Kabupatén Ciamis

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Ciamis)
Kabupatén Ciamis
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪

Lambang Kabupatén Ciamis
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪

Stasion Keréta Ciamis
Kabupatén Ciamis is located in Jawa
Kabupatén Ciamis
Kabupatén Ciamis
Kabupatén Ciamis (Jawa)
Kabupatén Ciamis is located in Indonésia
Kabupatén Ciamis
Kabupatén Ciamis
Kabupatén Ciamis (Indonésia)

Peta lokasi Kabupatén Ciamis
ᮊᮘᮥᮕᮒᮦᮔ᮪ ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪
Motto Mahayunan Ayuna Kadatuan
Propinsi Jawa Kulon
Ibukota Ciamis
Lega Wilayah 2.556,75 km²
Kordinat 7°19′36″S 108°21′07″E / 7.3266°S 108.3519°E / -7.3266; 108.3519Koordinat: 7°19′36″S 108°21′07″E / 7.3266°S 108.3519°E / -7.3266; 108.3519
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
1.523.000 (2003)
1.768.532 jiwa Sabada pamekaran Pangandaran (2014)[1]
596 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
27
258/7
Dasar hukum UU No. 11/1950 (ngadegna Kab. Ciamis)
UU No. 27/2002 (Pamekaran Kota Banjar)
UU 21 Taun 2012 (Pamekaran Kabupatén Pangandaran)
Tanggal -
Bupati Herdiat Sunarya
Wakil Bupati Yana D. Putra[2]
Kode aréa 0265
DAU Rp. 1.303.907.527.000.(2013)[3]

Ramatloka: ciamiskab.go.id

Ciamis (Basa Sunda: ᮎᮤᮃᮙᮤᮞ᮪, Pegon: چياميس) téh hiji kabupatén nu aya di Provinsi Jawa Kulon, Indonésia. Ieu kabupatén ayana di beulah wétan rada ka kidul Jawa Kulon, pabates-bates jeung Kabupatén Majaléngka jeung Kabupatén Kuningan di béh kalér, Kabupatén Cilacap jeung Kota Banjar di béh wétan, Kabupatén Pangandaran di kidul, Kota Tasikmalaya eujeung Kabupatén Tasikmalaya di kulon.

Kacamatan Banjar, nu baheulana ngahiji kénéh jeung Ciamis, ditingkatkeun statusna jadi kota administratip, jeung ti sabet tanggal 11 Désémber 2002 dijadikeun kota anu misah ti Kabupatén Ciamis. Salain éta gén, beulah kiduleun Ciamis dimekarkeun pas keur tanggal 25 Oktober 2012 jadi Kabupatén Pangandaran anu bogaeun 10 Kacamatan.

Visi eujeung Misi[édit | édit sumber]

Visi pamaréntah Kabupatén Ciamis nyaéta; "Ajegna Kamandirian Ékonomi Raharja Pikeun Sadayana."[4]

Misi pamaréntah Kabupatén Ciamis, nyaéta:[4]

  1. Ningkatkeun Kualitas Sumber Daya Manusa.
  2. Ngaronjatkeun Kasadiaan Infrastruktur nu Ngarojong Pambangunan Daérah.
  3. Ngamekarkeun Ékonomi Dumasar Ékonomi Masarakat, Potensi Unggul Lokal jeung Pemberdayaan Masarakat.
  4. Ngaronjatkeun Kualitas Kamampuh Pembawa Lingkungan pikeun Ngarojong Pangwangunan Lestari.
  5. Ningkatkeun Pamaréntahan Éféktif jeung Éfisién.
  6. Penguatan Otonomi Désa dina Rangka Ngawujudkeun Masarakat jeung Kamerdékaan Désa.

Sajarah[édit | édit sumber]

Radén Aria Koesoemadiningrat, Bupati Karajaan Galuh (1879).

Euceuk sajarawan W.J Van der Meulen, Puseur Karajaan Galuh téh ayana di sabudeureun Kawali (anu ayeuna jadi salah sahiji kacamatan di Ciamis). Dina basa Sangsekerta, kecap "galuh" nunjukkeun samodél batu permata, jeung bisa ogén dipaké ajang nyebut putri raja anu eukeur maréntah jeung can kawin. Sakumaha riwayat Kota jeung Kabupatén lainna di Jawa Kulon, sumber-sumber anu nyaritakeun asal-usul hiji daérah mah umumna sipatna téh tradisional jeung aya unsur-unsur mistisan, dongéng, atawa génan legénda, mesing bisa ogén sipatna historis (kalacak ku sajarah anu nyaan).

Naskah-naskah ieu di antarana Carios Wiwitan Raja-Raja di Pulo Jawa, Wawacan Sajarah Galuh, eujeung ogén Naskah Sejarah Galuh bareng Galunggung, Ciung Wanara, Carita Waruga Guru, Sajarah Bogor. Naskah-naskah ieu umumna ditulis pas keur abad ka-18 nepi ka abad ka-19. Lamun anu sajaman atawa deukeut ka jaman Karajaan Galuh mah, naskah-naskahna téh contona Sanghyang Siksa Kandang Karesian, ditulis taun 1518, pas keur Karajaan Sunda aya kénéh jeung Carita Parahyangan anu ditulis taun 1580.

Nanjeurna Galuh sabagé karajaan, ari euceuk naskah-naskah kelompok kahiji mah teu leupas ti tokoh Ratu Galuh salaku Ratu nu kahiji. Dina laporan nu ditulis ku Tim Peneliti Sejarah Galuh (1972), aya sababaraha ngaran karajaan samodél:

  • Karajaan Galuh Sindula (aya ogén nu nyebut, Karajaan Bojong Galuh), lokasina di Lakbok ibukotana di di Mejeungg Gili (taun 78 Maséhi);
  • Karajaan Galuh Rahyang lokasina di Brebes nu ibukotana di Mejeungg Pangramesan;
  • Karajaan Galuh Kalangon berlokasi di Reban, ibukotana di Mejeungg Pangramesan;
  • Karajaan Galuh Lalean berlokasi di Cilacap ibukota di Mejeungg Kamulan;
  • Karajaan Galuh Pataruman berlokasi di Banjarsari, ibukota di Banjar;
  • Karajaan Galuh Kalingga berlokasi di Bojongmengger, ibukota di Karangkamulyan;
  • Karajaan Galuh Tanduran atau Pangauban berlokasi di Pananjung, ibukota di Bagolo;
  • Karajaan Galuh Kumara berlokasi di Tegal ibukota di Mejeungg Kamulan;
  • Karajaan Galuh Pakuan beribukota di Kawali;
  • Kerajaan Pajajaran berlokasi di Bogor, ibukota di Pakuan;
  • Karajaan Galuh Pataka berlokasi di Nanggalacah, ibukota di Patakaharja;
  • Kabupaten Galuh Nagara Tengah berlokasi di Cinéam ibukota di Bojonglopang tuluy di Gunungtanjung;
  • Kabupaten Galuh Imbanagara berlokasi di Barunay ibukota di Imbanagara;
  • Kabupaten Galuh berlokasi di Cibatu, ibukota di Ciamis (ti sabet taun 1812).

Ari panalitian nu historis ngeunaan iraha-irahana Karajaan Galuh ditangtungkeun, kanjat ditéang tina sumber-sumber sajaman mangrupa prasasti. Aya prasasti nu nyebutkeun aran "Galuh", mesingkeun ngaranna euweuh tétélaanna ngeunaan lokasi eujeung waktuna. Dina prasasti taun 910, Raja Dyah Balitung disebut salaku "Rakai Galuh".

Dina Prasasti Siman taun 943 M, disebutkeun amun "kadatwan rahyangta mdang bhumi mataram ingwatu galuh" nunjukkeun hiji tempat di Watugaluh, eujeung Megaluh, Jawa Wétan. Tuluy dina Piagam Calcutta disebutkeun mun para musuh panyerang Airlangga lalumpatan ka Galuh jeung ka Kulon, maranéhna diparaéhan pas keur taun 1031 Maséhi.

Dina sawaréh eusi téks Carita Parahyangan, disebutkeun mun Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357) diuk di Kawali salaku nu ngawasa Karajaan Sunda Galuh. Saenggeus jadi raja salila 7 taun, manéhna mangkat ka Jawa nu pas di dituna téh aya perang di Majapahit. Ari euceuk sumber nu lain mah kapanggih amun Prabu Hayam Wuruk, anu karék naék tahta pas keur taun 1350, ménta Putri Prabu Maharaja Linggabuanawisésa améh jadi pamajikannana.

