Lukisan kaca Cirebon
Lukisan kaca Cirebon nyaéta lukisan has Cirebon dina kaca, nu panginten geus ngalobaan saprak abad ka-17 kalayan datangna Islam di Cirebon.[1] Dina kakuasaan Panembahan Ratu I (1568-1649) ti Kasultanan Cirebon, lukisan kaca ieu geus dipikawanoh salaku alat keur rambatan Islam.[1] lukisan Cirebon ieu asalna mangrupa ayat-ayat Al-Qur'an, Asma Allah, Nabi Muhammad, gambar masjid, jeung sajabana.[2]
Lukisan kaca ieu dina mangsa Wali Songo, dijieun alat pikeun nyebarkeun agama islam. mimitina lukisan kaca nyaéta lukisan anu dampalna tina kaca pikeun ngalukis. Mimitinamah anu kasohor tina lukisan kaca téh nyaéta lukisan kaca macan anu dilukis ku kaligrafi. Numutkeun Kang Maryoko, lukisan kaca téh nyaéta ngalukis dina kaca, ku cara ngalukisna dina bagian tukang kaca, sedengken hasilna bisa ditinggali di bagian kaca sabalikna atawa harepna.[3]
Dina agama islam aya pantrangan ulahna nggambar manusa atawa mahluk hirup sejena, sahingga hal éta nyababkeun ayana lukisan manusa anu digambarkeun ku kaligrafi ayat-ayat Al-Qur'an, saperti kaligrafi anu ngabentuk manusa keur solat, burak keur hiber, jeung sajabana. Kaharepna aya ogé lukisan tokoh wayang saperti Semar, Samiaji, Arjuna, Rahwana, jeung sajabana.[2]
Biasana Seni rupa tradisional téh mangrupa bagéan tina kaagamaan. Anu jadi unikna, lukisan kaca ieu henteu jadi bagéan tina agama sanjan aya motif islaman. Urang Cirebon biasana sok ngagantungkeun lukisan kaca dina tembok imah.[2]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b Sentra bisnis Jawa Barat, Iwan Gunawan, Reny Yuniawati, Rani Andriani Koswara. Hlm. 52.
- ↑ a b c Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.
- ↑ Akhyar, Agus Ali Imron Al, 1987-,. Muqoddimah ngrowo : tutur lisan hingga tutur tulisan (Edisi 1 ed.). Yogyakarta. ISBN 6024015480 Check
|isbn=
value (bantuan). OCLC 1077275570.