Lompat ke isi

Wali songo

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Wali Songo nyaéta wali nu jumlah walina aya salapan.[1] Salian ti éta wali songo ogé dihartikeun yén kecap songo/sanga asalna ti kecap tsana nu dina basa arab hartina mulia.[1] Aya ogé nu nyebutkeun yén kecap sana asalna ti basa Jawa, nu hartina tempat.[1]

Ngaran Wali

[édit | édit sumber]

Sunan Gresik atawa Maulana Malik Ibrahim, Sunan Ampel atawa Raden Rahmat, Sunan Drajat atawa Raden Qasim, Sunan Bonang atawa Raden Makhdum Ibrahim, Sunan Kudus atawa Ja’far Shadiq, Sunan Giri atawa Raden Paku atawa Ainul Yaqin, Sunan Muria atawa Raden Umar Said, Sunan Gunung Jati atawa Syarif Hidayatulah, Sunan Kalijaga atawa Raden Said.[1]

Silsilah

[édit | édit sumber]

Maulana Malik Ibrahim nyaéta wali songo anu paling kolot.[2] Sunan Ampel nyaéta anak Maulana Malik Ibrahim.[3] Sunan Giri nyaéta keponakan Maulana Malik Ibrahim, hartina Aranjeuna ogé sepupu Sunan Ampel.[3] Sunan Bonang jeung Sunan Drajad nyaéta anak Sunan Ampel.[3] Sunan Kalijaga nyaéta sahabat sakaligus murid Sunan Bonang.[3] Sunan Muria nyaéta anak Sunan Kalijaga.[3] Sunan Kudus nyaéta murid Sunan Kalijaga.[3] Sunan Gunung Jati nyaéta sahabat para Sunan nu séjénna, iwal ti Maulana Malik Ibrahim nu leuwih ti heula tilar dunya.[3]

Aranjeuna cicing di pantai utara Jawa ti mimiti abad 15 nepi ka pertengahan abad 16, nyaéta di Surabaya - Gresik - Lamongan di Jawa Timur, Demak - Kudus - Muria di Jawa Tengah, sarta Cirebon di Jawa Barat.[3] Maranéhna nyaéta para intelektual nu jadi panutan masarakat dina mangsana.[3] Aranjeuna ngawanohkeun sababaraha peradaban anyar saperti kaséhatan, tatanén, niaga, kabudayaan jeung kasenian, kamasarakatan nepi ka pamaréntahan.[3]

Pasantrén Ampel Denta jeung Giri nyaéta dua institusi pendidikan paling penting basa harita.[3] Ti Giri, peradaban Islam sumebar ka sakabéh wilayah timur Nusantara.[3] Sunan Giri jeung Sunan Gunung Jati lain ngan saukur ulama, tapi ogé pamingpin pamaréntahan.[3] Sunan Giri, sunan Bonang, sunan Kalijaga, jeung sunan Kudus nyaéta kréator karya seni nu miboga pangaruh gédé dina jamanna.[3] Sedengkeun Sunan Muria nyaéta pangaping sajati kaum malarat.[3]

Era Walisongo nyaéta éra runtugna dominasi Hindu - Budha dina budaya Nusantara nu digantikeun ku kabudayaan Islam.[3] Aranjeuna nyaéta simbol sumebarna Islam di Indonésia, khususna di Jawa.[3] Masing-masing wali ieu miboga peran nu unik nalika nyebarkeun ajaran Islam.[3] Maulana Malik Ibrahim nu jadi tabib pikeun Karajaan Hindu Majapahit, Sunan Giri nu jadi paus dari Timur nepi ka Sunan Kalijaga nu nyiptakeun karya seni ku cara maké nuansa nu bisa dicangkem ku masarakat Jawa, nyaéta nuansa Hindu jeung Budha.[3]



Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d Pengertian (Diakses tanggal 19 November 2011)
  2. Wali Songo Archived 2011-11-14 di Wayback Machine (Diakses tanggal 19 November 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Wali Songo