Bawang daun
| Bawang daun | |
|---|---|
![]() | |
| Allium fistulosum pada suatu pertanian | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Spésiés: | Allium fistulosum |
| Sinonim[1][2] | |
| |

Bawang daun (Allium fistulosum L.) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Liliaceae.[3] Bawang daun mangrupa tutuwuhan sataun wangun jukut.[4] Disebut bawang daun sabab nu dikonsumsi ngan daunnan atawa bagian daun nu ngora kénéh.[4] Pangkal daunna wangun batang semu nu sifatna ngarumpun.[4] Batangna pendek jeung wangun cakram.[4] dina cakram éta bijil sirung daun jeung akar serabut.[4] Struktur kembangna sarua jeung bawang beureum.[4] Warna kembangna bodas.[4] Siki nu ngora kénéh warnana bodas, sanggeus kolot jadi warna hideung.[4] Lamun garing, siki ngora bakal jadi tipung.[4] Sababaraha kultivar bawang daun hésé kembangan di Indonésia sarua ogé jeung bawang beureum. Pikeun bisa kembangan dibutuhkeun suhu handap antara 5-10C salila sabulan.[4] Bawang daun ngandung Vitamin C, loba vitamin A, jeung saeutik vitamin B.[4] Kandungan gizi Bawang daun leuwih alus ti batan bawang beureum.[4] Dina kahirupan sapopoé, bawang daun dipaké salaku bumbu masakeun, utamana masakan Cina. éta bawang daun bisa méré rasa nu ngeunah.[4]
Jenis bawang Daun
[édit | édit sumber]Bawang daun kaasup famili Liliacéae. Aya dua jenis bawang daun, nyaéta bawang bakung Allium fistulosum L.) jeung bawang prei (Allorum L.).[4] Bawang bakung atawa bawang semprong sok disebut sibol, sedengkeun bawang prei disebut leek. Bawang daun miboga sababaraha varietas.[4] Varietas nu populer nyaéta plumpung, nyonya jeung mambo.[4]
Dicutat tina
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
