Kabupatén Majalengka

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Kabupatén Majalengka
Lambang Majalengka.jpg

Lambang Kabupatén Majalengka
Locator kabupaten majalengka.png

Peta lokasi Kabupatén Majalengka
Motto Sindangkasih Sugih Mukti
Propinsi Jawa Barat
Ibukota Majalengka
Lega Wilayah 1.204,24 km²
Kordinat 6°50′0″S 108°10′0″E / 6.833333°S 108.166667°E
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.204.379 (2007)
1.000,12 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
26
319 désa, 13 kalurahan
Dasar hukum -
Tanggal -
Bupati H. Sutrisno, SE., M.Si
Kode area telepon 0233
DAU Rp. 995.993.633.000 (2013)

Situs web resmi: http://www.majalengkakab.go.id

Alun-alun Majalengka di mangsa Hindia Belanda

Kabupatén Majalengka nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ibukotana nyaéta Majalengka. Ieu kabupatén diwatesan ku Kabupatén Indramayu di beulah kalér, Kabupatén Cirebon jeung Kabupatén Kuningan di beulah wétan, Kabupatén Ciamis jeung Kabupatén Tasikmalaya di beulah kidul, jeung Kabupatén Sumedang di beulah kuloneunana.

Kabupatén Majalengka diwengku ku 26 kacamatan, nu kabagi deui kana sababaraha désa jeung kalurahan. Pusat pamaréntahan di Kacamatan Majalengka. Kantor Bupati aya di alun-alun Majalengka deukeuteun Masjid Agung Al Imam.

Sajarah[édit | édit sumber]

Zaman Karajaan Budha di Talaga[édit | édit sumber]

Pamaréntahan Batara Gunung Picung[édit | édit sumber]

Karajaan Hindu di Talaga ngadeg dina abad XIII Maséhi, Raja kasebut masih katurunan Ratu Galuh nu keur maréntah di Ciamis, Anjeunna nyaéta putera ka V, ogé aya hubungan getih sareng raja-raja di Pajajaran atanapi nu katelah ku Raja Siliwangi. Sunan Talaga manggung putra Pandita Prabu Darmasuci putera Batara Gunung Picung putera Suryadewata putera bungsu dari Maharaja Sunda Galuh Prabu Ajiguna Linggawisesa (1333-1340) di Galuh Kawali, Ciamis. Panguasa Karajaan Sunda Galuh biasana dileler Siliwangi. Daérah kakuasaannna ngawengku Talaga, Cikijing, Bantarujeg, Lemahsugih, Maja sarta sabagéan Majalengka Kidul. Pamerintahan Batara Gunung Picung bageur pisan, agama nu diagem rayat karajaan ieu nyaéta agama Hindu.Dina mangsa pameréntahaanna pangwaangunan prasarana jalan parékonomian geus dijieun sapanjang leuwih ti 25 Km tepatna Talaga - Salawangi di daerah Cakrabuana. Bidang Pangwangunan séjénna, ngahadéan pangairan di Cigowong nu ngawengku saluran-saluran pangairan sakabéhna di daérah Cikijing.Pamerintahan Batara Gunung Picung lumangsung 2 windu. Raja ngagaduhan putra 6 urang nyaéta :- Sunan Cungkilak - Sunan Benda - Sunan Gombang - Ratu Panggongsong Ramahiyang- Prabu Darma Suci- Ratu Mayang Karuna. Ahir pamaréntahanntahanna diteraskeun ku Prabu Darma Suci.

Pemeréntahan Prabu Darma Suci[édit | édit sumber]

Disebat ogé Pandita Perabu Darma Suci. Dina pamaréntahan raja ieu Agama Hindu mekar pesat pisan (abad ka-XIII), wasta anjeunna katelah di Kerajaan Pajajaran, Jawa Tengah, Jayakarta nepi ka daérah Sumatera. Dina seni pantun loba dicaritakeun ngeunaan anjangan tamu-tamu kasebut ti karajaan tatangga ka Talaga, naha anjangan tamu-tamu mangrupa hubungan kaluarga wungkul teu loba nu dipikawanoh. Warisan nu masih aya ti karajaan ieu di antarana Benda Perunggu, Gong, Harnas atawa Baju Beusi.Dina abad XIIX Masehi anjeunna tilar dunya kalayan ngantunkeun 2 urang putera nyaéta:- Bagawan Garasiang - Sunan Talaga Manggung

