Budaya

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Budaya asalna tina basa Sansekerta nyaéta buddhayah, nu mangrupa wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun minangka hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.[1] Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kecap Latin “Colere’, nyaéta ngolah atawa ngerjakeun.[1] Bisa dihartikeun ogé minangka ngolah taneuh atawa tatanén. Kecap culture ogé bisa dihartikeun minangka “kultur” dina basa Indonesia.Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; nama tidak sah; misalnya, terlalu banyak Ku kituna, kabudayaan mangrupa rupaning aturan, pituduh, rarancang, jeung stratégi nu ngawengku modél-modél kognitif nu dipiboga ku manusa jeung digunakeun sacara selektif dina nyanghareupan lingkunganna.[2] Hiji kabudayaan mangrupa pangaboga babarengan dina masarakat atawa golongan sosial nu sumebar ka anggota-anggotanna.[2] Kabudayaan diwariskeun ka generasi saterusna ngaliwatan prosés diajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ucap boh henteu (kaasup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).[2] Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung prosés dihajar jeung lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.[2]

Substansi Eusi Budaya[édit | édit sumber]

  • Sistem Pangaweruh, manusa dihasilkeun tina paripolah sosial jeung laku lampah dina maham alam sabudeureunana, alam flora, alam fauna, bahan-bahan atah, awak manusa, sipat jeung tingkah laku manusa, ruang, jeung waktu.[3]
  • Ajén, nyaéta hiji hal anu hadé tur salawasna dipikahayang, angen-angen jeung dianggap penting ku sakabéh manusa. Ku kituna, hiji hal dianggap miboga ajén lamun aya mangpaat jeung harti (bebeneran), éndah (éstétika), hadé (moral jeung étis), jeung religius (agama).[3]
  • Sawangan Hirup, padoman atawa tatapakan manusa dina ngajawab jeung ngungkulan rupa-rupa pasualan anu disanghareupan. Di jerona ngawengku konsép ajén kahirupan anu jadi angen-angen masarakat. Sawangan hirup téh bisa jadi ajén-inajén anu diagem jeung dipilih ku individu, masarakat, bangsa, jeung nagara.[3]
  • Kapercayaan, ngandung harti anu leuwih lega tibatan agama jeung kapercayaan ka Pangéran. Hakékatna manusa miboga naluri keur nyembah nu Maha Kawasa salaku diménsi séjén di luar lingkunganana anu dianggap bisa ngadalikeun hirup manusa. Ieu hal téh balukar tina teu mampuhna manusa dina nyanghareupan pasualan-pasualan kahirupan.[3]
  • Persépsi, nyaéta hiji dasar pamikiran dina runtuyan kecap pikeun maham kajadian dina kahirupan. Persépsi ngawengku, (1) persépsi sénsorik teu ngagunakeun alat indra manusa, (2) persépsi télépati salaku kamampuh pangaweruh individu, (3) persépsi clairvoyance minangka kamampuh nempo kajadian di tempat séjén.[3]
  • Étos Digawé, kabudayaan téh watek atawa ciri has kabudayaan. Étos téh bakal katémbong dina paripolah masarakat sarta rupa-rupa barang hasil karya masarakat anu dipamérkeun ka masarakat lianna.[3]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
  2. a b c d Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama :0
  3. a b c d e f Setiadi, spk. (2010). Ilmu Sosial dan Budaya Dasar. Jakarta: Kencana.