Epik
Sacara historis,tina kaitanna jeung tradisi sastra Barat, anu di maksad ku épik téh nyaéta puisi naratif panjang sapertos Illiad jeung Odyssey (Homerus, 900 SM).[1] Cuddon (2013:239) nyebutkeun Gilgamesh (Sumeria, 3.000 SM) salaku épik nu pang kolotna.[1] Dina hubungan ieu épik sami jeung épos (Holman, 1980:161), janten salaku épik ogé kaasup Cid (Spanyol), Calevala (Finlandia), Song of Roland (Perancis), Nibelungenlied (Jerman), jeung Ramayana jeung Mahabharata (India).[1] Dina wangenan nu leuwih luas ogé kaasup Aeneid (Virgil), La Divina Commedia (Dante Alighieri), Jerusalem Delivered (Torquato Tasso), jeung Paradise Lost (John Milton).[1] Dina hal ieu ogé dipikawanoh pambagian 3 jangreu utama sastra sapertos anu di ungkabkeun ku Aristoteles (Teeuw, 1988:108-109), nyaéta : épik,lirik, jeung dramatik.[1] Jadi, dina sastra Indonesia épik miboga dua wangenan, a) carita kapahlawanan,jeung b) prosa, karangan bebas sapertos cerpen jeung novel, kaasup dongéng.[1] Dina téori sastra kontemporer épik ogé di patentangkeun jeung jenis novel, salaku novelistik (Bakhtin, 1984: 30-31; Lechte, 2001: 24-25).[1] (Baca ogé Épos;Lirik;Novelistik).[1]