Kabupatén Kuningan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kabupatén Kuningan
Jawa 1rightarrow blue.svg Jawa Kulon
Kantor Bupati Kuningan.jpg

Kantor Bupati Kuningan
Logo Kabupaten kuningan.jpg

Lambang

Jargon: Kuningan Asri
Locator kabupaten kuningan.png

Peta lokasi Kabupatén Kuningan
Puseur Dayeuh Kuningan
Lega Wilayah 1.110,56 km²
Kordinat 108°23 - 108° 47 BT dan 6°45 - 7°13 LS
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.258.010 Jiwa
911 (2003) jiwa/km²
Démografi
 · Séké Sélér
Sunda, Jawa
Agama
Islam, Kristen, Katolik
Basa
Sunda, Indonésia, Jawa
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
32
375
Dasar hukum
Milangkala 1 Séptémber 1498
Bupati Hj. Utje Ch. Hamid Suganda, S.Sos., M.AP.
Zona Waktu
Kode telepon
WIB
0232
DAU Rp. 1.127.612.951,-
Tutuwuhan Idéntitas
Sato Idéntitas

Situs web resmi: www.kuningankab.go.id


Kabupatén Kuningan nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana téh nyaéta Kacamatan Kuningan. Kabupatén Kuningan aya di antara 108°23 - 108° 47 Bujur Wétan jeung 6°45 - 7°13 Lintang Kidul. Kabupatén Kuningan aya di tungtung wétan Jawa Kulon, wawatesan jeung Kabupatén Cirebon di beulah kalér, Kabupatén Brebes, Jawa Tengah di beulah wétan, Kabupatén Ciamis di beulah kidul, sarta Kabupatén Majalengka di beulah kuloneunana.

Babagian Administratif[édit | édit sumber]

Kabupatén Kuningan kawengku ku 32 kacamatan, nu kabagi deui kana 361 désa jeung 15 kalurahan. Puseur pamaréntahanna aya di Kacamatan Kuningan.

Topografi[édit | édit sumber]

Beulah wetan wilayah kabupatén ieu mangrupa daratan landeuh, sedengkeun di beulah kulonna mangrupa pagunungan, kalayan poncrotna Gunung Ciremay (3.076 m) dina wawatesan jeung Kabupatén Majaléngka. Gunung Ciremay mangrupa gunung pangluhurna di Jawa Kulon.

Sajarah Kuningan[édit | édit sumber]

Période Pra Sajarah[édit | édit sumber]

Konon sakitar taun 3500 SM, di daérah nu ayeuna ngarana Kuningan, aya tanda nu méré nyaho geus aya pamukiman masarakat manusa. [1][2] Paninggalan-paninggalan kapanggih di suku jeung lamping wétan Gunung Ciremai sarta hampir di unggal kacamatan. [1] Paninggalan éta mangrupa tanda-tanda kabudayaan nu ngagambarkeun kahirupan masarakat manusa dina jaman purbakala anu geus nepi ka tingkat kabudayaan anu relative tinggi. [1][3] Salasahiji conto urut pamukiman masarakat manusa dina jaman purbakala éta aya di Kampung Taman Purbakala, Kelurahan Cigugur nu ayeuna geus diwangun Taman Purbakala minangka salasahiji bentuk rékonstruksi kayaan pamukiman masarakat manusa nu boga kabudayaan dina jaman purbakala. [1] [3]

Période Hindu[édit | édit sumber]

Kabudayaan masarakat manusa Kuningan éta tuluy meunang pangaruh jeung nyerep kabudayaaan asing ti India nu ditinggalkeun di Bukit Sangiang, Désa Sagarahérang Kacamatan Kadugedé. [1] Dina mangsa éta, di dinya geus aya hiji kakuatan politik dina bentuk nagara nu ngarana Kuningan anu lahir dina sakitar awal abad ka-8 M. [1] Tepatna dina tanggal 11 April 732 Masehi. [1] Nagara/karajaan Kuningan ngadeg di bawah pingpinan Seuweukarma, anu boga gelar Rahiang Tangkuku, ogé disebut Sangkuku jeung cicing di Arile jeung Saunggalah. [1] [3]Saméméhna Seuweukarma téh raja Galuh, tuluy ku Dangiang Guru dinobatkeun jadi raja Kuningan. [1] Seuweukarma asalna ti katurunan Galuh. [1] Keur leutik kénéh mah ngarana téh Demuwarman. [1] Anjeunna ngagem Agama Sangiang (agama Hindu) jeung boga ajian Dangiang Kuning, sarta bisa ngamalkeun kalawan hadé. [1] Ku pangaruh ajian éta pamaréntahan Kuningan jadi ngawengku wilayah Malayu. [1] Ajian Dangiang Kuning éta eusina ngeunaan ajaran Kaparamartaan nya éta kabeneran pangluhurna anu dihontal di widang karohanian/kabatinan ngeunaan silih asih jeung papada manusa. [1] Seuweukarma dikenal salaku raja anu jadi sumber penerangan pikeun jalma réa. [1] Di bawah pamaréntahanana rahayat ngarasa aman jeung bagja. [1] Salian ajian Dangiang Kuning, anjeunna ogé nyekel pageuh kana ajaran Sanghiang Siksa jeung Sanghiang Darma (Ajaran Kitab-kitab Suci). [1] Sanghiang Siksa mere 10 (sapuluh) papagon hirup nya éta:

