Lompat ke isi

Kota Cirebon

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pikeun artikel kabupatén nu ngaranna sarua, tempo Kabupatén Cirebon.
Kota Cirebon

Lambang Kota Cirebon

Taman di Keraton Pakungwati Caruban Nagari

Peta lokasi Kota Cirebon
Motto Cirebon Berintan
Propinsi Jawa Barat
Ibukota {{{ibukota}}}
Lega Wilayah 37,36 km² (14,42 sq mi)
Kordinat 6°44′23″S 108°33′11″E / 6.7396903°S 108.5529678°E / -6.7396903; 108.5529678Koordinat: 6°44′23″S 108°33′11″E / 6.7396903°S 108.5529678°E / -6.7396903; 108.5529678
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
343.497 (2021)[1]
9.194 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
5
22
Dasar hukum UU Nomor 16 Tahun 1950[2]
Tanggal 10 Agustus 1859
Walikota Drs. H. Nashrudin Aziz, S.H.
wakil walikota Eti Herawati
Kode aréa 0231
DAU Rp 605.092.285.000,00 (2020)[3]

Ramatloka: http://www.cirebon.go.id

Kota Cirebon nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kota ieu aya di basisir Laut Jawa, di jalur pantura. Baheulana Cirebon mangrupa ibu kota Kabupatén Cirebon, tapi ayeuna geus dipindahkeun ka Sumber. Cirebon jadi pusat régional di wilayah basisir wétan Jawa Barat.

Kota Cirebon kawengku ku 5 kacamatan, nu dibagi deui kana sajumlah kalurahan.

Cirebon disebut ogé 'Kota Hurang'. Minangka daérah panggihna budaya Jawa jeung Sunda ti sababaraha abad kapungkur, masarakat Cirebon biasa ngagunakeun dua basa, basa Sunda jeung Jawa.

Kota ieu legana 37,36 km² kalayan pangeusina anu jumlahna kurang leuwih 300.000 jiwa.

Kota Cirebon mangrupa puseur industri roko bogana British-American Tobacco (BAT), salah sahiji produsén roko bodas nu kasohor di dunya.

Di kota Cirebon aya tilu kasultanan, nyaéta Kasepuhan, Kanoman, jeung Kacerbonan, nu nepi ka kiwari masih kénéh aya.

Di daérah Gunung Sembung, Gunung Jati, kira-kira 15 kilométer saméméh kota Cirebon ti beulah kulon, aya makam Sunan Gunung Jati, salah sahiji ti antara Wali Songo, nyaéta salapan urang nu nyebarkeun agama Islam di Jawa.

Sajarah Kota Cirebon

[édit | édit sumber]

Numutkeun Purwaka Caruban Nagari, dina abad XIV di basisir Laut Jawa aya hiji désa pamayang leutik nu ngaranna Muara Jati. Dina waktu harita geus loba kapal asing datang pikeun dagang jeung pangeusi satempat. Pangurus palabuan nyaéta Ki Gedeng Alang-Alang nu ditunjuk ku pangawasa Karajaan Galuh (Padjadjaran). Di palabuan ieu aktivitas Islam beuki berkembang. Ki Gedeng Alang-Alang mindahkeun tempat pamukiman ka tempat pamukiman baru di Lemahwungkuk, 5 km arah kidul ngadeukeutan suku pasir nuju ka karajaan Galuh. Minangka kapala pamukiman anyarna diangkat Ki Gedeng Alang-Alang kalayan gelar Kuwu Cerbon.

Dina perkembangan satuluyna,Pangéran Walangsungsang, putra Prabu Siliwangi ditunjuk minangka Adipati Cirebon kalayan gelar Cakrabumi. Pangéran ieu anu ngadegkeun Karajaan Cirebon, dikawitan ku henteu ngirimna upeti ka Raja Galuh. Ku Raja Galuh dijawab ku jalan ngirimkeun tentara ka Cirebon pikeun nalukkeun Adipati Cirebon, tapi singhoreng Adipati Cirebon kuat teuing pikeun Raja Galuh nu ahirna Cirebon meunang perang.

Ku ayana kajadian éta, karajaan anyar diadegkeun di Cirebon kalayan Rajana gumelar Cakrabuana. Ngadegna karajaan Cirebon nandaan dimimitiannana Karajaan Islam Cirebon kalayan palabuan Muara Jati nu aktifitasna sumebar nepi ka wewengkon Asia Tenggara.

Hiji karajaan anu pohara kuat, Kasultanan Cirebon ninggalkeun loba kenangan. Henteu ngan ukur carita, tapi ogé dina wangun tempat atanapi barang anu tiasa dipikanyaho dugi ka ayeuna. Tempat bersejarah ieu malah masih nangtung, sarta mindeng jadi tujuan wisata Cirebon metot pikeun didatangan. Sawatara titinggal karajaan Cirebon diantarana:

  • Karaton Kasepuhan
  • Karaton Kanoman
  • Karaton Kacirebonan Taman Sunyaragi
  • Kompleks Tempat Makan Gunung Sembung
  • Kompleks Makam Gunung Jati.

