Atropin
|
Artikel ieu masihan informasi dasar dina bidang kesehatan. Informasi dina artikel ieu ngan meunang digunakeun kanggo informasi ilmiah, teu bisa ngaganti diagnosis medis. Perhatosan: Wikipédia lain dokter, sagala informasi anu aya dina ieu énsiklopédi dumasar rujukan anu aya. Saupama anjeun aya keluhan, konsultasikeun jeung tenaga kaséhatan langsung |
Atropin
| |
Ngaran sistimatik (IUPAC) | |
(RS)-(8-Methyl-8-azabicyclo[3.2.1]oct-3-yl) 3-hydroxy-2-phenylpropanoate | |
Identifiers | |
Nomer CAS | |
Sandi ATC | A03 S01 |
PubChem | |
DrugBank | |
ChemSpider | |
Data kimia | |
Rumus | C17H23NO3 |
Mass. mol. | 289.369 g/mol |
SMILES | & |
Synonyms | Daturin [1] |
Data farmakokinetik | |
Bioavailabilitas | 25% |
Metabolisme | ≥50% hidrolisisd ka tropine jeung asam tropik |
Waktu paruh | 2 jam |
Eksresi | 15–50% diékskrésikeun teu robah dina urin |
Therapeutic considerations | |
Kat. kehamilan | |
Legal status | |
Jalur | ngaliwatan baham IV, IM, dubur |
Atropin nyaéta ubar golongan antimuskarinik (saacana disebut antikolinergik) nyaéta ubar nu dipaké pikeun ngurangan motilitas (pergerakan) usus. Miboga rumus kimia
C17H23NO3,[2] ubar ieu ogé dipaké pikeun ngungkulan gejala karacunan insektisida, denyut jantung nu turun, sarta pikeun prosedur praoperatif nu miboga pungsi ngurangan produksi ciduh salila opasi (keur operasi bedah umum atawa operasi panon katarak).[3][4][5][6]
Kagunaan
[édit | édit sumber]Atropin dipaké pikeun ngungkulan sababaraha kasakit, kayaning nahankeun pungsi jantung nu hadé salila proses oprasi, sarta ngubaran sababaraha kalainan jantung, ngungkulan spasme dina beuteung, peujit, kandung kemih, sarta saluran empedu.[7][8] Lian ti éta ogé atropin miboga kagunaan pikeun ngungkulan otot nu tegang dina saluran cerna ku sabab radang usus besar (kolitis), irritable bowel syndrome (IBS), atau diverkulitis, ngungkulan produksi lendir nu loba, kayaningasam lambung, lendir dina saluran pernafasan, atawa ciduh nu nyababkeun sialorrhea nyaéta kaayaan nu nyababkeun ciduh tuluy kaluar jeung ngeclakan.[4] Nurunkeun kasakit ku sabab peradangan panon bagéann tengah, sarta ngaleuleuskeun otot panon saacan pamariksaan panon.[5] Ngendalikeun kaayaan kaséhatan kayaning, kolik bayi, kolik ginjal jeung ampedu, sarta ulkus peptis.Ngubaran rasa kaku, ngadégdég, produksi késang nu loba ku sabab panyakit Parkinson.[3] [9] Atropin ogé ngurangan sékrési disababraha bagéan organ awak, nu tuluy mantuan ngendalikeun kaayaan kayaning produksi asam dina jero beuteung jeung pankréas nu loba, sarta ngurangan sékrési tina irung, paru-paru, kelenjar ciduh jeung beuteung saacan oprasi jeung mantuan ngagaringkeun lendir nu loba nu aya patalina jeung panyakit, inféksi, sarta alérgi. [4]
Atropin ogé sadia dina bentuk ubar keclak panon, nu miboga pungsi keur ngagedékeun pupil panon saacan pamariksaan.[4]
Ngaran lian jeung ngaran dagang
[édit | édit sumber]Ieu di handap ngaran lian tina atropin:[2]
- Atropin
- Atropina
- Atropine
- Atropinum
Ieu di handap ngaran dagang tina atropin:[2][5]
- Atropine,
- Atropine sulfate,
- Cendo tropine
- Anespine
Cara gawé
[édit | édit sumber]Atropin gawé kucara ningkatkeun denyut jantunng, ngaleuleuskeun peujit, sarta ngurangna produksi lendir kucara ngahambat zat nu aya dina saraf. Atropin ogé patali jeung ngahambat reseptor muskarinik asetilkolin, nu ngahasilkeun sababaraha éfék antikolinergik.[5]
Cara maké
[édit | édit sumber]Atropin sadia dina bnetuk tablét, ubar keclak panon, sarta cairan suntik. Tablét atropin bisa diinum sanggeus atawa saacan dahar, inum maké cai hérang.
Pikeun atropin Untuk atropin keclak panon, aya sababaraha léngkah nu kudu diperhatikeun, kayaning: [4]
- Kumbah leungeun ku cai jeung sabun nepi ka bersih.
- Kocok botol ubar keclak panon atropin saacan dipaké supaya larutan kacampur rata.
- Tenggakkkeun beunngeut nepi ka ngarah ka luhur sarta tarik kongkoak panon bagéan handap ku ramo lalaunan.
- Deukatkeun ujung botol ubar keclak panon ka bagéan panon, tapi ulah nepi ka keuna kana bola panon, tuluy keclakeun kucara neken botol ubar.
