Grand Hotél Préanger
Grand Hotél Préanger nyaéta salah sahiji hotél anu pangheubeulna di kota Bandung. Hotél ieu jantén kasohor kusabab dina acara parayaan Konferensi Asia Afrika, loba pisan delegasi ti luar negeri anu nganjang ka dieu.[1]
Arsitektur
[édit | édit sumber]Dina taun 1929, hotél ieu dibebenah deui ku arsiték C.P. Wolff Schoemaker . Aya Presiden Soekarno anu nyumbangkeun ide patali jeung rancangan gedongna. Desain anu dipilih nyaéta gaya art deco anu kasohor pisan salaku gaya nu paling modern dina zaman éta anu ngagabungkeun unsur Barat jeung Timur.[1][2]
Sajarah
[édit | édit sumber]Saméméh diwangun, mimitina nyaéta imah pikeun istirahat atawa pasanggrahan anu dikelola ku CPE Loheyde dina taun 1825.[3]
Hotél Thiém basa digunakeun keur pasanggrahan salila tilu puluh taun (1825-1856), mindeng diséwa ku panumpang karéta pos anu kalilaan dina lalampahanana. Basa éta kadaharan di hotél éta ngan aya tilu rupi nyaéta een broodje met lafhartigheid (roti paké selai), een broodje met Chinesee vingers (roti jeung ikan zalm) dan een broodje met jodeform (roti jeung keju Swiss). Minumanana ogé ngan aya tilu nyaéta cikopi, téh jeung susu. Dina taun 1856, aya serat paréntah ti Gubernur Jénderal Ch.F. Pahud yén Ibukota Karésidenan Priangan ti Cianjur ngalih ka Bandung. Paréntah éta teu gampil dilaksanakeun ku sabab aya sababaraha anu janten tinimbangan.[4]
Ngarasakeun aya peluang keur usaha, salaki jeung pamajikan C.P.E. Loheyde, anu miboga pasanggrahan di Bandung, geura ngawangun hotel jeung toko anu dingaranan Hotél Thiém jeung Toko Thiém dina luhureun lahan di simpang Jalan Asia Afrika ayeuna jeung Jalan Tamblong. Wangunan Hotél Thiém réngsé dilaksanakeun dina taun 1862. Ku sabab imah Résidén Priangan (ayeuna Gedong Pakuan Jalan Cicéndo) can réngsé diwangun, rombongan Résidén Van der Moore anu nembé ngalih ka Bandung ti Cianjur (1864), sementawis aya di Hotél Thiém nepi ka 1867 dina waktos wangunan gedong Résidén réngsé diwangun. Dina taun 1884, basa jalur karéta api ti Batavia, Bogor, jeung Cianjur ka Bandung tos diwangun, kamar anu aya di Hotél Thiém janten makin loba.[5]
Awal mulana disebat Hotél Thiem atawa Hotél Préanger. Hotél éta mimiti beroperasi dina kaping 1 Juli 1887, diurus ku J.H. Bernard. Saprak 1 Oktober 1907, hotél ieu ganti nu mibogana nyaéta D. De Roever.[6]
Dina taun 1920, hotélna ganti ngaran sarua jeung nu ngaran ayeuna nyaéta Grand Hotel Preanger. Bentuk hotél baheula sarupa huruf U, bagian tengahna nyaéta lobi mangrupa taman nu terbuka.[7]
Saprak taun 1825, di tukangeun wangunan Grand Hotél Préanger anu ayeuna, tos aya hiji pasanggrahan. Lima puluh taun saterasna, dina pakarangan hareup éta pasanggarahan aya Hotél Thiém jeung Toko Thiém. Sanajan Hotél jeung tokona loba tamuna, lolobana preangerplanters (anu boga kebon), tetep waé C.P.E. Loheyde ngarasa ripuh dina ngurus kadua usaha éta.[8]
Tungtungna, dina taun 1897, anu miboga hotél jeung toko ganti anu mibogana, nyaéta W.H.C. Deeterkom. Anjeunna ngahijikeun hotél jeung toko. Di taun 1897 ogé, Deeterkom ngaganti ngaran hotél janten Hotél Préanger. Wangunan hotél Préanger anu baheula aya dina sisi Grote Postweg (ayeuna Jalan Asia Afrika) anu gaya arsitékturna nyaéta Indische empire stijl anu alus tur hadé, kasohor pisan dina zaman pamaréntaha Gubernur Jénderal Hérman Willém Daéndels.[9]
Perencanaan arsitéktur wangunan Grand Hotél Préanger dilaksanakeun sacara taliti, ku sabab éta peryogi waktos sababaraha taun. Basa Schoemaker ngarancang hotél, anjeunna dibantosan ku Soekarno salaku salah sahiji muridna, teras kungsi gawé dina kantor arsitéktur milik Schoemaker.[10]
Zaman Kiwari
[édit | édit sumber]Grand Hotel Preanger dinasionalisasi dina taun 1957. Ku kituna, hotél diambil alih ti perusahaan Walanda ka perusahaan daerah Jawa Barat atawa BUMD dina istilah ayeuna. Sanajan tos mindeng ganti ngaran, gaya art deco wangunanana tetep aya nepikeun ka ayeuna jantén ciri khas.[7]
Hotél ieu téh tos sababaraha kali ganti ngaran jeung ganti nu mibogana. Ayeuna pisan, hotél ieu the diatur ku PT Jaswita Jabar salaku salah sahiji perusahaan daerah, teras ngaranna robah jantén Grand Hotel Preanger.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b Andryanto, S. Dian. "Hotel Preanger Bandung dan Delegasi Konferensi Asia Afrika, Semula Toko Roti". Tempo. Diakses tanggal 2023-12-02.
- ↑ P.G.A, Robert; dkk, Voskuil (1996). Bandung Citra Sebuah Kota. Asia Maior. p. 65. ISBN 90 74 861 05 9.
- ↑ a b Akhmad, Irwan. "Sekelumit Kisah Legendaris Grand Hotel Preanger". Bandung Klik (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-12-02. Archived 2023-11-12 di Wayback Machine
- ↑ Kunto, Haryoto. Seabad Grand Hotel Preanger 1897-1997. Bandung. p. 87.
- ↑ Kunto, Haryoto. Seabad Grand Hotel Preanger 1897-1997. Bandung. p. 89.
- ↑ Kurnia, Atep. "Pendiri Toko dan Hotel Thiem". BandungBergerak.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02.
- ↑ a b Media, Kompas Cyber. "Kisah Salah Satu Hotel Tertua di Bandung, Berdiri Sejak 1897 Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02.
- ↑ Kunto, Haryoto. Seabad Grand Hotel Preanger 1897-1997. Bandung. p. 14.
- ↑ Kunto, Haryoto. Seabad Grand Hotel Preanger 1897-1997. Bandung. p. 16.
- ↑ Kunto, Haryoto. Seabad Grand Hotel Preanger 1897-1997. Bandung. p. 67.