Lompat ke isi

Urang Minang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Minangkabau)
Raksukan has séké Minangkabau di taun 1900-an

Minangkabau atawa nu sok disingget Minang (Basa Malayu: Minang atau Minangkabau; Jawi: ميناڠكاباو) nyaéta kelompok etnik Nusantara nu basana Minang jeung ngajungjung ageman Minangkabau. Wewengkon ageman kabudayaanna ngawengku Sumatera Barat, sabeulah ti Riau, bagéan kalér Bengkulu, bagéan kulon Jambi, bagéan kidul Sumatera Utara, barat daya Aceh, ogé Negeri Sembilan di Malaysia.[1] Dina paguneman masarakat, urang Minang sok disebut orang Padang, nempo ka ngaran puseur dayeuh Sumatera Barat nyaéta dayeuh Padang. Namung masarakat ieu biasana bakal nyebut kelompokna ku sebutan urang awak (maksudna sarua jeung urang Minang éta sorangan).[2]

Nurutkeun A.A. Navis, Minangkabau leuwih ka kultur etnis ti salah sahiji rungkun Malayu nu mekar jeung badag sabab sistim monarki,[3] sarta ngagem sistim adat anu khas, anu dicirikeun ku sistim kakulawargaan ngaliwatan jalur awéwé atawa matrilinéal,[4] sanajan budayana ogé kacida kuat diwarnaan ku ageman agama Islam, sedengkeun Thomas Stamford Raffles, sanggeus ngalakukeun ekspedisi ka alas Minangkabau perenahna kalungguhan Karajaan Pagaruyung, nyebatkeun yén Minangkabau nyaéta sumber kakuatan jeung asak séké sélér Malayu, anu salajengna masarakatna sumebar ka Kapuloan Timur.[5]

Kiwari masarakat Minang mangrupa masarakat anu ngagem matrilinéal pangbadagna saalam buana.[6][7] Iwal ti éta, etnik ieu ogé geus nerapkeun sistem proto-demokrasi ti mangsa pra-Hindu kalawan ayana kabeungkeut rapetna adat keur nangtukeun hal-hal penting jeung pasualan hukum. Prinsip adat Minangkabau kaserat singkat dina kekecapan Adat basandi syara', syara' basandi Kitabullah (Adat sendina hukum, hukum sendina Al-Qur’an) anu artina adatpanutanna ajaran Islam.[8]

Urang Minangkabau kacida punjulna dina paniagaan, salaku profesional jeung intelektual. Aranjeunna mangrupa nu turunan agung ti tradisi buhun Karajaan Malayu jeung Karajaan Sriwijaya anu resep dagang jeung dinamis.[9] Hampir satengah jumlah sadaya anggota masarakat ieu aya di parantauan. Lolobana aya di dayeuh badag saperti Jakarta, Bandung, Pekanbaru, Medan, Batam, Palembang, dan Surabaya. Di luar wilayah Indonésia, etnis Minang looba aya di Negeri Sembilan, Malaysia jeung Singapura.

Masarakat Minang ngabogaan masakan has anu populer ku sebutan masakan Padang, jeung dipikaresep di Indonesia ogé nepi ka mancanegara.[10]

Etimologi

[édit | édit sumber]
Peta anu nunjukkeun wewengkon sumebarna kelompok etnis Minangkabau di pulo Sumatera.

Ngaran Minangkabau asalna ti kecap, minang jeung kabau. Ngaran ieu dipakaitkeun jeung hiji sasakala has Minang anu dipikawanoh di jero Tambo. Ti tambo éta, ceunah dina hiji mangsa aya hiji karajaan asing (biasa disebut salaku Majapahit) anu datang ti laut anu barik naklukeun. Keur nyegah perang, masarakat ngusulkeun keur ngadu munding. Pasukan asing nyapukan jeung nyadiakeun hiji munding anu badag jeung agresif, sedengkeun masarakat nyadiakeun hiji énéng anu lapar jeung dibéré péso ditandukna. Dina perang, énéng anu lapar éta nyangka munding badang éta indungna. Ku kituna énéng éta lulumpatan néangan susu jeung tandukna nepi ka motong beuteung munding nu badag éa. Punjulna énéng éta ngainspirasikeun masarakat keur maké ngaran Minangkabau,[11] anu asalna ti ungkara 'Manang kabau' (artina menang kerbau). Ngaran Minangkabau ogé digunakeun keur nyebutkeun hiji nagari, nya éa Nagari Minangkabau anu ayana di kecamatan Sungayang, kabupaten Tanah Datar, provinsi Sumatera Barat.

Dina catetan sajarah Karajaan Majapahit, Nagarakretagama[12] taun 1365 M, ogé geus aya nyebutkeun ngaran Minangkabwa salaku salah sahiji ti negeri Malayu anu ditaklukeunna.

Sedengkan ngaran "Minang" (karajaan Minanga) éta sorangan geus disebutkeun di Prasasti Kedukan Bukit taun 682 Masehi jeung basana Sansekerta. Dina prasasti éta nyebutkeun yén pangadeg Karajaan Sriwijaya anu ngaranna Dapunta Hyang angkat ti "Minānga" ....[13] Sababaraha ahli anu ngarujuk ti sumber prasasti éta ngaduga, kecap barik ka-4 (...minānga) jeung ka-5 (tāmvan....) sabenerna kagabung, nrpi ka jadi mināngatāmvan jeung ditransliterasi kalawan ma’na walungan kembar. Walungan kembar maksadna dipercaya nunjuk ka papanggihna dua aliran Walungan Kamparm nyaéta Kampar Kénca jeung Kampar Katuhu.[14] Namung pamadegan ieu ditolak ku Casparis, anu ngabuktikeun yén "tāmvan" teu aya patalina jeung "panggih", sabab kecap panggih jeung muara ogé kapanggih di prasasti-prasasti titinggal zaman Karajaan Sriwijaya nu séjénna.[15] Ku kituna kecap Minanga ngadeg sorangan jeung identik jeung sebutan Minang éta sorangan.

Bendera atawa merawa anu dipaké ku sélér-sélér Minangkabau

Asal-usul

[édit | édit sumber]

Ti tambo anu geus ditarima sacara tungturunan, nyaritakeun yén karuhun maranéhna asalna ti Iskandar Zulkarnain. Najan tambo éta teu kasusun sacara sistematis jeung leuwih ka sasakala babanding fakta sarta leuwih ngarujuk ka hiji karya sastra anu geus boga masarakat awam.[3]

Masarakat Minang mangrupa bagéan ti masarakat Deutro Melayu (Melayu Ngora) anu ngalakukeun migrasi ti daratan China Selatan ka pulo Sumatera di 2.500-2.000 taun baheula. Disawang kelompok masarakat ieu asup ti arah wétan pulo Sumatera, nyusur aliran Kampar nepi ka dataran luhur anu disebut darek jeung jadi kampung urang Minangkabau.[16] Sababaraha wewengkon darek ieu salajengna ngawentuk samacem konfederasi anu dipikawanoh ku ngaran luhak, anu disebut ogé ku ngaran Luhak nan Tigo, anu kasusun ti Luhak Limo Puluah, Luhak Agam, jeung Luhak Tanah Datar.[4] Dina mangsa pamarétahan Hindia-Walanda, wewengkon luhak ieu jadi wewengkon reitorial pamaréntahan anu disebut afdeling, dipupuhuan ku salah saurang residen jeung ku masarakat Minangkabau disebut ku ngaran Tuan Luhak.[3]

Saluyu jeung kamekaran jeung tumuwuhna masarakat, masarakat Minangkabau sumebar ka kawasan darek nu lian sarta ngawangun sababaraha kawasan anu tangtu jadi kawasan rantau. Konsep rantau keur urang Minang mangrupa hiji kawasan anu jadi panto asup ka alam Minangkabau. Rantau ogé boga fungsi salaku tempat néangan kahirupan, kawasan padagangan. Rantau di Minangkabau dipikawanoh ku Rantau nan duo kabagi ku Rantau di Hilia (kawasan basisir wétan) jeung Rantau di Mudiak (kawasan basisir kulon).

