Gapléh

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Gambar kartu gapleh sa-set

Gapléh atawa domino téh mangrupa kaulinan kartu, nu ilaharna dipaénkeun ku opatan. Kartu gapléh kabéhna aya 28, mun dibagi opat kabagi rata tujuh séwang. Dina sakartu téh mibanda sapasang angka. Ti mimiti angka 0 nu simbulna kosong (euweuh nanaon) jeung 1, 2, 3, 4, 5, 6. Angka 1 semet 6 diwakilan ku simbul buleud (prahna warna beureum) nu jumlahna sarua jeung angkana, bentukna persis siga angka dina dadu. Unggal kartu mibanda nilai papasangan, contona 0/0, 1/1, 0/2, 4/6, 3/5. 4/5 jeung sajabana. Kartu nu nilai pasanganna sarua disebut kartu balak (atawa balok). Kartu gapléh kajaba dijieun tina bahan nu biasa paragi kartu, kertas palastik, ogé bisa dijieun tina pualam, giok, gading atawa kai.

Asal mula jeung kamekaran[édit | édit sumber]

Gapléh katelah ogé ku sebutan domino. Istilah nu prah sacara intérnasional. Dina bahasa malayu ditulis gaple tapi dibacana mah gapléh. Kecap domino sorangan hartina panutup sirah jeung/atawa topéng panon nu sok dipaké dina pésta kostum. Asalna pisan mah tina bahasa perancis nu ngarujuk kana cape – pakéan rarangkeun saluhureun jubah – pandita eropa, nu warnana hideung kontras jeung latar jubah nu bodas. Baheula kartu gapléh kungsi dijieun tina kai hideung jeung gading, ngingeutkeun kana pakéan pandita téa.[1]

Asal mula gapléh cenah ti China, ti abad 12. Tapi ceuk sawatara jelema nyebutkeun asalna ti Mesir, gepokan gapléh geus kapanggih dina makam firaun ka-18 di Mesir saméméhna.[2]

Kaulinan gapléh luring geus kaluar ti jaman komputer maké sistem DOS kénéh. Kiwari aplikasi game on line geus loba boh dina média sosial atawa aplikasi nyorangan.

Aturan maén[édit | édit sumber]

Cara maénna, pamaén ka hiji neundeun kartu awal dina lapak (istilahna ngalung atawa miceun), biasana mah kartu balak (istilah ‘ngabalakan' sok dipaké sapopoé pikeun jalma nu ngamimitian hiji kagiatan). Pamaén kadua nuturkeun ngalungkeun salah sahiji kartuna, syaratna salah sahijiangka pasangan kartuna kudu aya nu sarua jeung kartu nu geus aya na lapak, nilai angka nu sarua diteundeun parémpét / nimpah kana sasaruanna dina kartu nu handap, kitu deui pamaén katilu, kudu miceun sakartu kana lapak, tapi ayeuna mah kudu sarua salah sahiji angkana jeung kartu kahiji atawa kartu kadua nu can aya pasanganna. Kartu katilu tuluy jadi ujung anyar. Pamaén kaopat ogé kitu miceun kartu nuturkeun kana dua ujung nu aya. Balik deui ka pamaén ka hiji kitu tuluy. Antukna kartu nu dihandap jadi ngajalur siga rél karéta. Lamun pas giliran ngalung kartuna euweuh nu nyetél jeung kartu nu di handap, maka pamaén éta diliwat heula ngalungna, langsung ka pamaén saeunggeusna. Pamaén nu meunang nyaéta pamaén nu kartuna pangheulana béak, kateundeun kabéh dihandap (poldan). Lamun kabéh pamaén mandeg, kartuna geus euweuh nu nyetél jeung ujung kartu nu dihandap, nu kitu disebutna gapléh. Jumlah kartu nu nyésa kénéh dina leungeun pamaén tuluy masing-masing diitung. Jumlah pangleutikna dianggap nu meunang.

