Bonang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Lalaki maén bonang

Bonang nyaéta waditra tradisional anu kaasup kana perangkat gamelan[1]. Ieu waditra dimaénkeun ku cara ditakol maké panakol husus keur bonang[1]. Bonang mangrupa waditra anu hampir sarua jeung goong nyaéta bentukna nonjol (disebut penclon), tapi leuwih leutik[1]. Bonang asal kecapna tina kecap Bo=Bobo/ saré jeung nang= benang. Mun ditingali cara masangna, penclon-penclon bonang disimpen di Luhur benang-benang[1]. Bonang disebut ogé kolénang anu mangrupa akronim ti; Nakol- Balé-balé- Benang, ahrtina “Nakol nu aya dina balé-balé nu maké benang. Ancak bonang siga tempat diuk anu maké benang[1]. Sacara umum, bonang téh aya dua, nyaéta bonang barung jeung bonang panerus, bédana ari bonang panerus mah saoktaf leuwih luhur batan bonang barung najan sacara bentuk mah ampir sarua[2].

Bonang saméméh taun 1928

Bahan jeung Rancang wangun[édit | édit sumber]

Penclon Bonang[édit | édit sumber]

Penclon bonang anu jadi sumber sora dijieun tina bahan beusi atawa perunggu. Bonang anu alus mah dijieun tina perunggu. Ngaran-ngaran babagian penclon bonang di antarana: penclon, raray, amis cau[1].

Ancak Bonang[édit | édit sumber]

Ancak bonang dijieun tina kai, sedengkeun benang disusun ngaranteng dina kai sangkan penclon bisa disimpen di Luhureun tali bonang[1]. Papasingan ancak bonang di antarana: pongpok nyaéta ujung pangkal ancak, palipid nyaéta wilahan kayu di Luhureun pongpok, minangka hahalang penclon-penclon, papalayu nyaéta bagian hareup jeung tukang waditra, benang-benang (tali) dipaké pikeun nyanggah penclon, jeung soko nyaéta kai anu jadi suku waditra[1].

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h Kubarsah. R, Ubun.1994.Waditra : mengenal alat-alat kesenian daerah Jawa Barat.Bandung:Beringin Sakti
  2. (en)about bonang (diaksés tanggal 17 Oktober 2011)

Tutumbu kaluar[édit | édit sumber]


Nulis.jpg