Mimitina sebutan urang Minang can dibedakeun jeung urang Melayu, namung ti abad ka-19, sesebutan Minang jeung Melayu mulai dibedakeun ti budaya matrilinéal anu angger babanding jeung patrilinéal anu diagem ku masarakat Melayu umumna.[17] Salajengna nyieun kelompok ieu terus lumangsung keur kapentingan sensus penduduk atawa pulitik.

Masarakat Minang kiwari pangagem agama Islam, lamun aya masarakatna kaluar ti agama islam (murtad), sacara langsung anu aya patalina dianggap kaluar ti masarakat Minang, dina istilahna disebut "dibuang sapanjang adat". Agama Islam disawang asup ngaliwatan kawasan basisir wétan, sanajan aya anggapan ti basisir kulon, utamana di kawasan Pariaman, namung kawasan Arcat (Aru dan Rokan) sarta Inderagiri anu aya di basisir wétan ogé geus jadi kawasan palabuan Minangkabau, jeung walungan Kampar, sarta Batang Kuantan nu huluna di kawasan alas Minangkabau. Sarta hal ieu ogé dipatalikeun jeung sesebutan Urang Siak ngarujuk ka jalma-jalma anu ahli jeung tekun dina agama Islam, masih tetep dipaké di dataran luhur Minangkabau.

Sateuacan Islam ditarima sacara luas, masarakat ieu ti sababaraha bukti arkéologis nunjukkeun kungsi ngagem agama Buddha utamana di mangsa Karajaan Sriwijaya, Dharmasraya, nepi ka mangsa pamaréntahan Adityawarman jeung anakna Ananggawarman. Salajengna parobahan struktur karajaan jeung munculna Karajaan Pagaruyung anu geus ngadopsi Islam dini sistim pamaréntahanna, najan nepi abad ke-16, Suma Oriental masih nyebutkeun ti 3 raja Minangkabau ngan hiji nu geus ngagem Islam.

Adat jeung Budaya

[édit | édit sumber]
Hiji pintonan Randai

Adat jeung budaya Minangkabau ngaguratkeun ka indung (matrilinéal), pihak awéwé boga hak salaku pawaris harta pusaka jeung duduluran. Nurutkeun tambo, sistim adat Minangkabau nu mimiti diwanohkeun ku dua urang duduluran, Datuk Perpatih Nan Sebatang jeung Datuk Ketumanggungan. Datuk Perpatih ngawariskeun sistim adat Bodi Caniago anu demokratis, sedengkeun Datuk Ketumanggungan ngawariskeun sistim adat Koto Piliang anu aristokratis. Dina lalampahanna, dua sistim ieu dipikawanoh ku kelarasan ieu anu silih eusi jeung ngawangun sistim masarakat Minangkabau.

Dina masarakat Minangkabau, aya tilu pancang anu ngawangun jeung ngajaga kautuhan budaya sarta adat istiadat. Maranéhna nyaéta alim ulama, cerdik pandai, jeung ninik mamak, anu dipikawanoh ku Tali nan Tigo Sapilin. Tilu-tiluna silih lengkepan dina posisi nu sarua luhurna. Dina masarakat Minangkabau anu demokratis jeung egaliter, sakabéh urusan masarakat dimusyawarahkeun ku katilu unsur éta sacara mufakat.[18]

Basa Minangkabau mangrupa salah sahiji cabang basa Austronesia. Sanajan aya beda pamadegan ngeunaan patalina basa Minangkabau jeung basa Melayu, aya anu nganggap basa anu dituturkeun masarakat ieu salaku bagéan ti dialék Melayu, sabab lobana sasaruaan wanda kecap jeung wangun tuturan ti jerona, iwal ti éta justru nganggap basa ieu mangrupa basa mandiri anu beda jeung Melayu sarta aya ogé anu nyebutkeun basa Minangkabau mangrupa basa proto-Melayu.[19][20]

Lian ti éta di masarakat panutur basa Minang éta sorangan ogé geus aya sababaraha ragem dialék gumantung ka wewengkonna sewang-sewangan.[21][22]

Kasenian

[édit | édit sumber]

Masarakat Minangkabau ngabogaan sababaraha ragem atraksi jeung kasenian, saperti tari-tarian anu biasa ditampilkeun dina pesta adat atawa nikahkeun. Di antara tari-tarian éta misalna Tari Pasambahan mangrupa tarian anu dipintonkeun boga maksud salaku ucapan pangbagéa wilujeng sumping atawa rasa hormat ka tamu istiméwa anu karek nepi, salajengna Tari Piring mangrupa wanda tarian kalawan gerak gancang ti pangibingna baru mawa piring di dampal leungeunna sewang-sewangan, anu dipirig ku lagu nu dipaénkeun ku talempong jeugn saluang.

Silek atawa Silat Minangkabau mangrupa hiji senu bela diri tradisional has Minangkabau ieu anu geus mekar ti bahaeula. Iwal ti éa, aya ogé tarian anu campur jeung silek anu disebut ku randai. Randai biasa pirig ku kakawihan atawa disebut ogé ku sijobang,[23] dina randai ieu aya seni drama dumasar skenario.[24]

Di sagigireun étam Minangkabau ogé punjul dina seni kekecapan. Aya tilu genre seni kekecapan, nyaéta pasambahan, indang, jeung salawat dulang. Seni kekecapan atawa silat lidah, leuwih munjulkeun kekecapan sindiran, kiasan, ibarat, alegori, metafora, jeung aphorisme. Dina seni kekecapan saurang diajarkeun pikeun mertahankeun kahormatan jeung harga diri tampa ngagunakeun sanjata jeung kontak fisik.[25]

Rumah Gadang

Rumah adat

[édit | édit sumber]
Pakéan adat anu dipaké ku pangantén di Minangkabau
Pakéan awéwé Minang dina pesta adat atawa nikahan.

Rumah adat Minangkabau disebut Rumah Gadang, anu biasana diwangun di luhur taneuh kulawarga induk dina adat sacara tuturunan.[26] Imah Gadang ieu dijieun ngawangun opat pasagi panjang jeung dibagi ku dua bagéan hareup jeung tukang.[27] Umumna bahan kayu, jeung saliwat katingal saperti wangun imah panggung kalawan hateup anu has, nonjol saperti tanduk munding anu biasa disebut gonjong[28] jeung baheulana hateup ieu bahanna ijuk sateuacan diganti ku hateup seng.

Namung ngan awéwé jeung salakina, sarta anak-anakna anu cicing di imah gadang. Sedengkeun lalaki kaum anu geus ngabogaan istri cicing di imah istrina. Lamun lalaki anggota kaum nu teu acan nikah, biasana saré di surau. Surau biasana diadegkeun teu jauh ti komplek imah gadang éta, iwal ti fungdina salaku tempat ibadah, ogé fungsina salaku tempat cicing lalaki nu geus dewasa mung teu acan nikah.

Salian éta dina budaya Minangkabau, teu sakabéh kawasan diijinan ngadegkeun Rumah Gadang, ngan dina kawasan anu geus statusna nagari hungkul, imah adat diijinan diadegkeun.

Nikahan

[édit | édit sumber]

Di adat budaya Minangkabau, nikahan mangrupa salah sahiji kajadian penting dina siklus kahirupan, jeung mangrupa mangsa alihan anu kacida aya artina dina ngawangun kelompok leutik kulawarga anyar ngalanjut tungturunan. Keur lalaki Minang, nikahan ogé jadi proses keur asup ka lingkungan anyar, nyaéta kulawarga istrina. Sedengkeun keur pihak awéwé, jadi salah sahiji proses dina nambahan anggota di komunitas rumah gadang aranjeunna.

