Cabé

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Cabé
Cabé nu tinggarumantung
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Spermatophyta
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Magnoliopsida
Order: Solanales
Kulawarga: Solanaceae
Subfamily: Asteridae
Génus: Capsicum
Spésiés: Capsicum annum L.

Ciri utama tina cabé rawit nyaéta buahna anu leutik tapi rasana lada pisan. Buahna anu warna héjo nalika ngora kénéh jeung lamun rada kolot warnana jadi beureum. [1] Tutuwuhan ieu jangkungna 1 – 2.5 méter.[1] Sakumaha cabé beureum, kembang cabé bentukna jiga tarumpét leutik jeung umumna warna bodas. [1] Aya tilu jinis cabé rawit nyaéta cengek leutik, buahna leutik jeung warna héjo, tuluy cengek domba atawa cengek bodas, buahna anu rada gedé dibanding céngék, warnana bodas lamun ngora kénéh sedengkeun mun geus kolot warnana jadi semu konéng kabodas-bodasan jeung nu terahir nyaéta ceplik buahna gedé, héjo nalika ngora kolotna warna beureum euceuy.[1]

Sajarah[édit | édit sumber]

Sajarah cabé aya patalina jeung kapanggihna benua Amerika ku Christopher Colombus dina taun 1492. Séké sélér Indian anu jadi pribumina geus ngamangpaatkeun cabé ti taun 5.000 SM. [2] Colombus mawa éta cabé ka Éropa pikeun oléh-oléh. Dina sapanjang mangsa satengah abad, cabé geus sumebar nepi ka Afrika, India, Wétan Tengah, Balkan, Tiongkok, Asia jeung Indonésia. [2] Kajadian éta téh aya patalina jeung saudagar Portugis.[2] Ti mimiti geus diwanohkeun éta cabé, urang Indian mekarkeun tilu subspesies cabé dina waktu satengah abad. [2]Sedengkeun di Amerika mekarkeun opat subspesies salima 6.500 tahun.[2]

Mangpaat[édit | édit sumber]

  1. Nurunkeun beurat awak, cabé ngabogaan capsaicin nu bakal ngagancangkeun metabolisme jeung mantuan pembakaran kalori. Kulantaran capsaicin ningkatkeun temperatur awak sarta ningkatkeun ratugan jantung.[3] Panalungtikan némbongkeun yén jalma nu resep lada biasana daharna saeutik matak beurat awak leuwih karaksa.[3]
  2. Nyageurkeun jantung, cabé nyageurkeun jantung ku cara nyegah pembekuan getih.[3] Panalungtikan ogé némbongkeun kadar koléstrol jahat/LDL bisa nyegah oksidasi ani ngabalukarkeun panyocokan pembuluh getih. Capsaicin ogé éféktif ngalawan inflamasi, anu geus dipikawanoh minanggka faktor mamala panyakit jantung.[3]
  3. Ngalancarkeun sirkulasi, kadaharan lada baris ngalancarkeun sirkulas sarta nurunkeun tekenan getih. Cabé ogé mantuan nguatkeun dinding pembuluh getih alatan kandungan vitamin A sarta C nu aya dina cabé.[3]
  4. Antikanker, loba panalungtikan némbongkeun yén ngadahar kadaharan lada sacara teratur bakal ngurangan mamala kangker.[3] Capsaicin ngalénglékeun tumuwuhna sél kangker sarta dina loba perkara, sél-sél kangker paéh tanpa ngarusak sél cageur di sakurilingna.[3]
  5. Ngaronjatkeun fungsi cerna, mangpaat cabé dina saluran cerna nyaéta ngaronjatkeun sirkulasi getih dina beuteung sarta ngaronjatkeun lapisan makus. Capsaicin ogé mantuan maéhan bakteri H.pylori nu ngalantarankeun gering maag.[3] Tapi lamun ngalaman heartburn(rasa panas) sanggeus dahar lada, cobaan dahar tablet anitacid anu baris nangkes asam di lambung.[3]
  6. Ngaleungitkeun salésma, capsaicin mantuan ngaronjatkeun kaluarna késang sarta ngaleungitkeun salésma nu ngaréwong. Kadaharan lada ogé bakal mantuan muka jalan ambekan, sarta ngurangan sinusitis.[3]
  7. Saré tibra, panalungtik ti Australia manggihan jelema nu mindeng ngadahar lada leuwih gampang saré. Maranéhanana ogé bakal hudang leuwih isuk sarta leuwih seger.[3]
  8. Ngajaga karesep, cabé beureum ngaronjatkeun endorfin sarta serotonin anu ngaleungitkeun nyeri jeung méré rarasaan merenah. Ieu hormon bisa lumaku kawas lalawanan stres sarta déprési.[3]
  9. Ngalancarkeun engap, kadaharan lada lumaku kawas espektoran sarta mantuan nu mengi, bronkitis kronik, sinusitis, sarta panyakit pernapasan séjénna pikeun ngarénghap leuwih alus.[3]
  10. Ngarangsang napsu dahar. [3]
  11. Bisa nyagerkeun karaheut. [3]
  12. Salain cabéna daunna ogé boga mangpaat nyaéta nurunkeun muriang. [3]
  13. Jadi antibiotik.[3]
  14. Ngaleungitkeun lieur.[3]

Kandungan[édit | édit sumber]

Céngék mibanda kandungan kapssaisin, kapsantin, karotenoid, alkaloid, atsiri, resin, uap minyak, sarta provitamin A jeung vitamin C anu loba dibandingkeun jeruk. Kandungan vitamin A dina cabé leuwih loba tibatan wortel. Loba kandungan zat antioksidan (kayaning vitamin C jeung bétakarotén), bisa dipaké pikeun nungkulan infertilitas, jeung afrodisiak.

catetan[édit | édit sumber]

  1. a b c d Khasiat Cabai Rawit (Dicutat tanggal 31 Oktober 2011)
  2. a b c d e ini lah asal usul cabai (Dicutat tanggal 31 Oktober 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r Manfaat Cabe buat tubuh kita (Dicutat tanggal 31 Oktober 2011)