Gapléh ogé bisa dipaénkeun sacara papasangan. Pamaén nu opat dibagi kana dua grup. Pamaén nu ngabalad posisina pahareup-hareup. Mun maén papasangan pamaén nu hiji kudu silih tulungan jeung baturna. Mun salah sahiji meunang mangka dianggap grupna nu meunang. Dina papasangan mah angka-angka nu aya dina sésa kartu nu éleh diitung kabéh jumlahna pikeun jadi poin pikeun pasangan nu meunang. Méméh maén geus ditangtukeun poinna rék semet sabaraha. Contona rék semet 500, mangka pasangan nu pangheulana cumpon 500 dianggap nu meunangna. Mun aya kajadian gapléh, nilai angka dina kartu sésa nu ngagapléhkeun (nu miceun kartu panungtungan, nu nyababkeun kajadian gapléh) diadukeun jeung angka dina kartu pamaeun sahandapeunna. Mun meunang (leuwih leutik) mangka jumlah total angka nu di luhur kénéh (nu can turun) di kabéh pamaén dijumlahkeun tur jadi poin pikeun timna, tapi mun éléh jumlah angka tadi dikali dua jeung jadi poin pikeun pasangan tim lawanna (neunggar cadas).

Dina maén papasangan, balak genep boga aturan lain. Mun balak genep paéh nu hartina balak genep teu turun bari jeung ujung barisan kartu dina lapak lain angka genep, kabéh angka genep geus nyetél dina barisan maka niléi balak genep jadi leuwih gedé, niléina jadi minus pikeun nu nyeupeung balak ditambahkeun kana poin pasangan nu meunang. Biasana dihargaan -100. Tapi mun di ujung barisan kartu angka genepna can katimpah, nu hartina teu disetélkeun jeung genep séjénna (lawanna salah neundeun), mangka balak genep teu dianggap paéh. Logikana masih bisa jalan kénéh mun teu kapiheulaan béak mah. Balak genep gé teu dianggap paéh lamun pasangan maénna nu poldan atawa kajadian gapléh. Dina kajadian gapléh balak genep diitung biasa (12). Tapi mun hasil ngaluarkeun balak genep dina kondisi paméakan (poldan/nutup maké balak genep) mangka nu meunang nambah poin nu sarua gedéna jeung lamun musuhna paéh balakna tadi. Balak kosong ogé sok diperlakukeun sarua dina maén papasangan. Ngan niléina dina kaayaan paéh atawa nutup satengahna ti balak genep.

Gapléh mangrupa kaulinan nu ngagabungkeun unsur mimilikan jeung unsur kaahlian. Kartu gapléh dibagikeun sanggeus dikocok ka masing-masing pamaén. Alus heuntena beubeunangan kartu éstuning kumaha milik masing-masing. Najan kitu, seni dina gapléh nyaéta kumaha nganyahokeun kartu lawan dumasar dina kartu nu geus kalaluar jeung pamaén anu liwat, sarta kumaha carana sangkan kartu batur teu jalan tur kartu sorangan atawa mitra (mun maén papasangan) bisa béak, merlukeun kaparigeulan otak. Ogé lamun kaayaan pi-gapléh-eun, kira-kira piminangeun atawa piéléheun.

Ngaran-ngaran kaulinan kartu, cara poker atawa rémi aturanna sok kena ku house rule/aturan tuan rumah. Aturanna sok béda-béda di unggal tempat. Kumaha karesep atawa kabiasaan masing-masing. Kitu ogé gapléh. Tong boro di sanagara, di sa-RT waé aturan bisa béda-béda. Aya nu mun léwat kudu nutup sakartu sarta dianggap sésa, aya nu balak genep teu meunang kaluar ti heula, aya nu balak genep kudu ditembrakkeun, aya nu mun nutup permaénan maké balak naon waé, nilaina sarua nambah siga maké balak genep, jeung réa-réa deui aturan séjénna.

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. "Definition of DOMINO". www.merriam-webster.com. Diakses tanggal 2019-07-26. 
  2. "Domino History". www.domino-play.com. Diakses tanggal 2019-07-26.