Dina prosesi nikahan adat Minangkabau, biasa disebut baralek, boga sababaraha tahapan anu umum dilakukeun. Dikawitan ku maminang (ngalamar), manjapuik marapulai (ngajemput calon salaki), nepi ka basandiang (resepsi). Sanggeus maminang jeung muncul kasapukan manantuan hari (nangtukeun poé nikahan), ku kituna salajengna dilanjutkeun ku nikahan sacara Islam anu biasana dilakukeun di Masigit, sateuacan dua calon resepsi. Di nagari nu tangtu sateuacan ijab kabul di hareupeun panghulu atawa tuan kadi, salon salaki bakal dibéré gelar anyar salaku sebutan gaganti ngaran leutikna.[29] Salajengna masarakat bakal nyebutna kalawan gelar anyar. Gelar sebutan éta biasana dimimitian ku sutan, bagindo atawa sidi di kawasan basisir. Sedengkeun di kawasan luhak limo puluah, méré gelar ieu teu lumaku.

Sosial kamasarakatan

[édit | édit sumber]

Séké Sélér

[édit | édit sumber]

Bangsa dina tatanan masarakat Minangkabau mangrupa basis ti organisasi sosial sakaligus tempat perang kakawasaan anu fundamental. Wangenan mimiti suku dina Basa Minang bisa boga maksud satu per-empat, nepi ka lamun dipatalikeun jeung nangtungkeun hiji nagari di Minangkabau, bisa disebutkeun sampurna lamun geus kawengku ku komposisi opat suku anu nyicingan tempat éta. Salajengna, unggal suku dina tradisi Minang, diéntép ti gurat pancakaki anu sarua ti indung jeung disawang ti hiji tungturunan karuhun anu sarua.[4]

Salain salaku basis pulitik, sélér ogé mangrupa basis ti unit-unit ekonomi. Kabeungharan ditangtukeun ku kapamilikan taneuh kulawarga. Harta, jeung sumber-sumber hasil séjénna anu sakabéhna dipikawanoh salaku harta pusaka. Harta pusaka mangrupa milik babarengan ti sakabéh anggota kaum-kulawarga. Harta pusaka teu bisa dijualbeuli jeung teu jadi milik pribadi. Harta pusaka samacem dana jaminan babarengan keur ngajaga anggota kaum-kulawarga ti kamalaratan. Lamun aya anggota kulawarga anu ngalaman kasusaha atawa meunang bala, ku kituna harta pusaka bisa digadékeun.

Sélér kabagi ka sababaraha cabang kulawarga anu leuwih leutik atawa disebut payuang (payung). Aya ogé unit anu pangleutikna sanggeus sapayuang disebut saparuik. salah sahiji paruik (beuteung) biasana cicing di hiji rumah gadang sacara babarengan.[30]

Daerah Minangkabau kasusun ti sababaraha nagari. Nagari ieu mangrupa daerah otonomi kalawan kakawasaan luhur di Minangkabau. Teu aya kakawasaan sosial jeung pulitik séjénna nu bisa turut campur adat di hiji nagari. Nagari anu béda bakal ngabogaan sipat adat anu béda. Unggal nagari dipingpin ku salah sahiji dewan anu kawengku ti pupuhu adat ti sakabéh sélér anu aya di nagari éta. Dewan ieu disebut salaku Kerapatan Adat Nagari (KAN). Jeung hasil musyawarah jeung mufakat dina dewan ieu hiji kaputusan jeung aturan anu ngabeungkeut keur nagari anu dihasilkeun.

Faktor utama anu nangtukeun dinamika masarakat Minangkabau nyaéta ayana kompetisi anu konstan antar nagari, kaum kulawarga, jeung individu keur meunangkeun status jeung prestise.[31] Ku kituna unggal sirah kaum bakal lomba keur ngaronjatkeun prestise kaum-kulawargana jeung néangan kabeungharan (dagang) sarta nyakolakeun anggota kaum ka tingkat anu pangluhurna.

Dina ngawangun hiji nagari ti baheulana geus dipikawanoh ku istilah wejangan anu aya di masarakat adat Minang éta sorangan nyaéta Dari Taratak manjadi Dusun, dari Dusun manjadi Koto, dari Koto manjadi Nagari, Nagari ba Panghulu. Jadi dina sistim administrasi pamaréntahan di Minang dimimitian ti struktur pangrendahna disebutkeun ku Taratak, salajengna mekar jadi Dusun, salajengna mekar jadi Koto jeung salajengna mekar jadi Nagari. Biasana unggal nagari diwangun minimal geus kawengku ku 4 sélér anu ngadomisili kawasan éta.[4] sirah kaum bakal lomba keur ngaronjatkeun prestise kaum-kulawargana jeung néangan kabeungharan (dagang) sarta nyakolakeun anggota kaum ka tingkat anu pangluhurna.

Dina ngawangun hiji nagari ti baheulana geus dipikawanoh ku istilah wejangan anu aya di masarakat adat Minang éta sorangan nyaéta Dari Taratak manjadi Dusun, dari Dusun manjadi Koto, dari Koto manjadi Nagari, Nagari ba Panghulu. Jadi dina sistim administrasi pamaréntahan di Minang dimimitian ti struktur pangrendahna disebutkeun ku Taratak, salajengna mekar jadi Dusun, salajengna mekar jadi Koto jeung salajengna mekar jadi Nagari. Biasana unggal nagari diwangun minimal geus kawengku ku 4 sélér anu ngadomisili kawasan éta.[4]

Panghulu

[édit | édit sumber]

Panghulu atawa biasa anu dibéré gelar kalawan datuk, mangrupa pupuhu kaum kulawarga anu diangkat ku anggota kulawarga keur sakabéh problem kaum. Panghulu biasana lalaki anu kapilih di antara anggota kaum lalaki séjénna. Unggal kaum-kulawarga bakal milih lalaki anu mahér dina nyarita, wijaksana, jeung paham ka adat, keur ngadiukan kalungguhan posisi ieu. Hal ieu dilantarankeun anjeunna boga tanggung jawab ngurus sakabéh wakil kaum dina masarakat nagari. Unggal panghulu ngadeg sajajar jeung panghulu nu séjénna, nepi ka dina rapat nagari sakabéh panghulu anu diwakilan unggal kaum boga niléy sarua.

Saluyu jeung nambahna anggota kaum, sarta masalah jeung konflik intern anu muncul, ku kitu sakapeung dina hiji kulawarga posisi kapanghuluan ieu dipecah jadi dua. Atawa sabalikna, anggota kaum anu makin saeutik jumlahna, sok bakal ngagabungkeun gelar kapanghuluan ka kulawarga séjénna anu sabangsa.[32] Hal ieu ngakibatkeun robahna jumlah panghulu dina hiji nagari.

Ngabogaan panghulu anu ngawakilan sora kaum dina rapat nagari, mangrupa hiji prestise jeung harga diri. Nepi unggal kaum bakal usaha sakuatna keur panghuluna sorangan. Kaum-kulawarga anu gelarna kapanghuluanna geus lila kalipet, bakal usaha ngarojatkeun deui posisina ti néangan kabeungharan keur "meuli" gelar panghuluna anu geus lila runtag. Ngadegna panghulu ngaluar biaya badag, nepi ka tekenan keur ngadegkeun panghulu sok muncul ti kulawarga beunghar.[33]

Istano Pagaruyung hiji legitimasi institusi karajaan di suku Minangkabau

Karajaan

[édit | édit sumber]

Dina laporan Hubert Joseph Jéan Lambert de Stuers[34] ka pamaréntah Hindia-Walanda, nyebatkeun yén di alas Minangkabau, teu kungsi aya kakawasan paméntahan puseur di handapeun saurang raja. Ngan aya nagari-nagari leutik nu mirip jeung pamaréntahan polis-polis di mangsa Yunani kuno.[35] Mung ti sababaraha prasasti anu kapanggih di alas Minangkabau, sarta ti tambo nu aya di masarakat, etnis Minangkabau kungsi aya di hiji sistem karajaan anu kuat kalawan daerah kakawasaan ngawengku pulo Sumatera ogé nepi ka Semenanjung Malaya. Sababaraha nu aya wewengkon Minangkabau antarana Karajaan Dharmasraya, Karajaan Pagaruyung, jeung Karajaan Inderapura.