- Tutup panon salila 2-3 menit supaya ubar keclak atropin bisa sumebar kasakabéh bagéan panon. Ulah ngiceup atawa gigisik panon ku leunggeun.
- Tekenkeun lalaunan, sarta elap cairan nu kaluar tina jero mata ku tisu.
- Kumbah leunngeun sanggeus maké ubar ieu.
Atropin dina bentuk cairan suntik kudu dibérékeun ku dokter atawa tanaga kaséhatan saluyu jeung anjuran dokter. Doktel bakal nalingakeun pernafasan, denyut jantung jeung tekanan getih salila paméréan atropin.[5]
Paké tablét jeung ubar keclak panon saluyu jeung nu geus ditanngtukeun ku dokter sarta pastikeun aya jarak nu lila saacan ka dosis nu satuluyna. [5]
Hal nu kudu diperhatikeun
[édit | édit sumber]Saacan maké atropin, perhetikeun sababaraha hal ieu:[3][5][7]
- Ati-ati maké atropin mun anjeung miboga kasakit glaukoma, penyumbatan saluran kemih, panyumbatan saluran cerna, gangguan kelenjar prostat, panyakit ginjal, stenosis pilorus, ganguan irama jantung, panyakit hatéjeung myasthenia gravis.
- Jéntrékeun ka doker supama miboga riwayat kasakit atawa keur katarajang gangguan fungsi haté, panyakit tiroid, hipertensi, gangguan jantung, asma, kolitis ulseratif, panyakit refluks asam lambung, jeung down syndrom.
- Atropin alusna dipaké kalayan ati-ati pikeun kolot jeung bayi handapeun 3 bulan, bisa ningkatkeun résiko éfék samping.
- Jéntrékeun ka dokter mun keur nginum ubar séjén atawa vitamin, suplemen jeung ubar herbal..
Acan dipikanyaho atropin ngabahayakeun bayi nu acan lahir, tapi sababaraha ubar ieu ngandung pangawét nu bisa jadi bahaya pikeun bayi nu karék lahir. Ubar ieu kaasup kana résiko kahamilan katégori C numutkeun US Food and Drugs Administration (FDA). [4]
Interaksi Atropin
[édit | édit sumber]Ieu di handap sababraha ubar nu miboga résiko mun diinum babarengan jeung atropin: [3][4][5]
- Résiko ayana éfék samping mun dipaké jeung quinidine, antidepresan, dan antihistamin.
- Résiko ayana éfék samping mun dipaké jeung ubar digoxin.
- Nurunkeun éféktivitas atropin, mun dipaké jeung pilocarpine, trihexyphenidyl, tolterodine, scopolamine, hyoscyamine, amitriptyline,[10] jeung diphenhydramine.
- Nurunkeun éféktivitas ubar aripiprazole, trifluoperazine, sulpiride, risperidone, quetiapine, promethazine, perphenazine, paliperidone, haloperidol, jeung clozapine.
- Miboga résiko hipertensi jeung gangguan detak jantung, mun dipaké jeung phenylephrine.
Éfék samping
[édit | édit sumber]Éfék samping mangrupa hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu di handap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum atropin:[3][4][5][7]
- Nyeri sirah
- Titinggalian burem, kongkolak panon bareuh, jeung panon sensitif kana cahaya
- Biwir jeung tikoro ngarasa gararing
- Gangguan indra pengecap (létah)
- Sebel, beuteung kembunng
- Konstipasi
- Hésé kahampangan
Panggihan dokter mun ngarandapan gejala kayaning:
- Gejala alérgi, kayaning arateul, aya ruam, barareuh dina beungeut, biwir, létah, sarta tikoro, jeung hésé rénghap.
- Ratug jantung (aritmia)
- Halusinasi
- Leungitna kasaimbangan
- Gangguan ngomong jeung hésé neureuy
- Panon karasa panas jeung karerab
Tutumbu kaluar
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Rafinesque, Constantine Samuel (1828). Medical Flora; Or, Manual of the Medical Botany of the United States of ... - Constantine Samuel Rafinesque - Internet Archive. Atkinson & Alexander. p. 148. Diakses tanggal 2012-11-07.
- ↑ a b c "Atropine". www.drugbank.ca. Diakses tanggal 2020-06-18.
- ↑ a b c d e "Atropine (injection) Uses, Side Effects & Warnings". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-18.
- ↑ a b c d e f g h "Atropin (Atropine) : Fungsi, Dosis, Efek Samping, Cara Pakai". Hello Sehat (dalam id-ID). Diakses tanggal 2020-06-18.
- ↑ a b c d e f g h i "Atropin". Alodokter. Diakses tanggal 2020-06-18.
- ↑ general_alomedika. "Atropin - indikasi, dosis, interaksi dan efek samping". Alomedika. Diakses tanggal 2020-06-18.
- ↑ a b c "Atropine | Kandungan, Indikasi, Efek Samping, Dosis, Obat Apa". Farmasi-id.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2020-06-18.
- ↑ "1.2.1 Antimuskarinik | PIO Nas". pionas.pom.go.id. Diakses tanggal 2020-06-18. Archived 2020-06-04 di Wayback Machine
- ↑ "Atropine - Side Effects, Dosage, Interactions - Drugs". EverydayHealth.com. Diakses tanggal 2020-06-18.
- ↑ "Amitriptyline and atropine Drug Interactions". Drugs.com. Diakses tanggal 2020-06-18.
11. Klinik Pandawa. Diakses tanggal 2020-12-11