Sunan Bonang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Tempat Pasujudan Sunan Bonang

Sunan Bonang atawa Maulana Makdum Ibrahim nyaéta putra ti Sunan Ampél jeung Nyi Ageng Manila nu babar dina taun 1465.[rujukan?] Maulana Makdum Ibrahim ngadegkeun pondok pasantrén jeung masjid di Bonang daérah Tuban.[1]
Sunan Bonang minangka putra ti Sunan Ampél boga nasab silsilah nu sarua saperti silsilah Sunan Ampél.[rujukan?] Numutkeun riwayat, anjeunna dibabarkeun taun 1465 M jeung tilar dunya taun 1524 M.[rujukan?] anjeunna boga peran pikeun ngayakeun atikan agama Islam jeung ngalatih calon dai sarta mubaligh nu baris mancén nyumebarkeun agama Islam ka sakabéh daérah Pulo Jawa.[rujukan?] Disebutkeun ogé Sunan Bonang nu boga andil nyiptakeun gending Dhurmo (basa Sunda: Durma) pikeun ngaleungitkeun kapercayaan ka ayana poé-poé sial numutkeun ajaran Hindu sarta ngahapus ngaran déwa-déwa sakti.[rujukan?] Gantina Sunan Bonang méré pituduh jeung kapercayaan ayana malaékat jeung nabi.[2]

Sunan Bonang disebut boga gelar Prabu Hanyakrawarti sarta boga kawasa dina Sesuluking Ngelmi lan Agami nu hartina kalungguhana sarua jeung mufti gedé nu boga kawasa pikeun ngabenerkeun hal-hal nu aya pakaitna jeung kaagamaan (Islam) jeung élmu.[rujukan?] Sunan Bonang minangka lanceuk ti Syarifuddin (Hasyim) nu dibéré jujuluk Sunan Drajat.[rujukan?] Sarta batur dina ngélmu kaagamaan jeung Sunan Giri Sarta Sunan Gunung Jati kalawan guruna Maulana Ishaq.[2] Jasa Sunan Bonang séjéna nyaéta ngawangun pamaréntah Islam di Demak Bintoro di handap pamaréntahan Radén Patah. anjeunna ogé ahli tasawuf kalawan kitab tasawufna nyaéta Suluk Sunan Bonang nu eusina himpunan pangajaran agama Islam nalika Sunan Bonang ngajarkeun santrina.[rujukan?] Sunan Bonang dikurebkeun di Bonang, Tuban.[3]

Tepangna jeung Sunan Kalijaga[édit | édit sumber]

Numutkeun carita, Sunan Kalijaga putra ti Tumenggung Wilwatikta nu ngabdi ka Majapahit.[rujukan?] Mimitina ngaran Sunan Kalijaga disebutna Said.[rujukan?] Sanggeus éléh judi, Said jadi bangsat di basisir kalér.[rujukan?] Hiji mangsa, Sunan Bonang liwat ka daérah dinya tuluy dideukeutan ku Said.[rujukan?] Tapi Sunan Bonang nyebutkeun yén leuwih untung umpama anjeunna ngarampok hiji jalma nu bakal liwat ka daérah dinya.[rujukan?] Sunan Bonang nyebutkeun ciri yén jalmana baris maké baju sagala bulao sarta maké kembang sapatu beureum di tukangeun cepilna.[rujukan?] Said tumut kana pituduh éta nu ahirna dia poé katilu muncul jalma nu disebut ku Sunan Bonang.[rujukan?] Tangtu waé jalma éta teu lain Sunan Bonang sorangan nu keur nyamar.[rujukan?] Nalika Said nyerang, Sunan Bonang ngarobah dirina jadi opat.[rujukan?] Sabab ahéng jeung helok Said tuluy jadi patapa nu dina mangsa saterusna maké ngaran Kalijaga.[4]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. Adam, Asvi Warman. 2009. Membongkar Manipulasi Sejarah: Kontroversi Pelaku dan Peristiwa. Jakarta: Kompas
  2. a b Shihabuddin, A. 2013. Membongkar Kejumudan: Menjawab Tuduhan-Tuduhan Salafi Wahhabi. Jakarta: Noura Books
  3. Mustopo, Habib. dkk. 2002. Sejarah 2 SMA Kelas XI. Jakarta: Ghalia Indonesia
  4. Calvin, Merle., Ricklefs., Sidik Nugraha.2008.Sejarah Indonesia Modern 1200-2008. Jakara: Serambi