Minangkabau parantauan

[édit | édit sumber]

Minangkabau parantauan mangrupa istilah keur urang Minang anu hirup di luar provinsi Sumatera Barat, Indonesia. Parantauan mangrupa proses interaksi masarakat Minangkabau jeung dunya luar. Kagiatan ieu mangrupa hiji lalampahan pangalaman jeung géografis, kalawan ninggalkeun kampungna keur néangan kahadéan hirup di nagara batur. Kulawarga anu geus heubeul ngabogaan traidisi rantau, biasana ngabogaan dulur di unggal dayeuh di Indonésia jeung Malaysia. Kulawarga anu pangkuatna dina ngamekarkeun tradisi rantau biasana dating ti kulawarga pangrajin-pangrajin, jeung nu nungtut élmu agama.[36]

Nu ngarantau biasana geus angkat ngarantau ti umur welasan taun, boh salaku padagang atawa nungtut élmu. Keur sabagéan badag masarakat Minangkabau, ngarantau mangrupa salah sahiji cara anu idéal keur ngahontal kasuksesan. Kalawan ngarantau ogé prestise jeung kahormatan individu di tengah lingkungan adatna.

Ti parantauan, unggal nu ngarantau biasana ngirimkeun sabagéan hasilna ka kampongna keur diinvestasikeun dina usaha kulawargana, nyaéta ngalobaan sawah, nyepeng kendali ngolah lahan, atawa ngajemput sawah-sawah anu digadékeun. Artos ti unggal nu ngarantau biasana ogé dipaké keur ngarenovasi sarana-sarana nagari, saperti masigit, jalan, atawa gawir sawah.

Jumlah parantau

[édit | édit sumber]

Etos ngarantau urang Minangkabau kacida luhurna, nepi ka disawang pangluhurna di Indonésia. Ti hasil studi anu kungsi dilakukeun ku Mochtar Naim, ti taun 1961 aya nepi ka 32% urang Minang anu domisilina di luar Sumatera Barat. Salajengna di taun 1971 jumlahna nambah jadi 44%.[37] Dumasar sensus taun 2010, etnis Minang anu dumuk di Sumatera Barat jumlahna 4,2 juta jiwa, kalawan disawang nepi ka sabagéan urang Minang aya di parantauan. Mobilitas migrasi urang Minangkabau kalawan proporsi badag aya di rentang antara taun 1958 nepi ka taun 1978, di dinya leuwih ti 80% parantau anu netep di luar Minang geus kaluar ti Minang ti mangsa colonial Walanda.[38] Nempo data éa, ku kituna aya parobahan nu kacida badag di etos ngarantau urang Minangkabau dibandingkeun sélér nu lian di Indonésia. Sabab nurutkeun sensus taun 1930, parantau Minangkabau ngan 10,5% di handap suku Bawéan (35,9%), Batak (14,3%) jeung Banjar (14,2 %).

Naming teu aya angka pasti ngeunaan jumlah urang Minang di parantauan. Angka-angka anu ditampilkeun dina itungan, biasana ngan ngasupkeun parantau anu lahir di Sumatera Barat. Naming can ngawengku turunan-turunan Minang anu geus sababaraha generasi ngajrek di parantauan.

Para parantau Minang, hamper sakabéhna aya di dayeuh-dayeuh badag Indonésia jeung Malaysia. Di sababaraha dayeuh, jumlah urang Minang kacida lobana nepi ka jadi mayoritas. Di Pekanbaru, parantau Minang jumlahna 37,7% ti sakabéh masarakat kota, jeung jadi etnis pangbadagna di dayeuh éta.[39] Jumlah ieu ngalaman panurunan lamun dibandingkeun jeung taun 1971 anu nepi ka 65%.[40] Di dayeuh séjénna, jumlah urang Minangkabau nepi ka 10% atawa leuwih ti sakabéh panduduk dayeuh éta nyaéta Takengon (25,9%), Sigli (25,4%), Tanjung Pinang (20%), Binjai (16,6), Sibolga (16,6%), Sabang (15,9%), Gunungsitoli (14,5%), Tanjung Balai (13,9%), Medan (13,5%), Padang Sidempuan (13,3%), Palembang (10%), sarta Jakarta (10%).[37]

Gelombang rantau

[édit | édit sumber]

Ngarantau di etnis Minang geus lumangsung geus lila. Sajarah nyatet migrasi nu munggaran di abad ka-7, di mana loba padagang-padagang emas anu asalna ti alas Minangkabau ngalakukeun padagangan di muara Jambi, jeung kalibet di pangwangunan Karajaan Malayu.[41] Migrasi badag kajadian di abad ka-14, di dinya loba kulawarga Minang anu pindah ka basisir wétan Sumatera. Maranéhna nyieun koloni-koloni dagang di Kabupaten batubara, Kabupaten Pelalawan, nepi ka lintas laut ka Penang jeung Negeri Sembilan, Malaysia. Babarengan jeung ombak rantau Minang loba anu netep di Meulaboh, Aceh tempat tungturunan Minang anu dipikawanoh ku sebutan Aneuk Jamee; Barus, Mandailing Natal, nepi ka Bengkulu.[42] Sanggeus Kasultanan Malaka dicekel ku Portugis di taun 1511, loba kulawarga Minangkabau anu pindah ka Sulawesi Selatan. Maranéhna jadi pangrojong Karajaan Gowa, salaku padagang jeung administrator karajaan. Datuk Makotta jeung istrina Tuan Sitti, salaku cikal bakal kulawarga Minangkabau di Sulawesi.[43] Ombak migrasi salajengna kajadian di abad ka-18, nyaéta nalika Minangkabau ngabogaan hak istimewa keur nyicingan kawasan Karajaan Siak.

Dina mangsa panjajagan Hindia-Walanda, migrasi badag deui kajadian di taun 1920, nalika pakebonan bako di Deli Serdang, Sumatera Timur mimiti dinuka. Dina mangsa kamerdikaan, Minang parantauan loba nyicingan dayeuh badag di Jawa, di taun 1961 jumlah parantau Minang utamana di Jakarta ngaronjat jadi 18,7 dibandingkeun jeung tingkat kamekaran panduduk dayeuh nu ngan 3,7 kali,[44] jeung dina taun 1971 etnis ieu disawang jumlahna geus 10% ti jumlah panduduk Jakarta mangsa harita.[45] Kiwari Minang parantauan geus kasebar di nagara-nagara luar nagri.

Parantauan intelektual

[édit | édit sumber]

Di ahir abad ka-18, loba mahasiswa Minang anu ngarantau ka Mekkah keur neuleuman agama Islam, di antarana Haji Miskin, Haji Piobang, jeung Haji SUmanik. Nepina di lemah cai, aranjeunna jadi panyokong kuat gerakan Paderi jeung nyebarluaskeun pamikiran Islam anu murni di sakabéh Minangkabau jeung mandailing. Ombak kadua parantauan ka Timur Tengah kajadian di awal abad ka-20, anu dimotoran ku Abdul Karim Amrullah, syékh Tahir Kalaluddin Al-Azhari, Muhammad Jamil Jambek, jeung syékh Ahmad Khatib al-Minangkabawi.