Pamaréntahan Sunan Talaga Manggung[édit | édit sumber]

Tahta pikeun samentara dicepeng ku Begawan Garasiang, tapi anjeunna kacida pisan mentingkeun Kahirupan Kapercayaan sahingga antukna teu lami tahta diserahkeun ka rayina Sunan Talaga Manggung.Teu seueuer nu dipikawanoh dina mangsa pamaréntahan raja ieu salain kapindahan anjeunna ti Talaga ka daérah Cihaur Maja.

Pamaréntahan Sunan Talaga Manggung[édit | édit sumber]

Sunan Talaga Manggung marupakeun raja nu kasohor nepi ka kiwari ku sabab sikep anjeunna nu adil sarta wijaksana sarta perhatosan anjeunna kana agama Hindu, tatanén, pangairan, karajinan sarta kasenian rakyat. Hubungan saé ngawujud kalayan karajaan-karajaan tatangga jeung karajaan nu jauh ogé, saperti misalna jeung Karajaan Majapahit, Karajaan Pajajaran, Karajaan Cirebon sarta Karajaan Sriwijaya. Anjeunna gaduh putera dua, nyaéta :- Radén Pangrurah - Ratu Simbarkencana Raja wafat alatan ditelasan nu dilakukeun ku titahan Patih Palembang Gunung ngaranna Centangbarang. Saterusna Palembang Gunung nggantikeun Sunan Talaga Manggung kalayan nikah ka Ratu Simbarkencana. Teu kungsi lila Ratu Simbarkencana nelasan Palembang Gunung alatan pituduh hulubalang Citrasinga ku tusuk kondé nalika kulem. Tilarna Palembang Gunung, teras Ratu Simbarkencana nikah sareng turunan Panjalu nu wastana Raden Kusumalaya Ajar Kutamanggu sarta ngagaduhan 8 urang putera di antarana nu kasohor putera cikal Sunan Parung.

Pamaréntahan Ratu Simbarkencana[édit | édit sumber]

kira-kira awal abad XIV Maséhi, dina pamaréntahanna Agama Islam sumebar ka daerah-daerah kakuasaannaa dibawa ku para Santri ti Cirebon. Ogé dipikawanoh yén tahta pamaréntahan mangsa harita dipindahkeun ka hiji daérah di beulah kalér Talaga ngaranna Walangsuji deukeut kampung Buniasih (Desa Kagok Banjaran). Ratu Simbarkencana saparantos tilar dunya digantikeunku puterana Sunan Parung.

Pamaréntahan Sunan Parung[édit | édit sumber]

Pamaréntahan Sunan Parung henteu lila, ngan ukur sababaraha taun lilana. Hal nu penting dina mangsa pamaréntahanna nyaéta geua ayana Perwakilan Pamaréntahan nu disebut Dalem, antara lain ditempatkeun di daérah Kulur, Sindangkasih, Jerokaso Maja. Sunan Parung gaduh puteri tunggal nu wastana Ratu Sunyalarang atanapi Ratu Parung.

Zaman Karajaan Islam di Talaga (Pangaruh Kasultanan Cirebon)[édit | édit sumber]

Pamaréntahan Ratu Sunyalarang[édit | édit sumber]

Salaku puteri tunggal anjeunna naék tahta ngagentos ramana Sunan Parung sarta nikah sareng turunan putera Prabu Siliwangi nu wastana Radén Rangga Mantri atanapi anu langkung dikenal Prabu Pucuk Umum. Dina mangsa pamaréntahanna Agama Islam geus mekar kalayan gancang. loba rakyatna nu ngagem agama kasebut anu antukna Ratu Sunyalarang sareng Prabu Pucuk Umum ngagem Agama Islam. Agama Islam miboga pangaruh badag ka daérah-daérah kakuasaanna di antarana Maja, Rajagaluhsarta Majalengka. Prabu Pucuk Umum nyaéta Raja Talaga ke-2 nu ngagem Agama Islam. Hubungan pamaréntahan Talaga sareng Cirebon sarta Kerajaan Pajajaran saé pisan. Sakumaha dipikawanoh Prabu Pucuk Umum nyaéta katurunan ti prabu Siliwangi sabab dina hal ieu rama anjeunna nu wastana Radén Munding Sari Ageung mangrupa putera ti Prabu Siliwangi. Jadi nikahna Prabu Pucuk Umum sareng Ratu Sunyalarang mangrupa jatukrami kaluarga dina abad ka-IV. Hal nu penting dina mangsa pamaréntahan Ratu Sunyalarang nyéta Talaga jadi pusat dagang di beulah kidul.

