Citakan:Kecap pananya
Pidangan
| Kecap... | dipaké pikeun nanyakeun ... | conto kalimah |
| naon | barang, hal, sasatoan, tutuwuhan | Naon ngaran sasatoan nu tonggongna cucukan sareukeut téh? |
| saha | jelema, malaékat, Pangéran | Saha nu kamari tabrakan di Jalan Ahmad Yani téh? |
| ka mana | tempat, hal | ka mana Suéb téh inditna? |
| iraha | waktu | Iraha anjeun badé ka dieu? |
| naha | sabab-musabab, kalakuan | Naha Malik bisa jadi pinunjul kahiji nembang pupuh? |
| kumaha | cara, kaayaan | Kumaha carana makihikeun jalma anu heuras hulu dina organisasi? |
| sabaraha | jumlah, bilangan | Sabaraha harga bawang beureum sakilo téh? |