Ngan cenah, Patih Gajah Mada hayangeun éta Putri sinah jadi upeti. Teu kosi lila, Raja Sunda anu teu tarima ku sikep aroganna Majapahit ieu langsung milih perang nepi ka gugur dina peperangan di Bubat. Budakna nu dingaranan Prabu Niskala Wastu Kancana (1371-1475) pas keur éta leutik kénéh. Pédah ku kituna, karajaan dicekel ku Hyang Bunisora Suradipati (1357-1371) sababaraha waktu méméh tungtungna diserahkeun ka Niskala Wastu Kancana, éta génan pas keur manéhna geus Déwasa. Keterangan ngeunaan Niskala Wastu Kancana, kanjat ditémbongkeun ku bukti mangrupa Prasasti Kawali jeung Prasasti Batutulis eujeung ogén Prasasti Kebantenan.

Pas keur Niskala Wastu Kancana geus maot, karajaan kusi kabagi 2 pas keur jaman barudakna, nyaéta Prabu Susuk Tunggal nu ngawasa di Pakuan jeung Prabu Déwa Niskala nu ngawasa di Kawali. Sri Baduga Maharaja (1482-1521) ngahijikeun deui Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh. Saenggeus runtuhna Sunda Galuh ku Kasultanan Banten, urut karajaan ieu osok disebut Karajaan Pakuan Pajajaran.

Pas keur taun 1595, Karajaan Galuh taluk ka Senapati ti Mataram. Invasi Mataram ka Galuh beuki nguatan pas keur jamanna Sultan Agung. Pangawasa Galuh, Adipati Panaékan, diangkat jadi Wedana Mataram ku cacah nu jumlahna 960 urang. Pas keur Mataram ngarencanakeun serangan ka VOC di Batavia pas keur taun 1628, pasukan-pasukan Mataram di Priangan boga tujuan anu bararéda.

Rangga Gempol I ti Sumejeungg misalna, hayangeun pertahanan dikuatkeun heula, ari Dipati Ukur ti Tatar Ukur, hayangeun serangan gura-giru dilakukeun. Teu ngahijina tujuan ieu génan kajadian di Galuh antara Adipati Panaékan jeung adi beuteungna Dipati Kertabumi. Dina pasalingsingan éta Adipati Panaékan kapaéhan taun 1625. Manéhna tuluy diganti ku budakna, ku Mas Dipati Imbanagara anu cicing di Cinéam.

Pas jaman Dipati Imbanagara, ibukota Kabupatén Galuh dipindahkeun ti Cineam ka Calingcing. Tapi, teu lila geus ti dinya, tuluy dipindahkeun deui ka Panyingkiran. Pas taun 1693, Bupati Sutadinata diangkat ku VOC jadi Bupati Galuh ngagentikeun Angganaya. Pas taun 1706, manéhna digentikeun ogén ku Kusumadinata I (1706-1727).

Pas taun 1914, Kabupaten Galuh dipingpin ku Tumenggung Sastrawinata, anu saenyana mah lain pédah ku satujuna keturunan Bupati Galuh saacanna. Tuluy pas taun 1915, Kabupatén Galuh diasupkeun ka Karesidénan Priangan, jeung pédah euceuk Belanda, Tumenggung Sastrawinata sacara resmi ngarobah ngaran Kabupatén Galuh jadi Kabupatén Ciamis. Belanda ngaresmikeun robahna éta aran pas 1 Januari 1916.[5]

Ngaran Ciamis[édit | édit sumber]

Sababaraha taun ka tukang, jebul sababaraha kahayang masarakat ajang ngarobah ngaran Kabupatén Ciamis jadi Kabupatén Galuh, pédah cenah ngaran Galuh mah boga ma'na filosofis anu luhur, maranéhna nganggep da robahna ngaran Galuh jadi Ciamis mah euweuh alesanna.[6]

Géografi jeung Iklim[édit | édit sumber]

Lambang Kabupaten Ciamis di hiji Monumén Perbatasan Kabupatén Ciamis (Kacamatan Cihaurbeuti) dengan Kabupaten Tasikmalaya (Kacamatan Rajapolah)
Kanjat ditempo di dieu Teluk Pangandaran pas taun 1930-an

Kabupatén Ciamis letak geografisna aya di 108o19' nepi ka 108o43' Bujur Wétan jeung 7o40'30" nepi ka 7o41'30" Lintang Kidul. Legana wilayah Kabupatén Ciamis nyaéta 143.378,44 hektar atawa 4,05% tina total lega daratan Propinsi Jawa Kulon.[7] Lolobana, wilayah Kabupaten Ciamis mangrupa gunung-gunungan eujeung tonggoh, iwal di beulah kidul perbatasan eujeung Kabupatén Cilacap, Jawa Tengah. Ti sabet ayana pamekaran Kabupatén Pangandaran, anu misahkeun diri ti Ciamis, mantakna ayeuna Ciamis teu boga basisir pantéy.

Kabupatén Ciamis diliwatan ku dua walungan gedé nyaéta Walungan Citanduy anu ngalir ti Gunung Cakrabuana nepi Sagara Anakan di Jawa Wétan, kalawan anak-anak walunganna: Walungan Cimuntur, Cijolang, Ciseel. Nu kadua nyaéta Walungan Cimejeung kalawan anak walunganna: Walungan Cikonjeungg, Cibegal, Cipalejeungg, Cibungur, Citatah I, Citatah II, Cigugur, Ciharuman, Cigembor, Cikuya, Cijengkol, Cimagung, jeung Walungan Cikadongdong. Lolobana wilayah Ciamis asup kana Daérah Aliran Sungai (DAS) Citanduy.[8]

Kabupatén Ciamis jadi panyambung antara pusat tumuwuhna puseur kabupatén anyar Pangandaran jeung kawasan kota Cilacap di Jawa Wétan. Ciamis ogé direncanakeun bakal diliwatan jalan tol Gedébagé, Majalaya, Garut, Tasikmalaya, Ciamis, jeung Banjar.[9]

Bates Wilayah[édit | édit sumber]

Ieu mangrupakeun bates wilayah Kabupatén Ciamis:[10]

Lega Wilayah[édit | édit sumber]

Kantor Désa Sukajaya,Ciamis

Di handap ieu mangrupakeun data Badan Pusat Statistika (BPS) Kabupatén Ciamis ngeunaan lega wilayah.[11]

KACAMATAN LEGA (KM)
Banjaranyar 109,90
Banjarsari 58,12
Barégbég 38,29
Ciamis 33,85
Cidolog 56,34
Cihaurbeuti 64,15
Cijeunjing 60,75
Cikonéng 47,22
Cimaragas 26,47
Cipaku 78,66
Cisaga 80,13
Jatinegara 34,34
Kawali 36,08
Lakbok 57,70
Lumbung 27,94
Pamarican 124,48
Panawangan 82,38
Panjalu 77,40
Panumbangan 59,23
Purwadadi 50,94
Rajadésa 61,68
Rancah 86,76
Sajeunganya 46,24
Sijeunggkasih 29,79
Sukajeunga 57,98
Sukamantri 50,59
Tambaksari 60,26
Total 1 597,67

Wilayah anu panglegana di Kabupatén Ciamis nyaéta Kacamatan Pamarican jeung kacamatan pangleutikna Kacamatan Cimaragas. Pamakéan lahan di Kabupatén Ciamis di antarana:[9]

  • Leuweung (31,6%)
  • Kebon (24,74%)
  • Panyicingan/imah (18,33%)
  • Sawah (18,01%)
  • Semak belukar (3,9%)
  • Ladang/tegalan (2,5%)
  • Walungan (0,74%)
  • Padang jukut (0,09%)
  • Balong lauk cai tawar (0,02%)
  • Batuan (0,01%)
  • Situ alam (0,04%)
  • Situ wisata cai (0,04%)

Iklim[édit | édit sumber]

Suhu udara di Kabupatén Ciamis kurang leuwih antara 20,5oC nepi ka 37,6oC. Di bagian tengah-wétan Ciamis mangrupa lahan anu henteu datar kalawan kamiringan lamping antara 0-2%, sedengkeun wilayah tengah-wétan ka arah kidul kamiringan lampingna 2-40%. Jenis taneuh di Kabupatén Ciamis nyaéta jenis latosol, podsolik, alluvial, jeung grumusol.[8]