Pamaréntahan Rangga Mantri atanpi Prabu Pucuk Umum[édit | édit sumber]

Tina pernikahan Radén Rangga Mantri sareng Ratu Parung (Ratu Sunyalarang putri Sunan Parung, dulur sebapak Ratu Pucuk Umun suami Pangéran Santri ) ngalahirkeun 6 urang putera nyaéta :- Prabu Haurkuning - Sunan Wanaperih - Dalem Lumaju Agung- Dalem Panuntun - Dalem Panaekan Akhir abad XV Maséhi, panduduk Majalengka tos ngagem agama Islam. Anjeunna sateuacan tilar dunya parantos nunjuk putera-puterana pikeun maréntah di daerah-daerah kakuasaanna, siga halna :Sunan Wanaperih nyepenng pamerintahan di Walagsuji; Dalem Lumaju Agung di kawasan Maja; Dalem Panuntun di Majalengka sedengkeun putera cikalna, Prabu Haurkuning, di Talaga nu saterasna di Ciamis. Katurunan anjeunna loba nu ngajabat salaku Bupati. Sedengkeun dalem Dalem Panaekan kapungkurna ti Walangsuji teras pipindahan ngajugjug Riung Gunung, Sukamenak, Nunuk Cibodas sarta Kulur. Prabu Pucuk Umum dikurebkeun caket Situ Sangiang Kacamatan Talaga.

Pamaréntahan Sunan Wanaperih[édit | édit sumber]

Kasohor Sunan Wanaperih, di Talaga salaku saurang Raja nu ngagem Agama Islam ogé sadaya rakyat di negeri ieu tos ngagem Agama Islam. Anjeunna gaduh putera 6 urang, nyaéta :- Dalem Cageur - Dalem Kulanata - Apun Surawijaya atanapi Sunan Kidul- Ratu Radeya - Ratu Putri - Dalem Wangsa Goparana. Dicaritakeun yén Ratu Radeya nikah sareng Arya Sarngsingan sedengkeun Ratu Putri nikah sareng putra Séh Abdul Muhyi ti Pamijahan wastana Sayid Faqih Ibrahim langkung dipikawanoh Sunan Cipager. Dalem Wangsa Goparana pindah ka Sagalaherang Cianjur, Katurunan anjeunna aaa nu ngajabat salaku bupati saperti Bupati Wiratanudatar I di Cikundul. Sunan Wanaperih maréntah di Walangsuji, tapi anjeunna digentos ku puterana Apun Surawijaya, mangka puseur pamaréntahanbalik deui ka Talaga. Putera Apun Surawijaya wastana Pangeran Ciburuy atanapi disebat ogé Sunan Ciburuy atanapi dipikawanoh ogé kalayan sebatan Pangeran Surawijaya nikah sareng putri Cirebon wastana Ratu Raja Kertadiningrat wargi ti Panembahan Sultan Sepuh III Cirebon. Pangéran Surawijaya gaduh 6 urang putra nyaéta - Dipati Suwarga-Mangunjaya - Jaya Wirya - Dipati Kusumayuda - Mangun Nagara - Ratu Tilarnagara Ratu Tilarnagara nikah sareng Bupati Panjalu (Karajaan Panjalu Ciamis) nu wastana Pangéran Arya Sacanata nu masih katurunan Prabu Haur Kuning. nu ngagentos Pangéran Surawijaya nyaéta Dipati Suwarga nikah sareng Putri Nunuk sarta gaduh putera 2 urang, nyaéta :- Pangéran Dipati Wiranata- Pangéran Secadilaga atanapi pangéran Raji Pangéran Surawijaya tilar dunya sarta digentos ku Pangéran Dipati Wiranata sarta saparantosna éta diteraskeun ku puterana Pangéran Secanata Eyang Raga Sari nu nikah sareng Ratu Cirebon ngagentoskeun Pangeran Secanata. Arya Secanata maréntah ± taun 1762.