Riwayat Pamaréntahan

[édit | édit sumber]

Mangsa Taun 1270-1910.
Dina abad ka-13 Kota Cirebon ditandaan ku kahirupan nu tradisional kénéh sarta dina taun 1479 berkembang jadi puseur panyebaran jeung karajaan Islam utamana di wilayah Jawa Barat. Saterusna sanggeus penjajah Walanda asup, diwangun jaringan jalan raya darat jeung karéta api sahingga mangaruhan perkembangan industri jeung perdagangan.
Mangsa Taun 1910-1937
Dina mangsa ieu Kota Cirebon disahkeun jadi Gemeente Cheirebon kalayan lega 1.100 Héktar sarta pangeusina 20.000 jiwa (Stlb. 1906 No. 122 jeung Stlb. 1926 No. 370).
Mangsa Taun 1937-1967
Taun 1942 Kota Cirebon dilegan jadi 2.450 héktar sarta taun 1957 status pamaréntahannana jadi Kota Praja kalayan lega 3.300 héktar, sanggeus ditetepkeun jadi Kotamadya taun 1965 legana jadi 3.600 héktar.
Mangsa Taun 1967-Kiwari
Wilayah Kota Cirebon nepi ka ayeuna legana 3.735,82 héktar nu kabagi kana 5 kacamatan sarta 22 kalurahan.

Lingkungan Sosial, Ekonomi jeung Budaya

[édit | édit sumber]

Pangeusi kota Cirebon ngawengku rupa-rupa étnis, teu ngan saukur ti Indonésia tapi ogé ti luar Indonésia, utamana Cina jeung Arab.

Dumasar kana hasil sénsus penduduk taun 2006, pangeusi kota Cirebon taun 2006 téh kacatet aya 285.363 urang. Kalawan komposisi jumlah pangeusi lalaki leuwih saeutik ti batan awéwé. Lalaki 138.879 urang jeung awéwé 146.484 urng kalawna sex ratio 98,79 %, atawa bisa disebutkeun yén tina unggal 100 urang awéwé aya 98 urang lalaki.[4]

Tingkat kepadatan pangeusi Kota Cirebon numutkeun hasil sénsus penduduk taun 2006 ngahontal 7.719 urang per Km². Wewengkon anu paling padet téh aya di Kacamatan Pakalipan anu ngahontal 20.337 urang per Km² jeung Kacamatan Kejaksan kira-kira 11.429 urang per Km². Kacamatan anu jumlah pangeusina pangsaeutikna nyaéta di Kacamatan Harjamukti anu jumlahna kira-kira 4.845 urang per Km².[4]

Dina widang pangatikan, kota Cirebon ngalaman kamajuan rata-rata pangeusina boga pangatikan Taman Kanak-kanak anu jumlah muridna 3.345 urang kalawna jumlah sakolana 58, SD jumlah muridna 37.488 urang kalawan jumlah sakolana 155 siki, SLTP jumlah muridna 16.940 urang kalawan jumlah sakolana 42 siki, SLTA jumlah muridna 11.334 urang kalawan jumlah sakola 26 siki, jeung SLTA tingkat kejuruan aya 8.040 urang kalawan jumlah sakola 17 siki. Pikeun tingkat paguron luhur réa anu nyokot pangatikan di luar Cirebon kayaning kota Bandung, Jakarta jeung lian-lianna. Di sagédéngeun éta aya ogé anu nyokot pangatikan Madrasah nu lobana 2.489 urang (BPS:2006/2007).[4]

Ti mimiti abad ka-14, Cirebon dipikawanoh minangka wewengkon perdagangan. Nepi ka kiwari ogé Cirebon masih pantes ditelah kota perdagangan anu matak ngajangjikeun. Teu héran saupama sawaréh pangeusi Cirebon ngagantungkeun hirupna tina dagang. Tapi upama ningali tina kondisi alamna teu saeutik anu dirojong tina widang pertanian, perikanan jeung industri. Lolobana masarakat pangeusi kota Cirebon téh digawé dina widang perikanan jeung industri. Iwal ti anu geus disebutkeun di luhur, aya ogé warga anu jadi tukang wangunan, pertambangan, jeung pagawé negri sipil (Suseda 2006, BPS).[4]

Masarakat kota Cirebon lolobana ngagem agama Islam, tapi aya ogé anu ngagem Kristen, Budha jeung Konghucu.[4]

Basa anu dipaké dina paguneman sapopoé nyaéta basa Sunda, jeung basa Cirebon (Jawa-Cirebon) minangka sarana komunikasi antar masarakat boh ti tingkat désa nepi ka tingkat pakotaan, maranéhna tetep masih maké éta basa minangka basa indung.

