Lompat ke isi

Baramén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Baramén mangrupa jalma anu hirupna dina kaayaan teu miboga imah, teu miboga pagawéan, sarta ngumbara ditempat anu umum, hirupna teu luyu kana norma kahirupan anu layak dina masarakat.[1] Baramaén miboga hasil ku cara ménta-ménta di lingkungan masarakat umum, ku sagala cara jeung alesan sangkan menang rasa karunya ti masarakat séjén. Biasana baramén teu miboga tempat anu tetep, ku kituna patempatan na pundah-pindah sarta teu layak, saperti di kolong jembatan, pinggir jalan, pinggir leuwi, stasiun karéta, atawa fasilitas umum séjénna pikeun anjeunna kulem jeung ngajalankeun kahirupanana.

Baramén ieu bisa dikategorikeun jadi dua nyaéta anu kaasup dina katégori baramén pikeun lumangsungna kahirupan, jeung baramén kusabab henteu gawé. Baramén ogé umumna teu miboga idéntitas kusabab sababaraha hal nyaéta sieun atawa isin, sarta kasieunan diwangsulkeun ka lemburna, nanging pamaréntah kota teu ngangem warga kota nu teu miboga kartu idéntitas.[2]

Faktor jeung Dampak Baramén

[édit | édit sumber]

Aya sababaraha faktor kusabab baramén ieu diantarana di kahirupan sosial ku kaayaan baramén dilingkung masarakatna. Masala sosial baramén ieu dijadikeun akumulasi tina unggal masalah nu saperti kamiskinan, pendidikan handap, minim kerja, lingkungan, masalah sosial budaya kalebet handapna nilei diri sikep pasrah kana kaayaan kahirupan, hayang teu kaiket ku sagala hal atawa hayang meunang kabebasan hirup, masalah kaséhatan, jeung sanés kantena. Ieu mangrupa gambaran masalah tina akumulasi nu aya.

Baramén ieu ogé nu ngajadikeun ayana sababaraha dampak, utamana ayana dampak sosial. Kusabab baramén teu boga tempat cicing hal ieu baramén sok nyicingan tempat umum nu saestuna teu meunang dicicingan, hal éta ngaganggu kana kanyamanan lingkungannana. Aya dampak ogé tina masalah kriminalitas, kriminalitas ieu salah sahiji faktor ayana kriminalitas salah sahijina nu di lakukeun ku baramén, biasana maling, ngalakukeun kekerasan, nepi ka pelécéhan séksual. Tina masalah nu aya nyaéta tingkat kriminalalitas sanés kantena kusabab baramén ieu aya ogé solusi diantarana baramén bisa ngalakukeun réhabilitas sosial anu harepanna bisa ngarobah cara hirup baramén.

Komunitas Baramén

[édit | édit sumber]

Baramén mangrupa salah sahiji kelompok anu teu diperhatikeun tina segi pangwangunan, sarta miboga hirup anu béda jeung masarakat umumna. Baramén ieu hirup di perkotaan anu kumuh. Kusabab ka asup kelompok marginal, baramén ieu teu béda jauh kana stigma nu napel ti lingkung masarakat na. Stigma nu aya anu ngadéskripsikeun baramén ieu nyaéta nu condong ka arah négatif, kusabab di anggap ayana pengemis ngarusak pamandangan, katartiban umum katingal kotor, sumber kriminal, teu miboga norma, teu bisa di percaya, teu kaatur, kriminalalitas, males, apatis, disebut sampah masarakat.

Tina pamadegan nu aya méré isarat yén baramén dianggap teu bisa méré sumbangsih kana ngawangun kota kusabab ngaganggu kaharmonisan, keberlanjutan, jeung kontruksi masarakat kotana. Baramén teu ukur nyanghareupan masalah kahirupan dina kontéks ékonomi, nanging ogé tina kontéks hubungan sosial budaya jeung masarakat kota. Hal ieu nu nyababkeun komunitas pengemis ieu kudu nyanghareupan héséna ékonomi, sosial psikologis, jeung budaya.

Modus-modus Anyar Baramén Di Bandung

[édit | édit sumber]

Kepala Dinas Sosial Kota Bandung, ngajéntrékeun héséna usaha pikeun Pemerlu Pelayanan Kesejahteraan Sosial (PPKS) di puseur dayeuh Propinsi Jawa Barat. Tina sadaya modus, modus nu pangumumna nyaéta kucara ngajual rasa karunya, hal ieu ogé malah  aya modus ku cara nyéwaan sepuh atawa budak pikeun dijadikeun baramén. Sanggeus tina hasil nu dimenangkeun antara baramén jeung penyewaan jalma ieu ngagunakeun bagi hasil. Salian ti éta aya ogé modus séjén nyaéta budak anu diajak jadi baramén ieu di béré ubar saré.[3]

Tingali Ogé

[édit | édit sumber]

Reférénsi

[édit | édit sumber]
  1. "GELANDANGAN DAN PENGEMIS (GEPENG) | Dinas Sosial". dinsos.bulelengkab.go.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2024-03-30. 
  2. Pemberdayaan Masyarakat (Gelandangan Dan Pengemis) Dalam Bidang Keterampilan Pengolahan Kedelai Di Panti Sosial Bina Karya Panghudi Luhur Bekasi. UINS. 
  3. Aurellia, Anindyadevi. "Mengurai Modus-modus Baru Pengemis di Bandung". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2024-03-30.