Rata-rata curah hujan di Kabupatén Ciamis taun 2021 nyaéta 269,27 mm kalawan jumlah poé hujan 170 poé. Curah hujan panggedéna lumangsung di bulan Februari (647,3 mm), sedengkeun jumlah poé hujan paling loba nyaéta 31 poé. Kabupatén Ciamis kaasup kana tipeu iklim C numutkeun teori Schmidt-Ferguson.[8]

Pamaréntahan[édit | édit sumber]

Kantor Bupati Ciamis
Balé Dusun Handapherang, Kacamatan Cijeungjing, Kab. Ciamis
Sawah di Kacamatan Sukadana, Ciamis

Kabupatén Ciamis kabagi kana 27 kacamatan, 258 désa, 7 kalurahan, 2.830 Rukun Warga (RW) jeung 8.758 Rukun Tetangga (RT). Kacamatan Panawangan jadi kacamatan anu ngabogaan jumlah RT paling loba, nyaéta 537 RT. Sedengkeun Kacamatan Rancah ngabogaan 194 RW jadi anu panglobana di Kabupatén Ciamis. Kacamatan Panawangan gén ngabogaan désa panglobana nyaéta 18 désa, ai Kacamatan Cimaragas jeung Kacamatan Sukamantri jadi anu pangsaeutikna désana téh, nyaéta ngan lima désa.[8]

Di handap ieu daptar kacamatan eujeung jumlah désa anu dibogaan ku masing-masing kacamatan, sarta 7 kalurahan di Kabupatén Ciamis:[12]

  1. Kacamatan Ciamis diwangun ku 12 désa;
  2. Kacamatan Cijeungjing diwangun ku11 désa;
  3. Kacamatan Cikonéng diwangun ku 9 désa;
  4. Kacamatan Cisaga diwangun ku 11 désa;
  5. Kacamatan Sindangkasih diwangun ku 9 désa;
  6. Kacamatan Cimaragas diwangun ku 5 désa;
  7. Kacamatan Baregbeg diwangun ku 9 désa;
  8. Kacamatan Cipaku diwangun ku 13 désa;
  9. Kacamatan Cidolog diwangun ku 6 désa;
  10. Kacamatan Sadananya diwangun ku 8 désa;
  11. Kacamatan Cihaurbeuti diwangun ku 11 désa;
  12. Kacamatan Kawali diwangun ku 11 désa;
  13. Kacamatan Jatinagara diwangun ku 6 désa;
  14. Kacamatan Panumbangan diwangun ku 14 désa;
  15. Kacamatan Pamarican diwangun ku 13 désa;
  16. Kacamatan Rancah diwangun ku 13 désa;
  17. Kacamatan Sukadana diwangun ku 6 désa;
  18. Kacamatan Panjalu diwangun ku 8 désa;
  19. Kacamatan Rajadésa diwangun ku 11 désa;
  20. Kacamatan Lakbok diwangun ku 10 désa;
  21. Kacamatan Panawangan diwangun ku 14 désa;
  22. Kacamatan Banjarsari diwangun ku 21 désa;
  23. Kacamatan Sukamantri diwangun ku 5 désa;
  24. Kacamatan Lumbung diwangun ku 8 désa;
  25. Kacamatan Tambaksari diwangun ku 6 désa;
  26. Kacamatan Purwadadi diwangun ku 9 désa.

Tujuh kalurahan di Kacamatan Ciamis, nyaéta:[12]

  1. Kalurahan Ciamis;
  2. Kalurahan Linggasari;
  3. Kalurahan Benteng;
  4. Kalurahan Sindangrasa;
  5. Kalurahan Maleber;
  6. Kalurahan Kertasari;
  7. Kalurahan Cigembor.

Bupati[édit | édit sumber]

 Artikel utama: Daptar Bupati Ciamis.
Bupati Ciamis mangsa 1993-1998

Bupati téh nu ngajabat jadi pamingpun anu pangluhurna lingkungan pemerintah kabupatén Ciamis. Bupati Ciamis boga tanggungjawab ka gubernur provinsi Jawa Barat. Ayeuna, bupati atawa kapala daérah anu keur ngajabat di kabupaten Ciamis téh Herdiat Sunarya, bareng eujeung wakil bupatina Yana Putra. Maranéhna meunang pas Pemilihan umum Bupati Ciamis 2018. Maranéhna mimiti ngajabat ti sabet 20 April 2019, sanggeus dilantik ku gubernur Jawa Barat, Ridwan Kamil, di Aula Barat Gedung Saté Kota Bandung.[13]

Bupati Ciamis taun 1993-1998 nyaéta Brigadir Jenderal TNI (Purn) Dr. Drs. H. Raden Dedem Ruchlia, M. Si.[14]

No Bupati Mimiti ngajabat Eureun ngajabat Prd. Ket. Wakil Bupati
41 100px Herdiat Sunarya 20 April 2019 petahana 41
(2018)
[13] 100px Yana D. Putra

Aparatur Sipil Nagara (ASN)[édit | édit sumber]

Masjid Agung Ciamis

Pamaréntah Kabupatén Ciamis miboga 8.600 urang Pagawé Nagari Sipil (PNS) di taun 2021. Numutkeun data 2021, PNS di Kabupatén Ciamis lolobana lulusan sarjana (77,01%), lulusan diploma (11,40%), lulusan SMA (10,56%), lulusan SLTP (0,87%), jeung lulusan SD (0,16%). Ditempo tina golongan jeung pangkatna, PNS Pamaréntah Kabupatén Ciamis lolobana aya di golongan III (51,47%), kadua panglobana aya di golongan IV (37,33%), golongan II (10,79%), jeung golongan I aya 0,41 persén. [8]

Di handap ieu daptar Satuan Kerja Perangkat Daérah (SKPD) di pamarentah Kabupatén Ciamis kalawan alamat websitena:[15]

  • Badan Kepegawaian Sumber Daya Manusia - https://bkpsdm.ciamiskab.go.id/
  • Badan Penanggulangan Bencana Daerah - https://bpbd.ciamiskab.go.id/
  • Badan Pengelola Keuangan Daerah - https://bpkd.ciamiskab.go.id/
  • Badan Perencanaan jeung Pembangunan Daerah - https://bappeda.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Kebudayaan, Kepemudaan jeung Olahraga - https://disbudpora.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Kependudukan jeung Pencatatan Sipil -https://disdukcapil.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Kesehatan - https://dinkes.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Ketenagakerjaan -https://disnaker.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Koperasi UKM jeung Perdagangan - https://dkukmp.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Pekerjaan Umum Penataan Ruang jeung Pertanahan
  • Dinas Pemberdayaan Masyarakat jeung Desa- https://dpmd.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Penanaman Modal jeung Pelayanan Terpadu Satu Pintu - https://dpmptsp.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Pendidikan - https://disdik.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Pengendalian Penduduk, Keluarga Berencana, Pemberdayaan Perempuan jeung Perlindungan Anak - https://dppkbpppa.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Perhubungan - https://dishub.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Perpustakaan jeung Kearsipan - https://diperpuska.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Pertanian jeung Ketahanan Pangan -https://dpkp.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Perumahan Rakyat Kawasan Pemukiman jeung Lingkungan Hidup - https://dprkplh.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Peternakan jeung Perikanan - https://disnakan.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Sosial
  • Inspektorat Pemerintah Kabupatén Ciamis
  • Kesatuan Bangsa jeung Politik (Kesbangpol) Kabupatén Ciamis - https://kesbangpol.ciamiskab.go.id/
  • Rumah Sakit Umum Daerah Ciamis
  • Rumah Sakit Umum Kawali - https://rsudkawali.ciamiskab.go.id/
  • Satuan Polisi Pamong Praja - https://satpolpp.ciamiskab.go.id/
  • Sekrétariat Daerah Kabupatén Ciamis - https://setda.ciamiskab.go.id/
  • Sekrétariat DPRD Kabupatén Ciamis - https://setdprd.ciamiskab.go.id/
  • Dinas Pariwisata Ciamis - https://dispar.ciamiskab.go.id
  • Dinas komunikasi jeung Informatika Ciamis - https://diskominfo.ciamiskab.go.id/

Kaungan Daérah[édit | édit sumber]

Biaya pangwangunan daérah Kabupatén Ciamis ditembongkeun dina Anggaran Pendapatan Belanja Daerah (APBD). Anggaran balanja pamaréntah Kabupatén Ciamis taun 2021 gedéna Rp2.705 triliun, naék 1% dibandingkeun APBD taun 2020. Tina total pendapatan daérah, Pendapatan Asli Daérah (PAD) Kabupatén Ciamis nyumbang Rp273 miliar atawa 10,21%, sedengkeu jeunga Alokasi Umum (DAU) nyumbang Rp1,099 triliun (41,13%).