Masa Panjajahan Balanda[édit | édit sumber]

Ngadegkeun Kabupatén Maja.[édit | édit sumber]

Tahun 1819 dijieun Karésidenan Cirebon nyaéta Keregenaan (Kabupatén) Cirebon, Kuningan, Bengawan Wetan, Galuh (Ciamis Sekarang) sarta Maja. Kabupatén Maja nyaéta cukang lantaran Kabupatén Majalengka. Ngabentuk Kabupatén Maja dumasar kana Besluit (Surat Kaputusan) Komisaris Gubernur Jendral Hindia Belanda No.23 Tanggal 5 Januari 1819. Kabupatén Maja nyaéta gabungan ti tilu distrik nyaéta: Distrik Sindangkasih, Distrik Talaga, sarta Distrik Rajagaluh. Kabupatén Maja ibukotana di Kota Kacamatan Maja ayeuna. Bupati munggaran Kabupatén Maja nyaéta RT Dendranegara. Kabupatén Maja ngawngku wilayah Talaga, Maja, Sindangkasih, Rajagaluh, Palimanan sarta Kedondong.

Parobahan Ngaran Kabupatén Maja jadi Kabupatén Majalengka.[édit | édit sumber]

Tanggal 11 Februari 1840, kaluar surat Staatsblad No.7 sarta BesluitGubernur Jendral Hindia Belanda No.2 nu ngajelaskeun pindahna Ibukota Kabupatén ka Wilayah Sindangkasih nu saterusna dingaranan 'Majalengka', saterusnangaran Kabupatén disaluyukeun jeung ngaran ibukota kabupatén nu anyar, tina Kabupatén Maja jadi Kabupatén Majalengka. Méré ngaran Majalengka atawa timana asal-usul Majalengka masih jadi misteri. Ngaran Majalengka nurutkeun Legenda nyaéta ucapan ‘Majane Langka” ti pasukan Cirebon serta Pangéran Muhammad sareng Siti Armilah nalika teu mendakan buah Maja separantos Leuweung Tangkal Maja dileungitkeun ku Nyi Rambut Kasih, Ratu Karajaan Sindangkasih. Dina Buku Sejarah Majalengka Karya N. Kartika nu ngawawancara Budayawan Ayatrohaedi, ngaran Majalengka lamun diartikeun dina basa Jawa Kuno nyaéta kecap ‘Maja’ mangrupakeun ngaran buah sarta kecap ‘Lengka’ nu hartina pait, jadi kecap 'Majalengka' nyaéta ngran séjén tina kecap Majapahit. Majalengka salaku ibukota kabupatén selanjutnya beuki dikuatkeun ku ayana Surat Staatsblad, 1887 No. 159 ngatur sarta ngajelaskeun ngeunaan batas-batas wilayah Kota Majalengka.

Mangsa Panjajahan Jepang[édit | édit sumber]

Mangsa penjajahan Jepang (1942-1945) di Majalengka ditandaan ku ayana éksploitasi romusha sarta pangwangunan Lapangan Terbang Militer Jepang di Kawasan Ligung. Lapangan terbang ieu dianggeuskeun dina taun 1944, sarta pasukan Jepang ti dinya ngapung pikeun ngalaksanakeun operasi militér di Burma (Myanmar) dina taun 1945

Lokasi sarta Ngabagi Administrasi[édit | édit sumber]

Sacara géografis Kabupatén Majalengka aya di bagéan wétan Propinsi Jawa Kulon. Kabupatén Majalengka aya dina titik koordinat nyaéta beulah kulon 108° 03' - 108° 19 Bujur Timur, beulah wétan 108° 12' - 108° 25 Bujur Timur, beulah kalér 6° 36' - 5°58 Lintang Selatan sarta beulah kidul 6° 43' - 7°44.

