Guha Sunyaragi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Guha sunyaragi)
Panto Gerbang Guha Sunyaragi

Guha Sunyaragi nyaéta tempat pélésir nu aya di Kelurahan Sunyaragi-Kesambi Kota Cirebon.[1] Ayana Guha Sunyaragi ieu cuma sabarahaéun meter ti na jalan By Pass Brigjen Darsono. Lega na situs peninggalan ieu téh kirang lebih na cuma 1,5 ha. Kapungkur pas tahun 1852 M Guha Sunyaragi ngalaman parobahan nyaéta pas zaman na Pamarintahan Sultan Syamsudin IV, parantos dirusak ku Belanda pas tahun 1787 M nyaéta kéur zaman pamarintahan Sultan Matangaji Tajul Arifin nu sifatna kooperatif ka pamarintahan Belanda.[1] .di ditu téh aya gedung anu ngarupa siga candi anu disebut taman Guha Sunyaragi.

Taman Perawan Sunti

Sejarah Ngadégna Guha Sunyaragi[édit | édit sumber]

Panggung seni di Guha Sunyaragi

Asal - usul namina Sunyaragi téh nyaéta tina dua kecap Sunya saréng Ragi, sunya anu artina sepi ai ragi artina raga atawi awak.[1] Sejarah ngadégna Tamansari Guha Sunyaragi gaduh dua versi, nu kahiji nyaéta menurut carita na para bangsawan Cirebon atanapi keturunan keraton anu ditepikéun secara turun-temurun. Versi éta téh parantos dikenal sebagai Carub Kanda. Versi kedua ngarupakéun versi Caruban Nagari nyaéta berdasarkan buku Purwaka Caruban Nagari nu ditulis panangan ku Pangeran Kararangen (Pangeran Arya Carbon) pas tahun 1720. Versi Iéu nu dijantén kéun sebagai acuan kanggeu pemandu wisata Guha Sunyaragi. Berdasarkan versi éta Guha Sunyaragi diadéugkéun ku Pangeran Kararangen anu merupakéun cicit ti na Sunan Gunung Jati pada tahun 1703.[1]

Di guha sunyaragi téh aya patung anu ngarupa siga awéwé atanapi nu biasa disebut patung parawan sunti anu cénahmah téu kenging dicekel ku awéwé anu masih parawan da upami nyékél éta patung céunah mah bakalan perawan salawasna, nyaéta mitos anu masih dipercaya ku Masarakat Cirebon teras tujuanna diajéugkéun Guha Sunyaragi téh nyaéta kanggé tempat réuréuh sareng tetapa na para sultan keraton kacirebonan.[1] Di tempat pélésir taman sari Guha Sunyaragi téh téu cuma mitos aya na patung parawan sunti, Aya Guha kelanggengan upami aya nu lebet ka Guha Kelanggengan bakal kenging jodoh upami aya nu entos gaduh pasangan di percayakeun hubunganna bakalan langgeng.[2] Sanajan parantos ngalami pamugaran téu kirang ti dalapan puluh opat persen Taman Sari Guha Sunyaragi anu didamel tina wangunan bahéula masih asli tina kadaan téu utuh, sésana cuma opat belas persen anu parantos di renovasi sareng diganti bahan - bahan material na éta téh parantos aya perobahan tina pemerintah di masa orde baru. peningglan - peninggalan - peninggalan Taman Sari Guha Sunyaragi mangrupa patung atanapi [3]

Wangunan - wangunan di Guha Sunyaragi[4][édit | édit sumber]

  1. Guha Peteng anu dibangun ditingkatkéun sareng disebut ogé selaku Guha Induk ngarupakéun wangunan nu terpenting.
  2. Guha Pengawal
  3. Guha Padang Ati
  4. Guha Kelanggengan
  5. Guha Lawa
  6. Guha Dapur
  7. Guha Langse
  8. Komplek Guha Arya Jumut
  9. Mande Kemasan (Wangunna entos burak)
  10. Mande Beling (Wangun na ngarupakéun jonggol)
  11. Gedung Jinem
  12. Gedung Panembahan
  13. Balai Kambang diluhr nateh aya wangunan nu kontruksi suluh jati jeung wangunan nu paling ageng.

Salain wangunan nu di handap aya taman anu ngasuaikéun ngaran - ngaranna.

  1. Taman Bujenggi Obahing Bumi
  2. Taman Putri Bucu jéung Taman Perawan Sunti
  3. Taman Kaputren

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e "Misteri Taman Sari Gua Sunyaragi Cirebon - Pintu Wisata" (dalam bahasa en-US). Pintu Wisata. 2016-02-01. https://www.pintuwisata.com/misteri-taman-sari-gua-sunyaragi-cirebon. Diakses pada 2018-02-01  Archived 2018-02-04 di Wayback Machine
  2. "Sunyaragi Bukan Gua Biasa, di Sinilah Mitos Enteng dan Sulit Jodoh Berada" (dalam bahasa en-US). Blog Traveling. 2016-09-04. http://traveling.indonesiaflight.id/2016/09/04/mitos-gua-sunyaragi/. Diakses pada 2018-02-01  Archived 2018-03-22 di Wayback Machine
  3. Ir. Drs. Budi Tjahjono, MT., Budi (01 Februari 2018). [http://www.sttcirebon.ac.id/eJournals/Arsitektur/ObyekWisataSitusPeninggalanSejarah_Ir_Drs_BudiTjahjono_MT.pdf "OBYEK WISATA SITUS PENINGGALAN SEJARAH SEBAGAI KARYA ARSITEKTUR Kasus telaah : Taman Gua Sunyaragi Cirebon"]. Journal. http://www.sttcirebon.ac.id/eJournals/Arsitektur/ObyekWisataSitusPeninggalanSejarah_Ir_Drs_BudiTjahjono_MT.pdf. Diakses pada http://www.sttcirebon.ac.id/eJournals/Arsitektur/ObyekWisataSitusPeninggalanSejarah_Ir_Drs_BudiTjahjono_MT.pdf.  Archived 2018-03-29 di Wayback Machine
  4. Anom, I. G. N.; Kusman, Tjepi (1991-01-01). Album Peninggalan Sejarah dan Purbakala (dalam Indonesian). Direktorat Jenderal Kebudayaan.