Cirebon Kota mindeng disebut ku istilah Grage nu mangrupakeun basa Jawa dialék Cirebon, nyaéta singgetan tina "Negara Gede" nu hartina Karajaan Gedé.[5] Cirebon ogé katelah kota palabuan anu jadi ciri has kota ieu pikeun narik wisatawan boh ti jero boh mancanagara.[6] Kabudayaan Cirebon ogé katelah ku istilah Jawa Pasisiran, sarupa jeung kabudayaan di Banten, Pekalongan atawa Semarang, anu pacampur jeung pangaruh Sunda, Cina, Arab-Islam jeung Éropa. Lokasi Cirebon di tapel wates Jawa Tengah jeung Jawa Kulon méré gaya sorangan ka Kasultanan Cirebon, ku kituna budaya masarakat Cirebon henteu condong kana budaya Jawa atawa Sunda. Hasilna, budaya has anu unik digabungkeun duanana. Ieu sababaraha kabudayaan anu kasohor anu jadi ciri kota sareng pariwisata Cirebon.

Kasenian jeung karajinan

[édit | édit sumber]

Salah sahiji karajinan anu kasohor ti Cirebon nyaéta batik Megamendung, batik anu warnana caang jeung dipapaésan ku motif méga anu ngagumpal. Dina sajarahna, motif Megamendung mangrupakeun pola anu geus dipangaruhan ku budaya Cina.[7] Pasar Trusmi mangrupakeun salah sahiji puseur produksi batik Cirebon nu kawentar. Kasenian anu kasohor sanésna nyaéta lukisan kaca. Biasana objék anu digambar dina lukisan ieu ngagunakeun téma wayang atawa kaligrafi Islam.[8]

Pintonan seni

[édit | édit sumber]

Cirebon bogaeun kasenian tari anu kasohor, nyaéta Tari Topeng.[9] Sacara filosofis, Tari Topéng Cirebon ngagambarkeun siklus Panji Jawa. Kabudayaan di Cirebon ogé dipangaruhan ku budaya Islam Timur Tengah, salah sahijina nyaéta Burokan.[10] Burokan nyaéta prosesi tradisional gambar buraq anu dijieun tina awi jeung kulit kertas. Tradisi ieu sarua jeung Ogoh-ogoh di Bali, Ondel-ondel Batawi, jeung Sisingaan Sunda, tapi anu ngabédakeunana nyaéta ayana téma Islamna. Burokan biasana lumangsung pikeun memeriahkan acara khitanan atawa kawinan, dipirig ku Musik Tarling. Musik tarling nyaéta musik tradisional anu ngan maké dua instrumen musik, nyaéta gitar jeung suling. Istilah Tarling mangrupakeun singketan tina kecap gitar jeung suling.[11]

Tarian has Cirebon ieu dipentaskeun ku mojang Cirebon anu masih murni, dibantuan ku pawang jeung genep urang maén gending. Tari Sintren nyaritakeun hiji pasangan nu ngaranna Sulasih jeung Sulandono nu carita cintana teu disatujuan. Duanana tungtungna kabur ti imah. Sulandono jadi petapa, sedengkeun Sulasih jadi penari.[12]

Karnapal Budaya Cirebon

[édit | édit sumber]

Karnapal Budaya Cirebon mangrupa acara taunan anu mangrupa wujud hajatan masarakat pikeun milangkala Kota Cirebon, ogé mangrupa wujud rasa sukur kana naon anu geus ditamai sapanjang taun. Dina wanci Karnapal Budaya, sakumna warga Cirebon turun ka jalan ningali pawai anu mintonkeun sakabéh kabudayaan urang Cirebon. Sawatara anu dipidangkeun dina wangun peragaan busana, hiasan kandaraan, pintonan kasenian, sangkan sakumna punggawa karaton turun ka jalan.[12]

Batik Megamendung geus lila dipikawanoh minangka batik khas Cirebon, tapi tétéla henteu ngan batik Megamendung anu kualitasna super sarta dipikaresep ku wisatawan domestik jeung mancanagara. Di wewengkon Trusmi Batik Center ogé aya Batik Ninik anu kasohor ku kualitas batik anu alus. Malah nu boga warung boga warisan batik nu geus 200 taun! Prosés lengkep dina batik dibarengan ku kegigihan, sareng orientasi kualitas anu jelas pisan. Teu anéh para wisatawan mancanagara ngariung néangan Batik Ninik di ieu wewengkon.[12]

Karaton

[édit | édit sumber]

Minangka padumukan sultan, karaton miboga kaistiméwaan sorangan salaku bagian tina budaya Cirebon. Ayana tilu karaton di Cirebon hartina ogé aya tilu kaunikan arsitéktur. Karaton Kasepuhan minangka karaton pangkolotna sarta panglegana nyaéta wangunan gaya candi anu didominasi bahan bata beureum. Karaton Kanoman béda jeung Karaton Kasepuhan sabab dijieun dina jaman anu béda. Di Karaton Kanoman, wangunanna didominasi warna bodas jeung loba piring leutik napel na tembok. Piring mangrupikeun warisan ti jaman Cina. Satuluyna nyaéta Karaton Kacirebonan, anu bungsu. Kabudayaan jaman harita ogé mangaruhan kana desain arsitéktur sahingga bahanna didominasi ku kai sarta miboga corak batik Megamendung. [12]