Salian Timur Tengah, mahasiswa Minangkabau ogé loba nu ka Eropa. Maranéhna nyaéta Abdoel Rivai, Muhammad Hatta, Sutan Syahrir, Roestam Effendi, jeung Nazir Pamuntjak. Intelektual séjén, Tan Malaka hirup ngumbara di dalapan nagara Eropa jeung Asia, ngawangun jaringan gerakan kamerdikaan Asia. Sakabéh mahasiswa Minang éta, anu ngarantau di Eropa ti abad ka-19, jadi pajoang kamerdikaan jeung nu ngadegkeun Républik Indonésia.[46]

Sabab ngarantau

[édit | édit sumber]

Faktor budaya

[édit | édit sumber]

Aya loba pedaran dina fenomena ieu, salah sahiji sababna nyaéta sistim matrilinéal. Ku sistim ieu, pangawasaan harta pusaka dicepeng ku kaum awéwé sedengkeun hak kaum lalaki dina hal ieu leutik pisan. Salian ti éta, sanggeus akil baligh lalaki teu meunang saré di imah kolotna, sabab imah ngan keur kaum awéwé jeung salakina, sarta anak-anakna.

Unggal nu ngarantau balik deui ka kampungna, biasana bakal nyaritakeun pangalaman ngarantau ka barudak kampungna. Daya irut kahirupan nu ngarantau ieu nu boga pangaruh di masarakat Minangkabau ti leutik kénéh. Saha waé nu teu pernah nyoba ngarantau, ku kituna manéhna sok dihina ku babaturanna.[47] Hal ieu nu jadi sabab lalaki Minang milih ngarantau. Ayeuna awéwé Minangkabau ogé biasa ngarantau. Teu ngan saukur alesan ngilu lalaku, ngan hayang pisan dagang, napakan karier jeung ngalanjutkeun pendidikan.

Nurutkeun Rudolf Mrazek, sosiolog Walanda, dua tipologi budaya Minang, nyaéta dinamisme jeung anti parokialisme ngalahirkeun jiwa merdika, kosmopolitan, egaliter, jeung wawasan nu jembar, hal ieu nu nyababkeun kawentukna budaya ngarantau di masarakat Minangkabau.[48] Sumanget keur ngarobah nasib kalawan nyukcruk élmu jeung kabeungharan, sarta wejangan Minang nu nyebutkeun Karatau madang dahulu, babuah babungo alun, marantau bujang dahulu, di rumah paguno balun (leuwih hadé angkat ngarantau batan dikampung can aya gunana) ngabalukarkeun lalaki Minang keur angkat ngarantau ti ngora kénéh.

Salasahiji motif tenun Songket Minangkabau khas nagari Pandai Sikek

Faktor ekonomi

[édit | édit sumber]

Pedaran sanés nyaéta tumuwuhna panduduk anu teu kaaping ku sumber daya alam anu bisa diolah. Lamun baheula hasil tatanén jeung ngebon, sumber nu punjul di tempat maranéhna hirup bisa ngahirupan kulawarga, ku kituna dina mangsa kiwari hasil sumber daya alam anu jadi panghasilan punjul maranéhna éa teu cukup keur méré hasil keur minuhan kabutuhan babarengan, sabab kudu dibagi jeung sababaraha kulawarga. Salian ti éta nyaéta mekarna kasempetan anyar kalawan dibukana daerah pakebonan jeung patambangan. Faktor-faktor ieu anu salajengna ngarojong kana urang Minang kudu angkat ngarantau di nagri batur. Keur kadatangan nu munggaran di lemah rantau, biasana nu ngarantau nganjrek heuka di imah dunsanak anu dianggap salaku induk semang. Nu ngarantau anyar ieu biasana profesina salaku padagang leutik.

Salian ti éta, ekonomi masarakat Minangkabau ti baheula geus dirojong ku kamampuan dagang, utamana ngadistribusikeun hasil bumi maranéhna. Kawasan alas Minangkabau, sacara géologis ngabogaan cadangan bahan baku utamana emas, tambaga, timah, seng, merkuri, jeung beusi, sakabéhna bahan éta geus mampu diolah ku maranéhna.[49] nepi ka sebutan suvarnadvipa (pulau emas) anu muncul ti carita sasakala di India sateuacan Masehi, mungkin ogé ngarujuk ka Pulo Sumatera sabab hal ieu.[50]

Padagan ti Jazirah Arab abad ka-9, geus ngalaporkeun yén masarakat di Pulo Sumatera geus ngagunakeun emas dina padaganganna. Salajengna dilanjutkeun di abad ka-13 dipikanyaho aya raja di Sumatera anu ngagunakeun mahkota emas. Tomé Pires di abad ka-16 nyebutkeun yén emas anu didagangkeun di Malaka, apnchur (Barus), Tico (Tiku) jeung Priaman (Pariaman), asalna ti kawasan alas Minangkabau. Disebutkeun ogé kawasan Indragiri di sehiliran Batang Kuantan di basisir wétan Sumatera, mangrupa puseur palabuan ti raja Minangkabau.[51]

Dina prasasti anu ditinggalkeun ku Adityawarman disebut yén anjeunna nyaéta pangawasa bumi emas. Hal ieu jadi hiji sabab, ngarojong Walanda ngawangun palabuan di Padang[52] jeung nepi abad ka-17 Walanda masi nyebut “nu ngawasa emas” ka raja Karajaan Pagaruyung.[53] Salajengna ména Thomas Diaz keur nalungtik hal éta, ti laporanna manéhna asup ka alas Minangkabau ti basisir wétan Sumatera jeung manéhna papanggih jeung saurang raja Minangkabau nalika éta (Rajo Buo), jeung raja éa nyebutkeun yén salah sahiji pagawéan masarakatna nyaéta ngadulang emas.[54]

Sementara itu dari catatan para géologi Belanda, pada sehiliran Batanghari dijumpai 42 tempat bekas penambangan emas dengan kedalaman mencapai 60 m sarta di Kerinci waktu itu, méré ka masih menjumpai para pendulang emas.[55] Sampai abad ke-19, legenda akan kandungan emas pedalaman Minangkabau, masih mendorong Raffles untuk membuktikannya, sehingga dia tercatat sebagai orang Eropa pertama yang berhasil mencapai Pagaruyung melalui pesisir barat Sumatera.[56]

Faktor perang

[édit | édit sumber]
de Stuers

Sababaraha perang ogé nimbulkeun ombak pindahna masarakat Minangkabau utamana ti daérah konflik, sanggeus perang Padri,[57] muncul gerakan barontak ti Batipuh nentang “tanam paksa” Walanda, disusul barontak Siti Manggopoh nangtang Belasting jeung gerakan komunis taun 1926-1927.[58] Sanggeus kamerdikaan muncul PRRI nu ogé nyababkeun munculna eksodus gedé-gedéan masarakat Minangkabau ka daérah séjén.[45] Ti sababaraha perang ieu, nembongkeun yén masarakat Minang nu teu resep panindasan. Maranéhna bakal ngalakukeun palawanan kalawan kakuatan fisik, mung lamun teu mampuh maranéhna leuwih milih angkat ninggalkeun kampungna. Urang sakai dumasar carita tungturunan ti sesepuhna nyebutkeun yén maranéhna asalna ti Pagaruyung.[59] Urang Kubu nyebutkeun yén urang ti Pagaruyung nyaéta dulurna. Kamungkinan masarakat kaasing ieu kaasup masarakat Minang nu ngalakukeun resistansi kalawan ninggalkeun kampung maranéhna sabab teu daék narima parobahan di nagri manéhna. De Stuers sateuacanna ogé ngalaporkeun yén masarakat Padangsche Bovenlanden kacida beda jeung masarakat di Jawa, di Pagaruyung manéhna nyaksian masarakatna percaya diri jeung teu minder ka urang Eropa. Manéhna ngarasakeun sorangan, panduduk lokal nu liliwatan di hareupeunna tampa meunang kaistimewaan, malihan aya panduduk nu ménta udud, sarta ménta seuneu keur udud éta.[34]