Dewan Perwakilan[édit | édit sumber]

Dewan Perwakilan Rakyat Daerah Kabupaten Ciamis

Kacamatan[édit | édit sumber]

Daftar kecamatan dan kelurahan di Kabupaten Ciamis

Pangeusi[édit | édit sumber]

Jumlah nu nyicingan Kabupatén Ciamis aya 1.237.726 jelma ku rincian 619.657 lalaki jeung 618.069 awéwé. Jumlah nu dumuk di Kabupatén Ciamis ningkat ti taun ka taun. Taun 2020, jumlah padumuk lalaki aya 594.000 jelma, ai awéwéna mah 607.685 jelma. Taun 2019, jumlah penduduk lalaki aya 590.767 jalma, jeung awéwé 604.409 jalma. Sex ratio Kabupatén Ciamis taun 2021 nyaéta 100,26, anu hartina mun dibuleudkeun di sakur 100 penduduk awéwé, aya 100-101 penduduk lalaki.[8]

Kapadetan penduduk di Kabupatén Ciamis nurun ti taun 2020-2021, tina 838 jalma/km2 jadi 775 jalma/km2. Laju tumuwuhna penduduk Kabupatén Ciamis taun 2021 gedéna 0,94 persén. Lobana penduduk di umur produktip (15-64 taun) nyaéta 846.604 jalma (68,40 persén). Sedengkeun jumplukan umur non produktip (umur 0-14 taun katambah umur 65 taun ka luhur) jumlahna 391.122 jalma (31,60 persén).[8]

Indeks Pangwangunan Manusa (IPM) masarakat Kabupatén Ciamis taun 2019-2021 ningkat tiap taunna, nyaéta 70,39; 70,49; jeung 70,93. Angka IPM ieu nunjukkeun kamajuan di widang pendidikan, kaséhatan, jeung ékonomi. Angka IPM taun 2021 masih leuwih handap dibandingkeun Propinsi Jawa Kulon anu gedéna 72,45. Pangeluaran per kapita masarakat Ciamis taun 2019-2021, nyusun nyaéta Rp9,557 juta; Rp9,288 juta; Rp9,259 juta. Angka kamiskinan penduduk ningkat ti taun 2020-2021, tina 91,39 rébu jalma jadi 96,60 rébu jalma. Perséntaseu penduduk miskin taun 2020 nyaéta 7,62 ningkat jadi 7,97 di taun 2021. Anu dimaksud penduduk miskin nyaéta warga anu miboga rata-rata pangeluaran per kapita per bulan di handapeun garis kamiskinan.[8]

Pangeluaran per kapita rata-rata masarakat Ciamis taun 2020-2021 dipaké kanggo kadaharan jeung non-kadaharan. Taun 2021 pangeluaran per kapita jang non kadaharan Rp450.761 jeung jang kadaharan Rp570.810. Porsi pangeluaran numutkeun kana hasil sénsus ékonomi nasional 2021 di Kabupatén Ciamis 55,88% jang kadaharan jeung 44,12% jang non kadaharan.[8]

Katenagakerjaan[édit | édit sumber]

Jumlah penduduk usia gawé umur 15 taun ka luhur taun 2021 di Kabupatén Ciamis nyaéta 960.989 urang, lolobana awéwé kalawan sex ratio 95,42, anu boga harti yén sakur 100 urang penduduk umur gawé awéwé, aya 96 urang lalaki umur produktip. Tina jumlah penduduk usia gawé di luhur, jumlah angkatan gawé nyaéta 671.063 urang. Tingkat pangangguran terbuka di Kabupatén Ciamis taun 2021 nyaéta 5,06% kalawan penduduk awéwé anu nganggur leuwih saeutik tibatan lalaki. Tingkat Kasempetan Gawé (TKK) taun 2021 nurun saeutik dibanding taun 2020, jadi 94,94%.[8]

Lamun ditempo tina tingkat partisipasi angkatan gawé (TPAK), mangka pagawé lalaki miboga tingkat partisipasi leuwih gedé dibandingkeun pagawé awéwé nyaéta 86,50 dibandingkeun jeung 53,92 persén. Persentaseu jumlah pagawé di widang tatanén taun 2021 aya 26,93%, di widang manufaktur aya 28,87%, jeung di widang jasa aya 44,20%.[8]

Kaséhatan[édit | édit sumber]

Numutkeun kana tempat berobat jalan rahayat Kabupatén Ciamis taun 2021, mangka lolobana warga ngubaran panyakit ka praktik doktér/bijeung kalawan 51,75%, ka klinik/praktik doktér balaréa 19,66%, ka puskésmas/puskésmas pembantu 17,10%, ka rumah sakit 9,83% sesanan ka unit kaséhatan balaréa, pangobatan tradisional jeung sajabana. [8]

Kitu ogé jeun proses babaran, lolobana geus maké jasa perawat/bijeung kalawan persentaseu 80,48% di taun 2021. Sedengkeun babaran anu ditulungan ku tanaga non medis aya 1,34%. Angka harapan hirup warga Kabupatén Ciamis taun 2021 nyaéta 72,02 taun.[8]

Rumah Sakit[édit | édit sumber]

  • RSUD Kabupaten Ciamis
  • RSUD Kawali
  • RSUD Bunda Asih
  • RS Al-Arif
  • RS Permata Bunda
  • RS Orthopaedi Ciamis
  • RS Bersalin Harapan Bunda
  • RSU Nirmala
  • RSU Dadi Keluarga Ciamis

Puskesmas (Pusat Kesehatan Masyarakat)[édit | édit sumber]

  • Puskesmas Banjarsari
  • Puskesmas Ciulu
  • Puskesmas Cigayam
  • Puskesmas Lakbok
  • Puskesmas Sidaharja
  • Puskesmas Ciawitali
  • Puskesmas Pamarican
  • Puskesmas Kertahayu
  • Puskesmas Janggala
  • Puskesmas Cimaragas
  • Puskesmas Cijeungjing
  • Puskesmas Handapherang
  • Puskesmas Cisaga
  • Puskesmas Tambaksari
  • Puskesmas Rancah
  • Puskesmas Rajadésa
  • Puskesmas Margahaja
  • Puskesmas Ciamis
  • Puskesmas Imbanagara
  • Puskesmas Baregbeg
  • Puskesmas Sinjeunggkasih
  • Puskesmas Mandalika
  • Puskesmas Cihaurbeuti
  • Puskesmas Sukamulya
  • Puskesmas Sajeunganya
  • Puskesmas Cipaku
  • Puskesmas Cieurih
  • Puskesmas Jatinagara
  • Puskesmas Gardujaya
  • Puskesmas Panawangan
  • Puskesmas Kawali
  • Puskesmas Lumbung
  • Puskesmas Kawalimukti
  • Puskesmas Panjalu
  • Puskesmas Sukamantri
  • Puskesmas Panumbangan
  • Puskesmas Payungsari

Pendidikan[édit | édit sumber]

Di Ciamis, aya kana 2.733 sakola, 687.113 siswa jeung 36.290 guru. Di handap ieu nembongkeun ngeunaan indikator pendidikan di Kabupatén Ciamis taun 2021:[8]

  • Angka melék hurup taun 2021 nurun saeutik tina 99,38 di taun 2020, jadi 99,22 persén.
  • Rata-rata lila sakola ningkat tina 7,9 taun jadi 7,7 taun di taun 2021. Harepan lila sakola ningkat tina 14,06 taun jadi 14,20 taun di 2021. Hal ieu nunjukkeun yén rahayat Ciamis rata-rata sakola nepika kelas 1 SMP atawa eureun dakola di kelas 2 SMP.
  • Angka partisipasi sakola umu 7-12 taun nyaéta 99,45 persén, umur 13-15 taun 97,82 persén, jeung umur 16-18 taun gedéna 69,93 persén.

