Gedung Pakuan
| Gedong Pakuan | |
|---|---|
| 250px Panto hareup Gedong Pakuan | |
| Lokasi | Jalan Otto Iskandardinata No. 1 |
| Kota | Bandung |
| Nagara | Indonésia |
| Status | Cagar Budaya |
| Mimiti diwangun | 1864 |
| Réngsé | 1867 |
| Gaya arsitektur | Indische Empire Style |
| Nu ngagaduhan | Pamaréntah Propinsi Jawa Kulon |
Gedong Pakuan nyaéta imah dines nu dijadikeun tempat resmi Gubernur Kepala Daérah Propinsi Jawa Kulon. Ieu gedong perenahna aya di Jalan Otto Iskandardinata No. 1, Kota Bandung. Dina mangsa kolonial Walanda, ieu gedong téh mangrupa tempat resmi Residen Priangan.[1]
Sajarah sarta Wangunan
[édit | édit sumber]Gedong Pakuan mimiti diwangun dina taun 1864 dumasar kana paréntah Gubernur Jenderal Ch.F. Pahud. Ieu hal téh patali sareng rencana mindahkeun puseur dayeuh Karesidenan Priangan ti Cianjur ka Bandung. Nanging, palaksanaan mindahkeun puseur dayeuh téh nembé tiasa kalaksana ku Residen Van der Moore dina taun 1864, sanggeus Gunung Gedé bitu sarta ngancurkeun Kota Cianjur. Prosés pangwangunanana lumangsung salami tilu taun sarta réngsé dina taun 1867.[2]
Dina mangsa pangwangunanana (1864-1867), dikerahkeun sajumlah anggota Genie Militair Walanda anu dibantosan ku R.A. Wiranatakusumah (Bupati Bandung ka-8), anu kawentar ku sebutan Dalem Bintang. Anjeunna ngerahkeun padumuk ti Kampung Babakan Bogor sarta Balubur Hilir. Kusabab jasana dina ngawangun ieu gedong, sakumna padumuk anu kalibet dibébaskeun tina pajeg ku pamaréntah kolonial.
Arsitektur
[édit | édit sumber]Gedong Pakuan miboga langgam arsitektur Indische Empire Stijl anu anggun sarta monumental. Gaya ieu téh kacida dipikaresepna ku Jenderal Herman Willem Daendels. Ieu wangunan dirancang ku Insinyur Kepala ti Departement van Burgerlijke Openbare Werken (B.O.W). Éta insinyur anu sami ogé anu ngarancang wangunan Sakola Raja (Kweekschool) dina taun 1866, anu ayeuna fungsina janten Kantor Polwiltabes Bandung. Ciri hasna katingal tina ayana pilar-pilar jangkung anu némbongkeun kesan agung sarta resmi.
Kunjungan Tokoh Penting Internasional
[édit | édit sumber]Ti saprak mangsa Hindia Walanda, ieu gedong parantos janten tempat panyimpangan tokoh dunya, di antarana:
- Raja Siam Chulalongkorn (1901).
- Perdana Menteri Perancis, Georges Clemenceau (1921).
- Charlie Chaplin sarta Mary Pickford (1927).
- Sri Ratu Walanda Juliana sarta Pangéran Bernhard (1971).
- Présidén Yugoslavia, Josip Broz Tito.
- Perdana Menteri RRC, Zhou Enlai (nalika KAA 1955).
Gedong Pakuan Mangsa Ayeuna
[édit | édit sumber]Dina taun 1990, pamugaran struktur wangunan Gedong Pakuan parantos réngsé kalayan nelan waragad langkung ti samilyar rupiah. Ieu pamugaran luyu sareng harepan Pangéran Bernhard. Gedong Pakuan ayeuna masih tetep janten markah tanah Kota Bandung. Fungsi utamana nyaéta janten imah dines anu dijantenkeun padumukan resmi Gubernur Kepala Daérah Propinsi Jawa Kulon.
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ "Profil Jawa Barat". Laman Resmi Pamaréntah Propinsi Jawa Kulon. Diakses ping 13 Pébruari 2026.
- ↑ Hardjasaputra, A. Sobana. (2000). Bandung di Tepi Samudra: Sejarah Kota Bandung.