Ngarantau dina sastra

[édit | édit sumber]

Fenomena ngarantau dina masarakat Minangkabau, loba jadi inspirasi ti seniman. Hamka, dina novelna Merantau ke Deli, caritan ngeunanaam pangalaman hirup ngarantau Minang ka Deli sarta nikah jeung awéwé Jawa. Novelna nu séjén nyaéta Tenggelamnya Kapal Van der Wijck ogé carita ngeunaan anak rantau Minang nu balik ka kampungna. Di kampung, manéhna meunang bangbaluh ti masarakat Minang nu mangrupa induk bakona sorangan. Salian novel karya Hamka, novel karya Marah Rusli, Siti Nurbaya jeung Salah Asuhanna Abdul Muis ogé nyaritakeun carita rantau Minang. Dina novel-novel éta, dicaritakeun ngeunaan pasinggungan lalaki Minang jeung adat budaya Barat. Novel Negeri 5 Menara karya Ahmad Fuadi, nyaritakeun parantau Minang nu diajar di Pasantren Jawa nu ahirna jadi urang nu sukses. Dina wangun nu béda, liwat karyana nu judulna Kemarau, A.A Navis ngajak masarakat Minang keur ngawangun kampungna nu loba ditinggalkeun ku nu ngarantau.

Novel nu carita ngeunaan ngarantau Minang éta, biasana eusina krikit sosial jeung panulis ka adat budaya Minang nu kolot jeung katinggaleun. Salian dina wangun novel, carita parantau Minang ogé dicaritakeun dina film Merantau karya sutradara Inggris, Gareth Evans.

Urang Minangkabau jeung kiprahna

[édit | édit sumber]

Urang Minang kasohor salaku kelompok nu boga atikan, ku kituna maranéhna sumebar di sakabéh Indonésia ogé nagara-nagara dina sababaraha macem profesi jeung kaahlian, antarana salaku politisi, panulis, ulama, pangajar, jurnalis, jeung padagang. Dumasar jumlah populasi nu relatif leutik (2,7% ti panduduk Indonésia), Minangkabau mangrupa salah sahiji bangsa nu suksés jeung loba nu geus kahontalna.[60] Majalah Tempo dina edisi husus di taun 2000 nyatet yén 6 ti 10 tokoh penting Indonésia di abad ka-20 mangrupa urang Minang.[61] 3 ti 4 urang nu ngadegkeun Républik Indonésia nyaéta putra-putra Minangkabau.[62][63]

Kaberhasilan jeung kasuksesan urang Minang loba dihontal nalika di parantauan. Ti baheula geus angkat ngarantau ka sababaraha daerah di Jawa, Sulawesi, semenanjung Malaysia, Thailand, Brunei, nepi Philipina. Di taun 1390, Raja Bagindo ngadegkeun Kasultanan Sulu di Filipina kidul.[64] Di abad ka-14 urang Minang ngalakukeun migrasi ka Negeri Sembilan, Malaysia jeung ngangkat raja keur nagri anyar éta ti kaum maranéhna. Raja Melewar mangrupa raja munggaran Negeri Sembilan nu diangkat di taun 1773. Di tungtung abad ka-16, ulama Minangkabau Dato Ri Bandang, Dato Ri Patimang, jeung Dato Ri Tiro, nyebarkeun Islam di Indonésia timur jeung ngaislamkeun Karajaa Gowa. Sanggeus huru-hara di Kasultanan Johor, di taun 1723 putra Karajaan Pangaruyung nu gelarna Sultan Abdul Jalil Rahmad Syah I nu sateuacanna ogé mangrupa Sultan Johor ngadegkeun Karajaan Siak di daratan Riau.[65]

Kadatangan reformis Muslim nu nungtut élmu di Kairo jeung Mekkah mangaruhan sistim atikan di Minangkabau. Sakola Islam modérn Sumatera Thawalib jeung Diniyah Putri loba ngalahirkeun aktivis anu loba boga peran dina proses kamerdikaan, antarana A.R Sutan Mansur, Siradjuddin Abbas, jeung Djamaluddin Tamin.

Dina periode 1920 - 1960, loba politisi Indonésia boga pangaruh ti ranah Minangkabau. Jadi salah sahiji motor pajoangan kamerdikaan Asia, di taun 1923 Tan Malaka kapilih jadi wakil Komunis Internasional keur wilayah Asia Tenggara. Politis Minang séjénna Muhammad Yamin, jadi pelopor Sumpah Pemuda nu ngahijikeun sakabéh rakyat Hindia-Walanda. Di jero Volksraad, politisi asal Minang nu pangpentingna. Maranéhna antarana Jahja Datoek Kajo, Agus Salim, jeung Abdul Muis. Tokoh Minang séjénna Mohammad Hatta, jadi ko-proklamator kamerdikaan Indonésia. Sanggeus kamerdikaan, opat urang Minangkabau diuk salaku perdana menteri (Sutan Syahrir, Mohammad Hatta, Abdul Halim, jeung Muhammad Natsir), saurang présidén (Assaat), saurang salaku wakil présidén (Mohammad Hatta), saurang jadi pamingpin parlemen (Chaerul Saleh), jeung sababaraha jadi menteri, di antarana nu cukup kawentar nyaéta Azwar Anas, Fahmi Idris, jeung Emil Salim. Emil jadi urang Indonésia panglilana di kamentrian RI. Minangkabau, salah sahiji ti dua etnis salian etnis Jawa, nu ngabogaan wakil ti unggal kabinet pamaréntahan Indonésia. Salian ti pamaréntahan, di masa Demokrasi Liberal parlemen Indonésia didominasi ku politisi Minang. Maranéhna kagabung ka jero aneka macem partéy idéologi, islamis, nasionalis, komunis, jeung sosialis.

Di sagigireun ngajabat gubernur Sumatera Tengah/Sumatera Barat, urang-urang Minangkabau ogé diuk salaku gubernur di Indonésia. Maranéhna nyaéta Datuk Djamin (Jawa Barat), Daan Jahja (Jakarta]), Muhammad Djosan jeung Muhammad Padang (Maluku), Anwar Datuk Madjo Basa Nan Kuniang jeung Moenafri (Sulawesi Tengah), Adenan Kapau Gani (Sumatera Selatan), Eni Karim (Sumatera Utara), sarta Djamin Datuk Bagindo (Jambi).[66]

Sababaraha partéy pulitik Indonésia anu diadegkeun ku politisi Minang. Pari jeung Partai Murba diadegkeun ku tan Malaka, Partai Sosialis Indonésia ku Sutan Sjahrir, PNI Baru ku Mohammad Hatta, Masyumi ku Mohammad Natsir, Perti ku Sulaiman ar-Rasuli, jeung Persatuan Muslim Indonésia ku Rasuna Said. Salian ngadegkeun partéy politik, politisi Minang ogé loba ngahasilkeun buku-buku nu jadi bacaan wajib ti aktifis pergerakan. Buku-buku bacaan utamana nyaéta, Naar de Republiek Indonesia, Madilog, jeung Massa Actie karya Tan Malaka, Alam Pikiran Yunani jeung Demokrasi Kita karya Hatta, Fiqhud Dakwah jeung Capita Selecta karya Natsir, sarta Perjuangan Kita karya Sutan Sjahrir.