Tingkat pendidikan anu ditamatkeu ku masarakat Ciamis kawilang handap sabab ukur 47,64% anu namatkeun SMP ka luhur. Sedengkeun aya 22,67% penduduk anu bisa namatkeun sakola SMA ka luhur di taun 2021.[8]

Paguron luhur[édit | édit sumber]

  • Universitas Galuh
  • Institut Agama Islam Darussalam (IAI Darussalam)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Kesehatan Bina Putra Banjar (STIKES Bina Putra Banjar)
  • Sekolah Tinggi Agama Islam Al-Ma'arif Ciamis (STAI Al-Ma'arif Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Kesehatan Muhammadiyah (STIKES Muhammadiyah)
  • Sekolah Tinggi Agama Islam Putra Galuh Ciamis (STAI Putra Galuh Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Sosial jeung Ilmu Politik Bina Putra Banjar (STISIP Bina Putra Banjar)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Ekonomi Galuh Ciamis (STIE Galuh Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ekonomi Islam Ar-Risalah (STEI Ar-Risalah)
  • Sekolah Tinggi Hukum Galuh Ciamis (STH Galuh Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Dakwah Sirnarasa Ciamis (STID Sirnarasa Ciamis)
  • Sekolah Tinggi Ilmu Tarbiyah NU Al-Farabi Pangandaran (STITNU Al-Farabi Pangandaran)

Perekonomian[édit | édit sumber]

Tatanén[édit | édit sumber]

Komoditas tatanén di Kabupatén Ciamis taun 2020-2021 anu pinunjul mangrupa paré, béas, jagong jeung kedelé. Taun 2020, produksi paré di Kabupatén Ciamis nyaéta 282.791 ton, béas 162.466 ton, jagong 45.433 ton, jeung kedelé 45 ton. Dina mangsa 2021, produksi paré, paré, jeung kedelé ngaronjat. Nanging, komoditi jagong nurun di taun 2021. Produksi paré taun 2021 mampu ngahasilkeun 59,18 kwintal per hektar, ningkat ti taun 2020 tina 53,43 kwintal per hektar.Di handap ieu data produksi hasil tatanén Kabupatén Ciamis taun 2021:[8]

Komoditas sayuran anu pinunjul di Kabupatén Ciamis taun 2021 sacara umum naék dibandingkeun taun saméméhna. Komoditas sayuran anu pinunjul nyaéta:[8]

Komoditas bubuahan anu pinunjul di Kabupatén Ciamis taun 2021 nyaéta:[8]

Di Kabupatén Ciamis loba nu miara lauk boh dina balong atawa walungan/sawah. Di handap ieu data produksi lauk nurutkeun kana témpat miarana taun 2020:[8]

  • Balong cai tenang: 515.628,13 ton
  • Sawah/mina paré: 1.671,92 ton
  • Balong cai tarik: 12.806,24 ton
  • Walungan: 630,66 ton
  • Situ: 0 ton
  • Rawa:0 ton

Komoditas ingon-ingon anu pinunjul di Kabupatén Ciamis taun 2021 nyaéta:[8]

Konstruksi[édit | édit sumber]

Numutkeun kana harga berlaku, séktor konstruksi nyumbangkeun 8,96 persén kana Produk Doméstik Régional Bruto (PDRB) Kabupatén Ciamis di taun 2021. Taun 2020, séktor konstruksi nyumbangkeun 8,45% sarta 9,19 persén di taun 2019. Lamun dumasar kana harga konstan, séktor konstruksi nyumbangkeun 9,33 persén di taun 2021, 9,09 persén di taun 2020, jeung 9,80 persén di taun 2019.[8]

Perbankan jeung Investasi[édit | édit sumber]

Data injeuman masarakat Kabupatén Ciamis ka bank lolobana digunakeun kana usaha jeung konsumsi kabutuhan anu lobana Rp1.868.334,33 juta, sedengkeun digunakeun jang modal usaha gedéna Rp1.804.308,59. Di handap ieu data injeuman numutkeun kana jenis pangusahaan taun 2021:[8]

  • Perdagangan gedé jeung écéran: Rp1.188.713,13 juta
  • Industri pangolahan: Rp403.012,82 juta
  • Tatanén, ingon-ingon, usaha nu kaitanna jeung leuweung: Rp84.797,64 juta
  • Akomodasi jeung panyadiaan dahar jeung nginum: Rp82.540,86 juta
  • Jasa kamasarakatan sosial budaya, hiburan, jeung jasa lainn: Rp81.983,63 juta

Laju tumuwuhna ékonomi Kabupatén Ciamis dumasar kana PDRB ningkat gedéna 3,66%. Distribusi PDRB Kabupatén Ciamis dirojong ku séktor tatanén 23,28%, séktor perdagangan 19,85%, séktor transportasi jeung pergudangan 12,74%, jeung séktor industri pangolahan gedéna 7,42%.[8]

Garis kamiskinan masarakat Kabupatén Ciamis terus turun ti taun 2017-2019, terus ningkat di taun 2020. Garis kamiskinan di Kabupatén Ciamis taun 2021 kacatet gedéna Rp389.676 per kapita per bulan, sedengkeun taun 2020 kacatet gedéna Rp378.108 per kapita per bulan. Perséntaseu kamiskinan di Kabupatén Ciamis taun 2017-2019:[8]

  • Taun 2017: 8,20%
  • Taun 2018: 6,65%
  • Taun 2019: 6,65%
  • Taun 2020: 7,62%
  • Taun 2021: 7,97%

Perdagangan[édit | édit sumber]

Séktor perdagangan nyumbangkeun 19,85% kana PDRB Kabupatén Ciamis di taun 2021. Numutkeun kana data poténsi désa taun 2021, di Kabupatén Ciamis aya 170 kompleks pertokoan, 282 réstoran, 26 kopérasi unit désa jeung 105 kopérasi simpan pinjam. Di Kabupatén Ciamis aya 31 fasilitas pasar kalawan bangunan permanén, sarta 27 fasilitas pasar semi permanén, jeung 4 fasilitas pasar teu maké wangunan.[8] Di handap ieu sabaraha hiji pasar anu aya di Kabupatén Ciamis:[16][17][18][19]

  • Pasar Manis Ciamis
  • Pasar Panumbangan
  • Pasar Sukamantri
  • Pasar Panjalu
  • Pasar Lumbung
  • Pasar Kawali
  • Pasar Panawangan
  • Pasar Jatinagara
  • Pasar Sadananya
  • Pasar Cipaku
  • Pasar Banjarsari
  • Pasar Sindangkasih
  • Pasar Cihaurbeuti
  • Pasar Cikoneng
  • Pasar Sukadana
  • Pasar Rajadesa
  • Pasar Rancah
  • Pasar Tambaksari
  • Pasar Purwadadi
  • Pasar Cijeungjing
  • Pasar Lakbok
  • Pasar Pamarican
  • Pasar Sato terpadu Cigembor
  • Pasar Sato Rancah
  • Pasar Sato Cigembor
  • Pasar Sato Rajadesa
  • Pasar Sato Pamarican
  • Pasar Sato Cintaratu Lakbok
  • Pasar Sato Panawangan
  • Pasar Sato Cibadak Banjarsari.

Pertambangan jeung Energi[édit | édit sumber]

Komoditas pinunjul pertambangan di Kabupatén Ciamis nyaéta pasir, taneuh lempung, taneuh urug.[8] Kawasan poténsi pertambangan di Kabupatén Ciamis di antarana:[9]

  • Kawasan poténsi batu gamping di Kacamatan Banjarsari/Banjaranyar jeung Kacamatan Pamarican.
  • Kawasan poténsi fosfat di Kacamatan Pamarican.
  • Kawasan poténsi tras di Kacamatan Cihaurbeuti, Rancah, Banjarsari/Banjaranyar
  • Kawasan poténsi lempung di Kacmataan Kawali, Jatinagara, rajadesa
  • Kawasan poténsi kaolin di Kacamatan Cihaurbeuti
  • Kawasan poténsi Mangan di Kacamatan Cimaragas
  • Kawasan poténsi kalsit di Kacamatan Pamarican
  • Kawasan poténsi andésit di Kacamatan Panjalu, Cihaurbeuti, Tambaksari, Pamarican, Banjarsari/Banjaranyar
  • Kawasan poténsi pasir kuarsa di Kacamatan Pamarican
  • Kawasan poténsi walerang di Kacamatan Gunung Sawal, Cihaurbeuti
  • Kawasan poténsi marmer di Kacamatan Pamarican
  • Kawasan poténsi timbal di Gunung Sawal jeung Cihaurbeuti
  • Kawasan poténsi mineral logam beusi di Kacamatan Cidolog
  • Kawasan poténsi batu bara di Kacamatan Lakbok, Purwadadi, jeung Tambaksari
  • Kawasan poténsi énérgi panas bumi di Kacamatan Banjarsari jeung Banjaranyar.