Cangkang Kerang

[édit | édit sumber]

Dijieunna tina cangkang, cangkang Multi Dimensi asalna ti puseur karajinan di Désa Astapada. Saban poé sok loba rombongan mobil wisata anu hayang ningali jeung meuli karajinan ieu. Aya rupa-rupa karajinan anu ditawarkeun sapertos anting, kalung, lampu, asbak, taplak meja, sareng réa-réa deui. Kusabab kualitas sareng popularitas karajinan cangkang ieu, teu aya anu kantos mesen lampu hias Rp. 23 juta.[12]

Di Désa Tegalwangi, Cirebon, anjeun bakal manggihan sentra industri rotan anu geus kasohor mangtaun-taun. Seuseueurna pendudukna damel janten pengrajin rotan anu dilakukeun di bumi masing-masing. Standar kualitas luhur di puseur industri ieu malah geus nyieun merek badag kawas IKEA sumber suplai karajinan rotan ti dieu.

Kuliner

[édit | édit sumber]

Salaku kota basisir, industri utama di Cirebon nyaéta perikanan. Produkna diantarana tarasi, petis, krupuk udang, jeung rupa-rupa lauk asin.[13] Cirebon kasohor ku lauk asin anu kualitasna luhur, contohna roti jambal, juhi (sotong asin), rebon, jeung ebi (udang leutik garing).[14] produkiproduk ieu mindeng ditéang ku para wisatawan, hususna wisatawan domestik Indonésia jeung ti kota sanés, nu biasana sok dijadikeun oleh-oleh ka lembur.[12]

Cirebon ogé kasohor ku masakan lokalna nu ngeunah, misalna empal gentong (kari jeroan), mie koclok (mi hayam nu dikuahan santan), nasi lengko (sangu jeung tauge, goreng tahu, jeung goreng témpé, luhureuna maké sambel suuk jeung kecap), nasi jamblang (sangu maké rupa-rupa lauk), tahu gejrot (tumis tahu jeung bawang bodas ditumbuk, cabe, jeung bawang beureum, dibubuhan kecap amis saeutik), tahu petis (goreng tahu garing maké sambel petis),[15] tahu tek-tek (goreng tahu jeung sambel suuk dicampur ku rupa-rupa sayur), hayam panggang (ayam bakar), jeung docang (lontong jeung sayur haseum).[16]

Pariwisata

[édit | édit sumber]

Aya sababaraha tempat wisata di Cirebon Kota anu mindeng didatangan ku wisatawan. Di antarana nyaéta wisata sajarah kajayaan karajaan Islam, ziarah ka para wali, komplek astana Sunan Gunung Jati di Gunung Sembung (kira-kira 24 kilométer kuloneun puseur kota), Masjid Agung Cirebon, Masjid At-Taqwa,[17] candi, jeung wangunan titilar warisan Walanda.

Cirebon mangrupakeun hiji karaton sakaligus dayeuh, nyaéta Karaton Kasepuhan jeung Karaton Kanoman.[18] Kabéh wangunan karaton éta boga arsitéktur nu dipadukeun antara unsur budaya Islam, Cina jeung Walanda. Ciri has wangunan karaton di Cirebon nyaéta wangunanna sok nyanghareup ka kalér jeung aya masjid gedé di gigireunana. Unggal karaton boga alun-alun kota minangka tempat ngumpulna masarakat, tuluy aya pasar,[19] jeung patung macan di kebon atawa palataran hareup minangka lambang Prabu Siliwangi.[20] Ciri séjéna nyaéta piring porselin asli ti Cina anu ngahiasan témbok. Dina sajarahna, sababaraha ménu makanan didieu asalna ti Éropa nalika Cirebon jadi puseur dagang jeung palabuan di Pulo Jawa.

Aya sababaraha taman kota di Cirebon, di antarana Taman Air Sunyaragi jeung Taman Ade Irma Suryani.[21] Taman Cai Sunyaragi dilengkepan ku téhnologi cai mancur, padang rumput hejo, jeung ruangan husus anu pantona dijieun tina hordeng cai.

Gunung Ceremai, nu kaasup Taman Nasional Gunung Ciremai nyaéta puncak pangluhurna di Jawa Kulon.[22] Gunung nu legana 6.800,13 ha di Kabupatén Majalengka jeung 8.699,87 ha di Kabupatén Kuningan,[23] mangrupakeun gunung seuneuan nu lokasina kira-kira aya di 48,9 kilométer ti Cirebon kota ka beulah kidul. Taman-taman jeung tempat wisata lainna di lamping Gunung Ceremai ogé mangrupakeun tempat populér nu hawana tiis tibatan iklim di basisir. Désa Linggajati, deukeut kota Cilimus, (tempat lumangsungna Perjangjian Linggajati) mangrupakeun salah sahiji tempat angkutan umum mawa wisatawan sareng wisatawan ka dieu.