Bagéan kalér wilayah kabupatén ieu mangrupa dataran handap, samentara wilayah tengah pasir-pasir sarta wilayah kidul mangrupa wilayah pagunungan kalayan puncakna Gunung Ceremai nu wawatesan jeung Kabupatén Kuningan sarta Gunung Cakrabuana nu wawatesan jeung Kabupatén Tasikmalaya sarta Kabupatén Sumedang. Sacara administratif wawatesan jeung:

Ngabagi Administrasi.[édit | édit sumber]

Kabupatén Majalengka diwengku ku 26 Kacamatan, nu kabagi ku 330 Désa sarta 13 Kalurahan. Pusat pamaréntahan Kabupatén aya di Kacamatan Majalengka.

Ieu nyaéta kacamatan-kacamatan di wilayah Kabupatén Majalengka:

  1. Kacamatan Argapura
  2. Kacamatan Banjaran
  3. Kacamatan Bantarujeg
  4. Kacamatan Cigasong
  5. Kacamatan Cikijing
  6. Kacamatan Cingambul
  7. Kacamatan Dawuan
  8. Kacamatan Jatitujuh
  9. Kacamatan Jatiwangi
  10. Kacamatan Kadipatén.
  11. Kacamatan Kasokandel
  12. Kacamatan Kertajati
  13. Kacamatan Lemahsugih
  14. Kacamatan Leuwimunding
  15. Kacamatan Ligung
  16. Kacamatan Maja
  17. Kacamatan Majalengka
  18. Kacamatan Malausma
  19. Kacamatan Palasah
  20. Kacamatan Panyingkiran
  21. Kacamatan Rajagaluh
  22. Kacamatan Sindang
  23. Kacamatan Sindangwangi
  24. Kacamatan Sukahaji
  25. Kacamatan Sumberjaya
  26. Kacamatan Talaga

Daptar Bupati[édit | édit sumber]

  1. RT. Dendranegara 1819 - 1849 (Bupati Kabupatén Maja 1819-1840)
  2. RAA. Kartadiningrat 1849 - 1861
  3. RAA. Kartadiningrat 1861 - 1868
  4. Rd Tumenggung Soera Adhi Ningrat 1868 - 1886
  5. RAA. Salmon Suriadiningrat 1886 - 1896
  6. RMA. Supraadiningrat 1896 - 1902
  7. RA. Sastraningrat 1902 - 1922
  8. RMA. Suriatanudibrata 1922 - 1944
  9. RA. Umar Said 1944 - 1945
  10. R. Enoch 1945 - 1947
  11. R.H. Hamid 1947 - 1948
  12. R. Sulaeman Nata Amijaya 1948 - 1949
  13. M. Chavil 1949
  14. RM. Nuratmadibrata 1949 - 1957
  15. H. Aziz Halim 1957 - 1960
  16. H. RA. Sutisna 1960 - 1966
  17. R. Saleh Sediana 1966 - 1978
  18. H. Moch. Saleh Paindra 1978 - 1983
  19. H. RE. Djaelani, SH. 1983 - 1988
  20. Drs. H. Moch. Djufri Pringadi 1988 - 1993
  21. Drs. H. Adam Hidayat, SH., M.Si 1993 - 1998
  22. Hj. Tutty Hayati Anwar, SH., M.Si 1998 - 2008
  23. H. Sutrisno, SE., M.Si 2008 - 2013
  24. H. Sutrisno, SE., M.Si 2013 - 2017

Kondisi Alam[édit | édit sumber]

Topografi jeung Géografi[édit | édit sumber]

Bagéan kalér wilayah kabupatén ieu nyaéta dataran handap, sedeng di bagéan kidul mangrupa pagunungan. Gunung Ciremai (3.076 m) aya di bagéan wétan, nyaéta wawatesan jeung Kabupatén Kuningan. Gunung ieu mngrupa gunung pangjangkungna di Provinsi Jawa Kulon, sarta manrupakeun taman nasional, kalayan ngaran Taman Nasional Gunung Ciremai

Kaayaan géografi hususna morfologi sarta fisiografi wilayah Kabupatén Majalengka kacida rupa-rupa sarta dipangaruhan ku béda luhurna hiji daérah kalayan daérah séjénna, kalayan distribusi saperti kieu :

Morfologi dataran handap nu ngawengku Kacamatan Kadipaten, Kasokandel, Panyingkiran, Dawuan, Jatiwangi, Sumberjaya, Ligung, Jatitujuh, Kertajati, Cigasong, Majalengka, Leuwimunding sarta Palasah. Kadéngdékan taneuh di daérah ieu antara 5%-8% kalayan luhurna antara 20–100 m di luhur beungeut sagara (dpl), kacuali di Kacamatan Majalengka sumebar sababraha pasir nu handap kalayan kadéngdékkan antara 15%-25%.