Panulis Minang loba mangaruhan kamekaran basa jeung sastra Indonésia. Maranéna namekarkeun basa ngaliwatan sababaraha macem karya tulis jeung kaahlian. Marah Rusli, Abdul Muis, Idrus, Hamka, jeung A.A Navis boga karya ngaliwatan panulisan novel. Nur Sutan Iskandar novelis Minang séjénna, kacatet salaku panulis novel Indonésia nu pang produktif. Chairil Anwar jeung Taufik Ismail karyana ngaliwatan panulisan sajak. Sarta Sutan Takdir Alisjahbana, novelis sakaligus ahli tata basa, ngalakukeun modérnisasi basa Indonésia nepi bisa jadi basa persatuan nasional. Novel-novel sastrawan Minang saperti Siti Nurbaya, Salah Asuhan, Tenggelamnya Kapal Van Der Wijck, Layar Terkembang, jeung Robohnya Surau Kami geus jadi bahan bacaan wajib keur siswa sakola ti Indonésia jeung Malaysia.

Salian ngaliwatan karya sastra, ngamekarkeun basa Indonésia ogé dilakukeun ku jurnalis Minang. Maranéhna antarana Djamaluddin Adinegoro, Rosihan Anwar, jeung Ani Idrus. Di sagigireun Abdul Rivai anu disebut salaku Perintis Pers Indonésia, Rohana Kudus nu medalkeun Sunting Melayu, jadi wartawan sakaligus nu boga koran awéwé munggaran di Indonésia.

Di Indonésia jeung Malaysia, disagigireun urang Tionghoa, urang Minang jeung kawentar salaku pangusaha nu punjul. Loba pangusaha Minang sukses bisnis di widang padagangan tekstil, rumah makan, hotel, pendidikan, jeung rumah sakit. Di antarana figur pangusaha sukses nyaéta, Abdul Latief (pemilik TV One), Basrizal Koto (nu ngabogaan paternakan sapi pangbadagna di Asia Tenggara), Hasyim Ning (pangusaha ngarakit mobil munggaran di Indonésia), jeung Tunku Tan Sri Abdullah (nu boga Melewar Corporation Malaysia).

Loba ogé urang Minang nu sukses di dunya hiburan, ti sutradara, produser, penyanyi, atawa artis. salah sahiji sutradara jeung produser aya Usmar Ismail, Asrul Sani, Djamaludin Malik, jeung Arizal. Arizal nepi ka jadi sutradara jeung produser film nu panglobana ngahasilkeun karya. Sakurang-kurangna 52 film jeung 8 sinetron dina 1.196 episode geus dihasilkeunna. Film-film karya sinéas Minang, saperti Lewat Djam Malam, Gita Cinta dari SMA, Naga Bonar, Pintar Pintar Bodoh, jeung Maju Kena Mundur Kena, jadi film panghadéna nu loba ditongton.

Pemeran jeung penyanyi Minang nu kawéntar di antarana nyaéta Ade Irawan, Dorce Gamalama, Eva Arnaz, Nirina Zubir, jeung Titi Sjuman. Seniman séjénna, ratu kuis Ani Sumadi, jadi pelopor dunya kuis di Indonésia. Karya-karya manéhna saperti kuis Berpacu Dalam Melodi, Gita Remaja, Siapa Dia, jeung Tak Tik Boom jadi salah sahiji acara favorit kulawarga Indonésia. Di sagigireun maranéhna, Soekarno M. Noer sarta putrana Rano Karno, mungkin jadi pagawé hiburan pangsuksesna di Indonésia, salaku aktor jeung sutradara film. Di taun 1993, Karno's Film usaha film bogana kulawarga Soekarno, produksi film seri kalawan peringkat pangluhurna sapanjang sajarah film Indonésia Si Doel Anak Sekolahan.