  1. teu maéhan mahluk hirup;
  2. teu maling;
  3. teu jinah;
  4. teu dusta;
  5. teu mabok;
  6. teu dahar lain dina waktuna;
  7. teu nongton, jogéd, nembang, jeung maénkeun musik;
  8. teu kaleuleuwihi dina papakéan;
  9. teu saré dina tempat anu empuk;
  10. teu narima emas jeung perak [1]

Seuweukarma jadi raja nepi ka umur nu pangluhurna. [1] Tuluy timbul persaingan Seuweukarma jeung Sanjaya nu nyekel kakuasaan di daérah karajaan Galuh beulah wétan. [1] Saenggeus Sanjaya maréntah ngawasa Kuningan salila 9 taun, anjeuna digantikeun ku anakna nu ngarana Rahiang Tamperan. [1] Rahiang Tamperan boga dua anak, nya éta Sang Manarah jeung Rahiang Banga. [1] Dua anak raja ieu sanggeus dewasa saling merebutkeun kakuasaan kolotna. [1] Ahirna karajaan di bagi dua, Sang Manarah jadi raja di beulah wetan, sedengkeun Rahiang Banga ngawasa Kuningan baheula nu di kawasa k Rahiang Tangkuku. [1] Saengges Rahiang Banga, Kuningan dina tanggal 22 Juli 175 Masehi jadi puseur pamaréntahan karajaan Sunda di bawah kakuasaan Rakean Darma Siksa, anak kaduawelas ti Rahiang Banga. [1] Saengges bertahta salila 12 taun di Sanggalah Kuningan, karaton dipindahkeun ku Rakéan Darma Siksa ka Pakuan Pajajaran. [1] Anjeunna nyekel tahta salila 110 taun. Saterusna Kuningan kaasup kana bagian Karajaan Pajajaran nu ngaranna diganti jadi Kajéné nu aya di bawah kakawasaan Aria Kamuning. [1]Kajéné hartina konéng atawa emas. [1]Ngaran Kuningan dicokot tina ngaran ajian Dangiang Kuning. [1]Ditilik tina makna salaku lambang, ngaran Kuningan hartina ,’koneng anu agung’ nu dipikahormat jeung dimulyakeun. [1]Ngaran Kuningan geus dipaké ti tanggal 11 April 732 M nepi ka pamaréntahan Kuningan di bawah Aria Kamuning anu gelarna Pangeran Aria Kamuning. [1]Ngaran Kuningan salaku ngaran daérah saenyana geus digunakeun dina mangsa mimiti sumebarna agama Islam di daerah Kuningan. [1]

Obyék Wisata[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af Hermawan, Wawan. 2000.Kuningan Menembus Waktu. Jakarta:PT Martindo Gilang Pratama. Halaman 30
  2. Kilas Sejarah Kuningan diakses tanggal 16 Oktober 2011
  3. a b c S.Ekadjati,Edi. 2003. Sejarah Kuningan. Bandung:PT.Kiblat Buku Utama


 t·s·é 

Kabupatén Kuningan, Jawa Barat

Lambang Kuningan.jpg

Kacamatan: Ciawigebang | Cibeureum | Cibingbin | Cidahu | Cigandamekar | Cigugur | Cilebak | Cilimus | Cimahi | Ciniru | Cipicung | Ciwaru | Darma | Garawangi | Hantara | Jalaksana | Japara | Kadugedé | Kalimanggis | Karangkancana | Kramatmulya | Kuningan | Lebakwangi | Luragung | Malébér | Mandirancan | Nusahérang | Pancalang | Pasawahan | Selajambé | Sindangagung | Subang