Morfologi pasir-pasir sarta ngagalombang ngawengku Kacamatan Rajagaluh sarta Sukahaji beulak Kidul, Kacamatan Maja, sabagéan Kacamatan Majalengka. Déngdékna taneuh di daérah ieu antara 15-40%, kalayan luhurna 300–700 m dpl.

Morfologi pasir lunkawing ngawengku daérah kira-kira Gunung Ciremai, sabagéan leutik Kacamatan Rajagaluh, Argapura, Sindang, Talaga, sebagian Kacamatan Sindangwangi, Cingambul, Banjaran, Bantarujeg, Malausma dan Lemahsugih sarta Kecamatan Cikijing bagéan kalér. Déngdékna di daérah ieu antara 25%-40% kalayan luhurna antara 400–2000 m di luhur beungeut sagara.

Géologi[édit | édit sumber]

Dumasar kaayaan géologi nu ngawengku sebaran sarta struktur batuan, aya sababaraha batuan sarta formasi batuan nyaéta Aluvium legana 17.162 Ha (14,25%), Pleistocene Sedimentary Facies legana 13.716 Ha (13,39%), Miocene Sedimentary Facies legana 23,48 Ha (19,50%), Undiferentionet Vulcanic Product legana 51.650 Ha (42,89%), Pliocene Sedimentary Facies, seluas 3.870 Ha (3,22%), Liparite Dacite legana 179 Ha (0,15%), éosene legana 78 Ha (0,006%), Old Quartenary Volkanik Product legana 10.283 Ha (8,54%). Jenis-jenis taneuh di Kabupatén Majalengka aya sababaraha rupa, sacara umum jenis taneuh nyéta Latosol, Podsolik, Grumosol, Aluvial, Regosol, Mediteran, sarta asosiana. Jenis-jenis taneuh kasebut nyepeng peranan penting dina nangtukeun tingkat kasuburan taneuh dina ngarojong kahasilan séktor tatanén.

Hidrologi[édit | édit sumber]

Tina aspék hidrologis di Kabupatén Majalengka mibanda sababaraha jenis potensi sumber daya cai nu bisa digunakeun pikeun nyumponan kabutuhan masyarakat. Poténsi sumber daya cai kasebut nyaéta:

Cai permukaan, saperti cinyusu, walungan, situ, waduk lapangan atawa rawa, cai taneuh, saperti sumur bor sarta kompa pantek sarta cai hujan. walungan nu gedé di antarana nyaéta Cilutung, Cijurey, Cideres, Cikeruh, Ciherang, Cikadondong, Ciwaringin, Cilongkrang, Ciawi sarta Cimanuk.

Iklim[édit | édit sumber]

Curah hujan taunan rata-rata di Kabupatén Majalengka antara 2.400 mm-3.800 mm/tahun kalayan rata-rata poé hujan lobana 11 poé/bulan. Angin ilaharna niup ti arah Kidul dan Tenggara, kacuali dina bulan April nepi ka Juli niup ti arah Kulon Laut kalayan tarikna antara 3-6 knot (1 knot =1.285 m/jam).

Démografi[édit | édit sumber]

Jumlah Panduduk Kabupatén Majalengka Berdasarkan BPS Kabupaten Majalengka Taun 2013 nyaéta 1.180.774 Jiwa nyéta 590.038 jiwa panduduk lalaki sarta 590.736 jiwa panduduk awéwé. Rata-rata kapadetan panduduk Kabupatén Majalengka dina taun 2013 nyavta 981 jiwa/km². Kapadetan pangluhurna aya di Kacamatan Jatiwangi kalayan kapadatan 2.087 jiwa/km². Wilayah kalayan jumlah panduduk panglobana nyaéta:

  1. Kacamatan Jatiwangi : 83.450 jiwa.
  2. Kacamatan Majalengka : 69.946 jiwa.
  3. Kacamatan Cikijing : 60.581 jiwa.
  4. Kacamatan Lemahsugih : 57.928 jiwa.
  5. Kacamatan Sumberjaya : 57.353 jiwa.