Pasokan listrik PLN di wilayah Rayon Ciamis ngalaman panurunan tina 462.487.219 kwh taun 2020 jadi 396.494.267 kwh di taun 2021. Di handap ieu rincian pamakéan listrik numutkeun jenis langganan taun 2021 di Kabupatén Ciamis:[8]

  • Rumah tangga: 364.553 langganan
  • Usaha: 14.635 langganan
  • Instansi pamaréntah: 665 langganan
  • Sosial: 14.637 langganan
  • Nyaangan jalan umum: 6.570 langganan

Ditempo tina jumlah Kwh listrik anu kajual, di handap ieu daptar perséntaseu jumlah Kwh numutkeun kana jenis langganan taun 2021 di Kabupatén Ciamis:[8]

  • Rumah tangga (74,73%)
  • Usaha (12,67%)
  • Industri (4,12%)
  • Instansi pamaréntah (0,95%)
  • Nyaangan jalan umum (2,40%)
  • Multiguna (0,03%)
  • Sosial (5,10%)

Panyadiaan cai bersih di wilayah kota disadiakeun ku PDAM/lédeng. Sedengkeun panyadiaan cai bersih di wilayah désa lolobana ngamanpaatkeun sumur jeung cinyusu.[8]

Industri Pangolahan[édit | édit sumber]

Industri pangolahan nyaéta industri anu ngarobah bahan atah jadi bahan jadi anu miboga nilai leuwih. Data taun 2021 nunjukkeun yén industri pangolahan di Kabupatén Ciamis lolobana industri mikro jeung leurik anu lobana 28.161 pangusahaan. Industri ieu mampu nyerep pagawé nepika 60.145 urang jeung ngahasilkeun penghasilan Rp2,10 miliar. Industri pangolahan nyumbangkeun 7,42 persén kana total Produk Doméstik Régional Bruto (PDRB) Kabupatén Ciamis, ningkat 0,07 persén ti taun 2020. Nu dimaksud industri leutik nyaéta pangusahaan anu miboga pagawé antara 5-19 urang.[8]

Transportasi jeung Komunikasi[édit | édit sumber]

Panjang jalan di Kabupatén Ciamis taun 2021 aya 991,87 km anu kabagi kana tilu kategori:[8]

  • Jalan nagara panjangna 84,13 km
  • Jalan propinsi panjangna 59,44 km
  • Jalan kabupatén 848,30 km.

Jalan anu geus diaspal taun 2021 panjangna 991,87 km. Jalan anu kaasup kategori alus panjangna 364,09 km, kategori sedeng panjangna 265,60 km, kategori ruksak saeutik 147,88 km, jeung kategori ruksak parna panjangna 70,73 km. Jalan anu ruksak parna panjangna leuwih saeutik lamun dibandingkeun jeung data taun 2020 anu panjangna 161,05 km.[8]

Fasilitas komunikasi di Kabupatén Ciamis geus kajangkau ku sinyal télékomunikasi ka sakabéh désa. Masarakat anu umurna leuwih ti 5 taun, 79,38% geus ngagunakeun telepon keupeul atawa komputer, sedengkeun 53,52% geus bisa ngaksés internét, saperti Youtube, Twitter, Instagram, Whatsapp.[8]

Fasilitas transportasi di Kabupatén Ciamis dirojong ku ayana terminal jeung statsion karéta api, nyaéta:

Terminal Ciamis[édit | édit sumber]

Terminal Ciamis mangrupa terminal tipeu A anu alamatna di Jalan. Perintis Kemerdekaan No.17, Ciamis, Kec. Ciamis, Kabupatén Ciamis. Salian terminal Ciamis, aya ogé terminal Kawali. Terminal Ciamis jadi tempat pikeun trayék angkot saperti tujuan ka Terminal Ciamis-Pawindan-Benteng (04), Terminal Ciamis-Pawindan-Cigembor (06), Terminal Ciamis-Imbanagara-Cisadap (08), Terminal Ciamis-Imbanagara-Gunungsari (09). [20][21][22]

Statsion Ciamis[édit | édit sumber]

Rél di Statsion Ciamis
Statsion Ciamis

Statsion Ciamis miboga kode CI anu alamatna di Jalan Statsion No. 43. Statsion Ciamis aya di 199 metér di luhureun cai laut. Karéta anu ngaliwatan Statsion Ciamis diantarana: [23][24]

Statsion Bojong[édit | édit sumber]

Statsion Bojong miboga kode statsion BJG anu aya di Bojongmengger, Cijeungjing, Kabupatén Ciamis. Lokasina aya di belah wétan Ciamis di Jalan Nasional III No.617. Statsion Bojong aya di 124 metér di luhureun cai laut, kalawan miboga tilu jalur karéta.[23]

Paimahan[édit | édit sumber]

Data ngeunaan paimahan warga Kabupatén Ciamis taun 2021 nyaéta:[8]

  • 93,25% imah cicing geus milik warga, lain ngontrak atawa nyéwa. Lolobana cicing dina imah anu dindingna kayu/awi (21,67%). Suhunan imah 96,83% geus maké beton, genténg, sirap, séng atawa asbés.
  • 100% imah warga di Kabupatén Ciamis geus kacaangan listrik, hartina listrik geus asup ka sakabéh wilayah Ciamis.
  • Masih aya 1,83% imah anu lanténa taneuh, jeung 0,32% imah henteu layak dicicingan, sarta 28,75% imahna henteu permanén.
  • 75,24% warga geus ngamanpaatkeun cai bersih pikeun rumah tangga. 0,18% warga ngagunakeun cai eusi ulang, 7,37% ngagunakeun cai ledéng, sarta 72,02% warga ngagunakeun cai sumur pikeun urusan rumah tangga.

Pariwisata jeung Hotél[édit | édit sumber]

Situ Lengkong Ciamis
Situ Lengkong Panjalu, Ciamis
Situ Lengkong mangsa 1910-1940
Panto asup ka astana Prabu Hariang Kancana
Situ Lengkong mangsa 1880-1898

Kabupatén Ciamis miboga tempat-tempat wisata di antarana:

Situ Lengkong Panjalu[édit | édit sumber]

Situ Lengkong miboga lega 57,95 hektar anu di tengahna aya pulo ngaranna Nusa Gedé. Legana Nusa Gedé nyaéta 9,25 hektar. DI Nusa Gedé aya leuweung anu dipiara sarta titinggal purbakala. Aya nu nyebut baheula, Nusa Gedé dijadikeun puseur Karajaan Panjalu mangrupa benténg pertahanan. Di Nusa Gedé aya leuweung anu miboga 207 tatangkalan tina 30 jenis tatangkalan. [25]

Sajarah Situ Lengkong aya nu nyebut dijieun ku karuhun Panjalu jaman Karajaan Hindu Panjalu di abad ka-7. Basa éta putra mahkota karajaan karék balik ti ngumbara néangan élmu, nepika Mekah. Sanggeus balik, putra mahkota mawa cai zam-zam tuluy dibahékeun ka landeuh Pasir Jambu tuluy caina ngalobaan nepika jadi situ anu ayeuna disebut Situ Lengkong.[25]

Situ Lengkong lokasi geografisna aya di koordinat 7 7′ 49.56″ S, 108 16′ 21.26″ E, jarakna 30 km ti kota Ciamis. Fasilitas nu aya di Situ Lengkong nyaéta tempat parkir, tempat balanja, masjid, jeung jamban. Situ Lengkong loba anu ngadatangan kanggo jarah sabab di dinya dipercaya aya astana Mbah Panjalu anu dipercaya nyebarkeun agama Islam sarta astana Prabu Hariang Kancana anu disebut Raja Panjalu. Situ Lengkong geus disahkeun jadi cagar alam Korders ngaliwatan Surat Kaputusan Gubernur Jenderal Walanda kaping 16 Nopember 1921.[25][26]

Ciung Wanara[édit | édit sumber]

Ciung Wanara nyaéta mangrupa situs wisata anu aya di Jalan Nasional Ciamis-Banjar, Désa Karangkamulyan, Kacamatan Cijeungjing, Kabupatén Ciamis. Jauhna 17 km ti alun-alun Ciamis. Legana situs Ciung Wanara ieu 25 hektar dijerona dipercaya aya titinggal Karajaan Galuh sarta jadi tempat mimiti diwangun Karajaan Galuh nyaéta ku Wretikandayun di abad ka-7 maséhi atawa 23 Maret 612 Masehi.[27]

Wisata Ciung Wanara ogé aya hubunganna jeung carita Ciung Wanara anu nyaritakeun budak lalaki turunan raja nu dipiceun sabab aya kajadian di Karajaan Galuh. Budak lalaki éta nu ngaranan Ciung Wanara tuluy mawa hayam pelung ka ibukota Karajaan Galuh pikeun diadukeun. Tungtung carita, Ciung Wanara jadi raja di Karajaan Galuh sabab meunang ngadu hayam.[27]

Situs Ciung Wanara Karangmulyan dibuka ti jam 08.00 neika 17.00 WIB. Karcisna Rp3.500 sakali asup.Titinggal Karajaan Galuh anu aya di situs Ciung Wanara kabagi kana salapan situs, nyaéta:[27]

  1. Pangcalikan atau singgasana
  2. Sanghiyang bedil
  3. Panyabungan hayam
  4. Lambang peribadataan
  5. Cikahuripan atau puseur cinyusu,
  6. Panyandaan
  7. Pamangkonan
  8. Adi Pati Panaekan
  9. Patimuan.

