Filsafat Élmu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Filsafat élmu Pangaweruh (phylosophy of science) nyaéta bagéan tina filsafat nu sacara husus ngomongkeun ngeunaan sifat jeung hakékat, asumsi jeung implikasi sarta kualitas jeung mangpaatna ngeunaan kahirupan manusa sacara gembleng.[1] Katilu hal éta nu umumna di rumuskeun jadi : a) Ontologi (Yunani, On, Kaayaan) b) Épistémologi (episteme, Élmu Pangaweruh) c) Aksiologi (Axios, Nilai, Harga).[1] Sacara singget, filsafat élmu pangaweruh ngamasalahkeun objék na ngaliwatan tilu patalékan: kahiji, Réalitas Émpiris naon nu kawengku di jerona (Ontologi), kadua, kumaha cara mikanyaho, téori jeung métode naon nu di gunakeun jang mikanyahona (Épistémologi), jeung katilu, naon fungsi jeung mangpaatna pikeun masarakat (Aksiologi).[1] Sacara praktis filsafat élmu dibédakeun saluyu jeung hakékat unggal disiplin, upamana: Filsafat élmu basa, filsafat élmu sastra, filsafat élmu sajarah, jeung sajabana. Ku sabab éta Beerling dkk. (1990: 1), nétélakeun yén filsafat élmu ogé disebut téori élmu (theory of science) atawa élmu ngeunaan élmu (science of science).[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia (2000 Istilah, Biografi, Karya, Metode,dan Teori Sastra). Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 9786022297437. 
  2. Kutha Ratna, Nyoman (2018). Ensiklopedia (2000 Istilah, Biografi, Karya, Metode,dan Teori Sastra). Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 9786022297437.