Mayoritas Masyarakat Majalengka asalna ti étnis Sunda. Basa nu digunakeun Basa Sunda, tapi mibanda parbedaan sababaraha arti sarta kosakata kalayan Basa Sunda di Kawasan Priangan. Bahasa Sunda di Majalengka mangrupa basa Sunda dialék Tengah Timur. Disababaraha wilayah Majalengka masyarakatna mangrupa étnis Cirebon/Wong Cerbon sarta ngagunakeun basa Cirebon, saperti di kalér sarta wétan Jatitujuh, Kertajati, Ligung, Sumberjaya sarta Désa Patuanan di Kacamatan Leuwimunding.

Kasenian Jeung Budaya Daérah[édit | édit sumber]

Sabagé wilayah nu diliwatan ku dua kabudayaan gedé nyavta Sunda & Cirebon mangka Kabupatén Majalengka mibanda karagaman seni budaya nyaéta:

Kadaharan Khas Jeung Oléh-oléh[édit | édit sumber]

Transportasi[édit | édit sumber]

Transportasi Darat[édit | édit sumber]

Angkutan Jalan Raya[édit | édit sumber]

Wilayah Kabupatén Majalengka mangrupa daérah panghubung antara kawasan Priangan jeung Cirebon, diliwatan Jalan Negara Bandung - Cirebon sarta Cirebon - Ciamis, Lian ti éta ogé kaliwatan Jalan Tol Cikopo-Palimanan (Cipali) kalayan dua pantu tol di kawasan Kertajati sarta Sumberjaya. Ieu sarana sarta prasarana angkutan darat di Majalengka:

Prasarana Angkutan Jalan Raya[édit | édit sumber]
  • Terminal Cipaku Kadipaten
  • Terminal Cigasong
  • Terminal Rajagaluh
  • Terminal Maja
  • Terminal Talaga
  • Terminal Cikijing
  • Terminal Bantarujeg
Angkutan Dalam Kota[édit | édit sumber]
Angkutan Kota[édit | édit sumber]
Angkutan Antar Kota[édit | édit sumber]
Elf (Mikro Beus)[édit | édit sumber]
Beus[édit | édit sumber]

Kareta Api[édit | édit sumber]

Kabupatén Majalengka baheula mibanda jalur keréta api nu nghubungkeun Cirebon-Kadipatén. Diwangun ku pausahaan swasta Belanda Semarang Cheribon Stoomtram Maatschappij (SCS) dina taun 1901. Jalur ieu terus ditutup dina taun 1978 alatan éléh saing jeung moda angkutan darat séjénna. Ieu Daptar Eks Stasiun Kereta Api di wilayah Majalengka:

Transportasi Udara[édit | édit sumber]

Saprak Taun 2013 mimiti diwangun Proyék Bandara Internasional Jawa Barat di Kacamatan Kertajati. Ditargétkeun Bandara Internasional ieu anggeus sarta bisa dipaké taun 2017. Bandara ini ngabutuhkeun lahan legana 1.800 héktar sarta direncanakeun ogé aya kawasan Aérocity Kertajati pikeun ngarojong ayana Bandara kasebut.

Obyék Wisata[édit | édit sumber]

A. Wisata Curug[édit | édit sumber]

  1. Curug Muara Jaya : Désa Argamukti Kacamatan Argapura.
  2. Curug Sawer : Désa Argamukti Kacamatan Argapura.
  3. Curug Sempong : Désa Sidamukti Kacamtan Majalengka.
  4. Curug Tonjong : Désa Teja Kacamatan Rajagaluh.
  5. Curug Baligo : Désa Padahérang Kacamatan Sindangwangi
  6. Curug Cipeuteuy : Désa Bantaragung Kacamatan Sindangwangi
  7. Curug Leles : Désa Léngkong Kulon Sindangwangi
  8. Curug Emas/Cilutung : Désa Campaga Kacamatan Talaga.