Sasak Cirahong[édit | édit sumber]

Sasak Cirahong

Sasak Cirahong aya di perbatasan antara Kabupatén Tasikmalaya jeung Kabupatén Ciamis ngaliwatan walungan Citanduy. Sasak ieu aya dua fungsi kanggo ngaliwat karéta jeung mobil/motor/sapedah. Sasak Cirahong dijieun kalawan maké dua geladak (double deck) jeung jadi hiji-hijina sasak anu ngabogaan modél siga kitu di Indonésia. [28]

Alun-alun Ciamis

Sasak Cirahong diwangun taun 1893 ku pangusahaan karéta api Hindia Walanda Staatsspoorwegwn. Sasak Cirahong panjangna 202 metér, luhurna 66 metér di luhureun walungan Citanduy. Sasak Cirahong jadi bagian tina jalur rél karéta api jalur kidul Pulo Jawa. Taun 1956-1958, Djawatan Karéta Api (PT KAI ayeuna) ngoméan ieu sasak di Jawa. Sasak Cirahong aya dipangawasaan PT KAI daérah operasi II Bandung, diliwatan ku rupa-rupa karéta anu rék indit ka wilayah Jawa Wétan,Yogyakarta jeung Jawa Tengah.[28]

Alun-alun Ciamis[édit | édit sumber]

Alun-alun Ciamis mangsa 1933

Alun-alun Ciamis jadi tempat wisata haratis di tengah kota Ciamis. Wisatawan bisa diuk dina korsi nu disayogikeun di taman alun-alun, nempo panorama jeung kaéndahan taman. Wisatawa bisa popotoan di alun-alun Ciamis. Kagiatan anu bisa dilakukeun di alun-alun Ciamis di antarana olahraga, nempo cai mancur, atawa botram. [29]

Astana Gedé Kawali[édit | édit sumber]

Tapak suku di Astana Gede Kawali

Astana gedé baheula ngaranna Kabuyutan Sanghyang Lingga Hyang nyaéta tempat pamujaan raja-raja Kawali baheula anu masih ngagem agama Hindu. Taun 1663-1718 maséhi, raja Kawali Adipati Singacala anu turunan Sultan Cirebon (geus ngagem agama Islam) dikuburkeun ogé di astana gedé. [30]

Astana gedé disebut ogé situs Kawali mangrupa kompeks titinggal sajarah jeung budaya jaman baheula dina mangsa Karajaan Galuh abad ka-14 maséhi. Astana gedé jadi tempat suci dina mangsa pamarétahan Karajaan Sunda-Galuh di Kawali, di handapeun Gunung Sawal, dusun Indrayasa, Kacamatan Kawali. Situs ieu jerona ogé aya leuweung anu dipiara. Nurutkeun arkeolog, astana gedé mangrupa campuran budaya periode prasejarah, klasik jeung periode Islam. Titingal anu aya di situs ieu di antarana punden berundak, lumpang batu, ménhir, yoni, prasasti, makam kuno Islam.[29]

Makam Nike Ardilla[édit | édit sumber]

Makan Artis Nike Ardilla

Nike Ardilla nyaéta artis di taun 90-an anu asalna ti Ciamis. Saban bulan Maret, fans Nike Ardilla sok datang ka makamna anu aya di désa Imbanagara, Kacamatan Ciamis, Kabupatén Ciamis. Di deukeut makan, aya patung Nike Ardilla anu dijieun tina marmer. Fans Nike Ardilla sumebar di Indonésia jeung mancanagara sok datang ziarah ka ieu makam.[31]

Objek Wisata Sejen[édit | édit sumber]

Objék wisata budaya séjén di Kabupatén Ciamis di antarana:[9]

  • Cipanjalu Desa Bahara di Kacamatan Panjalu;
  • Situs Hariang Kuning dan Hariang Kancana di Kapunduhan, Desa Kertamandala, Kacamatan Panjalu;
  • Situs Gunung Susuru di Kacamatan Cijeungjing;
  • Kampung Kuta di Kacamatan Tambaksari;
  • Situs Tambaksari di Kacamatan Tambaksari;
  • Situs Pangcalikan Gunung Padang di Kacamatan Cikoneng;
  • Situs Jambansari di Kacamatan Ciamis;
  • Situs Batu Panjang di Kacamatan Sukamantri;
  • Situs Salawe Cimaragas di Kacamatan Cimaragas;
  • Situs Pangrumasan Kyai Bagus Santri Kacamatan Banjaranyar;
  • Situs Kawasen di Kacamatan Banjarsari;
  • Situs Gandoang di Kacamatan Sindangkasih;
  • Situs Sanghiang Samida di Kacamatan Rajadesa;
  • Situs Keramat Kuning di Kacamatan Lakbok;
  • Candi Ronggeng di Kacamatan Pamarican.

Objék wisata alam séjén di Kabupatén Ciamis di antarana:[9]

  • Situ Cibubuhan di Kacamatan Sukamantri;
  • Curug Cekong di Kacamatan Sukamantri;
  • Situ Rancamaya di Kacamatan Sindangkasih;
  • Sungai Cireong di Kacamatan Sindangkasih;
  • Situ Wangi di Kacamatan Kawali;
  • Curug Tujuh Cibolang di Kacamatan Panjalu;
  • Curug Panganten di Kacamatan Cisaga;
  • Situ Cekdam Kadupandak di Kacamatan Tambaksari;
  • Curug Cipatahunan di Kacamatan Cidolog;
  • Curug Gambir Santolok di Kacamatan Banjarsari;
  • Curug Kayu Putih di Kacamatan Banjarsari;
  • Curug Batu Ampar di Kacamatan Banjarsari;
  • Gunung Pangalusan di Kacamatan Banjarsari;
  • Curug Cigumawang di Kacamatan Banjaranyar;
  • Curug Panganten di Kacamatan Banjaranyar;
  • Cai Panas Geger Bentang di Kacamatan Banjaranyar;
  • Cadas Ngampar di Kacamatan Sadananya;
  • Curug Cingembat di Kacamatan Sadananya;
  • Curug Tilu di Kacamatan Cihaurbeuti; dan
  • Batu Ampar di Kacamatan Panumbangan

Wisata musieum di Kabupatén Ciamis di antarana:[9]

  • Musieum Fosil di Kacamatan Tambaksari;
  • Musieum Galuh Imbanagara di Kacamatan Ciamis;
  • Musieum Pakuan di Kacamatan Ciamis; dan
  • Musieum Bumi Alit di Kacamatan Panjalu.