Basisir Jawa

[édit | édit sumber]

Tempatna caket palabuhan Cirebon, Pantai Kejawanan ngagaduhan seueur tempat fotografi anu endah pisan. Teu heran tempat ieu dipikacinta ku photographers pikeun moro poto. Teu saeutik para nonoman jeung kulawarga anu motret babarengan pikeun ngarebut momen-momen kebersamaanna. Isuk-isuk jeung sore, anjeun tiasa ningali sunrise jeung Panonpoé Tilelep di pantai ieu. Ngan néangan tempat favorit di pantai ieu, nu mangrupa rupa bumi taringgul anu panjangna kurang leuwih 1 km ka laut.

Empal Gentong

[édit | édit sumber]

Hésé mun ngobrol ngeunaan Empal Gentong waktu ngabahas wisata kuliner di Cirebon. Empal Gentong parantos lami janten tuangeun khas Cirebon kusabab ngeunahna anu luar biasa. Disebut Empal Gentong, sabab baheula mah can aya panci pikeun masak empal, jadi jalma masak Empal maké tong. Sababaraha réstoran Empal Gentong legendaris anu patut dicoba diantarana Empal Gentong Haji Apud, Empal Gentong Amarta, sareng Empal Gentong Krucuk.[12]

Bubur M. Toha

[édit | édit sumber]

Upami burihna ngagerem di luar waktu tuang, euweuh salahna upama nganjang ka Bubur M Toha anu buka 24 jam, jadi wisatawan tuang tuang di dieu iraha waé. Di warung makan ieu, aya menu bubur hayam kumplit jeung rupa-rupa menu anu nikmat, ogé bubur kacang héjo jeung bubur ketan hideung. Ieu tempat nu kawentar, biasana antrian anu meuli sok rame, jadi kudu rada sabar jeung daék ngantri pikeun ngarasakeun éta.[12]

Sétu Patok

[édit | édit sumber]

Upama wisatawan acan pernah ningali Danau Toba, Setu Patok bisa jadi alternatip tanpa kedu nepi ka Pulo Sumatra. Setu Patok disebut-sebut minangka Danau Tobanya Cirebon sabab éta danau panggedéna anu legana 175 héktar. Di tengah situ, aya hiji pulo leutik metot. Panempoan Setu Patok éndah pisan dina isuk-isuk jeung sore, utamana lamun anjeun meunang jurus nalika langit konéng di tempat ieu. Bukit-bukit anu ngurilingan danau éta janten tetempoan anu éndah kalayan pesona sorangan, masihan suasana anu tenang sareng tenang. Lokasina anu teu pati jauh ti puseur dayeuh ogé jadi sabab lobana wisatawan anu datang ka dieu.

Bukit Gronggong

[édit | édit sumber]

Kaceluk gaduh pamandangan wengi anu tiis, Bukit Gronggong ngahibur para tamu ti luhur bukit luhureun kota Cirebon. Suasana peuting jadi leuwih romantis jeung loba lampu kota kedip-kedip katempo ti kajauhan. Minangka kawasan wisata anu kasohor, di Bukit Gronggong loba pisan panginepan jeung restoran anu nampilkeun kaéndahan panorama bukit-bukit minangka daya tarik utama. Liburan di tempat ieu sareng kulawarga atanapi pasangan bakal émut pisan.[12]

Tutumpakan

[édit | édit sumber]

Palabuan udara

[édit | édit sumber]

Bandara anu kakarak réngsé diwangun di sabudeureun Cirebon nyaéta Bandara Internasional Kertajati di Kabupatén Majalengka.[24] Palabuan udara ieu ngalayanan Cirebon jeung wewengkon tatanggana. Di Cirebon kota sorangan ogé aya Palabuan Udara Cakrabhuwana atawa palabuan Udara Penggung anu ogé ngalayanan operasi Angkatan Udara Indonésia.[25]

Palabuan Cirebon

[édit | édit sumber]

Palabuan Cirebon geus aya ti jaman kolonial Walanda anu diwangun taun 1865, dijadikeun palabuan utama pikeun ékspor rempah-rempah, tebu jeung bahan baku ti Jawa Kulon.[26] Gudang gudang di sabudeureun palabuan mimiti diwangun dina 1890an, lajeng hiji pabrik bako British American Tobacco ogé diwangun dina taun 1923, nu ayeuna jadi salah sahiji ikon Cirebon kota. Lokasi gudang ieu aya di Jalan Pasuketan, Kalurahan Lemahwungkuk, gigireun Bank Mandiri Kota Cirebon ayeuna.[27] Biasana éta palabuan téh mindeng dipaké pikeun ngirim batubara impor curah, aspal cair, jeung minyak nabati ka pedalaman Jawa Kulon. Nepi ka taun 2002, palabuan Cirebon masih ngalayanan perdagangan peti-peti leutik jeung bolak-balik kapal pasiar.