B. Wisata Situ[édit | édit sumber]

  1. Situ Sangiang : Désa Sangiang Kacamatan Banjaran.
  2. Situ Cipadung : Désa Pajajar Kacamatan Rajagaluh.
  3. Situ Cipanten : Désa Gunungkuning Kacamatan Sindang.
  4. Situ Cikuda : Désa Padahérang Kacamatan Sindangwangi.
  5. Situ Cibulakan : Désa Bantaragung Kacamatan Sindangwangi
  6. Talaga Herang : Désa Jerukleueut Kacamatan Sindangwangi.
  7. Talaga Nila : Désa Jerukleueut Kacamatan Sindangwangi.

C. Wisata Panorama Alam[édit | édit sumber]

  1. Taman Buana Marga : Désa Lemahsugih Kacamatan Lemahsugih.
  2. Perkebunan Téh Cipasung : Désa Cipasung kacamatan Lemahsugih.
  3. Panorama Cikebo : Désa Anggrawati Kacamatan Maja sarta Désa Sagara Kacamatan Argapura.
  4. Panorama Panyaweuyan : Désa Tejamulya Kacamatan Argapura.
  5. Panorama Ciinjuk : Désa Cipulus Kecamatan Cikijing.
  6. Panorama Jahim : Désa Cintaasih Kacamatan Cingambull.
  7. Bendungan Rentang : Désa Randegan Kulon Kacamatan Jatitujuh.
  8. Wana Wisata Gunung Panten : Désa Sidamukti kacamatan Majalengka

D. Wisata Sajarah jeung Budaya[édit | édit sumber]

  1. muséum Talaga Manggung : Désa Talaga Wetan Kacamatan Talaga
  2. Rumah Adat Panjalin : Désa Panjalin Kidul Kacamatan Sumberjaya
  3. Patilasan Prabu Siliwangi : Désa Pajajar Kacamatan Rajagaluh.
  4. Situs Sanghyang Lingga : Désa Banjaran Kacamatan Banjaran.
  5. Situs Gunung Ageung : Désa Cipasung Kacamatan Lemahsugih.
  6. Makam Pangeran Muhammad : Kalurahan Sindangkasih Kacamatan Majalengka.
  7. Patilasan Nyi Rambutkasih : Kalurahan Sindangkasih Kacamatan Majalengka.
  8. Makam Siti Armilah : Kalurahan Majalengka Kulon Kacamatan Majalengka.
  9. Makam Sunan Parung : Désa Sangiang Kacamatan Banjaran.
  10. Makan Sunan Wanaperih: Désa Kagok Kacamatan Banjaran

E. Wisata Minat Husus.[édit | édit sumber]

  1. Wisata Paralayang Gunung Panten: Kalurahan Munjul Kacamatan Majalengka.
  2. Sirkuit Grasstrack Buahlega : Désa Sidamukti Kacamatan Majalengka.
  3. Sirkuit Motorcross Gagaraji : Désa Pangkalan Pari Kacamatan Jatitujuh.
  4. Pendakian Gunung Ciremai : Désa Argamukti Kacamatan Argapura.
  5. Bumi Perkemahan Cipanten : Désa Argalingga Kacamatan Argapura.
  6. Bumi Perkemahan Awilega : Désa Bantaragung Kacamatan Sindangwangi.
  7. Bumi Perkemahan Leles : Désa Lengkong Kulon Kacamatan Sindangwangi.
  8. Kolam Renang Rajawali : Désa Liangjulang Kacamatan Kadipatén.
  9. Kolam Renang Tirta Indah: Désa Lengkong Kulon Kacamatan Sindangwangi.
  10. Kolam Renang Jembar Waterpark : Désa Ranji Wetan Kacamatan Kasokandel.
  11. Jatiwangi Art Factory, Désa Wisata Jatisura : Désa Jatisura Kacamatan Jatiwangi
  12. INDOtravel Jatiwangi,Désa Ciborelang : Penyelenggara wisata khusus daerah majalengka (08194719055)

Putera Daérah[édit | édit sumber]

Référénsi[édit | édit sumber]

Blogger Majalengka

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan