Frasa

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Frasa nyaéta kontruksi gramatik anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu teu prédikatif atawa ukur nyicingan hiji fungsi dina kalimah atawa runtuyan kecap.[1] Anu dimaksud fungsi dina kalimah téh jejer, caritaan, udagan, jeung katerangan.[1] Conto frasa téh kieu.

  • Bapa kuring
  • Héjo carulang
  • Sapatu hideung
  • jsb.

Ari conto dina kalimah kieu.

  • Indung beurang mah keur nungkulan nu geus orokan di Kampung Kubang.

Frasa Indung beurang di luhur mangrupa frasa, sabab nyicingan fungsi jejer atawa subjék dina kalimah sampurna di luhur.

Wanda[édit | édit sumber]

Frasa éndoséntris[édit | édit sumber]

Ieu frasa téh nyaéta frasa au distribusina atawa paripolah sintaksisna sarua jeung salah sahiji atawa sakabéh unsurna. Contona kieu.

  • Ardi geus dagang béas di pasar
  • Ardi - dagang béas di pasar

Dua kalimah di luhur téh sarua pada-pada gramatis, bisa ditarima ku panyatur, luyu jeung kaédah tata basa, jeung dipikaharti maksudna.[1]

Frasa Koordinatif[édit | édit sumber]

Frasa koordinatif nyaéta frasa éndoséntrik anu unsur-unsurna satata atawa sadarajat. leu frasa téh diwangun ku dua unsur puseur atawa leuwih, maké panyambung atawa henteu. Panyambung anu sok dipaké nyaéta jeung atawa tur (tipe aditif) jeung atawa (tipe alternatif). Pola dasar adegan ieu frasa formulana saperti ieu di handap.[1]

Contona:

  • gancang tur bérés
  • sakola jeung digawé

Frasa Apositif[édit | édit sumber]

Frasa apositif nyg éta frasa éndoséntrik anu unsur kaduana mangrupa aposisi atawa pangganti unsur anu kahiji sarta sakaiian jadi katerangan pikeun unsur anu kahiji téa (nu jadi puseuma). Béda jeung frasa koordinatif, unsur-unsur frasa apositif mah henteu bisa dikantétkeun ku kecap jeung atawa tur iantaran unsur-unsuma nuduhkeun référénsi anu sarua. Ku lantaran kitu, unsur-unsur frasa apositif téh bisa dikantétkeun ku kecap atawa, sarta sok diheuleutan ku randegan rada panjang. Frasa apositif téh pola dasar adeganana saperti kieu.[1]

Contona:

  • urang, bangsa lndonésia

Frasa Atributif[édit | édit sumber]

Frasa atributif téh nyaéta frasa éndoséntrik anu diwangun ku unsur anu diterangkeun, anu sok disebut puseur atawa poke, ieung unsur anu nerangkeun, anu sok disebut atribut atawa panyiri. Unsur-unsurna henteu bisa dikantétkeun bob ku kecap ieung boh ku kecap atawa. Sakapeung di antara dua unsurna téh sok bisa diseselan kecap nu. Tempat unsur atributna lolobana tukangeun unsur puseurna, tapi aya ogé nu tempatna hareupeun puseurna. Pola adeganana bisa digambarkeun ku fomula ieu di handap.[1]

Contona:

  • budak pinter

Frasa Objéktif/Kompleméntatif[édit | édit sumber]

Frasa Objéktif atawa frasa kompleméntatif nyaéta frasa éndoséntrik anu unsur kaduana jadi panglengkep kana unsur kahijina nu jadi puseurna. Unsur kahiji téh bjasana mangrupa kecap pagawéan transitif, semitransitif, atawa semi intransitif anu nuduhkeun migawé atawa dipigawé. Ari unsur kaduana mangrupa kecap barang anu nuduhkeun nu ngarandapan atawa nu ngalakukeun. Pola adeganana saperti anu katangén dina formula ieu di handap.[1]

Contona:

  • Maca koran geus jadi kabiasaan urang kota

Frasa Konéktif[édit | édit sumber]

Frasa konéktif nyaéta frasa éndoséntrik anu diwangun ku konéktor atawa panyambung jeung aksis atawa sumbu. Konéktor miboga fangsi nyambungkeun jejer atawa subjék kana aksis atawa sumbu frasa nu jadi bagian caritaan atawa prédikat. Ku lantaran kitu, pola adegan frasana bisa diformulasikeun.[1]

Contona:

  • Anakna téh jadi dokter

Frasa éksoséntris[édit | édit sumber]

Ieu frasa téh nyaéta frasa anu distribusi atawa paripolah sintaksisna teu sakabéhna sarua dina unggal unsurna.

Contona:

  • Kuring rék indit ka Mesir
  • Kuring rék indit ka -
  • kuring rék indit - Mesir

Dua kalimah anu mangrupa rucatan kalimah munggaran téh kaasup teu gramatis. Ku kituna, konstruksi frasa éksoséntris mah kawangun ku relator (pameungkeut) atawa diréktor (pananda) jeung aksis (sumbu). Jadi, lamun frasa ka bali robah jadi - bali atawa ka - maksudna moal kahontal atawa teu luyu jeung aturan sacara gramatikal.[1]

Warna[édit | édit sumber]

Frasa éndoséntris[édit | édit sumber]

  • Frasa barang atawa nomina. Contona, rak sapatu.
  • Frasa pagawéan atawa vérba. Contona, keur digawé.
  • Frasa sipat atawa adjektiva. Contona, alus pisan.
  • Frasa bilangan atawa numeral. Contona, sarébu lima.[1]

Frasa éksoséntris[édit | édit sumber]

  • Frasa pangantét atawa préposisional. Contona, ti Cisaga.
  • Frasa panyambung atawa konjungsional. Contona, Ucing jeung Anjing.
  • Frasa gaganti panyambung atawa pronominal rélatif. Contona, kana méja.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k Yayat., Sudaryat,; Karna., Yudibrata, ([2007]). Tata basa Sunda kiwari ([Cet. 1.] ed.). Bandung: Yrama Widya. ISBN 9789795435266. OCLC 271743335.