Palayanan umum

[édit | édit sumber]

Listrik

[édit | édit sumber]

Nempo ti data kalistrikan, jumlah palanggan anu ngagunakeun listrik dina taun 2008, sakitar 91,50 perséna nyaéta konsumén rumah tangga (R), 5,80 persén ti konsumén bisnis (B), jeung 1,90 perséna ti pelanggan kelas tarif sosial (S). konsumén Industrial ngan aya 0,15 persen. Daya nu dipasang dina 2009 nyaéta 190.966 KVA.[28]

Cai inum

[édit | édit sumber]

Nyadiakeun sumber cai pikeun inumeun Cirebon kota kacida pentingna merhatikeun kota ieu ayana di deukeut perairan basisir, di mana sumber caina cenderung teu layak dijadikeun sumber cai inum.[29] Taun 2021, jumlah nu nyicingan Cirebon kota nu ges bisa ngakses cai inum aya 196.610 urang, presentasina nepi ka 58,37%. Mun dibagi deui, cai inum anu dipake ku kategori rumah tangga aya 9.448.873.000 liter, nu kaasup hotel, toko, industri jeung pusahaan aya 2.581.719.000 liter, rumah sakit non pemeruntah aya 81.277.000 liter, tempat ibadah aya 173.577.000 liter, sarana atawa pasilitas umum aya 116.410.000 liter, instansi atawa kantor pamarentahan aya 800.863.000 liter, palabuan aya 7.873.000 liter, jeung nu lainna aya 362.144.000 liter.[30] Nilai pangjualan cai inum dina taun 2021 panggedéna aya di kategori rumah tangga nyaéta Rp 40.199.502.182,- jeung nu pang leutikna di sektor palabuan Rp 143.852.840,-.[30]

Kaséhatan

[édit | édit sumber]

Ti saprak pamaréntahan Hindia Walanda, Kota Cirebon geus boga imah sakit Oranje nu ayeuna geus diganti jadi RSD Gunung Jati. Imah sakit ieu diresmikeun dina 31 Agustus 1921 sarta mimiti beroperasi dina 1 Séptémber 1921.[31]

Imah sakit di CIrebon kota nu ges kadaptar di Kamentrian Kaséhatan Républik Indonésia aya 11 imah sakit nu bogana ti rupa-rupa organisasi (swasta, organisasi sosial, pemkot, organisasi katholik, pausahaan, TNI AD, BUMN, jeung organisasi islam).[32] Hiji Rumah Sakit Umum Daerah, hiji Rumah Sakit Umum Daerah Tipe A, tilu Rumah Sakit Umum Bersalin, opat Rumah Sakit Swasta, jeung dua Rumah Sakit Umum Pusat.[33]

Catetan BKKBN nyebutkeun Cirebon dibarengan ku Kabupatén Bandung, Cianjur, jeung Garut, dina taun 2022, baris jadi wewengkon anu statusna darurat stunting. Ieu kusabab persentase stunting ka barudak di handapeun umur 12 taun ngahontal leuwih ti 30%.[34]

Daptar Rumah Sakit[35]

[édit | édit sumber]
  • Rumah Sakit Umum Daérah Waled
  • Rumah Sakit Paru Sidawangi
  • Rumah Sakit Mitra Plumbon
  • Rumah Sakit Ciremai
  • Rumah Sakit Gunung Jati
  • Rumah Sakit Pelabuhan
  • Rumah Sakit Muhammadiyah Cirebon
  • Rumah Sakit Sumber Kasih
  • Rumah Sakit Umum Daérah Arjawinangun
  • Rumah Sakit Budi Luhur
  • Rumah Sakit Putera Bahagia

Daptar Puskésmas[36]

[édit | édit sumber]
  • Puskésmas Kejaksan
  • Puskésmas Jalan Kembang
  • Puskésmas Nelayan
  • Puskésmas Pamitra
  • Puskésmas Gunung Sari
  • Puskésmas Drajat
  • Puskésmas Majasem
  • Puskésmas Sunyaragi
  • Puskésmas Kesambi
  • Puskésmas Jagasatru
  • Puskésmas Astanagarib
  • Puskésmas Pekalangan
  • Puskésmas Pulasaren
  • Puskésmas Kesunean
  • Puskésmas Pegambiran
  • Puskésmas Pesisir
  • Puskésmas Cangkol
  • Puskésmas Kalitanjung
  • Puskésmas Larangan
  • Puskésmas Perum Utara
  • Puskésmas Kalijaga Permai
  • Puskésmas Sitopeng

Pangatikan

[édit | édit sumber]

