Lompat ke isi

Bubur hanjeli

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Bubur Hanjeli

Siki hanjeli anu parantos dikoncit, bahan dasar bubur hanjeli
Bahan utama Siki hanjeli, santen, gula beureum
Asal Indonésia (Sukabumi, Tatar Sunda)
Jinis Bubur / Katuangan sehat
Tekstur Cakial (kenyal) mirip kétan

Bubur hanjeli nyaéta bubur anu dijieun tina béas hanjeli, gula kawung, [[cipati]), [)daun pandan]], jeung uyah saeutik.[1] Béas hanjeli asalna tina siki hanjeli (Coix lacryma-jobi) anu digiling.[2] Bubur ieu kawéntar miboga tékstur anu unik, nyaéta cakial (kenyal) nanging hipu, sarta miboga kandungan gizi anu luhur. Di Tatar Sunda, bubur hanjeli janten ikon kuliner di wewengkon Kabupatén Sukabumi, utamana di Kacamatan Waluran anu parantos janten Desa Wisata Hanjeli.[3]

Hanjeli (Jali)

[édit | édit sumber]

Jali (ngaran ilmiahna Coix lacryma-jobi L.) kaasup kana serealia atawa siki-sikian anu dipelak di daérah tropis. Jali disebat ogé tutuwuhan mutiara China, wangun siki jali nyaéta buleud jeung warnana bodas geuneuk.[4]

Bahan sarta Cara Ngolah

[édit | édit sumber]

Bahan utama pikeun nyieun ieu bubur nyaéta siki hanjeli anu parantos dikoncit (dipiceun cangkangna). Aya dua jinis hanjeli anu sering dianggo, nyaéta hanjeli pulut (anu leuwih cakial) sarta hanjeli batu. Pikeun bubur, biasana ngagunakeun hanjeli pulut.

Prosés nyieununa mirip sareng nyieun bubur kacang héjo atanapi bubur kétan hideung: 1. Siki hanjeli dikumbah bersih tuluy dikeueum (direndam) supados rada hipu. 2. Dikulub dina cai nepi ka siki hanjelina beukah sarta hipu. 3. Ditambahan gula beureum (atanapi gula bodas) sarta daun pandan supados seungit. 4. Disajikeun ku cara dibanjur ku kuah santen haneut anu parantos dibéré uyah saeutik supados aya rasa gurih.

Kandungan Gizi sarta Mangpaat

[édit | édit sumber]

Bubur hanjeli sanés ngan saukur ngeunah, tapi ogé dianggap katuangan sehat (superfood). Sababaraha mangpaatna nyaéta:

  • Karbohidrat Kompléks: Méré énergi anu awét sarta indéks glikemikna leuwih handap batan béas bodas.
  • Kalsium sarta Protéin: Kandungan kalsiumna saé pikeun balung (tulang).
  • Ubar Tradisional: Dina kabudayaan Sunda, hanjeli dipercaya bisa mantuan ngubaran panyakit ginjal sarta nurunkeun kadar gula darah.[5]

Desa Wisata Hanjeli

[édit | édit sumber]

Kiwari, bubur hanjeli parantos janten daya tarik pariwisata di Geopark Ciletuh, Sukabumi. Di Desa Waluran, wisatawan tiasa ningali langsung prosés melak hanjeli, ngoncit siki maké lisung, dugi ka nyicipi bubur hanjeli anu seger. Ieu mangrupa salasahiji upaya pikeun ngamumulé pangan lokal Sunda anu mimitina ampir poho.[6]


Rujukan

[édit | édit sumber]

[Kategori:Kadaharan Sunda]]

  1. Somantri (red), Andri (2020). "Bubur Hanjeli, Sajian Buka Puasa yang Nikmat dari Desa Waluran Mandiri Sukabumi". Diaksés tanggal 28 Agustus 2022.
  2. Muhandri, Tjahja (2019). Kumpulan Istilah Pangan. Bogor: IPB Press. hlm. 124. ISBN 978-602-440-750-6.
  3. Rigg, Jonathan. (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Batavia: Lange & Co. Kaca 154.
  4. Febrida, Melly. "Bubur Jali nan Legit Bagus Buat Kesehatan Tubuh". Diaksés tanggal 28 Agustus 2022.
  5. Pusat Studi Biofarmaka IPB. (2014). Database Tanaman Obat: Hanjeli. Bogor: IPB University.
  6. Pamaréntah Kabupatén Sukabumi. (2022). Profil Desa Wisata Hanjeli Waluran.