA - Kumpulan Ilmu Pengetahuan Umum". jawa-timur.karyawan.web.id. Diakses tanggal 2018-02-15. 
  11. a b "Panduan Dasar Budidaya Asam Jawa" (dalam bahasa en-US). Berbagi Ilmu Pengetahuan. 2015-04-07. http://fredikurniawan.com/panduan-dasar-budidaya-asam-jawa/. Diakses pada 2018-02-15