Paguron Luhur

[édit | édit sumber]
  • Universitas Swadaya Gunung Jati
  • Institut Agama Islam Negeri Syekh Nurjati Cirebon
  • Universitas 17 Agustus 1945 Cirebon
  • Sekolah Tinggi Teknologi Cirebon
  • Politeknik Pariwisata Prima Internasional
  • Politeknik Kesehatan Tasikmalaya Kampus Cirebon
  • SMAN Negeri 1 (Jl. Dr. Wahidin Sudirohusodo No.81)
  • SMAN Negeri 2 (Jl Dr. Cipto Mangunkusumo No 1)
  • SMAN Negeri 3 (Jl. Ciremai Raya No.63)
  • SMAN Negeri 4 (Jl. Perjuangan No. 1)
  • SMAN Negeri 5 (Jl. Swasembada No.7)
  • SMAN Negeri 6 (Jl. Dr. Wahidin Sudirohusodo No.79)
  • SMAN Negeri 7 (Jl. Perjuangan No.7)
  • SMAN Negeri 8 (Jl. Pronggol No.73A)
  • SMAN Negeri 9 (Jl. Pramuka)
  • SMA Advent Kesepuhan
  • SMA Cokro Aminoto (Jl. Stasiun No.12)
  • SMA Islam Al-Azhar (Jl. Pilang Setrayasa No. 31)
  • SMA Kartika XIX-5 (Jl. Karang Jalak No. 61)
  • SMAK Penabur (Jl. DR. Cipto Mangunkusumo No. 24)
  • SMA Putra Nirmala (Jl. DR. Sutomo)
  • SMA Taman Siswa (Jl. Sunyaragi)
  • SMA Widya Utama (Jl. Kesambi Baru 1 No.55A)
  • SMA Windu Wacana (Jl. Pangeran Drajat No.59 233069)
  • SMA Telkom Sekar Kemuning (Jl. Terusan Sekar Kemuning No.36)
  • SMA IT Nurrusshidiq (Jl. Wiratama No.30)
  • SMK Negeri 1 (Jl. Perjuangan)
  • SMK Negeri 2 (Jl. DR. Cipto Mangunkusumo No.202)
  • SMK Pakungwati (Jl. Brigjen Darsono)
  • SMK Taman Karya M.T. (Jl. Binawan V)
  • SMK Nasional (Jl. Perjuangan)
  • SMK PUI (Jl. P. Diponegoro No.22)
  • SMK Gracika (Karyamulya)
  • SMK Veteran (Jl. Sunyaragi)
  • SMK Wahidin (Jl. Dr. Wahidin No. 21)
  • SMK Taman Karya M.E. (Jl. Binawan V)
  • SMK Pariwisata (Jl. Perjuangan No.4)
  • SMK Informatika Al-Irsyad (Jl. Perjuangan No.31)
  • SMK Budiarti (Jl. Pangeran Drajat No.59A)
  • SMK Al-Hidayah (Jl. Kalitanjung P.Grenjeng No.165
  • SMK Cipto (Jl. Pekiringan)
  • SMK Bina Insan Mandiri (Jl. Kedung Menjangan)
  1. "Visualisasi Data Kependudukan - Kementerian Dalam Negeri 2021" (visual). www.dukcapil.kemendagri.go.id. Diakses tanggal 25 Pebruari 2023.  Archived 2021-08-05 di Wayback Machine
  2. "Pembentukan Daerah-Daerah Otonom di Indonesia s/d Tahun 2014" (PDF). www.otda.kemendagri.go.id. Diarsipkan dari versi asli (PDF) tanggal 12 Juli 2019. Diakses tanggal 25 Pebruari 2023.  Archived 2019-07-12 di Wayback Machine
  3. "Rincian Alokasi Dana Alokasi Umum Provinsi/Kabupaten Kota Dalam APBN T.A 2020" (pdf). www.djpk.kemenkeu.go.id. (2020). Diakses tanggal 25 Pebruari 2023. [tumbu nonaktif]
  4. a b c d e Disbudpar Jawa Barat. 2007. Kearifan Masyarakat Jawa Barat dalam Pelestarian Lingkungan Hidup (Wilayah Cirebon). Disbudpar:Bandung
  5. Caturwati, Endang (2003). Lokalitas, gender, dan seni pertunjukan di Jawa Barat (dalam Indonesian). Aksara Indonesia. p. 182.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  6. "Menengok Sejarah Keemasan Pelabuhan Cirebon". JawaPos.com (dalam Indonesian). 18 Pebruari 2018. Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  7. Dachi, Mesakh Ananta (24 Oktober 2022). "Makna Corak Batik Mega Mendung Cirebon". mediaindonesia.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  8. Laily, Iftitah Nurul (12 Agustus 2021). "Batik Trusmi Cirebon, Warisan Luhur Khas Kesultanan Cirebon". katadata.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  9. Aeni, Siti Nur (10 Agustus 2021). "Mengenal Sejarah dan Properti Tari Topeng Cirebon". katadata.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  10. Maryono, Yon (17 Oktober 2022). "Kesenian Burok Lahir 1920 Di Gebang, Harus Dipatenkan Jadi Warisan Budaya Kabupaten Cirebon". Rmol Jabar. Diakses tanggal 25 Pebruari 2023. 
  11. "Warisan Budaya Takbenda". warisanbudaya.kemdikbud.go.id. Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  12. a b c d e f g h i batiqa. "Mengenal Kota Cirebon dan Sejarahnya". https://www.batiqa.com/ (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  13. Wiryadi, Jessica; Laurens, Joyce M. (2019). "Fasilitas Wisata Pasar Ikan Kejawanan di Kota Cirebon". eDIMENSI ARSITEKTUR 7 (1). https://publication.petra.ac.id/index.php/teknik-arsitektur/article/download/9362/8441. Diakses pada 25 Pebruari 2023.  Archived 2023-01-11 di Wayback Machine
