Lompat ke isi

Sunan Ngampél

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Sunan Ampél)

Sunan Ngampél atawa Radén Rahmat nyaéta salah sahiji walisanga.[rujukan?] Babar taun 1401 di Champa jeung tilar dunya di Ngampél, Surabaya taun 1481.[rujukan?] Ngeunaan ngaran Champa, masih jadi padungdengan di ahli sajarah.[rujukan?] Numutkeun Encyclopédia van Néderlandsche Indie, Champa nyaéta hiji ngaran nagri leutik di Kamboja.[rujukan?] Sedengkeun, Stamford Raffles ngébréhkeun yén Champa lain di Kamboja tapi di Acéh (Sumatera) nu kiwari disebutna Jeumpa.[rujukan?] Pamadegan Rafflés disawang leuwih deukeut ka fakta sabab Acéh dina sajarah dipikawanoh minangka daérah Islam munggaran di Indonésia.[rujukan?] Sunan Ngampél nyaéta dulur kapilanceuk ti Maulana Malik Ibrahim. Ngaran asli jeung silsilahna nyaéta Radén Rahmat bin Ibrahim Asmoro bin Jamaluddin al-Husain bin Ahmad Syah Jalal nepi ka luhur deui.[1]

Kulawarga

[édit | édit sumber]

Sunan Ngampél nikah jeung putri Tumenggung (satata jeung bupati mangsa kiwari) Tuban Arya Téja nu ngarana Nyai Ageng Manila.[rujukan?] Ti dinya, Sunan Ngampél boga 2 garwa nu kahiji Déwi Chandrawati alias Nyai Ageng Manila binti Aryo Téjo Al-Abbasyi, kalawan budakna:[1]

  1. Maulana Mahdum Ibrahim/Radén Mahdum Ibrahim/ Sunan Bonang/Bong Ang
  2. Syarifuddin/Radén Qasim/ Sunan Drajat
  3. Siti Syari’ah/ Nyai Ageng Maloka/ Nyai Ageng Manyuran
  4. Siti Muthmainnah
  5. Siti Hafsah

Garwa kadua nyaéta Dewi Karimah binti Ki Kembang Kuning, kalawan budakna:

  1. Déwi Murtasiyah/ Istri Sunan Giri
  2. Déwi Murtasimah/ Asyiqah/ Istri Radén Fatah
  3. Radén Husamuddin (Sunan Lamongan)
  4. Radén Zainal Abidin (Sunan Demak)
  5. Pangéran Tumapel
  6. Radén Faqih (Sunan Ngampél 2)

Ajaran Sunan Ngampél

[édit | édit sumber]

Ajaran Sunan Ngampél dipikawanoh ku Molimo atawa Mohlimo nyaéta ungkara nu hartina moh "moal", limo "lima".[rujukan?] Lamun dihartikeun sacara harfiah nyaéta moal ngalakukeun lima hal dina kagoréngan nyaéta:[2]

  1. Moh Main atawa moal judi
  2. Moh Ngombe atawa moal nginum arak
  3. Moh Maling atawa moal maling
  4. Moh Madat atawa moal nyesep candu, ganja jeung nu séjéna
  5. Moh Madon atawa moal jinah

Sunan Ngampél dina upayana pikeun nyumebarkeun Islam di pulo Jawa anjeuna ngadegkeun pasantrén di Ngampél, Surabaya.[rujukan?] Santri nu kasohor nyaéta: Radén Paku (Sunan Giri); Radén Fatah (Abdul Fattah) nu saterusna jadi Sultan Bintoro Demak nu gelarna Sultan Alam Akbar al-Fattah; Radén Makhdum Ibrahim (Sunan Ngampél); Syarifuddin (Sunan Drajat); mubaligh nu dikirim ka Blambangan pikeun ngaislamkeun sarta pajoang Islam séjéna. Sunan Ngampél ogé boga pangaruh nu gedé di istana Karajaan Majapahit mangsa harita.[2] Sunan Ngampél tilar dunya jeung dikurebkeun di Ngampél, Surabaya.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b Shihabuddin, A. 2013. Membongkar Kejumudan: Menjawab Tuduhan-Tuduhan Salafi Wahhabi. Jakarta: Noura Books
  2. a b c Mustopo, Habib. dkk. 2002. Sejarah 2 SMA Kelas XI. Jakarta: Ghalia Indonesia