Di luar negeri, urang Minangkabau ogé dipikanyaho konstribusina. Di Malaysia jeung Singapura, antarana Tuanku Abdul Rahman (Yang Dipertuan Agung munggaran malaysia), Yusof bin Ishak (présidén munggaran Singapura), Zubir Said (komposer lagu kabangsaan Singapura Majulah Singapura), Sheikh Muszaphar Shukor (astronot munggaran Malaysia), Tahir Jalaluddin Al-Azhari jeung Adnan bin Saidi. Di nagri Walanda, Roestam Effendi nu ngawakilan Partai Komunis Walanda, jadi hiji-hijina urang Indonésia nu kungsi diuk salaku anggota parlemen.[67] Di Arab Saudi, ngan Ahmad Khatib Al-Minangkabawi, urang non-Arab nu kungsi jadi imam besar Masjidil Haram, Mekkah.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Josselin de Jong, P.E. de, (1960), Minangkabau and Negeri Sembilan: Socio-Political Structure in Indonesia, Jakarta: Bhartara
  2. Kingsbury, D., Aveling, H., (2003), Autonomy and disintegration in Indonesia, Routledge, ISBN 0-415-29737-0
  3. a b c Navis, A.A., (1984), Alam Terkembang Jadi Guru: Adat dan Kebudayaan Minangkabau, Jakarta: PT. Grafiti Pers.
  4. a b c d e Batuah, A. Dt. & Madjoindo, A. Dt., (1959), Tambo Minangkabau dan Adatnya, Jakarta: Balai Pustaka.
  5. Reid, Anthony (2001). "Understanding Melayu (Malay) as a Source of Diverse Modern Identities". Journal of Southeast Asian Studies 32 (3): 295–313. doi:10.1017/S0022463401000157. 
  6. Evers, Hans-Dieter, Korff, Rüdiger, (2000), Southeast Asian Urbanism, LIT Verlag Münster, Ed.2nd , hlm.188, ISBN 3-8258-4021-2
  7. Ong, Aihwa, Peletz, Michael G., (1995), Bewitching women, pious men: gender and body politics in Southeast Asia, University of California Press, hlm. 51, ISBN 0-520-08861-1
  8. Jones, Gavin W., Chee, Heng Leng, and Mohamad, Maznah, (2009), Muslim-Non-Muslim Marriage: Political and Cultural Contestations in Southeast Asia, Chaptep 6: Not Muslim, Not Minangkabau, Interreligious Marriage and its Culture Impact in Minangkabau Society by Mina Elvira, Institute of Southeast Asian Studies, ISBN 978-981-230-874-0
  9. Graves, Elizabeth E. (1981). The Minangkabau Response to Dutch Colonial Rule Nineteenth Century. Itacha, NY: Cornell Modern Indonesia Project #60. p. 1. 
  10. Ramli, Andriati, (2008), Masakan Padang: Populer & Lezat, Niaga Swadaya, ISBN 978-979-1477-09-3.
  11. Djamaris, Edwar, (1991), Tambo Minangkabau, Jakarta: Balai Pustaka.
  12. Brandes, J.L.A., (1902), Nāgarakrětāgama; Lofdicht van Prapanjtja op koning Radjasanagara, Hajam Wuruk, van Madjapahit, naar het eenige daarvan bekende handschrift, aangetroffen in de puri te Tjakranagara op Lombok.
  13. Cœdés, George, (1930), Les inscriptions malaises de Çrivijaya,BEFEO
  14. Purbatjaraka, R.M. Ngabehi, (1952), Riwajat Indonesia, I, Djakarta: Jajasan Pembangunan.
  15. Casparis, J.G. de, (1956), Prasasti Indonesia II, Dinas Purbakala Republik Indonesia, Bandung: Masa Baru.
  16. Graves (1981), p. 4.
  17. Andaya, L.Y., (2008), Leaves of the same tree: trade and ethnicity in the Straits of Melaka, University of Hawaii Press, ISBN 0824831896
  18. Westenenk, L. C. (1918). De Minangkabausche Nagari. Weltevreden: Visser. p. 59. 
  19. Simanjuntak, Mengantar, (1982), Aspek bahasa dan pengajaran, Sarjana Enterprise.
  20. Garry, J., Carl R., Rubino, G., (2001), Facts about the world's languages: an encyclopedia of the world's major languages, past and present, H.W. Wilson, ISBN 0-8242-0970-2.
  21. Medan, Tamsin, (1985), Bahasa Minangkabau dialek Kubuang Tigo Baleh, Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.
  22. Nadra, (2006), Rekonstruksi bahasa Minangkabau, Andalas University Press, ISBN 979-3364-55-6.
  23. Phillips, Nigel, (1981), Sijobang: sung narrative poetry of West Sumatra, Cambridge University Press, ISBN 978-0-521-23737-6.
  24. Pauka K., (1998), Theater and martial arts in West Sumatra: Randai and silek of the Minangkabau, Ohio University Press, ISBN 978-0-89680-205-6.
  25. Suryadi (2010), Masa Depan Seni Bersilat Lidah Minangkabau, Padang Ekspres.
  26. Graves, Elizabeth E., (2007), Asal-usul elite Minangkabau modern: respons terhadap kolonial Belanda abad XIX/XX, Jakarta:Yayasan Obor Indonesia, ISBN 978-979-461-661-1.
  27. Azinar Sayuti, Rifai Abu, (1985), Sistem ekonomi tradisional sebagai perwujudan tanggapan aktif manusia terhadap lingkungan daerah Sumatera Barat, hlm. 202, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Proyek Inventarisasi dan Dokumentasi Kebudayaan Daerah.
  28. Navis, A.A., Cerita Rakyat dari Sumatera Barat 3, Grasindo, ISBN 979-759-551-X.
  29. Idris, Soewardi (2004). Sekitar Adat Minangkabau. Jakarta: Kulik-Kulik Alang, Himpunan Eks-Siswa SMP Negeri Solok Masa Revolusi, 1946-1949,. 
  30. de Jong, P.E de Josselin (1960). Minangkabau and Negeri Sembilan: Socio-Political structure in Indonesia. Djakarta: Bhartara. p. 10. 
  31. Graves (1981), p. 11.
  32. Stibbe (1869). Het Soekoebestuur in de Padangsche Bovenlanden. p. 33. 
  33. Graves (1981), p. 25.
  34. a b Laporan kepada Gubernur Jendral, 30 Agustus 1825, Exhibitum, 24 Agustus 1826, No. 41.
  35. Bonner, Robert Johnson (1933). Aspects of Athenian democracy Vol 11. University of California Press. pp. 25–86. 
  36. Graves (1981), p. 40.
  37. a b Naim, Mochtar. Merantau, Minangkabau Voluntary Migration, University of Singapore. 
  38. Kato, Tsuyoshi (2005). Adat Minangkabau dan merantau dalam perspektif sejarah. PT Balai Pustaka. ISBN 979-690-360-1. 
  39. [https://web.archive.org/web/20140407100152/http://bappeda.pekanbaru.go.id/artikel/1/peran-budaya-melayu-dan-kewirausahaan/page/2/ Archived 2014-04-07 di Wayback Machine Peran Budaya Melayu dan Kewirausahaan. Bappeda Kota Pekanbaru
  40. Barbara Watson Andaya, Recreating a Vision. Daratan and Kepulauan in Historical Context, 1997, p.503
  41. Munoz, Paul Michel (2006). Early Kingdoms of the Indonesian Archipelago and the Malay Peninsula. 
  42. Dobbin, Christine. Gejolak Ekonomi, Kebangkitan Islam, dan Gerakan Paderi, Minangkabau 1784 – 1847. 
  43. Melayu-Bugis-Melayu dalam Arus Balik Sejarah, www.rajaalihaji.com, 24 December 2008, diakses tanggal 22 July 2011  Archived 15 Pébruari 2021 di Wayback Machine
  44. Castles, Lance (1967). Religion, politics, and economic behaviour in Java: the Kudus cigarette industry. Yale University. 
  45. a b Syamdani, (2009), PRRI, pemberontakan atau bukan, Media Pressindo, ISBN 978-979-788-032-3.
  46. Poeze, Harry A. In het Land van de Overheerser: Indonesiër in Nederland 1600-1950. 
  47. Radjab, Muhammad (1950). Semasa Ketjil di Kampung (1913-1928): Autobiografi Seorang Anak Minangkabau. Djakarta: Balai Pustaka. 
  48. Prof. Dr. H. Ahmad Syafii Ma'arif, Satu Nomor Contoh Produk Tradisi Merantau, Antara Sumbar, 5 November 2008, diakses tanggal 22 July 2011  Archived 7 Juli 2011 di Wayback Machine
  49. Bemmelen Van R.W., (1970), The Geology of Indonesia, The Haque.
  50. Wheatley P., (1961), The Golden Khersonese, Kuala lumpur, pp.177-184
  51. Cortesao A., (1944), The Suma Oriental of Tome Pires, London:Hakluyt Society.
  52. Marsden W., (1811), The History of Sumatra, London
  53. NA, VOC 1277, Mission to Pagaruyung, fols. 1027r-v
  54. Haan, F. de, (1896), Naar midden Sumatra in 1684, Batavia-'s Hage, Albrecht & Co.-M. Nijhoff. 40p. 8vo wrs. Tijdschrift voor Indische Taal-, Land- en Volkenkunde, Deel 39
  55. Tobler A., (1911), Djambi-Verslag, Jaarboek van het Minjwezen in Nedelandsch Oost-Indie: Verhandelingen, XLVII/3.
  56. Raffles, Sophia, (1830), Memoir of the life and public services of Sir Thomas Stamford Raffles, London: J. Murray.
  57. Nain, Sjafnir Aboe, (2004), Memorie Tuanku Imam Bonjol (MTIB), transl., Padang: PPIM.
  58. Kahin, Audrey R.,(2005), Dari pemberontakan ke integrasi: Sumatra Barat dan politik Indonesia, 1926-1998, Yayasan Obor Indonesia, ISBN 978-979-461-519-5.
  59. Suparlan, Parsudi (1995). p. 73. 
  60. Kato, Tsuyoshi (2005). Adat Minangkabau dan merantau dalam perspektif sejarah. PT Balai Pustaka. p. 2. ISBN 979-690-360-1. 
  61. Majalah Tempo Edisi Khusus Tahun 2000, Desember 1999.
  62. Tim Wartawan Tempo, "4 Serangkai Pendiri Republik", Kepustakaan Populer Gramedia, Jakarta (2010)
  63. Empat Pendiri Republik Indonesia adalah Soekarno, Hatta, Sutan Sjahrir, dan Tan Malaka
  64. Naim, Mochtar. Merantau. 
  65. Sejarah Kerajaan Siak Sejarah Kerajaan Siak, diakses tanggal 22 July 2011  Archived 4 Maret 2009 di Wayback Machine
  66. Budaya Merantau Orang Minang (1) Kalaulah di Bulan Ada Kehidupan, Pos Metro Padang, 10 October 2008, diakses tanggal 24 July 2011  [tumbu nonaktif]
  67. Mengenang Sastrawan Rustam Effendi, Tempo Interaktif, 2 June 1979, diakses tanggal 22 July 2011 

Literatur

[édit | édit sumber]
  • (de) Astrid Kaiser: Mädchen und Jungen in einer matrilinearen Kultur. Interaktionen und Wertvorstellungen bei Grundschulkindern im Hochland der Minangkabau auf Sumatra. Kovac, Hamburg 1996 ISBN 3-86064-419-X
  • (de) Ute Marie Metje: Die starken Frauen. Gespräche über Geschlechterbeziehungen bei den Minangkabau in Indonesien. Campus, Frankfurt am Main und New York 1995, ISBN 3-593-35409-8
  • (de) Dieter Weigel: Reisemosaik bei den Minangkabau. Sumatra. Heiteres, Ernstes, Alltägliches, Unglaubliches. Jahn und Ernst, Hamburg 1998, ISBN 3-89407-208-3 (Erlebnisbericht)
  • A.A. Navis, Curaian Adat Minangkabau

Tumbu Luar

[édit | édit sumber]

Tulisan kandel