  14. Saiputra, Rizky Phyar. "Terasi, Olahan Udang Penggerak Ekonomi Masyarakat Cirebon". www.goodnewsfromindonesia.id (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  15. Laily, Iftitah Nurul. Tobing, Sorta, ed. "9 Makanan Khas Cirebon yang Wajib untuk Dicoba". katadata.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  16. Syahroni, Ony. "Menelisik Sejarah Docang Kuliner Khas Cirebon". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  17. "5 Rekomendasi Destinasi Wisata Religi di Cirebon". kumparan (dalam id-ID). 1 September 2022. Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  18. Nugroho, Agung (16 April 2022). "Sejarah Ringkas, Keraton Kasepuhan dan Kanoman Cirebon, Berawal dari Pemberontakan Trunojoyo Kepada Mataram - Cirebon Raya". Cirebon Raya (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  19. Ningsih, Widya Lestari (12 Agustus 2021). "Keraton Kanoman Cirebon: Sejarah, Letak, dan Fungsinya Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  20. Fuaddah, Muflika Nur (31 Agustus 2022). "10 Peninggalan Kerajaan Cirebon, Termasuk Patung Macan Putih Lambang Keturunan Prabu Siliwangi". intisari.grid.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  21. Sukmah, Fenti (20 Pebruari 2022). "Taman Ade Irma Suryani, Waterland Terlengkap di Cirebon". www.nativeindonesia.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  22. Setyaningrum, Puspasari, ed. (23 Januari 2023). "Gunung Ciremai, Gunung Tertinggi di Jawa Barat Pemilik Tanjakan Bapa Tere Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  23. "Taman Nasional Gunung Ciremai". Pemerintah Kabupaten Kuningan (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2022-12-08 di Wayback Machine
  24. "Kertajati International Airport - West Java". bijb.co.id. Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  25. Sosilawati; Handayani, Amelia; Wahyudi, Ary Rahman; Mahendra, Zhein Adhi; Massudi, Wibowo; Listiani, Ayu; Rizkianto, Ardi Zanuar (2016-12-12). Sinkronisasi Program dan Pembiayaan Pembangunan Jangka Pendek 2018-2020 Keterpaduan Pengembangan Kawasan dengan Infrastruktur PUPR Pulau Jawa (dalam Indonesian). Pusat Pemrograman Dan Evaluasi Keterpaduan Infrastruktur Pupr, Badan Pengembangan Infrastruktur Wilayah, Kementerian Pekerjaan Umum Dan Perumahan Rakyat. p. 126. ISBN 978-602-61190-5-6.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  26. Dunia maritim volume 22-23 (dalam Indonesian). 1972. p. 19.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  27. Rohman, Fathur (12 Oktober 2022). Intan, ed. "Wisata Kota Cirebon Gedung BAT dan Jejak Industri Rokok di Pantura". katadata.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  28. "Cirebon dalam angka-industri listrik, gas dan air minum/". Pemerintah Daerah Kota Cirebon. Diakses tanggal 26 Pebruari 2023.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  29. Baim. "Sulit Dapat Air Bersih, Salah Satu Alasan Warga Mundu Ingin Gabung Kota Cirebon". Suara Cirebon (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  30. a b "Konsumsi air pdam". 6 April 2021. Diakses tanggal 26 Pebruari 2023.  Archived 24 Agustus 2022 di Wayback Machine
  31. "Sejarah - RSD Gunung Jati". rsdgunungjati.cirebonkota.go.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-25. [tumbu nonaktif]
  32. "RS Online". sirs.kemkes.go.id. Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  33. "Jumlah Rumah Sakit (Unit) di kota Cirebon". 11-11-2021. Diakses tanggal 26 Pebruari 2023.  Archived 2023-04-07 di Wayback Machine
  34. Surya, Muhammad. "Stunting di Kota Cirebon di Atas Nasional, Butuh Kolaborasi Pentahelix Turunkan Angka Prevalensi". Suara Cirebon (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-25.  Archived 2023-02-25 di Wayback Machine
  35. "RUMAH SAKIT – DINAS KESEHATAN KOTA CIREBON" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  36. "PUSKESMAS KOTA CIREBON – DINAS KESEHATAN KOTA CIREBON" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine
  37. "SMA/SMK - Pemerintah Daerah Kota Cirebon" (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-28.  Archived 2023-02-28 di Wayback Machine

Tumbu Luar

[édit | édit sumber]