Bawang beureum
| Bawang Beureum | |
|---|---|
| Bawang beureum | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Divisi: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Subfamili: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | |
Bawang beureum atawa Allium Cepa Var Agregatum L, mangrupa pepelakan anggota familia lilaceae anu loba tumuwuh di Indonésia utamana di provinsi Jawa Tengah perenahna di Kabupatén Brebes.[1] [2] Bawang beureum miboga ngaran lokal di antarana bawang abang mirah (Acéh), bawang abang (Palémbang), dasun merah (Minangkabau), bawang suluh (Lampung), bawang beureum (Sunda), Brambang abang (Jawa), babang merah (Madura).[2][3]
Gambaran
[édit | édit sumber]- Akarna serabut.[2]
- Miboga beuti anu boga loba lapisan.[2]
- Daun wangunna silinder jerona kohok, euweuh esian.[2]
- Warna beutina beureum, rada bodas dina bagian jero beutina.[2]
- Mahkota kembangna wangunna buleud kawas endog.[2]
Kandungan Gizi
[édit | édit sumber]Tina hasil panalungtikan, yén beuti bawang beureum miboga dosis 250 mg/kg bb, anu ngabalukarkeun nurunkeun kadar gula getih normal saloba 23,46%.[4] dina tolbutamid dosisna 250 mg/kg bb sacara oral, nembongkeun yén turuna kadar gula getih normal sebesar 22,21%, jeung nambahna air suling kalayan takarana 5 ml/kg bb sacara oral nandakeun yén nurunan kadar gula getih normal nu lobana 3,00%.[4] Salain ti éta kandungan bawang beureum nyaéta minyak atsiri, sikloaliin, metilaliin, dihidroaliin, flavonglikosida, kuersetin, saponin, peptida, fitohormon, vitamin, jeung zat pati.[5]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Damayanti, Dewi (2008). Buku Pintar Tanaman Obat: 431 jenis tanaman penggempur aneka penyakit. Jakarta: AgroMedia. hlm. 63. ISBN 9789790061941.
- ↑ a b c d e f g Bawang Merah Archived 2011-10-16 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 14 Oktober 2011)
- ↑ Jonathan, Rigg (1862), A Dictionary of the Sunda Language of Java, Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, hlm. 194 ; ;
- ↑ a b Manfaat Bawang Merah Archived 2011-10-14 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 14 Oktober 2011)
- ↑ Khasiat Bawang Merah Archived 2011-10-15 di Wayback Machine (Dicutat tanggal 14 Oktober 2011)
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]- Christophe, Wiart (January 2006). Medicinal Plants Of The Asia-pacific: Drugs For The Future?. World Scientific. ISBN 9789814480338.