Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Ambox warning pn.svg Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Sunda mangrupa idéntitas pikeun hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu ngagunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana.

Kecap Sunda bisa nujul ka rupa-rupa harti nu sacara umum patali jeung wewengkon bagian kulon kapuloan Indonésia. Titinggal sajarah pangheubeulna nu nyebut-nyebut kecap Sunda nyaéta prasasti Kebonkopi 2 nu dijieun taun 536 M (atawa 458 Saka) dina basa Malayu nu nujul ka karajaan Sunda (aya ogé nu boga pamanggih yén prasasti ieu dijieun taun 932 M, atawa 854 Saka).

Urang Sunda miboga kayakinan yén mibanda etos atawa karakter Kasundaan, salaku jalan ka kautamaan hirup. Karakter Sunda nu dimaksud nyaéta cageur (sehat), bageur (baik), bener (benar), singer (mawas diri), jeung pinter (cerdas). Karakter ieu geus dituluykeun ku masarakat nu cicing di Jawa barat ti jaman Kerajaan Salakanagara [1].

Urang Sunda mibanda ciri mandiri, kayaning soméah, lemes dina cumarita, resep heureuy, tur loba akalna. [2] Urang Portugis nu kungsi sagulung sagalang jeung urang Sunda, nyebutkeun cenah urang Sunda té jalujur, sarta lébér ku wawanén.[2]

Sundakala

Etimologi[édit | édit sumber]

Aya sababaraha definisi Sunda nurutkeun para ahli, di antarana:

  • Kécap Sunda dina An Index to the names in the Mahabharata karangan S. Sorensen disebutkeun yén:Ngaran Dewa Wisnu, Ngaran Daitya (Buta) anak Nisunda (Nikhumba) jeung dulurna Upasunda. Ieu dua dulur téh silihpaéhan lantaran marebutkeun Widatina geulis nu ngaranna Tilottama.
  • Sunda hartina éndah, dina carita Mundinglaya Dikusumah aya garwa Prabu Siliwangi anu jenenganana Nyai Mantri Manik ManuSunda, sakapeung disebut Kentring Manik ManuSunda, anu hartina Nyai Mantri Permata Ciciptan anu Endah.
  • Numutkeun basa Jawa aya lima harti Sunda, nyaéta :“Tersusun” hartina tartib, “Nyatu/Bersatu” hartina hirup rukun, “Angka dua (candra sangkala)” hartina saimbang, “Naék” hartina kualitas hirupna terus naék, “Terbang melambung” hartina beuki naék kualitasna.
  • Numutkeun pamanggih G.P Rouffaér kecap Sunda asalna tina basa hindu, nyaéta :Sund hartina moncorong, Ngaran dewa wisnu, Ngaran daitya (buta), Ngaran hiji monyet, Cuddha hartina bodas, Sa-udha, Sa-tunda hartina panundaan/gudang, Sugema.

Basa Sanskerta[édit | édit sumber]

Sund hartina moncorong (A Sanskrit-English Dictionary karangan Monier Williams). Numutkeun kana basa Sansakerta anu mangrupa induk basa-basa Austronesia, harti Sunda téh aya genep, nyaéta :Bercahaya, terang benderang, Anu ngarawat alam/dunya, Satria anu mibanda tanaga gedé, Satria anu trampil, Bodas beresih, Ngaran gunung di beulah kalér kota Bandung.

Basa Kawi[3][édit | édit sumber]

Numutkeun basa Kawi aya opat harti Sunda, nyaéta :“Cai” hartina daérah anu loba cai, “Tumpukan” hartina subur, “Pangkat” hartina mibanda kualitas, “Waspada” hartina ati-ati.

  1. Sunda hartina cai
  2. Sunda hartina jumplukan
  3. Sunda hartina pangkat
  4. Sunda hartina ati-ati

Basa Jawa[édit | édit sumber]

Dina Kamus Jav-Ned. Handwoordenbook karangan J.E.C. Gericke jeung T. Roorda disebutkeun yén Sunda téh hartina numpuk, nyusun, ngarangkep, kécap atawa sora dirajek. Upama dijieun candrasangkala hartina dua, asalna tina basa Jawa unda anu hartina :Ngunda (jangkrik anu rek diadukeun), Ngapungkeun (langlayangan). Dina basa Jawa tunda hartina tumpukan, susun.

Basa Sunda [4][édit | édit sumber]

Numutkeun basa Sundana, kecap Sunda mibanda harti :“Lumbung” hartina subur makmur, “Sonda” hartina alus, “Sonda” hartina unggul, “Sonda” hartina senang, bungah, “Sonda” hartina sarua jeung kahayang haté, “Sondara” hartina lalaki anu kasép, “Sondari” hartina awéwé anu geulis, Pinuh ku rasa kanyaah, Éndah.

  1. Sunda hartina ngéntép seureuh
  2. Sunda hartina ngahiji
  3. Sunda hartina angka dua (2) dina itungan candrasangkala atawa suryasangkala
  4. Sunda asalna tina kecap unda, artina naék
  5. Sunda hartina ngapung

Widang géografi/géologi[édit | édit sumber]

Istilah-istilah dina widang géografi/géologi nu ngagunakeun kecap "sunda" diwanohkeun ku pangumbara Kulon ti Éropa, di antarana

Dialék Basa Sunda[édit | édit sumber]

Ditempo tina linguistik, basa Sunda jeung basa Baduy ngawangun hiji rumpun/dapuran basa Malayu-Sumbawa. [2] Kalawan rupa-rupa dialék:

  1. Dialék kulon (ilaharna diucapkeun ku masarakat Banten jeung Lampung beulah kidul)
  2. Dialék kalér (Bogor jeung daerah Pantura)
  3. Dialék Kidul (Priangan, taya lian urang Bandung jeung sabudeureunna)
  4. Dialék Wétan (dipaké ku masarkat daérah Majalengka, sarta sabagéan Kabupatén Indramayu)
  5. Dialék Cirebon (dipake ku masarakat Cirebon, Kuningan, Berebes jeung Tegal)
  6. Dialék Ciamis (dipake ku masarakat nu aya didaerah Cimais, Cilacap, sarta Banunmas)

[2] Urang Portugis nu kungsi sagulung sagalang jeung urang Sunda, nyebutkeun cenah urang Sunda ma jujur, sarta lébér ku wawanén.[2]

Tempo ogé[édit | édit sumber]

Sumber rujukan[édit | édit sumber]

Dicutat tina[édit | édit sumber]

  1. Sunda téh
  2. a b c d e Reception Through Selection-Modification: Antropologi Hukum Islam di Indonesia. p. 132. ISBN 9786024012779. 
  3. Kawi-Javaans Wordenbook;C.F.Winter Sr.-Java-Ned. Hadwordenbook;J.E.C. Gericke en T.Roorda-Kawi-Balineesch-Nederlandsch Woordenboek.Dr.H.N.van der Tuuk.1894
  4. A Dictionary of The Sunda Language of Java; Jonathan Rigg

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Arjuna Wayang.jpg