Hotél[édit | édit sumber]

Jumlah hotél non bintang di Kabupatén Ciamis taun 2021 aya 13 hotél, kalawan bisa nyadiakeun 349 kamar jeung 571 tempat saré. Sedengkeun jumlah rumah makan atawa réstoran taun 2021 aya 118 unit.[8]

Jumlah turis anu plesir ka objék wisata di Ciamis taun 2021 lobana 701.273 urang, rincianna 4 urang wisatawan luar nagari jeung 701.269 urang turis doméstik. Jumlah turis anu ngéndong di hotél jeung panginepan di Ciamis taun 2021 aya 56.162 urang kalawan saurang wisatawan asing jeung 56.161 wisatawan doméstik. [8]

Di handap ieu sababaraha hiji hotél/panginepan di Kabupatén Ciamis:[32]

  1. Budi Family (Penginapan Melati 2)
  2. Firdaus Al Amin (Wisma Pariwisata)
  3. Green Hotel (Penginapan Melati 1)
  4. Hotel Larissa (Penginapan Melati 1)
  5. Hotel Priangan (Penginapan Melati 3)
  6. Wisma Guru (Penginapan Melati 1)
  7. Hotel Santosa (Penginapan Melati 1)
  8. Nukita Hotel (Penginapan Melati 1)
  9. Penginapan Nubareto (Penginapan Melati 1)
  10. Putra Yudha (Penginapan Melati 2)
  11. Tyara Plaza (Penginapan Melati 3)

Karajinan jeung Kadaharan Has[édit | édit sumber]

Salah sahiji karajinan has Ciamis di antarana rupa-rupa pakakas anyaman tina awi atawa anyaman nyéré kalapa. Puseur karajinan anyaman nyéré kalapa aya di désa Paningkiran, Ciamis. Karajinan anyaman nyéré kalapa dijadikeun kantong, tempat tisu, wadah buku, kotak lamaran jeung sajabana. Hasil karajinan ieu geus nembus ka pasar mancanagara. [33]

Oléh-oléh has Kabupatén Ciamis di antarana:

Galéndo[édit | édit sumber]

Galéndo mangrupa hasil tina prosés nyieun minyak keletik, atawa tina endapan santen. Ngaran lain tina galéndo nyaéta blotong. [34]

Salé Cau[édit | édit sumber]

Salé Cau

Salé cau Ciamis dijieun tina buah cau anu dipesek, dikeureutan panjang, tuluy di dipoé supaya garing. Sanggeus kitu, salé cau siap digoréng. Rasana amis jeung legit. [34]

Bola-bola susu[édit | édit sumber]

Bola susu dijieun tina campuran susu jeung tipung anu dibuleud-buleud. [34]

Dééng sapi jeung Abon Sapi[édit | édit sumber]

Dééng Sapi

Ciamis kasohor ogé ku olahan daging sapi mangrupa dééng sapi jeung abon sapi. Dééng sapi dijieun tina daging sapi anu dikeureutan aripis, dibumbuan tuluy dipoékeun supaya garing. Abon sapi Ciamis rasana hipu jeung bumbuna karasa ngeunah.[34]

Kalua jeruk[édit | édit sumber]

Kalua jeruk gampang ogé dipanggihan di Ciamis, hususna di daérah Panjalu. Puseur produksi kalua jeruk di Ciamis aya di daérah Kertamandala jeung Mandalare. Kalua jeruk mangrupa kadaharan nu dijieun tina kulit jeruk, tuluy diolah maké gula. [34]

Jawadah takir[édit | édit sumber]

Jawadah takir jadi salah sahiji ciri has ti daérah Panjalu. Jawadah takrir dijieun tina tipung jeung gula tuluy dibungkus ku kararas. [34]

Deuleung ogén[édit | édit sumber]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. "Jumlah padumuk Kabupatén Ciamis taun 2007". jabar.bps.go.id. Badan Pusat Statistik Provinsi Jawa Barat.  Archived 2010-09-23 di Wayback Machine
  2. "Pimpinan Daérah Kabupatén Ciamis". Diakses tanggal 2020-01-21.  Archived 2020-07-23 di Wayback Machine
  3. "Perpres No. 10 Tahun 2013". 2013-02-04. Diakses tanggal 2013-02-15.  Archived 2013-02-14 di Wayback Machine
  4. a b "Visi dan Misi Kabupaten Ciamis". bkpsdm.ciamiskab.go.id. Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  5. "Nama Kabupaten Ciamis Berubah Menjadi Kabupaten Galuh?". SINDOnews.com (dalam id-ID). Diakses tanggal 2019-06-02.  Archived 2019-06-02 di Wayback Machine
  6. Mukhlis, Ahmad (19 Juli 2019). "Bupati Setuju Usulan Penggantian Nama Ciamis Jadi Galuh". koropak.co.id. Diakses tanggal 13 Desember 2021.  Archived 2021-12-13 di Wayback Machine
  7. Statistik Daerah Kabupaten Ciamis 2022
  8. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj Badan Pusat Statistik(BPS): Statistik Daerah Kabupaten Ciamis 2022
  9. a b c d e f Bappeda Kabupaten Ciamis. "Data Pokok Perencanaan Pembangunan Kabupaten Ciamis Tahun 2020" (PDF). Bappeda Kabupaten Ciamis. Bappeda Kabupaten Ciamis. Diakses tanggal 27-02-2023.  Archived 2022-06-14 di Wayback Machine
  10. Statistik Daerah Kabupaten Ciamis 2022. Ciamis: BPS Kab. Ciamis. 2022. 
  11. "Badan Pusat Statistik Kabupaten Ciamis". ciamiskab.bps.go.id. Diakses tanggal 2023-02-13.  Archived 2023-02-13 di Wayback Machine
  12. a b pn-ciamis.go.id https://pn-ciamis.go.id/c/yuridiksi. Diakses tanggal 2023-02-26.  Archived 2023-02-26 di Wayback Machine
  13. a b "Pelantikan Bupati da Wakil Bupati Ciamis Periode 2019-2024". diperpuska.ciamiskab.go.id. 20 April 2019. Diakses tanggal 2 Juli 2022.  Archived 4 Juli 2022 di Wayback Machine
  14. KOMPUTER, UNIVERSITAS SAINS & TEKNOLOGI. "Dedem Ruchlia". p2k.stekom.ac.id. Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  15. CIAMIS, DISKOMINFO. "Website Pemerintah Daerah Kabupaten Ciamis". diskominfo.ciamiskab.go.id. Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  16. Suherli, Eli. "Harga Sejumlah Sayuran Naik di 4 Pasar Kabupaten Ciamis". Harapan Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  17. Nurhandoko. "Mewaspadai Wabah PMK, Seluruh Pasar Ternak di Ciamis Ditutup". www.pikiran-rakyat.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  18. Badan Pusat Statistik (BPS) Kabupaten Ciamis. "Kabupaten Ciamis Dalam Angka 2020". https://ciamiskab.go.id/wp-content/uploads/2020/10/Kabupaten-Ciamis-Dalam-Angka-2020.pdf. Diakses pada 27-02-2023  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  19. developer, medcom id. "7 Pasar Hewan di Ciamis Ditutup Cegah PMK". medcom.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  20. "Badan Pusat Statistik Kabupaten Bekasi". bekasikab.bps.go.id. Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  21. "Prasarana Terminal dan Trayek Angkutan – Kecamatan Ciamis Kabupaten Ciamis" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  22. "Pemkab Ciamis Kaji Rencana Pembangunan Terminal Tipe C Kawali – Ciamiskab" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  23. a b detikJabar, Tim. "Daftar Stasiun Kereta Api di Ciamis". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  24. Jujang. "Catat! Ini Jadwal Kereta Api yang Bakal Berhenti di Stasiun Ciamis". Harapan Rakyat (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  25. a b c Badan Penghubung Pemerintah Provinsi Jawa Barat. "Situ Lengkong Panjalu". Badan Penghubung Provinsi Jawa Barat. Badan Penghubung Provinsi Jawa Barat. Diakses tanggal 27-02-2023.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  26. Hermansyah, Dadang. "Lorong Waktu: Situ Lengkong, Tempat Wisata Favorit Noni Belanda". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  27. a b c Hermansyah, Dadang. "Situs Ciung Wanara Ciamis : Sejarah, Cerita Rakyat dan Panduan Lengkapnya". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  28. a b "Sejarah Jembatan Cirahong Tasikmalaya, Miliki Fungsi Ganda Satu-Satunya di Indonesia". iNews.ID (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  29. a b "Alun-Alun Ciamis, Spot Bersantai untuk Menikmati Liburan Bersama Keluarga - Bandoeng" (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  30. "Astana Gede Kawali". DISPAR (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  31. Hermansyah, Dadang. "Menengok Makam Nike Ardilla di Ciamis Jelang Haul ke-27". detikjabar (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  32. "Daftar Hotel". DISPAR (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  33. "Kerajinan Dari Lidi Kelapa". DISPAR (dalam en-US). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine
  34. a b c d e f "7 Oleh-Oleh Khas Ciamis Terbaik". kumparan (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-02-27.  Archived 2023-02-27 di Wayback Machine

Tutumbu ka luar[édit | édit sumber]

Portal Portal Portal Portal