Gamelan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
gamelan

Gamelan sacara étimologis asal kecapna tina basa [[Jawa nya éta Gamel anu hartina nabeuh .[1] Gamelan mangrupa pakakas musik tradisional anu tumuwuh di Daerah Jawa hususna Jawa Barat, gamelan dipaenkeun ku sababaraha jalma gumantung kana pakakas anu dipaké.[1] Indonesia mangrupa bangsa anu miboga kabudayaan jeung kasenian anu kacida réana di unggal daérah miboga kasenian dumasar daérah séwang-séwangan, diantarana waé gamelan . [1] Aya pakakas séjén dina gamelan nya éta : gambang, gendang, metalofon jeung goong.[1]

Gamelan Jawa[édit | sunting sumber]

gamelan jawa

Gamelan Jawa mangrupa hiji wangun gamelan anu béda jeung Gamelan Bali atawa Gamelan Sunda.[2] Gamelan Jawa ngabogaan nada anu leuwih halimpu sarta slow, béda jeung Gamelan Bali anu rancak sarta Gamelan Sunda anu pohara mendayu-dayu sarta didominasi sora suling. Éta wajar, alatan Jawa ngabogaan sawangan sorangan anu diébréhkeun dina wirahma musik gamelanna.[2] Sawangan urang Jawa anu diébréhkeu dina musik gamelanna nya éta saluyuna kahirupan jasmani jeung rohani, saluyu dina nyarita sarta paripolah ku kituna henteu mecenghulkeun ekspresi anu kaleuleuwihi sarta ngawujudkeun toléransi antar sasama.[2] Wujud nyata dina musikna nya éta sora rebab anu dibarengan saimbang sora kenong, saron, kendang,gambang sarta sora goong dina saban panutup wirahma.[2] Teu aya nu ngajéntrékeun ngeunaan sajarah ayana gamelan, musik gamelan tumuwuh kira-kira saprak ayana kohkol, rebab, gesekan dina tali atawa awi ipis nepi ka dipikawanohna pakakas musik tina logam anu saterusna dingaranan gamelan, musik ieu dipaké pikeun marengan pagelaran wayang, sarta ibingan, sabada dina sawatara wayah satutasna nangtung minangka musik sorangan sarta dilengkepan jeung sora para sindén.[2] Éta musik kalayan nada pentatonis, gamelan komplit diwangun ti dua putaran, nya éta slendro sarta pélog.[2] Slendro ngabogaan 5 nada pér oktaf, nya éta 1 2 3 5 6 [C- D E+ G A] jeung béda interval leutik,Pélog ngabogaan 7 nada pér oktaf, nya éta 1 2 3 4 5 6 7 [C+ D E- F# G# A B] jeung béda interval anu badag. [2] Komposisi musik gamelan diciptakeun jeung sawatara aturan, nya éta diwangun ti sawatara putaran sarta pathet, diwatesan ku hiji gongan sarta melodina diciptakeun dina unit anu diwangun ti 4 nada.[2]

Gamelan Sunda[édit | sunting sumber]

gamelan sunda

Euweuh nu apal iraha kasenian sunda hususna gamelan asup ka tatar sunda, tapi tanda-tanda ayana kasenian di tatar sunda dijéntrékeun dina naskah sunda Sang Hyang Siksa Kanda Ng Karésian yén kasenian asupna dina abad ka-16. [1] Disebutkeun dina éta naskah yén harita anu maenkeun gamelan disebutna Kumbang Gending, tuluy anu ahli karawitan atawa kasenian sunda disebutna téh Paraguna, dina naskah séjén nya éta Naskah Séwaka Darma disebutkeun yén gamelan sunda disebut ogé Gangsa. [1] Gamelan sunda teu béda jauh jeung gamelan séjénna , dina basa sunda disebut degung. [1] Di tatar sunda gamelan miboga sababaraha macem diantarana : Gambang kromong, saléndro atawa pélog, prawa, ringgeng, goong gedé, goong renteng, monggang, toplek jeung sekaten. [1] Sedengkeun jenis gamelan sunda aya tilu nya éta renteng, salendro atawa pelog jeung ketuk tilu. [1]


Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i (id)Musik Tradisional (diaksés tanggal 15 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h (id)Gamelan Jawa (diaksés tanggal 15 Oktober 2011)


Nulis.jpg