Citakan:Kecap gaganti
Pidangan
| 'Kecap gaganti... | kecap.. | dipaké dina kaayaan... | conto kalimah | |
| jalma kahiji | tunggal | sim kuring | lemes, resmi | Sim kuring baris nyarengan lumangsungna ieu acara dugi ka réngsé. |
| abdi | lemes, teu resmi | Abdi wangsul ti Buah Batu, Bandung. | ||
| kuring / déwék / urang | loma | Kuring mah asa kakara manggih euy, domba sukuna lima mah. | ||
| kami / kaula | loma, ngaluhurkeun ajén sorangan | Kaula rék nitah ka Patih Lirbaya. | ||
| aing | kasar | Teu sudi aing mah panggih jeung jalma kitu. | ||
| loba | sim kuring sadayana | lemes, resmi | Sim kuring sadayana baris dongkap luyu sareng pamundut. | |
| abdi sadayana | lemes, teu resmi | Abdi sadayana nyanggakeun kumaha kasapukan balaréa waé. | ||
| kuring saréréa | loma | Kuring saréréa ngajakan ka urang Cikadu abenan balap motor. | ||
| jalma kadua | tunggal | bapa / ibu (jsb. nu dianggap mancakaki) | lemes, ka anu dipikahormat | Bapa Pupuhu Sakola anu ku sim kuring dipikahormat. |
| anjeun | lemes, ka sapantaran | Anjeun téh pinter, ngan hanjakal mun di kelas tara nyarita. | ||
| manéh / silaing | loma | Manéh mah dibéjaan téh tara ngagugu. | ||
| sia | kasar | Sia ku aing rék diteunggeul. | ||
| loba | aranjeun | lemes | Aranjeun kudu apal yén organisasi mah kudu digawé babarengan. | |
| maranéh | loma | Maranéh kudu bener dina nyanghareupan masalah jeung babaturan téh. | ||
| hidep saréréa | lemes, ka sahandapeun | Hidep saréréa adi-adi bapa sing junun lamun dialajarna téh. | ||
| jalma katilu | tunggal | mantenna | lemes, ka nu dipikahormat | Mantenna mah parantos jejem ku pangarti jeung pangalaman. |
| anjeunna | lemes | Anjeunna janten conto pamingpin anu wijaksana. | ||
| manéhna, inyana | loma | Manéhna mah teu apaleun yén harga baju téh dimahalkeun. | ||
| loba | aranjeunna | lemes | Aranjeunna mah langkung paos kana pasualan pangajaran di sakola mah. | |
| maranéhna | loma | Maranéhna kudu apal kana aturan di pabrik anu teu meunang direumpak. | ||