Burokan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gambar:Burokan.jpg
Burokan ti Cirebon.

Burokan mangrupa seni helaran nu populér pisan di Cirebon. Ceuk para senimanna (utamana di Désa Pakusamben, Kacamatan Babakan, Kabupatén Cirebon), burokan ieu mimiti aya kira taun 1934, nalika saurang warga Désa Kalimaro, Kacamatan Babakan, nu ngaranna Kalil nyieun hiji kréasi anyar seni Badawang (bonéka baradag) nyaéta mangrupa Kuda Hiber Buroq. Ceuk cenah kitu téh dumasar carita rayat di masarakat Islam ngeunaan lalampahan Isro Mi’roj Nabi Muhammad s.a.w. ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha kalawan tunggang sato kawas kuda jangjangan nu disebut Buroq. Di sagigireun éta, tina sababaraha kasaksian urang Cirebon, Buroq ieu téh mindeng kapanggih ogé dina rupa lukisan kaca di sababaraha wangunan di Cirebon. Lukisan kaca ieu mangrupa kuda sembrani (jangjangan, bandingkeun jeung pégasus na mitologi Kulon) nu beungeutna putri geulis cahayaan. Jadi, urang Cirebon geus teu ahéng dina masalah dedegan Buroq mah. Kalil kalawan motékar lajeng nyiptakeun Badawang anyar nu dingaranan Buroq, sedengkeun kasenianana dingaranan seni Genjring Buroq.

Pintonan[édit | édit sumber]

Parabot pintonan nu dipaké di antarana sapasang bonéka buroq nu biasa dimaénkeun ku opat urang (dua di hareup, dua di tukang), sababaraha bonéka (badawang) bentuk sato: gajah, monyét, macan, kuda, jeung mindeng ogé diramékeun ku badut.

Alat musik nu ngiringkeun Burokan biasana aya sababaraha rupa: tilu dogdog (badag, sedeng, leutik), opat genjring, hiji simbal, organ, gitar, gitar melodi, kromong, suling, jeung kecrék. Laguna dibawakeun ku panyanyi lalaki jeung wanoja, kalan-kalan giliran gumantung kana laguna.

Budak sunat tunggang Buroq.

Pintonan Burokan biasana dipaké dina sababaraha kariaan, kayaning hajat khataman, sunatan, kawin, marhabaan, jsb. Prakna biasa lumangsung ti isuk-isuk ngurilingan kampung sabudeureun tempat kariaan. Ari badawang lian ti Buroq, di antarana aya bonéka gajah, macan, jld, nu saméméhna geus disadiakeun sasajén lengkep salaku saratna. Lajeng lulugu rombongan mariksa sadaya kalengkepan pintonan bari maca do'a. Pintonan dimimitian ku tatabeuhan, lajeng usik dibarengan ku tembang Asroqol (solawat Nabi jeung Barzanji). Rombongan pintonan kakara maju sanggeus masarakat ngumpul, nu beuki lila beuki ramé sabab masarakat bisa milu aub ngareuah-reuah. Ari dina acara sunatan, budak nu disunatan ditumpakkeun kana Buroq bari maké papakéan lengkep disenangkeun, sedengkeun barudak nu hayang tumpak bonéka-bonéka lianna disina mayar antara Rp. 500-1000,-.

Nalika diarak, lalaguanana robah-robah, teu wungkul Asroqol, kaasup lagu tarling, dangdut, jaipong, kawas Limang Taun, Sego Jamblang, Jam Siji Bengi, Sandal Barepan, Garet Bumi, Sepayung Loroan, Kacang Asin, Tilil Kombinasi, malah lagu-lagu nu keur populér kayaning Pemuda Idaman, Melati, Mimpi Buruk, Goyang Dombrét, jrrdl. Sapanjang pintonan Burokan, nu matak ngirut mah tetep bonéka Buroq, sabab panggeulisna jeung polah para pangiringna nu pikaresepeun.

Nepi ka kiwari, opat generasi ti Kalil, seni Genjring Buroq beuki dipikaresep ku masarakat, malah sumebar ka luar Cirebon, kayaning Losari, Cirebon, Brebes, Banjarharja, Karangsuwung, Ciledug, Kuningan, jeung Indramayu. Nu onjoy kiwari nyaéta Genjring Burok Gita Remaja ti Désa Pakusamben nu dipingpin ku Mustofa (lain turunan Kalil) ti 1969.

Ajén-inajén[édit | édit sumber]

Ajén nu aya dina satukangeun seni burokan ieu, di antarana:

  • sukuran pikeun sing saha nu nanggap Burokan, utamana dianggap salaku seni pintonan rayat nu Islami;
  • ajén sinkrétis pikeun nu nempona tina tradisi Badawang (bonéka nu datang tina cara pikir mitis totemistik nu asalna tina hubungan arkaistik méméh Islam jadi agama dominan di Cirebon);
  • ajén akulturasi pikeun nu ngaranna Buroq (salaku injeuman ti Tatar Arab nu patali jeung carita Isro Mi’roj nu dipercaya ku masarakat Cirebon salaku dongéng ti tempat-tempat pangajian nu diabadikeun ogé dina lukisan-lukisan kaca);
  • ajén universal pikeun dedegan sato kawas Buroq, nu bisa ogé kapanggih dina mitos-mitos bangsa séjén, misalna Centaur (mahluk nu dedeganana kuda, tapi ti dada ka luhur pangawakan manusa) di Yunani, nu dina dunya pabintangan disebut Sagitarius. Kitu ogé pikeun bangsa Mesir, nu wanoh ka Sphinx.

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Ganjar Kurnia. 2003. Deskripsi kesenian Jawa Barat. Dinas Kebudayaan & Pariwisata Jawa Barat, Bandung.